Senin, 13 Agustus 2012

Fikmin deui ah...

FIKMIN #SIRIK#

Pamajikan : “Geus tong nongton waé tivi, geuleuh!”
Salaki : “Geuleuh kunaon ari nyanéh, teu pupuguh.”
Pamajikan : “Sebeeel. Unggal poé ngawartakeun Anang. Ti mimiti Anang kawin
ka Krisdayanti nepi ka ayeuna ka Arshanti terus wé diliput ku tivi!”
Salaki : “Naon hubungana?”
Pamajikan : “Na ari urang, sakitu incu geus reuay, si Uned geus jadi polisi,
si Uko geus jadi kondektur bus. Angger euweuh nu ngaliput,
ngaberitakeun kanu tivi. Aing mah siriiiiik deuleu!”
· · · 20 hours ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar