Carmis
Surya Kencana
Nina Rahayu Nadéa
“Surya.”
Ngasongkeun leungeun ka kuring nu hareugeueun. Keur anteng ngahuleng neuteup
lambak nu ting arudag pikabitaeun. Jol pucunghul ieu lalaki.
“Eu...
Ambar.”Dua leungeun pataréma. Karasa tiisna nyelecep kana tulang.
“Tos
lami ngantos?” Sorana halon neuteup kuring.
“Ngantos?”
Teu ngarti kana pananyana. Teu rumasa nungguan manéhna.
“Ah,
sok kitu.” Cenah imut. “Tos wé nu atos mah tong diémutan atuh. Kedahna ngemut ka
payunna. Ulah dugi ka nyiksa diri.”
Gebeg.
Omonganna asa naranjangan. Palangsiang ieu lalaki bisa nebak kereteg haté. Rumasa. Enya rumasa ieu haté kebek ku ngaran anjeun. Aryana. Lalaki nu
salila ieu dipicinta, ngamuara dina haté. Ngan ngiles teuing kamana. Pamustungan
panggih cenah rék ka dieu. Basisir Pasir Waringin. Nepi ka ayeuna teu aya deui
kelemengna. Komunikasi kandeg.
Padahal ieu
haté
keur meujeuhna dieuntreupan tresna. Sono nu moho. Geus jangji rék
hirup sapapait samamanis, jangji
ngawelah rasa dina sagara cinta.
Ka ieu basisir
rék ngumaha ka lanceukna. Maheutkeun
hubungan kuring. Atoh wé nu aya waktu anjeun ngabéjaan rék nepungan lanceuk. Rék
nyaritakeun perkara kuring sangkan gera ka balé nyungcung.
“Doakeun
ku Ambar. Akang rék nepungan lanceuk. Rék ngumaha. Sangkan hubungan
urang gera diresmikeun.” Ceuk anjeun bari neuteup purnama nu pikabitaeun. Bulan
bunder imut kareueut, anteng marengan kuring duaan. Sakapeung ngintip dina sela
sela méga,
inggis ngagareuwahkeun kanu keur uplek ngobrol. Sakapeung silirérét.
Malédogkeun
sono. Neuteup bulan duaan dipinuhan ku pangharepan. Tepung pamustungan jeung anjeun.
Ti dinya pleng... leungit lir diteureuy bumi.
Ka
kangen anu moho anu nyababkeun kuring aya di dieu. Basaisir Pasir Wringin.
Tempat anjeun remen ka dieu. Kitu anu sok dicaritakeun. Salila hubungan can kungsi diajak ka dieu. Can waktuna. kitu
wé
lamun sakalieun kuring ngajak hayang ulin ka dieu. Hayang panggih jeung
lanceukna anu mindeng dicaritakeun.
“Ké gé
bakal tepung. Lamun geus waktuna. Nu penting Ambar tong cangcaya kana kacinta
jeung kasatiaan Akang.” Kitu jeung kitu unggal waktu.
Purnama ka genep
ti waktu pamustungan kuring tepung jeung anjeun. Saluyu jeung jangjina. Yén
dina bulan éta
kuring baris dipanggihkeun jeung lanceukna.
Sanajan
teu apal alamat lengkep imah. Ngan
saukur apal ngaran basisir. Kuring ngahajakeun datang ka ieu tempat. Sugan jeung
sugan panggih jeung nu dipicinta.
Keur
anteng neuteup lambak di hiji balkon hotél harita téh. Balkon nu nyanghareup ka
laut. Atuh samemena bisi neuteup laut
anu kacida legana. Ieu haté teh geuning agger reuteum ku ngaran anjeun. Aryana.
Ningali basisir, malidkeun katineung ka anjeun. Pan anjeun sakitu dalitna jeung
basisir. Tiap waktu cenah. Komo mun keur cangra bulan, anjeun remen neuteup
bulan. Kasugemaan aya di dinya. Mindeng ditanya kunaon meni resep neuteup bulan
lebah basisir.
“Bakal
karaos ku Ambar. Kumahan endahna ningali ciptaning Gusti. Komo dina wanci anu
mustari. Taya jalma anu ngagunasika jiwa jeung raga. Bakal karasa pisan urang deukeutna
jeung nu dipicinta. Sanajan teu amprok,
tapi aya rasa anu hamo bisa karasa ku saha waé.”
“Ah,
Akang mah ngadon puitis kitu.” Kuring nyarandé kana dada anjeun nu sembada.
Teu pati tenget kana naon anu diucapkeun.
Waktu
diri keur kaeuntreupan suka. Remen kaduhung nalingkung
diri. Bonganna teu apal dimana anjeun dumukna. Mun apal mah meureun moal
kadungsang dungsang siga ayeuna, maluruh anjeun teu puguh. Can karuhan kahayang
laksana. Tapina kétang pan ceuk anjeun gé kitu. Teu kudu nyaho. Cukup anjeun
nu datang ka imah. Ngéwa,
cenah awéwé
nyampeur lalaki. Matak teu hayang nyaho
deuih harita mah di mana anjeun cicingna. Nu penting anjeun tara elat datang ka
imah. Sanajan teu parok jeung batur. Malem Jumaah.
“Batur
mah apél
téh
malem Minggu. Ari akang mah malem Jumaah.”
“Pan
méh
bénten
tinu sanés.
Barina gé
Akang mah lain rék ngapélan Ambar sorangan. Tapi ngapélan
kabéh
nu aya di sakurilingeun urang. Panggih lain ngan saukur jeung lahirna wungkul
tapi jeung batinna ogé. Émut, cenah malam Jumaah téh malam keramat. Tah, Akang
hoyong hubungan urang téh kitu. Keramat. Suci, Am.”
Ah,
sakapeung mah tara ngarti kana omongan anjeun. Jeun teuing kétang, moal dipikiran.
Genep
purnama teu tepung jeung anjeun. Karasa hanjelu jeung nalangsa. Matakna sakaparan
paran kuring datang ka ieu basisir rék nysusud di mana anjeun. Susuganan
jeung susuganan bisa patepung.
“Aryana
téh adi Akang. Sering pisan ngobrolkeun Ambar.”’
“Leuh.
Baruk ieu téh
rakana Kang Aryana.” Nyarita bari rada ngahuleng.
“Leres ieu rakana Kang Aryana?”
Unggek. Leleb.
“Dupi
Kang Aryana ka mana? Naha meni ngampleng.
Enyaan abdi téh deudeupan matak ngahaja ka dieu.”’
“Tangtos.
Ayeuna can waktosna Ambar terang. Dua
purnama urang tepang deui di dieu. Ngan
tong ka mamana saban malam Jumaah Kang Surya bakal nepangan Ambar. Tong ngémutkeun
deui Aryana. Hareugeueun panon neuteup
manéhna
nu sakilat ngiles. Karék
ieu haté
mangkak ku pangharepan. Ayeuna geus nguncup deui nyésakeun kapanasaran.
“Ambar
kedah tos siap kana warta ieu. Saleresna, Aryana tos teu aya di bumi ieu.”
“Teu
aya kumaha ari Kang Surya?”
“Aryana
tos ngantunkeun waktos ocon sareng ombak.
Mayitna ngambang di sagara, tujuh minggu satutas leungit.”
“Iraha
Kang?”
“Teu
kedah terang. Moal kaétang ku likuran purnama anu sok némbongan. Nu pasti anjeunna
sering nepangan. Sanaos ukur harewos.”
“Mustahil,
tos ngantunkeun. Tepung panungtung sareng Kang Aryana genep bulan kalangkung
Kang. Akang tong ngalieurkeun.”
“Pasti
Ambar moal percanten. Matakna meureun Aryana nuyun Ambar ka dieu. Sangkan lalangsé téh
nyingray. Kitu nu saleresna.”
Teuing
kudu sedih atawa bagja. Sedih tangtu, pan Aryana kungsi deukeut jeung kuring.
Bungahna? Pan ayeuna kuring deukeut jeung Surya. Teu nyangka geuning salila ieu kuring
bobogohan jeung lelembutan. Jilim anu sabenerna teu aya di kieuna. Pantesan di tanya imah atawa padumukanna tara
kungsi dijawab. Da geuning pinuh ku
rusiah.
Saeutik
saeutik ieu gudawang téh leungit. Baganti ku ngaran lalaki anyar nu mikahéman.
Surya. Surya Kencana. Lalaki anu ayeuna satia marengan kuring.
Nepi
ka hiji waktu. Waktu panonpoé mimiti surup. Kang Surya mapag
kuring. Siga biasa di balkon hotél.
“Ambar
enyaan cinta ka Akang?”
Ukur
unggeuk. Lalaunan leungeunna ranggah ka kuring. Awak nyampeurkeun. Sadrah dina
rangkulanna.
“Akang
gé
sarua. Seja miheman Ambar salawasana. Rék nyingkahkeun kasedih Ambar baganti
ku kabagja. Hayu ayeuna urang ngadeuheus ka Ibu Rama. Ngan wayahna tempatna
jauh, Ambar siap marengan Akang?”
“Mangga,
Kang, abdi seja tungut ka Akang. Abdi rék mopohokeun lalakon baheula, rék
nété
hambalan anyar ngan jeung Akang ku anjeun.” Kuring imut.
Aya
sumirat nu hibar beulah kulon, mingkin ngadeukeutan. Sérab. Bréh karéta kencana alus ngempur aya hareupeun.
“Tong
anéh
Ambar. Ngahaja ieu kareta ku Akang dipesen. Kareta pangalusna keur ngajemput
Ambar. Dapon Ambar senang.”
Ngan
wasa neuteup manéhna. Teu lila. Luk tungkul waktu paneuteup amprok. Teuteupanna
matak ngendagkeun jajantung. Aya rasa anu béda. Tresna anu kacida gedéna
ngalimpud diri. Nyaliara dina dada. Manéhna nyangkéh cangkéng sayaga mapag jalan anyar.
Ngaléngkah
lalaunan nété
hambalan, nguntun pangharepan nu ngembat panjang.
Léngkah
pamustung. Ngarandeg. Asa aya nu kaingetan.
“Kang.
Antos sakedap. Abdi aya nu kakantun.”
“Teu
tiasa Ambar, waktos urang samporét. Tos diantos ku sepuh urang.”
“Mung
sakedap, Kang.” Kuring udar tina
tangkeupan. Ngaléngkah rusuh muru kamar hotél. Beungeut Ema ngolébat.
Tada teuing kolot melangna mun kuring teu méré iber. Muka panto kamar rusuh.
“Tétéh
. Ti mana waé?’”
“Ema?”
hareugeueun neuteup Ema hareupeun.
“Ning
terang Tétéh
di dieu. Tadina Tétéh badé nelepon. Masihan wartos.” Ngarangkul Ema pageuh. “Ema
nyungken widi Tétéh rék angkat ayeuna kénéh.”
“Atos
Tétéh.
Tong kamamana deui. Tos di dieu jeung Ema. Barina gé kabagja hidep aya di dieu
dina hirup nu nyata.”
“Naha
Ema teu bagja ningali Ambar bagja?”
“Ambar
téh
badé
ka mana?” hiji lalaki nu tatadi menekung, nangtung.
“Badé
angkat sareng Surya, Pak?”
“Surya?”
“Surya.
Surya Kencana, Pak.” Kuring neuteup éta sepuh. “Tah, sareng jalmi ieu,
Pak.” Kuring nuduhkeun hiji lukisan anu ngadaplok di kamar.
“Untung
hidep balik deui. Teu aya nu ngaran Surya, anaking.”
“Teu
aya kumaha ari Bapak. Tuh nuju ngantos di luar.” Kuring keukeuh.
Éta
lalaki nuyun kuring ka luar kamar. Di balkon taya sasaha. Ukur hiliwir angin nu
ngaharewos kingkin. Sagara gé teuing ku tingtrim. Padahal waktu
tadi paduduaan séahna béak karep.
“Ambar,
enya éta
téh ngaranna Surya Kencana, nu gaduh hotél
ieu kapungkur. Nanging anjeunna tos tiwas 50 taun ka tukang. Kabawa ku ombak
jeung adina nu ngaran, Aryana.”***
Nina
Rahayu Nadéa.
Menulis dalam bahasa Indonesia dan bahasa Sunda. Tulisannya dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid
Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka
Tasikmalaya, Majalah Guneman, Sastra
Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo
Semar, Radar Bayuwangi, dll
Tidak ada komentar:
Posting Komentar