Selasa, 28 Februari 2017

Taun Baru nu Alum

Dimuat di Majalah SundaMidang, 25 Februari-25 Maret 2017 No 148.



Taun Baru nu Alum
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Taun baru téh biasana sok ditunggu. Taun nu bakal mawa kabagja, mawa pangharepan nu geus disidem diuntun. Résolusi anu geus diajam ti taun saméméhna, kudu bisa dilaksanakeun munggaran dina poé taun baru.
                Tapi keur kuring asa horéam. Asa embung nyanghareupan. Ginggiapeun. Enya ogé teu meunang nyalahkeun waktu. Tapi haté can bisa tumarima. Taun baru angger gudawang keur kuring. Sataun panceg. Haté can lipur, angger alum ku ngaran anjeun.
                Geus diajam ti saacanna. Dina taun baruan rék arulin sakeluarga. Hayang ulin nu rada jauh nyingkahkeun rereged tina kahirupan sapopoé. Kuring geus ménta cuti ka kantor ti saanggalna. Kitu deui salaki. Ngahaja diklopkeun bisi paburencay tanggalna. Apanan barudak gé lalibur. Jadi hayang jalan jalan. Karunya ka barudak geus lila tara taun baruan ka luar kota.  Di jero kota mah geus bosen cenah. Karunya mah karunya sabenerna. Ngan kumaha atuh apanan kuring katut salaki sarua gawé. Teu bisa peré lila. Jadi mun taun baruan téh nya di jero kota waé. Sangkan teu nganganggu kana  gawé.
                Ayeuna mah diniatan ti sanggalna rék iinditan. Méh barudak répéh. Geus paheut jeung salaki rék ka  luar kota. Lian ti nguriling ka dulur, ogé rék ka hiji tempat anu geus kamashur. Téras Cihideung. Lian bisa ningali kaéndahan alam anu alami sarta hawa anu seger di dinya disadiakeun sagala rupa kaulinan barudak ti mimiti outbound, kolam renang keur barudak, lapangan futsal. Kitu deui villa geus nyampak di dinya.
                Ari nu jadi lanceuk. Giak nakeran basa dibéjaan rék kaanjangan téh. Pantes. Ampir sataun teu panggih. Perkara nyéwa  villa mah teu waka dibéjakeun. Engké wé angkenan téh dina waktuna nganjang rék langsung dibawa ka villa.
                “Pokonan kudu lila di dieuna nya, méh jalan-jalan.”
                Ngan saukur dienyakeun. Ngarah jempé. Barina gé rék lila kumaha. Cuti ménta 3 poé katambah beureum sapoé. Jadi 4 poé. Geus leuwih ti cukup keur kuring mah. Keur niiskeun pikir. Ngabagjakeun barudak katut dulur.
                Teu hayang ngariweuhkeun dulur di kota. Enya ogé pada ngajak pada ngangkir.  Pan niatna gé rék senang senang lain rék nyusahkeun dulur. Nu puguh mah ngajak dulur kabéh pikeun daratang ka villa anu geus diséwa. Sanajan mimitina nganaha naha. Naha heunteu di imah lanceuk atawa di imah Ibu. Sanggeus dijelaskeun mah. Satuju. Atoh  nu aya.
*
                Nyubuh ti lembur, sanggeus bébérés sagala rupa tur nyiapkeun kendaraan. Langsung indit kanu dituju. Macét. Ngamaklum. Liburan barudak sakola lila jeung taun baruan. Teu sing dijieun aral. Dinikmati saja. Sababaraha kali eureun heula di jalan waktu macét. Ngadon sésélpian. Salaki gé saruana. Pipilueun. Biasana mah tara. Sok cegikan lamun ningali nu sélfi téh.
                “Deuh. Papah tumben yeuh hoyong dipoto sagala.”
                “Keur kenang kenangan atuh. Barina gé pan Papah mah tara dipoto.” Ceuk salaki bari ngagaya basa digonjak ku si bungsu.
                Datang ka imah lanceuk. Sakeudeung. Nyampeur jeung ngajak ka villa.  Nu jadi kabungah téh Ibu nu biasana tara daék iinditan. Harita mah milu. Teu sing diolo, siga nu enggeus enggeus. Langsung ngaenyakeun waktu ku kuring diajakan.  Ibu mémang kacida sibuk. Sibuk ngalayanan sémah nu datang ti mamana. Salila ieu Ibu geus kakojo tempat pananyaan. Teu daék ari narima paméréna mah. Niatna ngan ibadah. Cenah mah ucapan Ibu saceduh metu.  Tiap kanu datang Ibu sok omat-omatan, yén hasil heunteuna mah anging Alloh nu nangtukeun. Jalma mah ngan sakadar ihtiar wungkul.
                Ngan asa ku anéh. Ibu meni maskét pisan ka kuring. Pan biasana gé tara. Teu pati deukeut ka kuring. Sok jeung lanceuk. Malah nyarita waé perkara kahirupan. Yén hirup manusa mah geus diatur ku Alloh. Jodo pati bagja cilaka kabéh geus aya titis tulisna. Sing saha jalma anu iklas tumarima kana papastén ti anjeunNa, kaasup jalma anu alus. Kitu nu karegepkeun ku kuring sapanjang jalan. Dijawab ngan ku unggek waé. Teu pati merhatikeun.
                Datang ka villa geus nyampak kadaharan anu ngareunah. Tinggal ngahénggoy. Teu kudu capé masak. Da ngahaja nyéwana sakalian jeung cateringna. Lugina haté bisa nyugemakeun dulur dulur. Bisa samemena ngobrol jeung namplokeun ka sono.
                “Tah Ibu mah resep ningali maranéh kieu téh. Akur jeung dulur. Omat kudu silitulungan jeung silipihapékeun.” Ibu nyarita basa keur riungan. “Ibu mah embung ningali pacogrégan sadulur dulur. Banda teu boga. Rék naon anu diagulkeun. Ningali maranéh tingtrim siliajénan jeung nu lain éta nu leuwih ngabagjakeun. Komo mun Ibu geus euweuh mah. Ulah nepi ka simpay kulawarga téh pukah.”
                Diaminkeun ku anak incu kabéhanna.
                Satutas ngariung harita, Ibu teu kungsi nyarita deui. Langsung ka kamar. Teu ka luar nepi ka isukna. Asmana kanceuh. Kabéh jadi alum.  Hariwang nataku. Teu wani ninggalkeun.  Panon Ibu neuteup lalangit. Ditanya teu ieuh ngajawab.  Leungeunna teu eureun nyekel tasbéh. Ngagerenyem teu eureun.
                “Kunaon, Bu?” kuring nanya ka Ibu. Waktu panon Ibu ngagilir neuteup kuring, anteb.
                “Sing sabar geulis.”
                “Kunaon Bu?” Antara kagét jeung bungah. Kagét, pédah Ibu nyebut sing sabar. Bungah, Ibu ning ngajawab pananya kuring. Sanajan ukur nepi ka dinya. Biwirna kemba deui. Basa diusapan, aya nu merebey tina sela panona. Disusut ku salempay. Angger teu eureun merebey. Bangun nimu kasedih anu pohara.
Aya nu ratug kana angen. Seseblakan teu puguh. Ibu angger kemba bari jeung wirid teu euerun. Kuring beuki teu eureun dieutreupan hariwang.
Ka luar sakedapan ti kamar basa aya nu jadi lanceuk, Téh Wawat. Kuring ningali ka luar. Barudak arulin suka bungah. Aya nu gagalayunan, aya nu anteng ngojay. Kabungah jeung kasedih piligenti némbongan. Kabungah ningali barudak kuring jeung budak dulur anu katangen anteng layeut arulin. Kasedih inget kana omongan Ibu. “Sing sabar geulis.” Pondok.  Inggis aya nanaon anu tumiba. 
                “Nit... Kang Marwan ka mana? Si Atit tatadi nelepon teu diangkat waé. Aya penting cenah.” Teh Cucum, lanceuk kuring, indungna Atit nanya.
                “Aéh enya,  ka mana nya?” Karék inget. Salaki ti subuh kénéh ka luar ti villa. Can embol embol. ”Aya naon kitu si Atit? Aya di mana ayeuna budakna?”
                “Aya proyék anyar cenah,  Nit. Manéhna ayeuna keur di jalan rék ka dieukeun.”
                “Sukur atuh. Kang Marwan mah paling gé kukurilingan. Resep ningali kembang cenah. Aralus.”
Atit,  gawéna jual beuli mobil. Bangenan manéhna mah. Bulan ayeuna teuing geus sabarahiji mobil anu dijual. Lumayan tah untungna. Najan untungna saeutik, asal ayaan. Daékan. Di mana waé sok disusul. Matakna teu milu  ka ieu acara ti kamari téh,  néangan mobil Katana kolot, aya nu minat. Kabeneran aya babaturan urut SMAna  rék ngajual. Ayeuna rék ka salaki kuring, sigana rék nanyakeun deui perkara mobil. Mun teu salah mah minggu kamari salaki nyarita, babaturanna rék ngajual mobil.
                Inget ka dinya. Geuwat nelepon salaki. Teu aktip. Kitu deui BBM na teu aktip. Ih, ka mana atuh. Kuring nangtung. “Kadé Ibu nya.” Kuring ngelol ka kamar. Nyarita ka Téh Wawat.
                Kuring  ka luar villa bari teu puguh cabak. Pangpangna inget waé ka salaki.
“Aya Kang Marwan téh?” Teh Cucum nanya deui.
                “Puguh, keur nugguan ieu téh. Matak kesel.”
                Keur anteng ngobrol, aya nu ngagorowok semu rusuh.
                “Tétéh...”
                Dilieuk, Mang Ébéd. Badégana Téh Wawat.
                “Téh.... Kang Marwan.... A... aya dina kamalir.”
                Ngarénjag. Kabéh muru ka tempat. Enya wé salaki nangkarak bengkang. Langsung digotong ka jero villa. Ka kamar Ibu. Beuteungna gudawang. Katangen getih ngimpel semu hideng.  
                “Kang...” kuring ngarumpuyuk
                “Sing sabar geulis...” Ibu nyarita. Tasbéh nu keur dicekelna murag. Arucutan.
                “Ibuuu...” ***

                 


Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar