Selasa, 25 September 2012

Fikmin #Tukang Dagang#

Fikmin #Tukang Dagang#

Kesel. Titadi leumpang nuturkeun manéhna, leuheung lamun téréh leumpangna. Ieu mah ngarayap lain bohong. Rék nyiap leumpang tiheula, teu bisa. Da kahalagan ku tanggungan manéhna. Leuh kumaha atuh. Ari manéhna tonggoy wé leumpang antaré. Euweuh kacapé, sanajan bari jeung nanggung dagangan. Teuing dagang naon atuh, da biasana mah nu dagang téh gogorowokan. Ning ieu mah kemba waé. Alhamdulillah kabantuan. Waktu ti hareup aya motor. Manéhna tonggoy. “Sugan torék meureun,” gerentes haté. “Tidiit,” klakson disada tarik, manéhna ngarenjang, laju ka sisi. Mépédkeun tanggunganna ka hiji imah. Sabot motor distater, kuring miheulaan leumpang ngaliwat kanu mawa tanggungan. Panon rada ngagiler ka manéhna. Beu, pantesan tatadi tonggoy leumpang. Sihoréng sakadang HP geus jadi budakna, nawarkeun dagangan via Sms.
Like · · · Yesterday at 2:56pm

Tidak ada komentar:

Posting Komentar