Selasa, 27 Desember 2016

Adais

carpon, dimuat di majalah Mangle 7 September-14 September.


Adais
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Horéam ka ruang guru sanajan bél istirahat geus disada. Lebar waktu, antukna anteng mariksa pagawéan barudak.
                “Bu, kumaha damang?” Hiji sora ngagareuwahkeun kuring nu keur  mariksa. Leungeunna nyolongkrong ngajak sasalaman.
                “Ehm... pangésto.” Nyarita bari nyidikeun kanu anyar datang. “Ké... ké... saha téa ieu téh?”
                “Ah, piraku hilap deui. Abdi angkatan 2010, Bu.”
                “Enya apal ari kana wajahna, ngan poho deui ngaranna. Angkatan 2010 nya....” Pikiran laluncatan ka nu geus kaliwat. Angkatan 2010. Kelas anu terkenal ku solidna, sakelas kompak mun aya nanaon téh. Leuheung lamun kompak kana kaalusan mah. Da ieu mah silidukung jeung nu gogoréngna. Kungsi sababaraha kali teu sakola kabéh. Atuh basa guru datang téh di WO da muridna teu aya hiji-hiji acan.
Enya rada inget ayeuna mah. Harita waktu ujian nasional téh jumlah muridna 21 urang. Kulantaran kitu wayahna no absén panungtung kudu nyorangan di kelasna. Rohangan ka hiji dieusi ku 20 murid. Rohangan kadua hiji murid. Da geus kitu aturanna.
                “Bu... karunya atuh Wasis ngan sorangan di ruangan 2. Hijikeun wé atuh, Bu.” Hiji murid ngadeuheus ka kuring salaku wali kelasna.
                “Kumaha deui atuh, Dam. Da aturanna kitu. Saruangan kudu aya 20 teu bisa leuwih.”
                Kitu deui babaturan nu lainna sarua daratang. Keukeuh hayang disakelaskeun. Berkah... ku perjuangan maranehna anu datang ka dinas, antukna dinas gé mere lolongkrang. Sekat anu ngahalangan ruangan hiji jeung dua antukna  dibuka. Sanajan angger nu ngawasna mah. Tapi ku kituna Wasis teu ngarasa keueung teuing, da bisa ningali babaturanna, jadi teu keueung teuing.
                “Adam nya?”  Kuring nanya nu aya di hareupeun. “Adam kabogohna Weni téa?” Biwir ngarenyu.  “Kumaha masih kénéh angger jeung Weni?”
                “Masa lalu atuh, Bu. Barina gé pan teu kénging bobogohan cenah.” Manéhna seuri leutik, atoh meureun pédah kuring masih inget ka maneéna.
                “Bu, kumaha barudak angkatan ayeuna?”
                “Nya biasa wé balageur ayeuna mah, teu jiga angkatan Adam ngalieurkeun guru.”
                “Ah, Ibu mah meni kitu.” Bari jeung panonna rarat rérét ka sakurilingeun kelas. “Angger kénéh waé nya, Bu, kelasna? Seueur teu muridna?”
                “Enya angger butut nya, Dam. Nya kieu gening ari sakola di pasisian mah hésé rék menyatna. Aya murid gé masih untung. Untung teu nepi ka nutup.” Kuring seuri ka Adam. Bari jeung sarua  nitenan kelas nu pikarunyaeun. Jauh pisan lamun disebut sakola layak téh. Lalangit na geus barolong. Atuh kaca oge geus pareupeus, sakalieun lamun hujan badag téh. Geus kajudi, kabanjiran jeung katirisan. Sok karunya ka barudak sakapeung mah. Lamun keur hujan badag téh bangku sok diséréd-sérédkeun. Aya nu  ngénca, aya ogé nu ngatuhu. Kamana waé  merenahna asal teu kahujanan.
                “Sabaraha muridna ayeuna, Bu?” Adam nanya deui.
                “13. Untung teu bangkrut gé.” Kuring seuri. “Aéh, kumaha Dam. Geus gawé ayeuna?”
                “Acan, Bu. Nuju skripsi.”
                “Leuh geuning. Dimana?”
                “Di UIN.”
                “Alhamdulillah sukur atuh ari kuliah mah. Enyaan Ibu reueus.” Kuring nepakan punduk budak. Haté bungangang. Rék teu kitu kumaha, sakola éséma swasta di pasisian nu jarang kaanjangan pajabat. Anu muridna rata-rata golongan ekonomi menengah ka handap. Anu barudakna loba masalah utamana dina prilaku, balukar kurang atikan ti kolotna. Ning aya hiji-hijieun nu nyongcolong. Adam kuliah. Ehm, Gusti haté sarua ngilu bungah.
                “Kumaha kuliah téh resep?”
                “Ah kitu wé, Bu. Geuning kuliah mah kedah sagala milarian nyalira. Teu siga SMA nya, Bu. Tiasa naroskeun ka guru.”
                “Omat kudu soson-soson diajar. Kudu jadi sarjana. Méh jadi conto di ieu sakola.”
                “Bu, tiasa ngobrol heula sareng barudak kelas tilu?”
                “Aya naon? kadé rék ngécéng deui...  Barudakna rék ujian nasional sakeudeung deui.”
                “Ah sanés, Bu. Ti Universitas aya program béasiswa. Kaleresan abdi bagéan ngadatana. Tibatan  ku batur nya mending ka alumnikeun heula atuh. Lebar. Supados maranéhna ogé kamotipasian.”
                “Oh. Kitu. Sok atuh, tapi tong lila teuing nya. Ibu keur ngabahas soal Ujian Nasional. Waktuna samporét.”
                “Sip, Bu!”
                “Sok langsung saregep, yeuh aya béwara heula.” Kuring nitah barudak dariuk. Basa bél tangara asup disada. “Barudak, ieu téh kaka kelas maranéh. Alumni ti dieu. Angkatan 2010. Ayeuna nyuprih élmu di perguruan tinggi negeri.” Kuring ngarénghap panjang. Katangen barudak serius ngabandungan omongan kuring. Komo barang nyaho Adam téh anak kuliahan katangen manéhna kataji nakeranan.
                “Waw, hébat kuliah di negri.”
                “Enya matakna maranéh tong ngarasa minder sakola di diskotik. Di sisi kotakan. Tah ieu buktina. Adam bisa ngabuktikeun. Sakola nu ceuk batur goréng, tapi ari ku keyeng mah ning teu burung bisa kuliah. Malah sakeudeung deui gé ngangsitkeun. Tah ayeuna Adam rék ngabéwarakeun ka maraneh perkara  beasiswa. Sok satuluyna mah ku Adam dijelaskeun.”
                Kuring nyampeurkeun ka Adam. Méré waktu. Ari kuring mah léos wé ka kantor. Lain nyingkahan sabenerna mah. Ngan pangpangna mah bisi Adamna kagokeun ku kuring. Améh barudak nanya sagala rupana nu leuwih jelas, bari teu kahalangan ku kuring.
                Ti dinya Adam remen nyampeurkeun. Malah beuki dalit katingalina jeung barudak.  Barudakna katingali bungah, kitu deui guru gé bungah ngilu reueus ku kahayang Adam nu enyaan hayang nungtun adi-adi sangkan leuwih maju.
                Barudak beuki sumanget katingalina. Lantaran Adam sok mindeng ka sakola téh bari jeung mawa babaturan. Atuh méh teu ngaganggu kagiatan keur diajar, Adam sok ngahaja ngobrol jeung barudak téh lamun geus rinéh sakola. Manéhna ngayakeun kagiatan ka barudak  ti jam 2an ka luhur. Ngariung jeung barudak téa. Barudak beuki soson-soson diajar, da aya panyumanget. Nyatana Adam téa. Hayang hirup senang, hayang nyenangkeun indung bapak, cenah kitu lamun ku kuring ditanya. Naha kataji heuteuna kuliah.
                “Kataji pisan, Bu.” Cenah hémpak.
*
                Dina hiji poé ka sakola aya hiji lalaki anyar pinanggih. Nanyakeun perkara sakola, naon waé kagiatanna. Teu biasana. Ngan basa ditanya naon pamaksadan jeung lainna ku pihak sakola. Kakara manéhna cumarita, yén saenyana keur néangan sakola keur anakna nu karék pindah ti Jakarta.  Ngahaja néangan sakola di pasisian ngarah budakna teu kabawa ku sakaba-kaba. Jauh tina pergaulan négatip urang kota.
                Atoh wé nu aya, sakola kanjangan sémah ti kota. Malah beut asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas waktu apal yén manéhna téh hiji pejabat. Susuganan wé atuh bisa jadi donatur di ieu sakola, kitu gerentes para guru. Atuh kaayaan sakola nepi ka bubuk leutikna  dicaritakeun satarabasna.
                Saminggu ti harita manéhna datang deui. Rada ngajenghok da ayeuna  mah manéhna maké saragam polisi. Rék nanyakeun perkara budakna gé jadi teu tulus. Da datangna siga nu dines pisan.
                “Bu... punten sementawis ieu sakola dilirenkeun heula tina kegiatan pembelajaran. Kumargi badé aya pamariosan heula.”
                “Pamariosan? Pamariosan kumaha?”
                “Sakola ieu sareng sadayana muridna terindikasi kabaud ISIS.”
                “ISIS?” ISIS naon pak. Sok aya-aya waé. Moal aya nu kitu ka sakola hara-haraeun mah.”
                “Ibu uninga ka Adais?”
                “Adais? Teu aya nami Adais, di dieu mah.”
                Ngarénjag watu éta polisi mikeun hiji poto anu cenah dedengkotna ISIS. Ayeuna keur ditéangan. Hiji poto anu salila ieu dipikareueus. Adam. Nénéhna Adais. Adam Isis.***

Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd

2 komentar: