Kamis, 29 Desember 2016

Carita ti Cisintu

Mangle No 2567, 5-11 Mei 2016. alhamdulillah


Carita ti Cisintu
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Sanggeus manggih tempat anu merenah. Handapeun  tangkal gedé. Kuring mukakeun rangsel, ngaluarkeun jeujeur, eupan nu geus disadiakeun. Lung jeujeur dialungkeun.    Ngaluarkeun laptop, laju ngahurungkeun, sanggeus yakin jeujeur aman, da geus ditancebkeun kana taneuh.  Awak nyarandé kana tangkal. Sakedapan panon manco ka hareup. Walungan Cisintu katangen tumaninah- caina ngalir, teu gedé teuing teu saat teuing. Ceuk batur mah cenah Cisintu mah tara aya laukna, matakna tara aya nu pirajeunan nguseup. Mahiwal meureun kuring mah, ngadon nguseup di tempat anu hara-haraeun. Barina gé kétang pan maksud utamana mah lain karna nguseup-nguseup teuing. Tapi néangan ilham. Néangan sakadang ide, sangkan pangarasep kuring kana nulis tetep mayeng.
                Rét kana layar monitor. Leungeun mimiti digawé...
                Lembur Singkur ngadadak simpé. Réhé. Satutas Ma Uning maot.  Kulawargana ayeuna keur bingung da loba nu nepikeun carita teu ngeunah. Lebah tanjakan wanci sareupna atawa peuting mongkléng. Loba nu papanggihan. Aya nu cindekul handapan tangkal caringin, buukna ririaban. Aya ogé nu manggihan aya jalma leumpangna ingkud-ingkudan ka kalérkeun- muru kota. Jasad Ma Uning teu sampurna.
                Éta carita beuki dieu beuki sahéng, nambahan kasalempang Lembur Singkur teu anggeus-anggeus. Ekeur mah eukeur tadi gé disebutkeun karék ditinggalkeun  ku Ma Uning saminggu kaliwat, kari-kari aya dongéng nu nambahan kasieun Lembur Singkur.
                Disebut Lembur Singkur téh, pédah éta lembur tempatna nenggang ti nu lain. Kahalangan ku   pakebonan anu kacida lega. Éta musabab meureun disebut Lembur Singkur. Jauh kamamana. Keur balanja pangabutuh sapopoé gé kudu nikreuh aya kana welasan kilona.
                Kucuprak...  ti béh walungan aya nu disada. Rikat ngarérét kana jeujeur anu rada melenod ka hareupeun. Sigana nyanggut gerentes haté. Neundeun laptop. Metot jeujeur, bréh lauk emas badag. Rada hemeng, tara tara meunang lauk emas.  Lauk diteundeun dina korang. Lung deui jeujeur dialungkeun.
Regot, kopi hideung gigireun nu kari satengahna deui dileguk disakalikeun. Ngabatekeun heula awak. Reureuh saheulaanan tina ngetik. Rét kana jam nu ngadaplok dina tembok jam 11.30.  Rét kana pagawéan,  masih kénéh numpuk. Der deui ngetik, teu nolih kana katunduh, waktu inget isuk kudu geus disetorkeun ka atasan.
Sora tina keyboard nu dipencetan patarema jeung sora cihujan nu ti magrib kénéh   datang.  Tuk... blug... tuk... blug...  ti pipir imah kadéngé aya sora. Teu ditolih angger ngetik nganggeuskeun hanca. Tuk ... blug... tuk... blug,  sora datang deui. Laksmi ngarandeg ngetik, ngadéngékeun deui sora. Ngiles. Ngetik deui... sora ti pipir kadéngé deui.  kitu jeung kitu  waé. Jam nunjukeun pukul 12 leuwih 10, waktu panon ngarérét. Sora iteuk nu neuel jeung sora suku nincak lemah kadéngé deui.

Srrr kana awak asa aya nu nyéak, waktu sarérét neuteup poto nu ngadaplok  juru kamar. Kukurayeun, asa ningali waé. Paneuteupna asa manco pisan kana beungeut. Iy, naha ujug-ujug  sieun kieu,  gerendeng Laksmi. Tonggoy deui ngetik. Geus tigin, panon moal ningali kana éta poto. Tapi ngetik asa teu puguh,  punduk asa ngandelan. Asa aya nu ngadaplok. Tungtungna komputer dipareuman.  Jékét diseletingkeun parat ka luhur. Waktu ngaliwatan éta poto, ngahaja tungkul.
Rét kana almanak sisieun kasur. Ayeuna malam Jumaah. Waktuna mahluk demit hudang tina pangsaréan panjang. Bener kitu éta sora téh ti pipir. Laksmi gura giru naék kana kasur, ngaliwatan salakina nu keur ngaguher.
                “Pah... Papah...” Laksmi ngageuingkeun salakina.            
Batan nyaring anggur  beuki nyegrék. Capé meureun, di kantor pagawéan numpuk datang ka imah peuting kana  jam sapuluhan. Tinangtu waé datang lagsung ngaguher, satutas disalin.
                “Anéh. Sora naon éta.” Haté Laksmi cumarita.  Padahal saacan jam duawelas mah teu kadéngé.  Asa aya nu nyerangkeun tina kaca nu méléngé saeutik. Sanajan sieun lalaunan cengkat. Menerkeun hordéng sangkan kaca katutupan. Sora nu  kadéngé ngadadak jempling waktu Laksmi menerkeun hordéng. Sanggeus pangrasa bérés, ngagolér  deui gigireun salaki. Simbut ditutupkeun  nepi kana dada. Panon dipeureumkeun. Tapi katunduh anggur ngajauhan.
                Tuk... blug... tuk... blug. Sora beuki atra mapaésan peuting nu simpe, Laksmi beuki ngaréngkol, nangkeup pageuh salakina nu ngageubra.
                “Laksmi ... Laksmi...” asa jauh asa deukeut aya nu ngageroan.
                Sanajan sieun, Laksmi cengkat.
“Pangnéangankeun suku Ema...” Teu kanyahoan aya jilim gigireun. Nangtung ajeg, panon manco asa hurung.
                “Ma... Ma...”  panon molotot, awak ngadégdéd, késang nyorolok saawak-awak.
                “Laksmi... Omat pangnéangkeun suku Ema, nya. Ema capé...” Les éta jilim hareupen ngaleungit.
                “A... a.....”
                “Mah... Mah... nyaring.”
                “Ampun... ampun... Ma.”
                “Mah, istigfar. Yeuh cai heula.” Salaki mikeun cai.
                Regot. Awak ngahégak nyanda kana bantal.
                “Ngimpi naon? Pikasieuneun sigana.”
                Laksmi ruménghap panjang. Derekdek  nyaritakeun.     
“Matakna rék saré téh babacaan heula. Geus nu geus maot mah tong diinget inget deui. Geus béda alam.”
                “Pah, ari basa éta. Potongan suku anu ti rumah sakit téa dikuburkeun di mana?”
                “Halah geus ceuk Papah gé tong mikiran nu kitu.”
*
                Mimiti mah éta impian téh dianggap riwan, tapi waktu ngimpi angger waé, malah noron aya kana tilu kalina, kakara ngomong deui  ka salaki.
                “Pah hampura nya mun  Mamah nanya deui. Serius.”
                Salaki ngarandeg. Apal kana adat Laksmi. “Sok atuh aya naon,  Mah?”
                “Enyaan ieu mah.Tong dianggap heureuy. Suku Ma Uning téa di mana dikuburkeunna?”
                “Teu apal. Nitahan Mang Supri...”
                “Mang supriiii....” Laksmi ngagéréwék.
                “Aya naon, Néng.”
                “Diuk heula, Mang. Kuring aya perlu.”
                “Aya naon, Néng. Asa rareuwas.              
                “Lain, Mang, kuring téh geus sababaraha poé kaanjangan ku Uwa almarhum. Intina nitah  mangnéangankeun suku. Mimitina teu percaya tapi ari ngimpi remen mah kuring gé jadi sieun. Lain ari basa harita suku Ma Uning téh dikuburkeun di mana?”
                “Dialungkeun Néng ka Walungan Cisintu.”
                Laksmi ngahuleng.  “Mang wayahna poé Minggu emang ulah balik, anggursing anteurkeun kuring ka Lembur Singkur méh aya bongbolongan ti urang ditu. Enyaan kuring asa teu puguh.”
*
                “Enya ari kitu mah, urang upayakeun waé. Sigana kolot  téh panasaran. Meureun mata kitu gé aya kahayang.” Dahri anak Ma Uning panggedéna nyarita.
                “Kéla ari harita  nu mulasara mayit saha nya?” Undé tatangga   milu nanya kana éta riungan.
                “Pan dipulasarana mah di rumah sakit. Da cenah geus bérés sagalana. Di dieu mah tinggal ngurebkeun waé. Da bisi rareuwas cenah.”
                “Rareuwasan kumaha?”
                “Muhun. Kang. Méméh ngantunkeun téh sampéan Pun biang saurna diamputasi, da parna panyakitna.”
                “Kéla... kéla ari éta sukuna?”
                “Teu tataros, Kang. Maklum barieuk. Sagalana dipasrahkeun ka pihak rumah sakit.”
                “Enya mending tatanya heula waé ka pihak rumah sakit. Urang maksakeun ka kota waé, ari kieu mah.  Urang tanyakeun ka pihak rumah sakit.”
                “Nya ari kitu, Mah, nuhun kana bantosanna Kang. Abi gé da asa rawing ceuli ieu téh loba nu ngadongéng teu puguh. Abi hoyong almarhum pun biang tenang di alam kuburna.“
                Panto aya nu ngetrok.
“Aéh, geuning aya Téh Laksmi. Ngahaja ka dieu, Téh? Atanapi kumaha? Banget ku bagja. Urang dieu téh hoyong ka kota puguh.” Dahri ngabagéakeun Laksmi.
                “Kutan rék ka kota. Aya acara naon ieu téh Dahri ngarariung kieu?”
                Derekdek wé Dahri nyaritakeun kajadian di Lembur Singkur nu geueumen sarta loba carita teu puguh satutas ditinggalkeun Ma Uning. Loba  papanggihan lebah tanjakeun. Handapeun tangkal Caringin- lebah pajaratan.
                “Duh, klop ari kitu mah, Dahri. Tétéh ge ngahaja ka dieu  jauh-jauh gé aya nu kudu dibadamikeun.”
                Laksmi nyaritakeun papanggihana, yén geus sababaraha kali kadatangan ku almarhum. Ngan kabéh bingung. Kudu kamana néangan suku anu teu aya.
                “Kieu waé atuh ayeuna mah. Sanajan enya néangan éta suku kacida hésé. Ngan aya pituduh yén dipiceun ka Walungan Cisintu. Ayeuna mah wayahna saminggu ieu mah urang néangan waé éta suku. Sugan jeung sugan aya nu kawénéhan. Ari geus diihtiaran mah sugan waé atuh aya hasilna. Inget saminggu...”
                Cangkel geuning. Neundeun heula laptop. Kuring nangtung sanggeus ngaregot cai dina botol. Lajag léjég bari jeung nempo ka hareup. Ningali jeujeur nu tatadi ngan cicing waé. Panasaran dicokot. Angger suwung taya laukan. Ukur tadi beubeunangan téh lauk emas gedé. Rét ka langit nu hibar ku layung.
                “Duh géus soré ning. Ké ah sakeudeung deui, sugan beubeunangan nu gedé. Inget kana caritaan si bungsu hayang mais lauk badag cenah. Dienyakeun waé. Jeung kagok ku hanca carita nu kari éndingna. Eupan hareupeun diguley ku leungeun. Ngaganti eupan ku nu anyar. Jeujeur dialungkeun.
                Sora  Agnes Monica ngageroan tina HP.
                “Kumaha anggeus carita téh. Omat  kirimkeun peuting ayeuna. Keur tayang poé Kemis.”
                “Iya siap. Ké keur néangan énding nu hadé, nu rada pikasieuneun... “
                “Percaya ka di dinya pasti endingna matak muringkak.”
                Kuring rumahuh. Éndingna kudu rada nu muringkak. Keur buntu carita  puguh gé. Kudu kumaha etuh éndingna, carita ngeunaan néangan suku téh.... Haduh. Jaba ké peuting kudu dikirimkeun.  
                Kunyunyud, jeujeur anu keur dicekel ngurunyud. Rikat metot  jeujeur nu menod. Beurat. Lakadalah meunang lauk gedé, ceuk pikir. ”Jadi mais lauk gedé teh,  jalu.” Ayeuna mah jeujeur dibetot ku dua leungeun. Neueul kana beuteung, méh rada aya tanagaan. Beuki luhur asa kaangseu bau bangké semu hanyir... irung ungas ingus. Jeujeur ditongtak disakalikeun.
                Bréh. Suku jalma bilatungan.***  


Tidak ada komentar:

Posting Komentar