Selasa, 04 September 2012

Fikmin #CATETAN DIRI#

Fikmin #Catetan Diri#

Haté sugema ningali kado patulayah hareupeun panon. Bener, ning jalma mingkin serab ningali kuring nu nanjeur nyekel kalungguhan. Sigana kabéh ajrih ka diri kuring, lantaran boga jabatan nu beuki nerekel. Pantes atuh dina poéan ieu, milangkala. Ti ditu ti dieu rabul méré pangwilujeng, rabul méré amplop, rabul méré kado. Meujeuhna, pan kuring geus jadi raja dunya. Kabeh jalma tunduk kana panitah kuring. Euweuh saurang gé nu baha kana kahayang kuring, raja nu nyekel satungkebing harepan kabéh jalma. Kuring jadi pananggeuhan balaréa. Enyaan haté bungah kacida. Ku duit ning sagalana bisa dilakonan. Enya kuring geus jadi raja duit. Sanajan mindeng lampah pasalia jeung tetengger kahirupan, teu jadi masalah nu penting kabéh sapuk ka kuring.

Tiap kado diilikan, eusina disimpen di hadé-hadé. Hiji kado can dibuka, asa ahéng. Bungkusna béda tinu lain. Béréwék eusina dibuka. Aya catetan keur diri kuring ‘Wilujeng ngurangan umur, tungguan sakeudeung deui kula nepungan, ti Izrail’. Leng
· · August 29 at 5:39pm

Tidak ada komentar:

Posting Komentar