Rabu, 12 September 2012

Fikmin #Budak Yatim#

Fikmin #Budak Yatim#

Wejangan poé ayeuna ti Pa Ustad, éstu matak nyerep kana ati, keuna kana mamaras pisan. Ngeunaan budak yatim. Rumasa salila ieu tara pisan merhatikeun maranéhna, haré-haré. Awak ngageter, nahan rasa nu sumarambah. Ehm, enya salila ieu kuring geus tambélar ka maranéhna. Ragamang leungeun ngodok saku calana, ngaluarkeun duit keur sodaqoh ka budak yatim. Kéncléng geus nampeu hareupeun kuring. Hideng leungeun katuhu cengkat, seja ngasupkeun duit kanu kéncléng. Tapi haté ngocéak, basa inget kuring ge budak yatim. Duit langsung diasupkeun deui kana calana. Beu!
Like · · · Tuesday at 1:44pm

Tidak ada komentar:

Posting Komentar