Wilujeng Angkat Mamah
Ku Nina Rahayu Nadéa
“Mah,
Arum mios heula.” Kuring nyium leungeun Mamah nu ngalempréh
na kasur. Karasa leungeunna panas ngahéab.
“Jig.
Ati-ati nya geulis. Diduakeun ku Mamah sing janten jalmi anu pinter sareng soléh.”
Mamah ngusapan sirah kuring kalawan deudeuh.
“Muhun.
Mamah sing geura damang.”
Geus
dua poé
Mamah téh
karaos waé
nyeri angen. Ayeuna cenah Bapak badé
nganteur Mamah ka rumah sakit.
Kuring
ngerjakeun soal Matématika nu aya hareupeun. Asa babari pisan. Enyaan Mamah téh
top pisan. Sabab unggal poé sok mamatahan kuring. Mamah jagona Matematika. Matakna
kuring gé
kabawakeun resep Matématika da Mamah remen ngajarkeun.
“Bu,
tos bérés.”
Kuring mikeun hasil ulangan ka Bu Érna.
“Duh
enyaan Arum mah pinter.” Bu Érna nampa kertas tina leungeun kuring.
Karék
gék
diuk. Panto kelas muka. Pak Danu nyampeurkeun ka Bu Érna nu aya di kelas. Duanana
siliharéwos,
duka naon nu diobrolkeun.
“Rum,
sok candak tasna.” Bu Erna nyampeurkeun. “Uih ayeuna.”
“Arum
uih, Bu?”
“Muhun
tuh wargi Arum ngantosan dipayun.”
Enya
wé
di luar geuning aya Mang Jaka. Jeung
Mang Jaka kuring muru imah. Duka aya naon atuh, beut teu pupuguh diajakan balik
ti sakola.
Nepi
ka buruan geuning geus pinuh ku jalma. Katingali kabéh careurik. Barang jol kuring,
langsung narangkeup.
“Sing
sabar nya Arum...”
“Yeuh.
Kanggé
Arum.... Geulis soléh.” Sababaraha jalma méré duit ka kuring. Duh asa bagja
poé
ayeuna téh,
loba nu méré
duit. Enyaan meuni merekis saku téh. Tapi kunaon atuh kabéh
beut careurik kitu.
“Arum geulis nyaah ka Mamah?” Bapak nyampeurkeun ka
kuring.
Kuring
unggek. “Mana Mamah, Pak? Tos dicandak ka dokter” Kuring tumanya.
“Geulis
sadayana jalmi téh bakal ngantunkeun. Bapak, Mamah, Enin, Arum pasti
sadayana bakal kakeunaan ku maot.” Bapak eureun nyaritana. “Arum terang pan?”
“Muhun,
Pak.”
“Néng
geulis kedah sabar pami aya nu dicandak ku Alloh ti payun. Anggursing kedah
ngadoakeun supados kénging kabagjaan.” Bapak nyusut cisoca nu ngalémbéréh.
“Mamah
mana, Pak? Kunaon sadayana narangis?”
“Néng
geulis teu kenging nangis nya.” Bapak ngagabrug kuring. “Mamah tos ngantunkeun
urang.” Hayu urang ka lebet heula. Bapak nuyun kuring.
“Tah
ieu Mamah, Rum.“ Bapak nunjuk kanu ngajepat dibungkus ku boéh.
“Mamah!”
kuring ngajerit lolongséran. “Mamah tong ngantunkeun Arum. Arum hoyong sareng
Mamah saterasna.”
“Ssst...
tong kitu geulis, hayu urang jajap Mamah ku pangdoa. Karunya Mamah.” Suanten
Bapak nyerep kana ati.
“Wilujeng
angkat Mamah. Arum jangji badé janten jalmi nu soléh.
Bade ngapalkeun teras, supados janten jalmi nu pinter.”***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar