Selasa, 27 Desember 2016

Lebaran di Langit Bandung

Dimuat di Majalah Sundamidang, 25 Juli-25 Agustus 2016.


Lebaran di Langit Bandung
Ku Nina Rahayu Nadéa

            Neuteup langit banget ku lila. Piligenti, Ema jeung nu jadi lanceuk némbongan. Ngalangkang... hiber luhur wiati dipapag méga bodas dibarung imut. Kakangen minuhun lulurung kalbu.  
Lebaran sakeudeung deui. Lebaran anu ka lima kalina di tanah pangumbaraan. Ka lima? Bener kitu kuring rék angger cicing di dieu di pangumbaraan mangsa lebaran ayeuna? Mangrébu kahayang pagaliwota jeroeun dada. Aya nu sumarambah, aya nu nyayautan lebah dada maju sirah.  Panon karasa panas,  kumeclak teu kaampeuh.
            Di dieu di pangumbaraan, teu sanak teu baraya. Bongan. Enya bongan sorangan. Nasib diri geus mawa kuring ka dieu, ka Pulo Sumatra. Ngahaja nyumputkeun diri méh tingtrim jeung ayem. Nyamuni tina laku lampah tiheula, ngaleungitkeun pitapak. Tapi nepi ka iraha kuring kudu kikieuan. Nyumputkeun diri. Jauh tina kaasih kulawarga anu kacida dipicintana.
            Neuteup langit nu kulawu. Di dieu. Langit Bandung nu katempo.  Sono nataku ka sarakan. Bandung panineungan nu salilana kapicangcam. Disaksian langit béngras, disaksian méga bodas, aya doa merul muru langit nepikeun kasono ka tanah sarakan. Méga bodas langit Sumatera  tepikeun geugeut katineung, tepikeun kasono nu moho, yén cinta  tetep nyata, ka sanak ka baraya ka tanah sarakan. Langit  nu satia. Teu cueut kanu hideung, teu ponténg kanu konéng.  Satia mayungan haté teu ningali naha kabagja atawa marudah anu sabenerna katampa. Satia marengan kuring dina kaayaan bagja atawa tunggara.    
            Rét deui kana almanak. Écés. Opat poé deui lebaran. Ngitung duit. Seuri sorangan. Gilig. Taun ayeuna kuring hayang nyeuseup hawa nu béda. Neuteup langit anu béda. Langit Bandung nu kapicangcam.      
            Neuteup deui méga anu beuki maju, beut asa ngabayangkeun diri anjeucleu na pucuk méga. Dianteurkeun ku méga anu sigana ngarti kahayang diri, buktina beut daék nganteur kahayang, nganteur kasuka. Jajap ka indung, tepung jeung dulur. Ngumpul ngariung  dina kasuka.
Kabayang beungeut Ema nu salila ieu dipigandrung. Ema nu héman nu salila ieu ngatik diri sangkan jadi jelema ngarti. Tisaprak bapa tilar,  Ema nu ngabélaan sorangan sangkan kuring jadi sarjana. Nya Ema pisan nu nitah kuring ingkah ti lembur harita.
            “Ema... hapunten Héndar.” Kuring nyuuh kana lahunan Ema.
            “Gusti nanaonan atuh manéh téh Hén... Beut kabawa kusakaba kaba. Ema  nyakolakeun téh, méh manéh  jadi jelema ngarti. Teu kabaud kunu teu puguh. Bisa ngabédakan nu hak jeung nu batil. Tapi naha ngadon kieu? Kasarad nu teu puguh. Kapinteran dipaké anu teu puguh. Ema enyaan teu percaya.” Ema reumbay cisoca.
            “Enya Ma.  Rumaos Héndar lepat.  Katalingkung ku napsu dunya.”
            “Ema ngahampura, Jig ayeuna mah geura indit ti dieu, Hén...” Ema nangtung. Nyusut cipanon nu ngalémbéréh.
            “Ema.”
            “Ema embung ningali hidep diborgol di dieu. Embung Hén. Jig ayeuna mah indit nu jauh. Urang sili doakeun. Doakeun ku Héndar Ema sing salilana séhat. Atuh Héndar ku Ema didoakeun sangkan dina lumampah manggih rasa anu bisa malikeun diri  ka jalan kabeneran. Bral anaking gera miang...” Ema ngusapan sirah kuring. ”Ema ngan bisa ngaduakeun hidep.”
            Ti dinya kuring teu panggih deui jeung Ema. Ema kameumeut ati nu salila ieu jadi ubar sagalana.  Kaharti, Ema kacida nyaahna ka kuring. Kaharti, Ema embung ningali kuring kacerek ku pulisi di hareupeun.
            Sono moho anu antukna niginkeun haté pikeun lunta deui ka lembur. Ka sarakan tempat kuring digedékeun. Hayang lebaran di Bandung. Hayang panggih jeung kulawarga nu kacida dipicinta.
*
            Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Laa ila hailallahu wallohu akbar Allohu Akbar Walillah Ilham ...
            Sora takbir marengan kuring ngaléngkah.  Teu nolih kana nanaon. Anu kagambar iwal ti Ema jeung nu jadi lanceuk. Tada teuing meureun bagja jeung sugemana maranéhna panggih jeung kuring.  Rék sosonoan jeung Ema jeung lanceuk. Meureun cacap rasa nu salila ieu ukur sawangan kaubaran.
            “Héndar...bener ieu téh Héndar?” Hérmin lanceuk kuring neuteup teu ngiceup.
            “Enya teh ieu Hendar.” Kuring nyolongkrong, hayang ngagabrug. Ngan pugag waktu manéhna semu asa-asa.
            “Eu... jeung saha ka dieu.” Manéhna culang cileung ka luar “Buru-buru asup. Nanaonan maké ka dieu, Hén?”  Sorana ngaharéwos.
            Kuring hareugeueun, teu percaya kana dédéngéan “Téh... Héndar sono. Héndar hoyong pendak jeung Ema ogé Tétéh. Mana Ema, Téh?”
            “Enya tapi lain kieu carana. Sarua jeung nyogrogkeun manéh.”
            “Téh... dimana Ema?”
            “Sok diuk heula.” Hérmin nyekelan leungeun kuring. Ngoncikeun panto. Nutupkeun hordéng nu méléngé. “Ema mah tos ngantunkeun  opat taun ka tukang. Sataun ti Héndar miang. Kaleleban ku Héndar. Da ti kajadian harita Ema langsung wales.  Diubaran mah diubaran ngan nya kitu teu  aya menyatna. Antukna... “
            “Ema...” kuring nutupan beungeut.
            “Enya Hén. Ema tos aya di kalanggengan...”
            “Téh, jajap Héndar.”
            “Hén. Lain teu nyaah ka Héndar. Lain. Héndar gé ngarti meureun. Ku datangna Héndar ka dieu gé geus...”
            “Héndar ngartos kana kasalempang Tétéh. Tos kajudi ti saangalna yén Tétéh lain Tétéh nu baheula. Ayeuna mah Tétéh pinuh ku rasa  ati-ati. Enyaan Héndar ngarti.” Kuring ngabalieus miceun beungeut.
            “Kumaha atuh, Hén...”
            “Teu nanaon, Téh. Ayeuna  gé Héndar rék indit. Tong salempang  Tétéh. Tétéh moal kababawa kana urusan Héndar. Ka dieu sotéh hayang apal kumaha séhat heunteuna. Kumaha kaayaan Ema. Ngan sakitu. Sukur ari Tétéh cageur mah.“ Kuring nangtung muru panto. Ngarandeg sakedapan lebah poto nu ngadaplok. Poto Ema jeung Bapa. ”Téh, ieu keur Héndar.” Teu nunggu jawaban, kuring nyokot éta poto. Langsung ka luar ti  imah.  Nu kabayang ti saanggalna. Rungruman kaasih jeung kahéman ti indung jeung jadi laceuk bakalan ngubaran haté nu raheut. Sulaya. Sikep nu jadi lanceuk jauh tina panyangka.  Kaharti, bongan diri. Bonganna geus ngalakukeun anu teu sapagodos jeung haté maranéhna. Kieu balukarna.
            Tapi kuring kudu siap. Ti saanggalna geus dibeuweung diutahkeun  naon balukarna lamun kuring aya di dieu. Taya tujuan. Moal nganjang kasasaha. Sanajan dina implengan ti saacanna. Diniatan yén kuring rék nganjang ka si A ka si B. Tapi ningali kayaan kieu mah. Bolay. Karunya ka maranéhna. Tong boroning batur dalah lanceuk sorangan gé apanan geus sakitu kasieunan kaanjangan ku diri kuring, komo batur. Pamohalan kana narima. Tinimbang haté beuki peurih anggur sing ningtrimkeun diri. Diuk nyorangan. Sanajan  ukur diiuhan ku langit. Ku baranang béntang, tapi kuring bagja bisa aya di dieu. Neuteup langit anu béngras.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Laa ila hailallahu wallohu akbar Allohu Akbar Walillah Ilham ...
Dibarengan ku takbir... aya kedal tina haté nu kudu  dipilampah, kabéh pikeun kamajuan kuring. Pikeun mapag jalan ka hareupna.
*
            Langsung kaluar ti msajid sanggeus ngalaksanakeun solat Id. Teu hayang ngadéngé anu teu puguh. Datang pangpandeurina kaluar pangheulana. Rerencepan.
            Teu hayang ngilu sasalaman. Geus kajudi kumaha balukarna. Apanan basa kuring ngaliwat ka masjid gé. Loba nu melong, loba nu tingkecewis nyaritakeun.
            Rérés solat  rusuh ka luar ti masjid. Nu di tuju  pajaratan.
            “Ema hapunten abdi.“ Teu wasa nyumputkeun rasa. Lautan cimata harita kénéh bedah. Di dieu, lebah tetengger Ema, kuring ngalubarkeun bangbaluh. Ngadoa husu ka manteNa sangkan Ema salilana aya dina tempat anu merenah.  Ngadoakeun laku lampah sorangan anu sayaga mapag jalan ka hareupna.  Teu madulikeun anu datang. Teu madulikeun maranéhna anu sanyatana ti tatadi geus nuturkeun. 
            “Ema... doakeun Héndar. Ti ayeuna geus sayaga pasang badang. Naon laku lampah Héndar baheula kudu ditebus ku sorangan. Dosa Héndar... lampah Héndar. Moal... moal deui rék susulumputan.” Kuring imut neuteup tetengger. Ngawurkeun kembang pamustungan. Saacan cengkat. Neuteup langit Bandung nu caang narawangan. Lugina haté bisa lebaran di dieu.
            Kreek... kadéngé sora ti tukang.
            “Teu kedah diborgol, Pak. Mangga abdi, Hendar Wijaya,  nyérénkeun diri. Sanajan kuring ngan saukur korban, tapi siap tanggung jawab. Siap méré informasi. Medar saha sabenerna aktor politik nu kalibet   koruptur saenyana dina kasus ieu.” Kuring malikeun awak. Neuteup kanu geus ngajarega ti tatadi mula.***
                       
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar