Selasa, 27 Desember 2016

Nundung Kaasih

Carpon, dimuat di Majalah Mangle, 21-27 Juli 2016


Nundung Kaasih
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Nu ngajepat hareupeun diteteup teu eureun-eueruen. Teuteup pamungkas nu hamo kasungsi deui. Dibulen ku boéh, natrat hareupeun. Kahayang mah ngarawu, mangku manéhna. Ngan inget kana papastén. Bati istigfar nu teu eureun-eureun digalindengkeun paselang jeung rasa kuciwa nu moho jeroeun dada.
                Kitu pantes. Keur meujeuhna sono. Keur meujeuhna ieu tresna mangkak karembangan kudu peunggas digileus gurat takdir. Ehm, Gusti kudu kumaha ieu pilampaheun diri nu saterusna. Pan manéhna nu salila ieu mayungan haté, méré kanyaah nu kacida gedé. Manéhna nu gedé jasa, nu geus ngajait diri tina kasangsaraan haté. Tina katuna dunya nu salila ieu akrab jeung diri.  Manéhna nu tigin ngajait kuring tina lamokot durjana. Nu méré kasugemaan jeung teu eureun nyalindungan diri ku peupeujeuh, ku usap deudeuh nu teu eureun eureun  ngamalir ka diri.
                “Ran... Akang mah leres-leres seja mikanyaah ka Ranti. Hoyong Ranti ngejat ti ieu tempat.” Manéhna ngusap buuk waktu harita tepung.
                “Geuleuh nya ka Ranti. Maké jeung miwarang ngejat.” Kuring ngaléndotan.
                “Lain geuleuh tapi nyaah ka Ranti. Hoyong Ranti ngan milik Akang. Cinta gembleng, teu kabagi-bagi kanu lain.”
                “Ah, pameget mah biasa sok nyarios kitu, Kang. Akang gé boa kitu keukeuh. Pameget mah ngan saukur ngalajur napsu. Emut nya nu di bumi, héhé.”
                “Masih teu percanten ka Akang?”
                “Héhé.” Ukur ngahéhéh neuteup manéhna hareupeun. Sok resep panggih jeung Kang Danu téh. Kacida ngahormatna ka ngaran awéwé. Teu siga nu lain mun papanggih téh sok langsung tempur... Ari Kang Danu mah, tara sing daék. Mimiti mah anéh manggih lalaki nu kieu. Pan biasana mah lalaki manggih paisan lauk cenah mah bakal langsung dirontok, dihénggoy. Tapi Kang Danu mah ning lain, béda tinu lain. Manggihan téh ngan saukur ngajak  ka luar. Puputeran. Ka café atawa balanja. Sok sagala ditawaran lamun keur balanja téh. Teu sing pedit deuih Kang Danu mah. Sagala dipangmeulikeun. Mimiti mah sok kasempetan, sagala dibeuli. Nu teu butuh gé dihayang-hayang. Tapi kadieunakeun mah beut jadi éra sorangan. Sok gideug waé, ari lain Kang Danu maksa mah.
                “Jalan jeung saha, Ran...”
                “Biasa nu hideung, rada bureuteu, nu bageur saalam dunya.”
                “Waw. Asiik atuh mucekil deui di dinya. Hasil naon waé? Mana oléh-oléhna.”
                “Tidak.... tidak. Ayeuna mah moal barang pénta ka si Akang. Karunya...”
                “Sotoy pisan nya manéh. Biasana gé sagala diteureuy. Ari ayeuna aya basa karunya sagala. Kadé nya manéh bogoh. Inget profesi siga urang mah teu meunang kaeuntreupan bogoh. Kudu bébas merdéka. Rat.” Nuning neuteup bari jeung melenyun udud.
                Enya kadieunakeun beut aya nu béda dina diri. Hayang geura malam minggu. Hayang geura panggih jeung Kang Danu. Hayang neuteup héhérang  panonna. Hayang ngadéngékeun ucap  carita nu pinuh ku kadeudeuh. Tingtrim pisan karasana. Teu siga baheula, hayang panggih jeung si Akang téh, ukur ngan hayang mirit duitna. Hayang sagala dipénta. Da apal manéhna mah kacida merhatikeunna. Ngogo ka kuring.
                “Bagja Ranti bisa ngejat ti ieu tempat. Meresihan diri. Aya nu sayaga micinta Ranti. Kuring mah teuing iraha. Angger  di dieu. Da kahanyang mah siga Ranti hayang ngejat. Hayang  jadi jelema bener.” Nuning nangkeup pageuh kuring, bari jeung hujan cimata.
                “Ah. Mugia waé Nuning geura tinemu bagja, nya. Kabéh jalma geus aya jalan séwang-séwangan. Meureun ké milik Nuning gé nyampeurkeun, ayeuna mah Ranti heula meureun.” Kuring sarua hujan cimata.”Ranti miang heula, nya.” Humaréwos kana ceulina.
Ngantai sasalaman, poé harita. Poé panungtungan kuring aya di Imah Mamih Mirta.
                “Jig. Ran. Didoakeun ku Mamih nya, sing pinanggih bagja.”
*
                Sanajan wegah mimitina nyanghareupan rumah tangga. Lain karna wegah bareng jeung Kang Danu tapi wegah ku nyanghareupan anak-anakna. Tilu. Awéwé wungkul. Geus kasawang kumaha  pibalukareunna jadi indung téré maranéhna bari jeung lalakon kuring ka tukang kacida hideungna.Sanajan Kang Danu geus papaitan moal rék mukakeun lambaran nu baheula. Tapi kasieun angger ngalangkang.
“Peun lalakon baheula mah urang tutup, anggursing muka lambaran anyar deui.” Kitu ceuk Kang Danu lamun pareng kuring rumahuh ihwal masalah nu karandapan.
                Rumah tangga jeung Kang Danu éstu tiis ceuli hérang panon.  Kang Danu siga nu surti  kasalempang kuring. Sanggeus ngadahup langsung meuli imah  di luar kota, atuh kuring bisa samemena ngatur sagala kahayang jeung Kang Danu.
                Enyaan beuki dieu cinta kuring ka Kang Danu beuki nambahan. Geus tigin dina ati seja hirup sapapait jeung manéhna. Moal incah balilahan deui. Nepi ka pakotrék iteuk, nepi ka dipundut umur, seja mikahéman Kang Danu. Nyimpaykeun tresna nu mingkin ngagedur. Atuh beuki dieu beuki layeut waé.  
                Kang Danu gé sarua, ih, da meuni siga anyar panganténan waé. Ka ditu ka dieu teu weléh babarengan. Réréntétan waé. Hayang waé babarengan. Teu kaur  kaluar imah sakeudeung, HP langsung ngirining, omat-omatan sangkan geura mulang. Atuh kuring gé tara lila ka luar imah téh. Komo kadieunakeun Kang Danu ririwit pisan. Meusmeus brek ... meusmeus brek. Atuh beuki hésé ingkah.  Beuki remen ngabaladah rasa jeung manéhna.
                “Hampura nya, Rat. Akang téh ngadon ririwit kieu.” Panon Kang Danu neuteup lalangit siga nu jauh panineungan.
                “Ah, tong seueur émutan Akang. Tos janten kawajiban Ranti. Pan Ranti téh istri Akang nu sakedahna ngawulaan.”
                “Ehm... geulis. Deudeuh katarimakeun tah kanyaah téh. Hampura nya Akang mah beut teu bisa males kahadéan Enung. Anggur beut kieu waé. Bisi Ranti rék ninggalkeun akang. Akang rido geulis. Komo Ranti mah ngora kénéh. Akang embung ningali hirup Ranti  susah.”
                “Tong nyarios kitu Akang.” Kuring nangkeup Kang Danu. Teu pupuguh kamelang eutreup. “Anggur Ranti nu teu tiasa males kasaéan Akang. Akang tos ngajait Ranti tina kokotor. Ranti jangji  kumaha waé kaayaan Akang bakal salamina nyarengan. Bagja Akang éta bagja Ranti, kasusah Akang tos pasti éta  kasusah Ranti.”
                “Ran...” Kang Danu ngusap deudeuh sirah nu nyuuh.
                Teu nyoara. Anggur mageuhan rangkulan
                “Ran. Bisi Akang pondok umur. Pék tah imah jeung pakaya nu di dieu mah kabéh keur Ranti. Tong hariwang kabéh gé geus atas nama Ranti. Moal aya nu ngagugat.”
                “Ah ari akang. Tong nyarios nu kitu. Anggur akang sing séhat nya. Jeung na deui tada teuing barudak benduna apal bumi ieu ku Ranti. Barina Ranti mah teu ngemutkeun ka dinya. Pokona Akang sing séhat.”
                “Moal. Da maranéhna mah geus barogaeun. ” Manéhna nangkeup pageuh ka kuring. “Ranti geulis  hampura pisan Akang nya.”
                Dunya asa nangkub sapada harita. Waktu apal Kang Danu dipundut  kunu rahayu dicandak kunu kawasa. Hayang ceurik jejeritan. Kaasih udar sapada harita. Kanyaah peunggas kapegat pati.
                Masih karasa tangkeupan, rungrumanna. Matak nineung  salilana. Ah, Kang lamun teu inget kana purwadaksi, meureun boa kumaha tah kuring. Tapi pan anjeun nu salila ieu ngingetkeun sangkan deukeut ka mantenNa. Anjeun nu geus ngajarkeun  kuring jadi jelema bener. Gusti ngan éta nu inget yén sadayana kagungan Alloh. Makhluk nu kumelendang tinangtu mulang ka kalanggengan.  
                “Tos, Bu.” Badé dikurebkeun. Rosdi, minantu panggedéna Kang Danu nyarita. Kuring ngolésédkeun leungeun nu aya dina dada Kang Danu.
                “Tah, Bu. Matakna pami aya nanaon téh atuh wartosan. Mun apal Bapak teu damang mah meureun énggal dicandak ka rumah sakit. Meureun Bapak téh bakal salamet.” Riris anak Kang Danu nyarita bari jeung nginghak.
                “Ehm... geulis sanés kitu..”
                “Ssst. Tos Ris. Tos, Ibu. Ieu sanés kahoyong urang.” Rosdi nyarita deui. “sabar Ris...” Rosdi ngupahan sirah Riris.
                Rék dibaeudan ku barudak, ngarti. Enya bongan kuring meureun teu bébéja ka maranéhna waktu Kang Danu gering. Da sugan téh gering biasa. Sugan téh moal ninggalkeun. Jeung na deui Kang Danu na nu nyarék. Mun apal rék ninggalkeun mah meureun kuring gé  bakal bébéja. Ah, nyéta atuh saha nu apal kana pimaoteun.
                Gusti... enyaan ieu diri beut teu kuat. Lain teu kuat pédah dibaeudan barudak. Moal.  Éta mah moal dipikiran. Tapi beuki lila aya di dieu. Kang Danu beut beuki napel waé. Pagiling gisik. Imutna, teuteupna aya di dieu. Di kamar, dina korsi, dina jandéla. Ah, Kang...
                Hampura, Kang. Mun ayeuna dina poé katujuh Akang ninggalkeun. Kuring gé rék miang. Kuring teu kuat nandangan lara. Teu kuat ngarasakeun kasiksana rasa...
                “Maenya, Ibu, badé angkat ti bumi ayeuna?” Budak panggedéna nalék.
                “Enya, hampura Ibu.”
                “Ibu téh, kumaha. Meni teu gaduh peraosan pisan. Kabéh keur berduka, Ibu ngadon ninggalkeun. Enyaan teu boga perasaan.” Riris cengkat. Katangen ambekna.
                Sanés, Ris. Sanés masalah éta.”
                “Enya sok... wé. Mangga Riris moal ngahalangan. Ngan omat,  tong ngungkit harta Papih saeutik gé. Bonganna Ibu ninggalkeun.”
                Kuring unggeuk. Teu hayang réa omong. Teu... teu hayang teuing ngomongkeun perkara harta. Moal. Pék téh teuing maranéhna rék mikir nu lain-lain perkara kuring. Tapi naha maranéhna ngarti kumaha nalangsana ieu haté. Kumaha nalangsana kuring aya di ieu imah. Nu saban detik saban menit teu weléh ngingetkeun ka jalma nu dipicinta. Kuring teu kuat.
                Hampura Kang, lain... lain Ranti nundung kaasih. Ngan Ranti teu kuat nandanganana. Lalaunan suku ngaléngkah kaluar ti imah. Nyoléndangkeun ransel. Ngajingjing tas badag.   Peuting beuki moékan. Rét ka imah. Lebah korsi di paléstér, Kang Danu ngagupay.***
               

Tidak ada komentar:

Posting Komentar