Kéncléng
Masjid
Ku
Nina Rahayu Nadéa
Geunjleung.
Bu Elia jalma pangjegudna rék
ngaréhab
masjid. Masjid anu ngahaja dijieun pikeun mapag bulan puasa. Nu utamana méh
lembur urang lembur aya pacabakan. Sabab lian ti rék ngagedéan
masjid, Bu Elia rék nyieun tempat khusus pikeun jualan.
Nambah panyumanget urang lembur dina nyieun masjid, sabab boga
pangharepan anyar. Boga pacabakan anyar. Dagang.
Jol
itu jol ieu pada ngarojong. Teu sirikna lalaki kambeh tumplek kerja bakti.
Bagilir. Dapon masjid agréng téréh bérés. Ngarah téréh
kaala hasilna. Enya wé ku sumanget gawé babarengan mah masjid téréh
anggeusna. Gancang sabulan tina waktu nu geus ditangtukeun. Rancabolang jadi sabiwir hiji. Ngabogaan majid anu agréng.
Masjid Elia.
Masjid
téh
pernahna di sisi jalan gedé. Ramé. Jalan anu jadi batas kota. Ti baheula gé loba nu ngajugjug. Kitu pantes da ngan ieu
masjid nu aya di batas kota mah, katambah tara kakurangan cai. Baresih jeung
raresik. Komo ayeuna masjidna diagréngan geus kajudi nu datang bakal
rabul.
Masarakat
lembur Rancabolang gé ngilu reueus, ku ayana masjid elia téh
geus ngangkat darajat urang lembur, lantaran boga pacabakan maneuh. Kitu deui kuring anu asalna ngaligeuh teu puguh. Jadi
boga pangharepan anyar. Bulan puasa téh
moal ngahuleng teuing. Nu biasana mah manggih puasa pinuh ku ngarasula jeung
rumahuh, nyanghareupan pangabutuh, ayeuna mah tumaninah.
Kadaharan
nu dijual ku kuring, kadaharan tradisinal. Opak, Kolontong, jeung nu lainna.
Tapi bulan puasa mah, ditambahan. Sabangsaning kolek, jeung lainna, pikeun tajil. Naon waé anu sakira-kira payu.
“Jang,
wayahna nya ti ayeuna kahareup mah. Kudu mayar tempat. Pan Jang wardi gé
apal meureun hahargaan terus nérékél.
Pangbéjakaun
ka nu lain.” Bu Elia datang ka warung dina hiji poé.
Kuring
tiban unggek. Kabungah nu karék mangkak, kuncup sapada harita. Pan Bu Elia kungsi nyarita yén
pikeun urang lembur mah, lapak téh haratis. Tapi ayeuna beut béda.
Tapi teu leutik haté. Sakieu gé untung aya nu méré
tempat. Da geus kairong piuntungeunana.
Ti baheula gé ka ieu masjid loba jalma anu nyimpang
pikeun solat. Komo Saptu jeung Minggu mah loba pisan anu ka luar kota, atuh
ngaliwat ka ieu tempat. Loba nu eureun
pikeun ngareureuhkeun kacapé, kapincut ku lega tempat parkirna tur kaayaanna nu babaresih,
matak pikabetahan. Masjid agréng, beuki nambahan pangeusina.
Kuring
ogé
kabagéan
milikna. Loba nu ngadon jajan ka kuring. Utamana mah mareuli kadaharan
tradisional téa. Keur oleh-oleh.
Atuh kuring gé ngengken deui kanu di lembur da ku sorangan mah teu
katanagaan.
*
“Naha
moal ka masjid?” kuring nalék budak sorangan, nu biasana purah
nunggu kéncléng
masjid dina hiji poé.
“Moal?”
Budak nangtung “Ayeuna mah ditungguan
ku Bu Elia.”
“Kutan?
Maenya?”
Ti
dinya mimiti loba dongéng anu teu puguh. Dongéng perkara kéncléng.
Enya asalna nu méré kéncléng téh saridona. Tara ieuh dipatok kudu méré
sabarahana. Kangaranan kéncléng nya pasti wéh méré saridona. Tapi tisaprak
dicepeng ku Bu Elia téa. Cenah mah kéncléng téh dipatok kudu mayar lima rébu, asa teu percaya, da kuring mah can kungsi dipénta
duit. Duka pédah
urang lembur meureun.
Beuki lila éta dongéng beuki sahéng.
Mobil nu datang beuki lila beuki saeutik. Ngadéngé dongéng nu teu puguh sarta ninggali
nu datang nyaeutikan bet asa lewang. Puasa sakeudeung deui lekasan ...
kasalempang mingkin ngagedéan. Komo beuki dieu nu parkir mobil beuki saeutik. Ukur
ngaliwat, teu ngarérét rérét acan. Langsung nyemprung.
Aya éta gé hiji dua mobil nu datang,
ngan kitu, balikna mawa paromanna nu
haseum. Nu biasana saruka bungah sarta nyimpang ka warung. Loba nu tingkecewis
nyaritakeun perkara kateusugemaan solat di ieu masjid. Mimitina mah teu hayang nyaho. Ngan ari kalilaan mah ceuli
beuki panasaran, pangpangna mah asa hariwang ku kaayaan dagangan sorangan, nu
beki tiiseun. Bisi waé margalantaranna datang ti warung kuring.
“Magga, Bu. Jajan heula. Buka
heula.“ kuring imut ti lawang warung, mapagkeun jalma anu karék
solat magrib.
“Moal.
Bisi ditekuk.” Nu awéwé ngomong kurawed bari ngabéngbéos. Panasaran rada dituturkeun
api-api rék
miceun runtah.
“Iy...
horoém
solat di masjid ieu deui. Engké mah mung ngaliwat ka dieu tong solat
di masjid ieu wé, Pap. Geuleuh... nanaonan sodaqoh dikomersilkeuin.”
“Sodaqoh
dikomersilkeun?” ceuli kuring rancung ngadéngékeun.
“Ssst.
Keun sodoqoh, da tara unggal poé. Bulan puasa kudu loba mupuk amal.”
Salakina rada nyureng.
“Disebut
sodaqoh téh
mun iklas atuh Pap. Pan ieu mah sodoqoh
dipaksa. Tadina rék méré gedé gé horéam ari dipénta mah. Teu kiira-kira nya nu boga masjid. Piraku tiap
jalma nu solat kudu méré kéncléng lima rébu saurangna. Leuh teu éling
sugan.” Awéwéna
ngomong deui.
“Mah,
buka heula atuh mah. Lapar.” Budak awéwé leutik rada ngarenghik.
“Ké.
Tuh di warung itu. Di luar komplek masjid ieu. Geulis.” Indungna nungtun budak semu rusuh. “Éta ku geuleuhna téh deuih. Maenya kéncléng
ditungguan. Jalma anu rék ngasupkeun duit, kudu ngaliwatan heula leungeunna, sarta
nyarita. Punten sajalmina lima rébu ayeuna mah. Pan geuleuh tah. Di mamana
gé
nu ngaranna kéncléng masjid mah saridona. Teu kudu ditampanan deuih ku
leungeun éta jalma.” Siga nu can puas
pamajikanna nyarita deui.
“Judulna
ieu mah bisnais masjid atuh. Lain kéncléng masjid...” Budak lalaki gedé
ngilu mairan.
“Kumaha,
Jadi buka di dieu téh?” Salaki nanya deui ka pamajikan.
“Teu
hayang teuing. Entong ... lebar. Pangpangna mah geuleuh ku kajadian tadi. Enya
gé
sodoqoh, rido. Tapi ari ditangtukeun mah ah. Horéam. Mending gé
tuh beulah ditu wé. Rada jauh ti dieu. Sakalian urang ngilu tarawéhan
di dinya. Puguh-puguh tah sodoqoh ka masjid anu butuh keur pangwangunan.“
Éta
omongan kabéh
kadéngé
pisan ku kuring. Karék ngarti. Enya nu boga masjid ayeuna mah naripkeun kéncléng
masjid, gedéna
lima rébu.
*
Puasa saminggu deui. Masjid Elia sepi.
Béja
pabéja
– béja.
Nerkab ka mamana. Béja ngeunaan Bu Elia anu sok narifkeun kéncléng
masjid. Atuh perbawana ka tempat dagangan kuring gé jadi sepi. Tara aya nu
meuli. Nu datang paling nu jauhna nu teu
apal kana kaayaan éta masjid. Tapi nya kitu balikna jadi kurawed. Haseum. Pédah
asa dipaling meureun. Wajar. Ayeuna lamun saurang 5000 dikalikeun pangeusi
mobil misalna waé sapuluh. Atuh kudu méré kéncléng masjid téh
50 rébu.
Meunding meuli bengsin waé.
Ti
dinya mah. Jempling. Masjid téh tara aya anu ngadatangan. Ari lain nu deukeut mah, kitu na teh bari
jeung rarat rérét. Mun pareng nu bogana aya mah, tara jadi ka masjid da
sieun téa.
sieun dipéntaan
kéncléng.
Urang lembur gé geus tara jujualan deui. Balik deui kana khirupan anu
baheula. Anu ka sawah, anu macul, naon waé sagawé-gawé. Atuh mushola leutik nu
baheula sepi ayeuna haneuteun deui.
Puasa téréh lekasan. Dua poe deui. beut
meunang béja
bu Elia gering parna. Dibéjakeun kanu di lembur, maksud téh
urang babarengan ngalongok. Ngadon tingkecewis.
“Meujeuhna
gering gé.
Kawalat tuda duit kéncléng dibisniskeun, leuheung keur kapentingan umat. Ieu mah
dihénggoy
ku sorangan.”
“Ceuk
béja
ladang kéncléng
teh dibeulikeun tanah di lembur peuntas.”
“Top
tah duit 5000 jadi doa ti tiap jalma.” Nu lain mairan.
Kuring
bati istigfar. Puasa dua poé deui, sugan aya kénéh
waktu pikeun ngaberesihan diri, Ngajauhkeun tina sifat iri jeung dengki. Ngajak
anak pamajikan pikeun ngalongok kanu gering. Méré dunga kalawan iklas, sangkan
nu gering gera dicageurkeun deui.***
Nina
Rahayu Nadéa.
Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid
Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka
Tasikmalaya, Majalah Guneman, Sastra
Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo
Semar, Radar Bayuwangi, jrrd
Tidak ada komentar:
Posting Komentar