Rabu, 15 Agustus 2012

PINUNJUL PASANGGIRI NGARANG FIKSIMINI SUNDA

Jadi pamilon dina ieu pasanggiri mangrupakeun bukti yen direi micinta sunda. Moal leah ieu lengkah, moal lali ieu diri ka kisunda.  Aya rasa rumasa dina hate pangjerona inggis, rempan 'jati kasilih ku junti'.

Sanajan teu laksana nyangking  harepan, sumawona jadi pinunjul, dina pasanggiri fiksimini sunda, tapi hate reueus kacida geus bisa aub dina ieu acara. Turta tigin salawasna yen sunda tetepa aya na ati, ngait salilana manteng marengan kamana wae ringkang makalangan.

BRAL SUNDA MAKALANGAN...


 
BEWARA PINUNJUL PASANGGIRI NGARANG FIKSIMINI SUNDA
JEJER PUASA JEUNG LEBARAN


Béjér Pangajén:
Pasanggiri Ngarang Fiksimini Basa Sunda
Jejer Puasa jeung Lebaran

Bubuka

Pasanggiri Ngarang Fiksimini Basa Sunda Jejer Puasa jeung Lebaran dibuka ti kawit ping 1 nepi ka 12 Agustus 2012, ngawengku sawatara aturan anu béda jeung saémbara méméhna. Antarana lebah aturan jumlah kecap nu ditambahan watesna ku 100 nepi ka 150 kecapan. Waktu nu kaitung rinéh jeung téma nu geus dalit pikeun patandang karasa mangaruhan pisan kana akeulan karya. Sok sanajan dina lebah eusi mah, réa kénéh patandang nu can bisa ngaleupaskeun diri tina gagasan carita anu klise. Tina 86 jumlah karya nu katarima, baris dipeting dalapan pinunjul sakumaha nu geus diembarkeun méméhna.

Privasi Naskah

Pikeun ngajaga karahasiahan naskah dina ieu pasanggiri, sakur naskah para patandang langsung dikirim kana inbox Kuncén FBS. Girang pangajén ngan ukur bisa ningal naskah dumasar kana Nomer Patandang jeung Eusi Fikmin. Ngaran patandang disamunikeun ku Kuncen, tur minangka gantina, nya ku nomer téa.
Girang Pangajén
Girang pangajén ieu pasanggiri nyaéta: Endah Dinda Jenura, Budi Mugia Raspati, jeung Muhammad Shohiba Nu’man.

Catetan kana Naskah Pasanggiri

Tina 86 Naskah nu kabaca ku girang pangajén, réréana masih nyaritakeun sual anu kliseu. Wanda réalis nu ngajual peurihna kahirupan. Téma “Puasa” jeung “Lebaran”  digambarkan dina hal nu geus ilahar kapanggihna. Saeutik pisan fikminer nu wani nyoba ngalarapkeun tilikan kalayan cara nu béda. Dina karya fikmin, tilikan pangarang kana puseur carita kacida pentingna. Hartina, fikmin nu kaitung hadé, baris ngawangun hiji carita nu matak ngahudang kasadaran anyar, tur neundeun aweuhan kana diri nu macana. Teu kudu ahéng atawa ngaahéng-ahéng plot jeung basa. Najan basajan, nu penting mah aya nu matak namper kana rasa.

Tina sawatara fikmin nu kabaca, réa keneh kapanggih éjahan jeung tanda baca nu teu merenah larapna. Girang Pangajen (nu teu bisa ningali ngaran patandang téa) bati nyangka yén kasalahan téhnis samodél kitu mah, moal boa, baris dijieun ku patandang nu masih kénéh cacarakan mikminna. Dina lebah eusi, saperti anu geus disabit di luhur, karéréaan patandang kajiret ku gagasan nu geus ilahar, can mampuh ngungkabkeun hal anyar tina téma nu diasongkeun; gagasan seger nu kapanggih tina hasil menekungna salila puasa.

Pinunjulna
Fikmin “Hanjuang” karya Toni Lesmana nyaritakeun panineungan hiji tokoh ku cara nu milosofis, ngaliwatan objék tangkal hanjuang nu sok rajeun dijieun ciri ku urang Sunda pikeun ngawatesan hiji tempat jeung tempat séjénna nu dina fikmin ieu mah bisa waé dipapandékeun kana hirup jeung paéh. Fikmin ieu onjoy dina carita nu ngagalindeng, puitis, bari ngeusi. Ku kituna, “Hanjuang” ditetepkeun jadi Pinunjul Katilu. 

Toni Lemana

Hanjuang

Saban peuting. Saban mulang tarawéh. Rék purnama rék poék bulan. Pasti. Lebah dieu. Aki ngarandeg bari ngarénghap jéro. Lebah hanjuang. Hanjuang luhureun kuburan. “Wates éta teh, lain pamantes!”Kitu cek Aki, laju nataan saban ngaran tina saban tetengger. Si anu blah ditu, Si éta blah dinya. Puguh wé tetengger anu rentul téh bangun ngadadak harirup. Siga rék ngahurup. Sarung sok tipepereket diharudungkeun. “Isuk mah tarawéh di masjid lembur urang wé, Ki.” Cekeng ngabirigidig. Aki nikreuh deui. Ninggalkeun hanjuang. “Tarawéh teh lalampahan, Sujang, lalampahan nu tumaninah. Kudu lampar méh teu lolong téténjoan. Ngaderes nu kadeuleu.” Kitu ngagerendeng. Kitu ngajawabna saban ditanya naha bet tarawéh bari kudu meuntasan kuburan. Kiwari uing ngarandeg ogé. Lebah dieu. Rét deui kana hanjuang. Hanjuang nu éta. Kana tetengger handapeun hanjuang. Tetengger nu dieusi ngaran Aki. Kuburan pinuh kunu nyekar. Garinding. Tingarasong nu sasalaman. Sora pepetasan. Lebaran. Hanjuang. Lebaran. Wates, Aki, lain pamantes. Hanjuang ngiuhan tetengger.

“Sunsét” karyana Abah Helmi mangrupa fikmin nu miboga aweuhan positif kana toléransi agama sanajan teu ditembrakkeun sacara langsung dina carita. Prosési Ngaben di Bali dijadikeun séting tempat nu di jerona, tokoh utama gulet jeung pola pikir sarta ageman nu dicekelna. Paguneman tokoh utama jeumg tukang warung lir ngajungkelbalikkeun premis nu geus disuguhkeun di awal-awal carita ngaliwatan ungkara-ungkra nu éndah bari ngaguluyur ngeunah. Fikmin nu universal ieu pantes pisan mun dipilih jadi Pinunjul Kadua.
Abah Helmi

SUNSET

PANONPOE Agustus jigrah marahmay. Keusik basisir Legian semu ngaruhak nyay-nyayan. Sora beleganjur pohara bedasna. Kendang jeung céngcéng patémbalan. Aleutan manusa ngeungkeuy teu pegat-pegat. Para wanoja ngaleut sieup disarinjang pon kabaya. Nyaruhun 'banten' rupa-rupa bungbuahan, kahatur para déwata. Teu lila, giridig iring-iringan 'badé' sareng 'lembu' ngajungkiring gagah sembada. Dipanggul mangratus jalma bari ngéngklak éak-éakan. Sang lembu ngabedega, dipapaés prada kencana. Terr..! angen ngageter. Kolépat! ras ka Al-Baqoroh. "Boa ieu ge...", batin noroweco, sumarambah sakarepna inget ka umatna Nabi Musa. Sabot tonggoy nyérangkeun ngabén di hateup seaside hotel. Teu karasa wanci nyérélék. Matadéwa teuleum saparo ditungtung sagara. Layung sumirat mulas ombak beureum tambaga. "Bli miiiii.. ngelamun jeg! angteng sajan. Jani subeu waktuné mebukeu puaseu", Dayu Komang imut sinambi ngasongkeun és kalapa muda.

Kamus mini :
Beleganjur = arak-arakan gamelan khas Bali . céng-céng = simbal sapasang . banten= sasajén . badé= sarana mawa layon. lembu = sarana meuleum layon. " Bli ..miiiii.. nglamun jeg! angteng sajan. Jani subeu waktune mebukeu puaseu" = Kang ... duh..ngalamun téh mani uleng pisan. Ayeuna tos waktuna buka puasa.

“Baju Kuplukan Calana Gamlokan” (BKCG) karya Atep Kurnia kapilih jadi pinunjul kahiji lantaran fikmin ieu beunghar ku kecap jeung ungkara nu genah jeung merenah dilarapkeunana. Salian ti éta, sanajan nyaritakeun kahirupan jalma leutik, BKCG teu ngumbar kanalangsa tokohna. Sabalikna, si tokoh utama dibéré karakter ludeung jeung tawekal, teu ngarasula enggoning usaha. Katapis pangarang dina ngagambarkeun suasana kaciri pisan dina imeutna pangarang ngagambarkeun detil-detil séting tempat nepika karasa enya. Ku kituna, ieu fikmin dianggap nyumponan sarat pikeun dipilih jadi Pinunjul Kahiji.
Atep Kurnia

BAJU KUPLUKAN, CALANA GAMLOKAN

Roda ngabagug, rérés maratan jalan. Momotna tacan diludang. Tinggarajag késang. Ngajarangjlang sagedé beubeulahan muncang. Blus ka gudang dunungan. Tempat ngarenggenek, heulananan. Topi deplé, baju dekil, disangsangkeun kana paku karaha. Ngadon nyangsaya, ngageberan dada ku tutup panci.
Panon nu tadi rucang-riceng, milangan majalah jeung koran. Ngéntép. Buku urut, numpuk. Dus buruk, nambru. Di juru ditu, hunyudan palastik jeung beling. Cangkang cai gelas. Botol kemasan. Sabangsaning urut nu ngarot inuman tonik. Di tengah-tengah, ngagulawing timbangan.
Gigireun pangdiukan, dina dus baju, aya kaléng leutik. Pasagi. Urut bako Bremen. Pulas kayas. Ditatap. Jung diangkat. Ditimbang, ampeg. Gap tutupna. Blak dibuka. Ngagucrak. Burulu luhureun koran. Patingraréok kencring diaradu. Nu hérang pérak, paselang jeung nu konéng emas. Lambar-lambar kumusut. Pagalo bungur, coklat. Tingraringkel, ledrek.
Ragamang rék milang. Jajantung ratug. Tingsariak kujur awak. Susuganan. Sugan mahi keur baju nu aya kuplukan jeung calana gamlokan. Pamenta budak, nu tara cumpon unggal lebaran.

Pinunjul Harepan

Lima fikmin séjén nu kapilih jadi pinunjul harepan gé teu kurang ajénna. Lantip pisan nganteurkeun gagasan kalayan ungkara, plot, carita, tur tokoh nu kacida sieupna. Sababaraha tinimbangan téhnis baé nu matak ngagéséhkeun tempatna. Kalima fikmin di handap ieu diserat dumasar kana uratan abjad:

Asep Komara
  Céngcéléngan

Pasosoré mulang ti pasar. Nyampak anakna keur nanangkeup céngcéléngan. Manéhna semu reuwas, nyaksian anakna nu dumadak bedas.
“Pepeuskeun wé Si Jago téh nya, Ma? kanggo énjing mésér acuk lebaran Ujang,” anakna katempo bangun nu teu sabar.
Céngcéléngan dirawu tina keukeupan anakna. Hampang . Laju ditonggéngkeun. Geuningan. Alas céngcéléngan geus aya nu ngalakban. Sidik kentob basa dirampaan. Manéhna bati ngarénghap. Dina juru panonna katara aya nu ngagurilap.
Satékah polah manéhna ngabébénjokeun anakna. Kitu deui peutingna. Unggal anakna nanyakeun kamana duit céngcéléngan nya ngilesna, ukur dijawab ku wayahna. Sajeroning mépéndé anakna nu mindeng gundam, batinna milu midangdam. Méméh reup, bet nongtoréng deui béja ti tatanggana yén urut salakina mindeng datang rerencepan. Nemonan anakna sabot manéhna dadagangan di pasar.
Peuting éta. Dijajap ku sora nu tadarusan. Manéhna ngimpi kadatangan urut salakina. Nu mawa baju anyar keur anakna. Ka manéhna mah ukur mikeun bangké hayam jago nu pites beuheungna.

Yanti Sri Budiarti
GAIK

Motor ngagaléong, rébo ku balanjaan. Aya nu murag. Jegug! Jegug! Lumpat muru bungkusan. Sungut ngagigiwing kérésék hideung. Suku cingked. Raheut, dipaléngpéng tukang beling. Kajeun adu regeng. Teu mikeun. Marebutkeun kérésék. Ieu kérésék kudu tepi ka nu boga. Ingkud-ingkudan mapay jalan. Nunutur tapak gilinding. Aya nu nyarakclakan tina kérésék. Merebey beureum. Getih nu kaambeu beuki rosa neumbrag irung. Ngahudang lapar tur hanaang. Antukna mopo. Ngaso di handapeun tangkal katapang. Létah ngelél. Napas ngongsog. Kérésék nu ngagolér hareupeun ukur dipelong. Moal tambarakan kudu ngahakan nu lain hak. Tahan..! Sing kuat..!
Geus waktuna neruskeun lalampahan. Nguniang tina ngadapang.
“Tah, siah..! Kapanggih mangkelukna nu madog daging aing! Dasar najis..!” Habek. Jekuk. Kekemplong nu kosong ditajong. Gaiiik! Mata mulan, meureudeuy. “Nun Gustiii, mugia nampi puasa abdi…” Sora takbiran ngaweuhan. Dulag neregteg. Jara hurung ngahuru ketug jajantung. Ngahanju. Laju simpe.

Herdi Pamungkas
Goyang Dangdut

Peuting munggaran mah nyaan rempeg masjid téh. Nu tarawéh. Nu ngaderes. Mimiti pating koléséd sotéh pédah geus nyedek ka lebaran. Nu ceramah di masjid pada ninggalkeun. “Ramé kénéh dina tipi berhadiah,” omong Ceu Hajjah. “Diselang ku iklan dangdut, asoy!” témpas Darja. Jalma pating garéol kapangaruhan tongtonan. Pating rampayak di mall-mall, pating réngkénék di unggal pasar, toko. “Baju anyar, mobil, motor, sagala, asik! Goyang diskon,” Juag Karti pahibut nyéépkeun gajih sareng THR. “Laris manis!” nu aricalan bungah, leuwih laku batan bulan kamari. “Kéhéd, ari jogéd montong bari nyiku!” jekuk nonjok baturna. Der galungan. Artis luhur panggung terus ngagéol. Nu nongton beuki maceuh. Kaayaan beuki ramé. Lat poho mun harita téh bulan puasa. Rasa lapar. Hanaang. Sirna. Kajiret. “Goyang, mang!” Balas capé ngéngklak. Reup. Peutingna talibra. Padahal peuting éta béda ti sasari. Bulan jadi mang rébu-rébu, deukeut. Jang Karim nu keur mérésan karpét masjid, rurunjang. Bulan diajrugan. Dirawélan. Ditangkeup. “Bagja, Gusti,” gerenengna.


Dhipa Galuh Purba
Lalakon Hiji Lalakon

Keukeuh gideug, hayang némbongkeun kapancegan patékadan.
“Belegug sia mah, Ida! Yeuh, ditambahan 100 juta ku aing! Da moal matak kiamat ieuh teu puasa sapoé baé mah. Biasana ogé sia téh tara hararésé. Sok, buru! Dunungan aing geus ngadagoan di hotél!” pokna éta lalaki bari ngenyang leungeun Ida.
“Moal, Kang. Punten... Ti kawit ayeuna mah tos moal tiasa deui. Demi Allah, teu kénging maksa abdi, Kang...” kituna téh bari merebey cipanon.
“Kat! Képéskeun atuh leungeun Si Jatma! Piraku mani euweuh baruntakna!” Dudi ngagorowok. Ditéma ku galindeng ti munara masjid, nu mitembeyan tadarusan.
“Euh, ari syuting bulan puasa téh sok loba gogoda!” Dudi kutuk gendeng bari cengkat. Wanoja nu merankeun Ida nyelang heula ngaregot téh manis. Pelenyun udud bari léléndéan ka aktor nu merankeun Jatma. Tiungna dilaan, belewer dibalangkeun, rikat disanggap ku séksi kostum.
“Punten, Téh... isin ah...” ceuk aktor, bari pakupis nyingkah-nyingkahkeun haseup roko.

Dadi Arya
SADEUPA TINA LÉNGKAHNA

Dina petengna peuting. Neuteup leleb bulan sasebit. Nu ngulawit ‘na payung langit. Sasebit, laju mapay ngarandakah. Minuhan buleudna. Peleték, bulan kadua ngised. Misah. Katilu. Kaopat. Peleték jadi puluhan. Ratusan. Manéhna cengkat, “Sarébu bulan!” Cahyana mapay ti jauhna. Mapay ngadeukeutan manéhna. Reg, cahya kandeg. Sadeupa tina léngkahna. Laju didongkang. Cahya murengked. Didongkang, murengked. Ngaléngkah. Tapi cahya mundur bareng jeung léngkahna. Dirontok. Cahya kalah ngarempod. Reketek, sebrut! Manéhna ngudag cahya. Batu, akar, rungga dirumpak. Tegalan, wahangan diliwatan. Angger, cahya teu kacerek. Getih, peurih tina léngkahna teu dirasa. Lapar-hanaang teu dipiroséa. Poho reureuh. Ngabarung obahna pasemon. Ti kereng ka lumeuseuh. Ti porongos ka lumengis. Awakna rengkung ka jantung-jantung. Tapi weléh. Cahya, sadeupa tina léngkahna.

Dina hégak panungtung. Manéhna nyuuh. Cahya museur. Ngagalo dina rénghapna. Ngimpel. Tuluy undur. Undur. Nepi ka satukangeun manéhna, aya sora nu ngabereg. Ti lirih laju handaru, “Alloohu akbar, walillaahilhamd…!”

Pamungkas
Siga sasari, putusan girang pangajén teu bisa diganggu-gugat. Neda hapuntenna bilih girang pangajén moal mairan kana sadaya koméntar atawa patarosan nu aya patalina jeung kaputusan ieu pasanggiri. Cag.

Ditetepkeun di Bandung, 15 Agutus 2012
Girang Pangajén
Endah Dinda Jenura
Budi Mugia Raspati
Muhammad Shohiba Nu’man


Panambih  ti Kuncén FBS
Ku ayana ieu béwara ti Girang Pangajén,  Kuncén FBS seja nguningakeun, yén nu kaselir janten pinunjul dina ieu pasanggiri, bakal saénggalna nampi artos hadiah, nu parantos disayogikeun ku Kang H. Ganjar Kurnia.

Ieu pertélaanana:
Pinunjul Kahiji    : Atép Kurnia, hadiah Rp 1.000.000.
Pinunjul Kadua    : Abah Helmi, hadiah Rp 750.000.
Pinunjul Katilu    : Toni Lesmana, hadiah Rp 500.000.

Pinunjul Harepan:  Asep Komara, Yanti Sri Budhiarti, Herdi pamungkas, Dhipa Galuh Putra,  sareng  Dadi Arya. Limaanana kenging hadiah masing-masing Rp 250.000.

Ka sadaya pinunjul, saenggalna kintun nomer rekening bank-na kana inbox Endah Dinda Jenura, bendahara girang pangajen.

Ku diumumkeunana hasil tina pasanggiri ngarang fikmin ieu, Kuncen FBS ngahaturkeun nuhun ka sadayana Kanca nu parantos janten pamilon pasanggiri. Lajeng ka rengrengan Girang Pangajen, Endah Dinda Jenura, Budi Mugia Raspati, sareng Muhammad Shohiba Nu’man, nu parantos kersa dibenum janten juri sanaos saparantos uleng ngajén, hoghag adu argumén, dugi ka mutuskeun saha-sahana nu kaselir janten pinunjul, mung ukur nampi panuhun ti Kuncén FBS. Mugia sadaya kasaéan aranjeunna, janten amal soléh mungguh Alloh SWT.
Wabil husus, ka Kang H. Ganjar Kurnia, hatur nuhun pisan parantos nyayogikeun hadiah dugi ka ieu pasanggiri tiasa lumangsung kalayan lancar. Mung tiasa neneda, mugia  Alloh SWT ngabales kasaéan Kang Haji ku manglipet pahala.
Wilujeng ka para Pinunjul, wilujeng kanggo sadaya Kanca, hatur nuhun ka sadayana, mugia Fiksimini Sunda langkung nanjeur, apanjang-apunjung.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar