Carpon Manglé
Gaul
Diary Pulas Ungu
Ku Nina Rahayu Nadéa
“Gea... ceuk Yuni cenah anjeun téh resep ka wanoja nu buukna
panjang semu galing. Atuh éta mah kuring pisan nya. Héhé. GR. Teuing atuh Gea, ieu haté téh
bet resep ka anjeun. Resep ku pinterna jeung kasépna sanajan heunteu ari
disebut macok mah. Aéh, maco meureun. Ngan hanjakal saeutik, anjeun téh
cicingeun teuing, tara heureuy siga batur. Komo deui ngaheureuyan kuring,
padahal éta
nu ditunggu téh. Huuu... Kuring sabenerna éra ku anjeun. éra
dina hal kapinteran, rumasa kuring mah euweuh pangabisa. Apal sorangan... nilai
kuring mah pas-pasan waé. Hayang pinter jiga anjeun. Éra sakapeung mah ningali
anjeun téh.
Minder kacida. Untung wé kétang aya diary kameumeut ati nu salila marengan. Bye diary
chayang....”
“Gea,
ayeuna kuring sumanget ka sakola. Apal teu naon sababna? Sabab ayeuna ulangan Matematika.
Padahal biasana bété alias boring. Pédah ayeuna mah geus ngapalkeun sapoé
sapeuting. Oh, enya can apal Gea mah nya, ayeuna Arin privat. Ngahaja
ngarenghik ka Mamah, ngarah pinter cara anjeun. Lain ngarenghik kétang,
mimitina mah kahayang Mamah jeung Papah. Apaleun meureun matak kitu gé
kolot téh,
yén
budakna teu resep kana pelajaran éksak. Nya kapaksa jadi PRIVAT. Tapi
diambil hikmahna waé. Sangkan Arin jadi pinter. Tah ayeuna ulangan pertama
satutas ngiluan privat. Da rarasaan mah molotok keur privat téh...
sugan wé
atuh nilaina rada undak. Da ari ngaleuwihan anjeun mah pastina gé
MOAL BISA.”
“Judulna
Nyeri Haté.
Apal teu diary. Geuleuh tah ka awéwé nu ngaranna si Yuni. Over
acting pisan. So’ jadi awéwé panggeulisna. Ceuk sasaha siga Dian Sastro. Teu anéh
meureun lamun si Rahmat, si Pépéng kapéngpéongan ku manéh.
Sebeeeel, teu resep wé ningalina. Tiap lalaki dilayanan geuleuh pan... jiga kuring
atuh, Yun. Bogoh ka Gea gé cicing wé teu ieuh nyirikan. Tapi nyeri haté kétang.
Rék
teu nyeri haté kumaha atuh. Si Yuni teu apaleun lamun kuring bogoh ka
Gea. Kieu akibatna... Pura-pura nanyakeun soal IPA lah..., apal lah ada udang
di balik batu. Enyaan dada jadi asa
eungap... léwéh
entong nya?”
“Asa
anéh
tadi mah diary. Apal teu kunaon? Gea beut asa jadi perhatian ka kuring. Naha pédah
nilai ulangan Matématika urang alus
kitu. Hihi. Kuring gé teu nyangka. CIUS soalna bet sarua pisan jeung anu diajarkeun
ku guru privat. Béda angkana wungkul. Atuh éta mah céték. Arin téa
gitu lho. Ternyata éh... ternyata Arin bisa ogé ngerjakeun éksak.
Nilaina gedé
deui, nya béda
seutik lah jeung Gea. Tapi untuk permulaan, itu adalah sesuatu yang bagus.
Tambah semangat Privatnya ARIN KUSUMAWARDANI. Inget... inget kalau mau jadi
pacarnya Gea... kudu pinter, kudu cerdas. Wéw.”
“Siap...siap
belajar, mengejar cita-cita. Juga mengejar cinta Gea. Héhé. Kudu kumaha carana? Pastina
belajar and belajar. Buktiin bahwa Arin dulu béda dengan Arin sekarang. Arin
sekarang mah nilai ulanganna lumayan, sanggup lah untuk nangkring di lima
besar...”
Arin
imut, ngarénghap
panjang. Nyekel diary ungu kameumeutna nu kakara dibaca Laju diambung. Sup kana kantong sakolana. Buru-buru
cengkat tina méja belajarna waktu kadéngé indungna nyalukan.
“Rin...
énggal,
Papah tos ngantosan na mobil.”
“Ok,
Mamah cantik.” Cenah bari jeung lumpat ka luar sanggeus sun tangan ka indungna.
”Dadah Mamah...”
“Hati-hati.”
Indungna jajap nepi ka buruan.
*
“Mah...
Mamah...” Arin ngageroan indungna ti
luar kénéh.
“Aya
naon, Rin? Ngadon gogorowokan kitu. Assalamualaikum
kituh...” indungna muka panto.
“Mah.
Ningal buku Arin teu?’”
“Buku nu mana?”
“Nu
warna ungu, Mah. Duh, bisa kacau dunia kalau buku itu sampé
menghilang, Mah... di mana atuh nya.”
“Ih,
ari Arin. Mamah mah teu apal. Buku pelajaran?”
“Sanés.”
“Buku
perpustakaan?”
“Sanés.
Mamah téh
meni céréwéd naros
waé.
Terang teu, Arin téh lagi galau mah galau. Buku kameumeut Arin ical...”
“Ih,
budak téh
asa lieur, tos lah anggursing gentos acuk. Tuh emam heula. Ké
buku mah kapendak gera.” Indungna garo-garo teu ateul ningali kalakuan Arin.
Kolong kasur
ditengoan, kitu deui lomari. Teu sirikna tiap baju disingkaban, bisi sakadang
buku nyelap di dinya, tapi lebeng,
“Duh...
kamana atuh buku téh.” Haté Arin ngajerit. Diary téh
keur manehna mah batur sagalana. Dina diary
Arin bisa nuliskeun sagalana, jadi batur cumarita. Ngan ka diary Arin balaka
sagalana. Kanalangsa, kagumbira kabéh
dicaritakeun. Komo deui perkara Gea. Diary sobat maneuhna. Nu bakal tigin nyepeng
rusiah haténa.
Ayeuna éta
buku leungit, dunya asa tibalik.
“Rin....
énggal
siang.” Indungna ngetrok kamar.
“Moal
sakola, Mah. Males.” Arin ngaheruk jero kamar.
“Eits...
kunaon yeuh si geulis téh, teu pupuguh moal sakola. Ti kamari ngan murang maring
waé.
Hem sigana aya jajaka gandang nu nyulik haté budak Mamah nya.” Indungna
ngelol.
“Iyy.
Naon Mamah téh...”
Arin cengkat. “Enya... enya Arin sakola lah, demi Mamah.”
Keur
diajar teu puguh cabak. Pikiran manteng kanu dianti. Sababaraha kali Bu Kulsum
guru Ékonomi
negor ka Arin nu malaweung.
“Rin,
kunaon teu konsen waé?“
Arin
ngarénjag.
Museurkeun uteuk sangkan fokus. Ukur memenitan. Kadituna nya kitu ...
ngahuleng.
“Rin
sakit? Sok ka UKS wé...” Teu kanyahoan Bu
Kulsum aya gigireun. “Sakit?”
Arin
unggek.
“Kuat jalan
sendiri?”
“Ya, Bu.” Arin leumpang
ka luar kelas. Teu ka UKS, anggursing ka kantin meuli inuman. Sababaraha lila
anggur ngahuleng.
“Ku
naon ngalamun waé?”
Arin
nu keur anteng ngumbar lamunan kagebah. Asa apal kana éta sora. Tapi asa-asa rék
malikeun awak.
“Rin,
séhat?”
Sora nu tadi nanya deui. Teu sabar Arin malikeun awakna.
“Ge...”
Teu diteruskeun, waktu sidik saha anu digigireun Gea, Yuni.
“Kunaon
ngalamun waé?”
Gea nanya deui.
“Ih.
Suka-suka. Kunaon deuih beut ka dieu Yun?”
“Cemburu
nya.” Nu ditanya anggursing seuri.
Kana
angen aya nu ngageduk. Geuleuh tah ka Yuni.
“Gea.
Kadé
nya ceuk Mamah engké ka bumi... Yuni duluan bisi dicarékan Bu Kulsum.”
“Iya.”
Gea neuteup nu ngaléos.
“Naha teu
disarengan? Badé naon deuih ka dieu.”
“Ngahaja Ijin
heula. Hariwang ku Arin.”
“Hariwang?”
“Arin
miiliari ieu nya.” Gea muka buku pakét
IPA. nyokot hiji buku nu diselapkeun dijerona.Diary pulas ungu.
“Gea..”
“Sory.
Teu kahaja. Kamari Gea bagéan piket. Teu ngahaja mendak di kolong bangku.” Gea ngaléos
sanggeus mikeun buku.
“Gea..
!” Arin hareugeueun. Hayang ceurik
jejeritan. Duh... boa... boa rusiahna kabokér. Boa... boa Gea ngambek. Sieun
Gea ngajauhan. Hayang merik Gea, nyarita yén éta mah ngan saukur rékaan.
Tapi naha Gea percaya? Ah, Gea. Arin nyuuh kana méja. Piceurikeun nyelek na tikoro.
“Arin...
teu nyangka geuning hate urang téh sarua. Ngan hanjakal Gea mah teu
bisa nyarita. Ukur bisa ngemu jeroeun dada.
Untung aya diary nu bisa jadi wakil perasaan Gea. Sory nya.... Gea macaan
tulisan Arin ieu. Sory deuih nulis di diary Arin. Rin, kersa teu jadian sareng
Gea. Pami nampi bubaran sakola antosan di kantin. Oh, enya Yuni teh putra Uwa éta
téh.”
“Gea...”
Arin teu percaya kana tulisan dina
diary. Nu ngalémbéréh dina pipi, disusut ku tonggong
leungeun.
Nina Rahayu Nadéa.
Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid Ganesha,
Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya,
Majalah Guneman, Sastra Sumbar, Majalah
Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Solopos, JogloSemar, jrrd.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar