Kamis, 06 September 2012

Fikmin #Keur Jungjunan nu Dipicinta#

Fikmin #Keur Jungjungan nu Dipicinta#

Duh deudeuh jungjunan. Beuki dieu salira beuki begang, rangkebong, tanaga beuki suda. Deudeuh, enyaan deudeuh. Balas mikiran kahirupan rumah tangga, pabeulit dina urusan dapur, kasur, jeung nu lainna nu beuki dieu beuki méakeun waktu keur nepikeun kasono no moho. Tapi Enyaan anjeun istri binangkit, tingal buah haté urang, harelung taya codéka nandakeun anjeun motékar dina sagala rupa jeung hadé pangriksa. Duh, jungjunan kuring ngarti lamun beuki dieu kacinta anjeun ka kuring ngurangan, malah kuring ngarasakeun pisan galura anjeun nu rosa beuki dieu beuki laas. Hampura kuring can bisa méré kabagjaan jeung kasugemaan. Jungjunan, cinta kuring ka anjeun moal suda diteuteup mangsa, moal leungit ku wanci. Nepi ka dirurub taneuh beureum , cinta tetep ngait na ati, sésélékét maskét dina rohangan haté. Kuring hayang ningali anjeun bagja. Tampi kanyaah kuring ka salira. Tuh buktosna rék dirawat, disimpen di hadé-hadé, serat ti KUA, nu nembé kaluar dinten kamari.
· · · Wednesday at 9:59am

Tidak ada komentar:

Posting Komentar