Sabtu, 31 Desember 2016

Dina Congo Balati

Dimuat di Majalah SundaMidang, 25 Desember-25 Januari 2017. Alhamdulillah. Hatur nuhun kang Dudi. hatur nuhun Sundamidang


Dina Congo Balati
Ku Nina Rahayu Nadéa

           
            Sora musik mingkin bedas, maturan haté nu simpé. Peuting beuki ngolotan. Isukan poé  anu bakal nangtukeun  nasib. Poé anu biasana ngandung kasuka jeung kagumbira, lantaran baris tepung jeung babaturan sapangaresep. Anu ngarti kahayang diri. Ah, enyan bakal jadi carita anu béda. Matak seunggah. Kahayang Bapak  teu sapagodos jeung lelembutan.  Sirah nyanyautan, congo balati  nojosan sirah nojasan dada. Mangrébu ringkang nu geus kalakon ting pucunghul narémbongan.
            “Nanaonan Garda, manéh keukeuh ngagugulung nu kieu?” Bapak muka panto kamar. Nyoékeun brosur. Dialungkeun  hareupeun beungeut. “Ceuk aing kumaha ti baheula tong  ulubiung dinu kieu. Naha manéh hayang angger hirup balangsak? Tuh tingali babaturan aing. Ti baheula nepi ka kiwari hirupna taya menyat, gara-gara ngurusanan nu kieu. Angger sangsara mun kudu dicaritakeun mah. Naha manéh bisa  dahar tina ladang tutulisan. Bisa teu? Coba mana buktina?”
            “Pak... Ab...”
            “Tong waka motong déngékeun sakali deui ku jejebir manéh. Moal... moal bisa hirup tina dunya sastra. Sing inget manéh boga anak pamajikan. Pikir. Timana salila ieu kahirupan manéh jeung pamajikan. Saha anu nanggung. Aing! Teu karunya ka kolot nu gawé tihothat ngabélaan manéh. Deuleu deuih, gara-gara kalakuan manéh, pamajikan jeung anak manéh hiji-hijina nepi ka balik ka lembur. Éta téh ku naon? gara-gara manéh. Geus capé mapatahan manéh. Nya ari  bedegong, keukeuh kana kahayang. Pék, kumaha karep waé. Ngan omat mun aya nanaon deui tong  ménta ka kolot. Dahar ti ayeuna ka hareup, sok tanggung jawab sorangan.”
            “Muhun, Pa. Abdi badé diajar tanggel waler. Ieu pertanggungjawaban abdi ka balaréa, lamun acara ieu bolai. Tada teuing geunjleungna jagat sastra.”
            “Jagat sastra... jagat sastra... Digajih sabaraha manéh?”
            “Muhun Pak, perkawis éta mah yaktos teu acan. Ngan...”
            “Lah... nanaonan gawé euweuh gajihna, kacapé-capé. Sok mun keukeuh kana pamadegan. Rék kitu waé nepi ka modar, mending indit ti ieu imah. Jig hirup mandiri, méh Bapa tenang.” Bapa diuk dina biwir ranjang. ”Regepkeun Darga. Lain Bapa teu panuju kahayang manéh. Lain teu ngarti. Ngan Bapa téh nyaah ka manéh jeung turunan. Matakna ti baheula gé  dikuliahkeun. Méh manéh boga kahirupan anu alus. Kuboga titél sarjana, saeutikna bisa gawé di kantoran.“ Bapa ngomong rada leuleuy. “Da ieu mah kumaha atuh, kuliah teu bérés da loba ruang riung. Ngiluan organisasi teu puguh. Moal kuat Ujang anaking lamun hidep ancrub salilana di dinya. Neundeun pangharepan anu gedé. Kudu réalistis, Jang. Hirup téh butuh ku duit.” Bapa ngusapan sirah, katangen juru panonna ngeyembeng. Baseuh. “Kamari, Mang Baid ti Kalimantan nelepon, aya lowongan gawé cenah di perusahaanna. Keun ngan boga ijasah SMA gé sing gedé haté. Asal  serius wé cenah, bakal ditulungan. Ieu tawaran Bapa anu pamustungan. Lamun hayang robah kana nasib,  jig tuturkeun Emang.” Bapa ngaléos ti kamar. Teu saeutik ogé méré kasempetan ka kuring pikeun cumarita.
            Rét kana brosur anu bayatak. Mulungan. Sawaréh geus rajét disoekun. Brosur nu dijieun dialus-alus. Ngadesain aya kana samingguna, mélaan kurang saré, dapon acara sukses. Kitu ge demit da bisi kanyahoan kunu jadi kolot. Pangpangna méh loba anu ngaluuhan acara. Promosi. Sangkan maranéhna nu asalna teu mikaresep kana  budaya sunda, minimal katarik  atina ku maca ieu brosur.
            Lain... lain karna pédah kuring jadi salah sahiji calon dina pemilihan ketua. Geus sabaraha puluh kali kuring nolak. Ngan ku haben ditawaran sarta dikeukeuhan, majar teu serius micinta budaya sunda. Antukna léah. ‘Paguyuban Seni sunda’. Paguyuban anu nepi ka ayeuna éksis dina urusan kabudayaan sunda. Loba sirung-sirung anyar nu mucunghul, nambah gegekna kancah dina kasusastraan sunda. Matak reueus. Enya kuring kacida reueus. Teu rido mun nepi ka budaya sunda leungit, teu rido lamun nepi ka majalah atawa koran  basa Sunda leungit. Mun leungit téh pasti kuring bakal panghareupna démo.
            Reueus kacida lamun majalah atawa koran sunda dieusi ku pangarang anyar. Nandakeun yén generasi ka generasi kasundaan tetep mayeng. Moal eureun.  Matakna kuring teu bosen ngilu riungan. Di mana waé aya kagiatan kasundaan teu weléh disusul. Mastikeun sunda téh aya. Moal leungit. Moal kalindih ku basa deungeun. Sina nyarahoeun tah kabéh anu salila ieu  apatis kana budaya sunda. Komo ka nu nyebutkeun yén taun saanu bahasa Sunda téh bakal leungit. Moal. Kuring mastikeun moal leungit. Matakna tah riungan kudu aya. Komo nepi ka gebyar saalam dunya.
            “Kadé Garda, obatna bisi poho. Bisi karugrag deui gera.  Bieu Emang manéh nelepon. Dua poé deui rék ka dieu nganjang. Sakalian ngajemput manéh cenah.” Bapak ngelol ti lawang panto.
            Omongan Bapa, ngeureunkeun panglamunan jeung harepan. Laluncatan teuing ka mana. Rét kana ubar nu aya dina meja. Nalangsa  eutreup na dada.
            “Pak, seratan abdi dimuat, Pak.” Kuring némbongkeun koran kanu jadi Bapa dina hiji waktu.
            “Hem:” Ukur sakitu, bari jeung teu ngarérét rérét acan. Kana angen aya nu nenggel. Jauh tina panyangka. Sugan téh nu jadi Bapa rék muji bébéakan, méré pangrojong sangkan kuring sumanget nulisna. Meureun keur capé pikir téh. Waktu hiji poé keur rinéh, basa Bapa katingalina keur sugema. Kuring ngahaja némbongkeun deui carita anu kabeneran dimuat.
            “Pa. Ieu seratan Garda anu kadua. Kénging ide waktos kamari Bapa angkat énjing-énjing, mulih wengi. Nyaritakeun hiji Bapa, anu kacida sumangetna dina nganafkahan kulawarga. Nuhun. Pa. tos maparin ide.” Kuring imut bari jeung  némbongkeun koran.
            “Garda. Tong serius teuing nulis téh. Anggursing kudu mikir ka hareupna, naon cita-cita engké, néangan  jalan pikeun menyatkeun kahirupan.”
            “Hoyong jadi penulis.” Kuring tatag. Neuteup Bapa.
            “Pikirkeun deui, Da. Omat tong ancrub kana hal éta.”
            Kandeg? Moal. Ngelemet. kuring angger ngiluan sarupaning kagiatan kasundaan. Rajin nulis jeung ngirimkeun ka media.  Bagja temen bisa ngahasilkeun karya. Bisa dibaca ku balaréa.  Kumpul jeung babaturan anu saihwan, sapangaresep jadi batur kuring pikeun nambahan amunisi, énergi pikeun tutulisan. Ti dinya ogé rajin maca sarta nyicil meulian buku. Hayang gera ngabuktikeun kanu jadi kolot. Yén tina ladang tutulisan kuring bisa hirup.
            Nyeri haté kacida waktu balik ka imah. Buku geus teu aya.
            “Pak, buku dina lomari luhur dikamanakeun?”
            “Geus di kaloakeun. Tah dibeulikeun deungeun sangu.” Bapak nunjuk méja makan.  
Gusti kudu kumaha abdi, kuring nyuuh  kana  méja. Dua poe  nu jadi Mamang rék ka dieu. Ngajak kuring  gawé. Rét kana ubar nu nambru, rét kana tagihan rumah sakit nu ngagantung dina paku. Siga nu ngahaja Bapa neundeun di dinya. Sangkan kuring éling. Sangkan kuring nurut kana kahayangna. Ngajauhan dunya sastra. Rét deui kana poto budak jeung pamajikan nu ayeuna geus di lembur.
            “Saha anu nebus manéh ti rumah sakit. Saha anu mayaran obat?  Aing Garda!” Sora Bapak ngajelengéng kénéh kana ceuli basa  karék kaluar ti rumah sakit
            Kacapi suling ngagelik tina HP. Sabaraha lila teu diangkat. Sorana beuki ngagelik,  beuki neungteuingan. Cipanon teu kaampeuh bedah.
            “Wilujeng wengi, Kang. Kade bilih hilap. Minggon téa aya riungan  di aula. Tong hilap brosurna candak. Seueur  nu naroskeun.”
            Sirah nyayautan. Congo balati mingkin bedas nojosan dada jeung sirah.***
           
           
           
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

1 komentar: