Senin, 13 Agustus 2012
Fikmin deui ah...
Nina Rahayu Nadea
FIKMIN #SIRIK#
Pamajikan : “Geus tong nongton waé tivi, geuleuh!”
Salaki : “Geuleuh kunaon ari nyanéh, teu pupuguh.”
Pamajikan : “Sebeeel. Unggal poé ngawartakeun Anang. Ti mimiti Anang kawin
ka Krisdayanti nepi ka ayeuna ka Arshanti terus wé diliput ku tivi!”
Salaki : “Naon hubungana?”
Pamajikan : “Na ari urang, sakitu incu geus reuay, si Uned geus jadi polisi,
si Uko geus jadi kondektur bus. Angger euweuh nu ngaliput,
ngaberitakeun kanu tivi. Aing mah siriiiiik deuleu!”
Like · · Unfollow Post · 20 hours ago
Cicara Cac, Liman Sanjaya, Jojo Jreknong and 22 others like this.
Nina Rahayu Nadea Punten ah, seratana janten robih, 'teu rapih' dina aslina mah rapih da!
20 hours ago · Like
Neni Geo Albanjari hihh sanes laporan atuh ka ANtv, engke diliput geuranan...hehehe fikmin teh ngajak seuri ieu mah, nuhun ah, abdi ge bosen ningali berita anang2 wae...
20 hours ago · Like
Anggi Novia Dewi haha...ayeuna mah sareng aurelna geuning diliputna teh...
19 hours ago · Like
Kus Wanda pulisi, beus,...panginten basa sunda mah
19 hours ago · Like
Nina Rahayu Nadea Neni Geo Albanjari. Muhun engke ah bade ka ANtv. sakantenan abi ge hoyong diliput. hehe
19 hours ago · Like
Nina Rahayu Nadea Anggi Novia Dewi. Antosan sakedap deui Aurelna digentos ku Uned sareng Uko
19 hours ago · Like
Anggi Novia Dewi heu...iraha atuh BN ngempel deui? mani sonoooooo....
19 hours ago · Like
Nina Rahayu Nadea Kus Wanda Leres pisan. Lepat ngetik. Pabeulit, da sakapeung sok nyerat cerpen Bahasa Indonesia. Hihi. Punten pisan
19 hours ago · Like
Hena Sumarni Thea xixixixixixixixi..............
19 hours ago · Like
Rudya Kuz rupina seueur penggemar anang, buktosna ni arapal ning naon anu diwartakeun dina tv...hehe
19 hours ago via mobile · Like
Nina Rahayu Nadea Anggi Novia Dewi, muhun hayu atuh. Sami Sonoooo. Moch Ilham, iraha??
17 hours ago · Like
Nina Rahayu Nadea Ambu Hena Sumarni Thea, resep ah ku eksis gumujengna dina status. Bade nurutan. xixixixixix
17 hours ago · Like
Nina Rahayu Nadea Rudya Kuz, muhun ngahaja difikmin keun. Supados abdi tenar hahaha
17 hours ago · Like
Bunda Unie Wakakak hyg janten seleb, aceuk
16 hours ago via mobile · Like
Nina Rahayu Nadea Bunda Unie, hayu urang masang sapnduk yu supados tenar. Mugi wae aya nu ngajak janten seleb. hehe
8 hours ago · Like
Write a comment...
Options
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar