Sakola Full Day Keur Bima Rengkung
Ku Nina Rahayu Nadéa
Geus
jadi catur sakabéh rahayat. Yén mentri pendidikan anyar boga kahayang
dina widang atikan. Kahayang pikeun ngaronjatkeun ajén atikan nu aya di Indonesia,
hususna SD jeung SMP. Sakola full day. Ari tujuan utama na mah pikeun nyalametkeun generasi ngora sangkan teu kabaud ku hal-hal négatif.
Barudak bisa tengtrem lantaran aya di lingkungan sakola. Aman nepi ka kolotna
kaluar gawé.
Pro
jeung kontra. Tinangtu waé. Loba jalma anu teu panujuna. Wajar. Kabéh
nu aya di kota mah meureun asa katulungan ku ayana sakola full day. Lantaran
loba kolotna anu gawé
ti isuk nepi ka soré.
Atuh kolotna teu kudu hariwang ku kaamanan barudak, lantaran maranéhna aya di lingkungan sakola nu bubarna jam 5an. Lekasan
gawé
bisa langsung ngajemput barudak.
Sanajan
enya cenah ceuk ieu mentri karék wacana.
Tapi teu burung jadi bahan catur. Utamana nu aya di pasisian. Melang jeung
hariwang. Melang sieun kebon jeung sawah anu biasana dibantuan ku barudak, teu
kaurus. Hariwang sieun barudak jadi teu gaul jeung batur salemburna, lantaran
waktuna lila di sakola. Ari kagiatan barudak sakola di lembur? Geus kasawang.
Apanan satutas sakola téh loba barudak anu langsung ulubiung dina pagawéan
kolotna. Aya nu ka sawah, nu babantu di kebon atawa ngarit keur ingon-ingon, aya
ogé
anu ngadon arulin maén bal di lapangan jeung babaturan. Hal ieu pisan sabenerna
anu nuwuhkeun rasa hariwang para tokoh atikan- ngeunaan kasadaran pikeun
ngahangkeutkeun ajén sosial jeung masarakat sabudeureun. Diajar gaul jeung
lingkungan anu saeutikna bakal nambahan pangaweruh anu kacida luhungna pikeun
barudak dina diajar maca lingkungan.
Buku
Bima Rengkung yasana Hidayat Soesanto. Buku heubeul taun 1995 wedalan CV geger
sunten ngahaja dijadikeun bahan bandingan pikeun ngaguar carita ngeunaan sakola
full day anu nepi ka kiwari ramé dicaritakeun.
Disebut
Bima Rengkung téh, pédah waé nu boga lalakon Anang kacida resep
kana hiji tokoh pawayangan anu katelahna BIma. Ngan awakna mah jauh tanah ka
langit jeung Bima. Ari Bima geus pada apal dedegan sembada badag. Ari Anang?
Leutik, rengkung. Matakna sok pada nyebut wéh Bima Rengkung.
Onjoyna
buku ieu, nyaéta lebah
nyaritakeun barudak boh keur aya di sakola boh keur arulin di lingkungan
lemburna. Ti mimiti arulin, merhatikeun guru saregep nepi ka patelak. Kabéh
aya di dieu.
Demi
lantaran patelakna? Tina alatan resep ka Bima. Anang jadi resep ngagambar Bima,
ngahaja dialus-alus sarta pada muji ku babaturan sakelas. Uus gé sarua ningali éta gambar sarta dibawa ka
hareup kelas. Tapi ning Uus ngagambar buleudan tilu siki handapeun gambar Bima téa.
“Heueuuy...
déh.
Bima keur mod-mod...”Si Dikun nyorowok.
“Apan
Bima kababayut, lantaran sieuneun si Cépot” ceuk Uus ngéngklokan
sobatna. (37)
Teu
rido wayang kameumeutna dijejeléh.
Serenteng Anang nyampeurkeun si Uus.
Waktu Uus malik ngabar-ngabar dampal leungeun, Anang rikat taki-taki.
Anang nu salila ieu arang langka
patelak, ayeuna mah katempo wanian.
“Hayoh,
Us, piraku rék
éléh
ku budak begung,” si Dikun nyumangetan sobatna. Kituna téh bari gesat gesut, milu maju
ka hareupeun kelas.
Untung
kaburu aya Pa Guru Endun. Pak Endun anu katelahna guru anu bageur harita mah kacida bendu, lantaran asa
diteungteuingan. Diwawadian ulah heureuy, sabot anjeunna ka kacamatan, kalah
siga anak hayam dikencarkeun. Sanggeus dipapagahan, anu pamungkas Pak Endun
nitah nyieun sapu kawung hiji séwang, éta minangka hukuman. Kaitung
bangga, lantaran kudu dikumulkeun isuk ka Pak Endun.
Lebah
ngahukum barudak meureun anu kudi jadi conto keur para guru. Yén
dina méré
hukuman ka budak téh teu kudu maké fisik sagala. Siga anu loba
kacaritakeun jaman kiwari. Tapi hukuman anu aya manfaatna sarta bisa
ngadidik barudak.
Geus
kabayang. Baralik sakola téh barudak langsung muru kebon atawa ka mana waé
sangkan hasil anu dimaksud. Nyieun kréativitas anu sacara teu langsung
nambah kaparigelan barudak dina metakeun pangabisa, hususna dina nyieun sapu
kawung. Kangaranan hayang kapeunteun ku guru tinangtu waé bakal paalus-alus.
Dina
ieu carita ogé, digambarkeun kumaha kaayaan lembur mangsa Ashar datang.
Barudak pilemburan biasana ngariung di lapang pikeun maén bal. Umur barudak anu bisa ngiluan ieu kagiatan,
diwates nepi ka umur 14 taun. Unyiil Cup, salah sahiji kagiatan anu kacida
ditunggu-tungguna ku barudak. Dina kagiatan ieu sakabéh rahayat. Tumplek. Komo maju
ka tungtung. Wanci dimana nangtukeun pijuaraeun.
Kleup
kampung Anang, ngaranna Haurséah, dianggap klep paunggul, lantaran
dina jero tilu turnamen kudu baé nepi ka pinal. Sanajan enya
ari pialana mah angger beunang ku kampung séjén. Éléh ku barudak Pereng.
“Taun
ieu mah urang kudu juara.” Ceuk Pa Acis guru tilu suhunan. Ari Pa Acis téh
sapopoéna
ngajar Olah Raga.
Anu
dipikasieun ku Anang sabatur batu nyaéta barudak pasar, lantaran jarangkung
gedé.
Ari nu jadi kamelang Anang ngalawan klup pasar téh. Nyaéta lawanna téh
Uus jeung Dikun. Babaturan sakola anu
keukeuh sigana téh neundeun rasa katugenah ka Anang, ti kajadian dihukum
sapu kawung téa. Ieu alesan anu nyababkeun Anang teu ngiluan maén bal di lapang, padahal
biasana mah resep kacida. Sieun diarah.
“Nu
penting gunakeun akal. Ulah ngagugu kasieun jeung teu kajurung ku napsu.” kitu
ceuk bapana. Ieu kekecapan bapak anu
ngajurung sumanget Anang, sanggeus budal sakabéh angen-angenna-sanggeus
nyaritakeun perkara Uus jeung Dikun.
Bima
Rengkung hojah deui. Leungit kasieunna baganti ku wawanén. Komo inget ka Bima kameumeutna.
Gambaran lalakon Bima anu sering kabaca dina tokoh pawayangan kagambar dina
ingetan.
Bal
nu ngampul lalaunan, ku Anang ditekuk saeutik. Teu dicandet, semet dilelempeng
ka lebah lawang gul si Uus. Gorolong... terus dituturkeun. Sakalian ngarérét
posisi kiper. (62)
Niat
ngagulkeun, teu waka dienyakeun. Waktu
ningali si Dikun leumpangna geus teu maké ijiran. Kajudi dina haténa
aya niat séjén.
Bal ku Anang didorong deui lalaunan, dipernahkeun antara manéhna
jeung Uus, sarta nunggu Dikun ngudag manéhna. Waktu Uus jeung Dikun dareukeut,
Bima luncat, nyingcetan nu culika. Geus kajudi. Suku silirampid sadaékna.
Lugina haté
Anang lantaran geus bisa nuntaskeun masalah anu disanghareupan. Bisa maén
bal kalawan alus sarta bisa nyingcetan anu culika. Kunaon Anang beut bisa
ngungkulan ieu masaah? Lantaran ku maca. Maca lingkungan sabudeureun. Maca
paroman jalma anu aya niat jahat. Maca kahayang guru maén bolana – sangkan inyana maén
alus. Maca kahayang kolotna anu teu panuju dirina jadi jalma kuméok
lantaran sieun ku Dikun jeung Uus.
Tina
carita Bima Rengkung. Kumaha pibalukareun nasib Bima Rengkung, lamun sakola
full Day keukeuh dilaksanakeun. Apanan tadi gé geus dicaritakeun. Yén
ilaharna di pilemburan mah balik sakola teu weléh euyeub ku kaulinan lembur
utamana maén
bal. Ngabantuan kolot baranggawé di imah ogé di kebon.
Maén
bal, hiji kaulinan anu kacida alusna lantaran bisa manjangkeun tali
silaturahmi, barudak bisa diajar sosial ku cara wawuh jeung masarakat lain, hususna
saumuran. Lian ti kitu tina carita Bima Rengkung tadi. hususna anu kaalaman ku
lakon Anang. Kumaha onjoyna Anang dina cara naklukeun Dikun jeung Uus anu kacida
goréng
haté
lantaran boga niat jahat ka Ananag. Ari alusna, Lantaran Anang geus bisa maca.
Maca- anu sacara téoritis cenah dilakukeun di sakola formal. Tapi di dieu lain harti maca buku
tapi maca lingkungan, maca tabéat jalma. Kitu deui maca dina hal manéhna
sok nonton wayang. Hal maca anu mémang teu bisa dipimilik lantaran ngan
saukur sakola formil. Tapi bisa kabaca
ku geterna haté. Ku rasa anu asak. Ngadumaniskeun naon anu kagambar dina pangalaman maca wayang- sarta
mraktékeun
dina hal nyata. Ieu nu utama. Buktina? Anang bisa salamet, teu jadi codéka
lantaran dijieun culika ku Dikun jeung Uus. Malik. Nu niat culika anu jadi
korbanna.
Lamun
wae pamarentah keukeuh ngajalankeun pamaksudan. Teu kajudi kumaha nasib Bima Rengkung
satuluyna? Moal aya Bima Rengkung anu satria di lapangan. Lantaran waktuna hengker
ku waktu di sakola anu nepi ka jam 5na. Moal aya deui anu mantuan kolot-kolotna.
Kitu deui meureun warisan budaya urang khususna wayang anu diputer di
pilemburan, moal ditongton ku barudak, lantaran maranehna geus capé
ku waktu anu béak di sakola.***
Nina
Rahayu Nadéa.
Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid
Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka
Tasikmalaya, Majalah Guneman, Sastra
Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo
Semar, Radar Bayuwangi, dll
Tidak ada komentar:
Posting Komentar