Taun Baru nu Alum
Ku Nina Rahayu Nadéa
Taun
baru téh
biasana sok ditunggu. Taun nu bakal mawa kabagja, mawa pangharepan nu geus
disidem diuntun. Résolusi anu geus diajam ti taun saméméhna, kudu bisa dilaksanakeun
munggaran dina poé taun baru.
Tapi
keur kuring asa horéam. Asa embung nyanghareupan. Ginggiapeun. Enya ogé
teu meunang nyalahkeun waktu. Tapi haté can bisa tumarima. Taun baru angger
gudawang keur kuring. Sataun panceg. Haté can lipur, angger alum ku ngaran anjeun.
Geus
diajam ti saacanna. Dina taun baruan rék arulin sakeluarga. Hayang ulin nu
rada jauh nyingkahkeun rereged tina kahirupan sapopoé. Kuring geus ménta
cuti ka kantor ti saanggalna. Kitu deui salaki. Ngahaja diklopkeun bisi
paburencay tanggalna. Apanan barudak gé lalibur. Jadi hayang jalan jalan.
Karunya ka barudak geus lila tara taun baruan ka luar kota. Di jero kota mah geus bosen cenah. Karunya mah
karunya sabenerna. Ngan kumaha atuh apanan kuring katut salaki sarua gawé.
Teu bisa peré
lila. Jadi mun taun baruan téh nya di jero kota waé.
Sangkan teu nganganggu kana gawé.
Ayeuna
mah diniatan ti sanggalna rék iinditan. Méh barudak répéh.
Geus paheut jeung salaki rék ka luar kota.
Lian ti nguriling ka dulur, ogé rék ka hiji tempat anu geus
kamashur. Téras
Cihideung. Lian bisa ningali kaéndahan alam anu alami sarta hawa anu
seger di dinya disadiakeun sagala rupa kaulinan barudak ti mimiti outbound, kolam renang keur barudak,
lapangan futsal. Kitu deui villa geus nyampak di dinya.
Ari
nu jadi lanceuk. Giak nakeran basa dibéjaan rék kaanjangan téh.
Pantes. Ampir sataun teu panggih. Perkara nyéwa villa mah teu waka dibéjakeun. Engké wé
angkenan téh
dina waktuna nganjang rék langsung dibawa ka villa.
“Pokonan
kudu lila di dieuna nya, méh jalan-jalan.”
Ngan
saukur dienyakeun. Ngarah jempé. Barina gé rék lila kumaha. Cuti ménta
3 poé
katambah beureum sapoé. Jadi 4 poé. Geus leuwih ti cukup keur kuring
mah. Keur niiskeun pikir. Ngabagjakeun barudak katut dulur.
Teu
hayang ngariweuhkeun dulur di kota. Enya ogé pada ngajak pada ngangkir. Pan niatna gé rék senang senang lain rék
nyusahkeun dulur. Nu puguh mah ngajak dulur kabéh pikeun daratang ka villa anu
geus diséwa.
Sanajan mimitina nganaha naha. Naha heunteu di imah lanceuk atawa di imah Ibu.
Sanggeus dijelaskeun mah. Satuju. Atoh nu aya.
*
Nyubuh
ti lembur, sanggeus bébérés sagala rupa tur nyiapkeun kendaraan. Langsung indit kanu
dituju. Macét.
Ngamaklum. Liburan barudak sakola lila jeung taun baruan. Teu sing dijieun
aral. Dinikmati saja. Sababaraha kali
eureun heula di jalan waktu macét. Ngadon sésélpian. Salaki gé
saruana. Pipilueun. Biasana mah tara. Sok cegikan lamun ningali nu sélfi
téh.
“Deuh.
Papah tumben yeuh hoyong dipoto sagala.”
“Keur
kenang kenangan atuh. Barina gé pan Papah mah tara dipoto.” Ceuk salaki
bari ngagaya basa digonjak ku si bungsu.
Datang
ka imah lanceuk. Sakeudeung. Nyampeur jeung ngajak ka villa. Nu jadi kabungah téh Ibu nu biasana tara daék iinditan.
Harita mah milu. Teu sing diolo, siga nu enggeus enggeus. Langsung ngaenyakeun
waktu ku kuring diajakan. Ibu mémang
kacida sibuk. Sibuk ngalayanan sémah nu datang ti mamana. Salila ieu
Ibu geus kakojo tempat pananyaan. Teu daék ari narima paméréna
mah. Niatna ngan ibadah. Cenah mah ucapan Ibu saceduh metu. Tiap kanu datang Ibu sok omat-omatan, yén
hasil heunteuna mah anging Alloh nu nangtukeun. Jalma mah ngan sakadar ihtiar
wungkul.
Ngan
asa ku anéh.
Ibu meni maskét pisan ka kuring. Pan biasana gé tara. Teu pati deukeut ka
kuring. Sok jeung lanceuk. Malah nyarita waé perkara kahirupan. Yén
hirup manusa mah geus diatur ku Alloh. Jodo pati bagja cilaka kabéh
geus aya titis tulisna. Sing saha jalma anu iklas tumarima kana papastén
ti anjeunNa, kaasup jalma anu alus. Kitu nu karegepkeun ku kuring sapanjang
jalan. Dijawab ngan ku unggek waé. Teu pati merhatikeun.
Datang
ka villa geus nyampak kadaharan anu ngareunah. Tinggal ngahénggoy.
Teu kudu capé
masak. Da ngahaja nyéwana sakalian jeung cateringna. Lugina haté
bisa nyugemakeun dulur dulur. Bisa samemena ngobrol jeung namplokeun ka sono.
“Tah
Ibu mah resep ningali maranéh kieu téh. Akur jeung dulur. Omat kudu
silitulungan jeung silipihapékeun.” Ibu nyarita basa keur riungan.
“Ibu mah embung ningali pacogrégan sadulur dulur. Banda teu boga. Rék
naon anu diagulkeun. Ningali maranéh tingtrim siliajénan
jeung nu lain éta nu leuwih ngabagjakeun. Komo mun Ibu geus euweuh mah.
Ulah nepi ka simpay kulawarga téh pukah.”
Diaminkeun
ku anak incu kabéhanna.
Satutas
ngariung harita, Ibu teu kungsi nyarita deui. Langsung ka kamar. Teu ka luar
nepi ka isukna. Asmana kanceuh. Kabéh jadi alum. Hariwang nataku. Teu wani ninggalkeun. Panon Ibu neuteup lalangit. Ditanya teu ieuh
ngajawab. Leungeunna teu eureun nyekel
tasbéh.
Ngagerenyem teu eureun.
“Kunaon,
Bu?” kuring nanya ka Ibu. Waktu panon Ibu ngagilir neuteup kuring, anteb.
“Sing
sabar geulis.”
“Kunaon
Bu?” Antara kagét jeung bungah. Kagét, pédah Ibu nyebut sing sabar.
Bungah, Ibu ning ngajawab pananya kuring. Sanajan ukur nepi ka dinya. Biwirna
kemba deui. Basa diusapan, aya nu merebey tina sela panona. Disusut ku
salempay. Angger teu eureun merebey. Bangun nimu kasedih anu pohara.
Aya nu ratug
kana angen. Seseblakan teu puguh. Ibu angger kemba bari jeung wirid teu euerun.
Kuring beuki teu eureun dieutreupan hariwang.
Ka luar
sakedapan ti kamar basa aya nu jadi lanceuk, Téh Wawat. Kuring ningali ka
luar. Barudak arulin suka bungah. Aya nu gagalayunan, aya nu anteng ngojay.
Kabungah jeung kasedih piligenti némbongan. Kabungah ningali barudak
kuring jeung budak dulur anu katangen anteng layeut arulin. Kasedih inget kana
omongan Ibu. “Sing sabar geulis.” Pondok. Inggis aya nanaon anu tumiba.
“Nit...
Kang Marwan ka mana? Si Atit tatadi nelepon teu diangkat waé.
Aya penting cenah.” Teh Cucum, lanceuk kuring, indungna Atit nanya.
“Aéh
enya, ka mana nya?” Karék
inget. Salaki ti subuh kénéh ka luar ti villa. Can embol embol. ”Aya naon kitu si Atit?
Aya di mana ayeuna budakna?”
“Aya
proyék
anyar cenah, Nit. Manéhna
ayeuna keur di jalan rék ka dieukeun.”
“Sukur
atuh. Kang Marwan mah paling gé kukurilingan. Resep ningali kembang
cenah. Aralus.”
Atit, gawéna jual beuli mobil. Bangenan manéhna
mah. Bulan ayeuna teuing geus sabarahiji mobil anu dijual. Lumayan tah
untungna. Najan untungna saeutik, asal ayaan. Daékan. Di mana waé sok
disusul. Matakna teu milu ka ieu acara ti
kamari téh, néangan mobil Katana kolot, aya nu
minat. Kabeneran aya babaturan urut SMAna rék ngajual. Ayeuna rék
ka salaki kuring, sigana rék nanyakeun deui perkara mobil. Mun teu salah mah minggu
kamari salaki nyarita, babaturanna rék ngajual mobil.
Inget
ka dinya. Geuwat nelepon salaki. Teu aktip. Kitu deui BBM na teu aktip. Ih, ka
mana atuh. Kuring nangtung. “Kadé Ibu nya.” Kuring ngelol ka kamar.
Nyarita ka Téh
Wawat.
Kuring ka luar villa bari teu puguh cabak.
Pangpangna inget waé ka salaki.
“Aya Kang Marwan
téh?”
Teh Cucum nanya deui.
“Puguh,
keur nugguan ieu téh. Matak kesel.”
Keur
anteng ngobrol, aya nu ngagorowok semu rusuh.
“Tétéh...”
Dilieuk,
Mang Ébéd.
Badégana
Téh
Wawat.
“Téh....
Kang Marwan.... A... aya dina kamalir.”
Ngarénjag.
Kabéh
muru ka tempat. Enya wé salaki nangkarak bengkang. Langsung digotong ka jero
villa. Ka kamar Ibu. Beuteungna gudawang. Katangen getih ngimpel semu hideng.
“Kang...”
kuring ngarumpuyuk
“Sing
sabar geulis...” Ibu nyarita. Tasbéh nu keur dicekelna murag. Arucutan.
“Ibuuu...”
***
Nina
Rahayu Nadéa.
Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid
Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka
Tasikmalaya, Majalah Guneman, Sastra
Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo
Semar, Radar Bayuwangi, jrrd