Minggu, 29 Januari 2017

Mimitina ti Imah

Dimuat di Majalah Mangle No 2613. 25-31 Januari 2017.


Mimitina Ti Imah
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Geliats. Gerakan Literasi Sekolah. Hiji program pamaréntah anu boga tujuan pikeun ningkatkeun budaya maca  khususna di lingkungan sakola. Literasi sorangan ngawengku kana hal-hal anu aya patalina jeung maca, nulis, nyarita, jeung lainna.  Loba cara anu dilakukeun ku sakola sangkan barudak resep tur ngadukung kana gerakan literasi.  Ngahaja nyieun reward sangkan barudak paboro boro ngangsitkeun maca bukuna. Salah sahiji anu dilakukeun  sakola diantarana méré pin ka barudak anu geus tuntas maca buku, meunteun hasil résume barudak anu dibacakeun di hareupeun kelas. Aya oge anu ngahaja nyieun ‘pohon literasi’. Tangkal anu ngagambarkeun loba heunteuna buku anu geus dibaca. Lantaran dina tangkal téh narémpél daun anu aya ngaran-ngaran barudak anu geus rérés maca buku, bisa ogé maké judul buku atawa resumena.  
                Geliats. Dilakukeun saacan barudak nampa materi pelajaran ti guru. Saacan téng asup. Loba diantarana sakola anu geus ngalakukeun ieu kagiatan. Tapi aya  ogé anu acan ngalaksanakeun. Lataran béntrok jeung kagiatan lain anu geus aya ti saanggalna. Moga waé  ieu kagiatan téh bisa diturutan ku sakola  sakola anu acan ngalaksanakeun. Lantaran loba hal positif anu bisa dipulungan ku barudak ogé guru di lingkungan sakola.
Ku maca bisa nambahan pangaweruh anu pohara. Maca lain ngan saukur buku ngeunaan materi pangajaran di sakola. Tapi bisa ogé maca buku lain samisal fiksi atawa non fiksi. Buku naon waé anu sakira kira alus, luyu jeung cocog keur ukuran barudak sakola  saumurna.
Ngeunaan kagiatan literasi ieu. Ngahaja néangan buku nu loyog jeung pedaran ieu bahasan. Goréhél, manggih buku Jujumputan yasana Lia Somantri terbitan ti Imtima, taun 2009.
Ieu buku nyaritakeun hiji tokoh kuring anu ngaranna sarua jeung anu nyieun karangan Lia Somantri ngan nénéhna Ia. Ia téh budak SD anu keur meujeuhna hayang loba kanyaho. Sanajan mindeng dihukum ku indungna lantaran ngalawan waé malah dicap budak bedegong ku tatanggana, tapi Ia téh budak anu resep kana maca. Majalah Bobo jeung komik tara elat dibaca. Ia ogé heunteu tingaleun ulin. Remen ulin jeung babaturanna. Sarua waé siga barudak lainna. Nonton bareng di imah misalna. Hal ieu  penting pikeun ngaraketkeun hubungan sarta diajar maca situasi.  Nu jadi reueus, bapakna Ia remen nyadiakeun bacaeun. Apanan majalah bobo jeung komik flash gordon téh nya bapakna pisan anu mangmawakeun.  Sanajan majalah urut  tapi éta barang téh keur Ia mah mangrupa barang anu  kawilang hargaan. Unggal beurang bari  nungguan Ema nyangu Ia sok maca majalah jeung komik meunang mawa Bapak.  Ia ogé resep kana wayang. Carita wayang anu remen dipedar ku bapakna sok ditulis deui ku Ia dina buku, malahan mah dijieun diary berseri (39).
Mimitina ti imah. Kitu meureun pantesna pikeun ngaronjatkeun Geliats. Perkara maca jeung nulis alusna memang dimimitian ti imah. Kabiasaan anu alus ti imah bakal kabawa  dina kahirupan sapopoé, dimana wae ayana. Rék di sakola, rék di tempat umum, lamun maca geus jadi biasa tinangtu bakal resep. Teu mandang tempat. Atuh ku kituna ibu bapak guru di sakola tong bosen bosen nitah barudak maca lain wungkul di sakola tapi ogé di imah séwang-séwangan. Salaku kolot sarua kudu ngadukung program pamaréntah ku jalan merhatikeun barudak, komo leuwih alus nyadiakeun bahan bacaan  keur barudak. Buku naon waé anu kaduga saperti tokoh Ia di luhur. Jigana téh klop meureun lamun di imah jeung di sakola resep maca.  
 Élmu téh penting keur bekel hirup urang. Pikeun jalan urang ka hareupna. Sanajan dina kanyataan loba kolot anu masih percaya kana nilai anu aya dina rapot  lain karna prosésna. Hal ieu dicaritakeun  dina judul: Réngking Dua-kaca 43.  Kumaha keukeuh peuteukeuhna Bi Iyah. Teu sugema kana nilai rapot anakna-Melia. Meunang réngking opat. Padahal ceuk pangrasana mah Melia téh kaasup budak pinter lantaran mindeng diajarkeun ku emangna anu calon doktorandes. Kaéléhkeun ku Ia nu réngking dua. Sanajan indungna Ia mah teu sing jiga indungna Melia anu teu maksa teuing ka anakna, nu penting budakna daék diajar jeung diajar.
Tina masalah éta, Ia teu beunang bareng diajar  jeung Melia. Indungna Melia teu sugema disééhkeun ku budak bedegong anu can ngalaman asup ka TK. Malah loba kolot anu sindir sampir sagala  yén Melia mah rék ulin jeung anu palinter sarta  baleunghar wungkul.
“Sok tingalikeun wéh mun Ia téh lain budak bodo.”! Kitu caritaan Ema,  basa  kuring ngabéjakeun anu karandapan (47).
Éta pisan anu jadi pamecut Ia diajar kalawan gemet. Hayang ngabuktikeun ka balaréa yén  dirina téh lain Ia anu samanéa tapi Lia Somantri anu boga pangabisa. Sanajan  pada ngucilkeun. Tapi teu dijieun leutik haté, anggur beuki soson soson sakola. Sagala buku anu aya di sakola, di masjid béak dibaca, anu kungsi dibaca téh ditulis deui sarta ditémpélkeun dina témbok. Wuwuh hiji kagiatan anu kacida alusna.
Komo basa hiji waktu dipapancénan  jadi pembina upacara ku kepala sakolana. Teu dimomorékeun, tapi dipaké kasempetan anu hadé pikeun ngabuktikeun yén Ia bisa. Ia nyieun sorangan téks pidato. Nyieun jeung maca  sarta terus latihan. ‘Pentingna silih pikanyaah ka sasama’  inti tina eusi pidato. Kabéh keprok basa Ia bérés pidato. Dipuji ku kepala sakola Bu Unah  jeung Pak Endang ogé guru nu lain.
“Saé Lia. Saé pisan pidatona,” Ceuk Ibu Unah bari gumujeng.
“Ih, ari anak Bapak mah wanteran, hébatlah!” Pa Endang bari nepak-nepak kana taktak kuring.
Nulis jeung maca keur barudak jaman kiwari mah mémang kacida héséna. Loba budak anu geus haré haré kana hal maca.  Hal ieu wajar lantaran di imahna gé maranéhna teu diatik kana  samodél anu dicaritakeun di luhur. Ku ayana pamaréntah nyieun  Geliats. Kudu dideudeul ku saréréa sabab hal ieu bisa ngamotivasi barudak sangkan micinta budaya maca. Lian ti di sakola, alusna sakabéh kolot  ngabiasakeun budaya maca jeung nulis anu hadé. Hiji wahana anu bisa nambah kadariaan, nambah pangaweruh barudak. Tangtu waé salaku kolot kudu pinter milih. Mana buku anu alus atawa mana buku anu goréng. Entong karna hayang budakna maca. Budak diculkeun dina milih bahan bacaan.   Omat kudu diaping, lantaran  teu sakabéh buku cocog keur barudak.
  Ku maca bakal nambah pangaweruh. Sanajan dina prak prakan kahirupan jaman kiwari loba jalma anu pinter anggur  ngabobodo jalma leutik. Ah, keun baé éta mah urusan maranéhna nu penting  kudu inget yén ngabogaan élmu, urang bakal bisa ningali hikmah  tina kajadian anu dirandapan ku urang. Moal aya cai hujan  nu turun ari lain kersaning Alloh. Kumeclakna cihujan saeutik saeutik kana batu, pan kalilaan mah batu gé jadi legok.
Barudak ayeuna lolobana mah maca lamun  dititah ku guru. Lain karna butuh tapi lantaran sieun. Susuganan atuh ku ayana kagiatan literasi di sakola, budaya maca bisa ningkat. Leuwih alusna kagiatan maca jeung nulis téh lain ngan saukur di sakola wungkul. Tapi ogé di imah.  
Buktina Ia. Bisa ngahontal cita-citana. Neruskeun ka sakola SMP anu  dipikahayangna. Hasil tina ladang maca jeung nulis téh tinekanan. Wilujeng Lia, mugia jadi pamecut sakabéh anu maca  khususna barudak sakola sangkan iatna maca jeung nulis. Ikhtiar sangkan kahayang  tinekanan.***

Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar