Dedemit
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Bugang-bugang
patingkuniang hudang tina pangsaréan panjang. Patingkalayang, patingdarigleu.
Laleumpang néangan jalan. Aya kahanjelu
tina beungeutna nu haropak, tina raga-raga tan katingali. Patingraringkang, kumalangkang dina teuteupna
misteri, noélan alam gaib, ngagulang gapér dedemit anu ngarobéda tangkeupan peuting.
Ahéng. Saabrulan jalma datang
teu diondang. Pating kurunyung. Nyalampeurkeun tempat nyiruruk lain wanci, datang lain wayah, ngagebah jilim-jilim anu salilana
tingtrim. Nepikeun kahariwang tina saban rénghap, tina saban ucap. Ucap nu teu
dipiharep. Ucap nu tojaiyah, jeung maranéhna
para dedemit nu ngageugeuh Pasir Hambalang.
Jalma-jalma aub ka ieu
tempat séja méré ruruhit, nyieun codéka. Ngabaladah tempat nu geus jadi panganjrekan mangpuluh puluh taun.
Rereged
saheulaanan nyingray. Hégar marahmay marengan beungeut peuting, nyimbutan
raga-raga nu patingkumalangkang. Waktu dina hiji poé maranéhna ngadéngé
paguneman para manusa anu kapireng ku maranéhna.
“Lamun
ieu tempat dibaladah, dijadikeun tempat anu saperti dicaritakeun, goréng
akibatna. Bakal aya mamala anu kacida gedéna.”
“Kunaon
kitu?”
“Anu
ngageugeuh di ieu tempat, tinangtu moal ngidinan. Maranéhna moal ridoeun ieu
tempat dibaladah, dijieun gedung anu kacida agréng. Lamun keukeuh
peuteukeuh, maranéhna moal cicingeun.”
“Mistik.
Tahayul. Ayeuna jaman globalisasi. Tekhnologi. Jelema leuwih pinter. Piraku
masih percaya kana hal anu kitu.” Ceuk anu maké dasi. Keukeuh kana kahayangna.
Memener dasina. Manéhna keuheul asa teu diajénan ku mangkluk anu aya dihareupeunna.
“Naha teu nyaho kitu manéh ka kuring? Pajabat anu nyekel kalungguhan kacida
penting di ieu nagara. Teu apal kitu di dinya ka kuring?” Curukna bentik ka éta
jalma. Némbongkeun ngaran anu ngajeblag dina dadana. Nasrudin. Kitu anu bisa
kabaca.
“Kantenan.
Matak terus terang gé, kuring téh kacida melang, kacida nyaah ka anjeun. Mugia
sing dipikir dibulak-balik.” Ceuk Pak Danu, camat sakaligus kokolot di éta
tempat nandeskeun. “Geus loba korban, lantaran maranéhna teu percaya. Tetep
ngalanggar tatakrama.”
“Kuring
gé teu percaya ari kana hal tahayul mah, Nas.”
“Tuh
bener pan?” Nasrudin asa bungah ngadéngé baladna ngomong kitu.
“Tapi
lamun ceuk panaluntikan mah. Memang ieu lahan téh goréng lamun dijadikeun Sport center. Taneuh Hambalang téh
kacida ekstrimna, kusabab ngandung lempung, teu bisa nyerep cai. Jeungna deui
lamun kacaian, taneuhna sok beyé tur leueur.” Suroso nitenan kaayaan tempat.
“Ieu pisan anu nyababkeun taneuhna téh
bisa gerak, muragkeun naon waé anu aya di luhureunna.”
“Moal
bisa diakalan kitu?”
“Hésé.
Lantaran geus sifat dasarna ieu taneuh kitu. Lian ti taneuhna ngandung batu
lempung. Ogé taneuhna ngabogaan kultur anu miring ngababarikeun pisan ayana
longsor. jeung na deui nu utama, anu asup akal wé. Ieu tempat téh jauh kamamana.
Nyengceling teuing pikeun méga proyék anu dijieun mah.” Suroso ngarahuh.
“Halah
perkara éta mah gampang. Ceuk kuring gé ayeuna mah jaman modern. Ayeuna meureun
nyebut jauh kamamana téh. Ké lamun bangunan geus andegléng mah. Tada teuing raména.
Jalan dialusan. Supermarkét di ditu di dieu. Engké gé ku kuring pasti dipikiran.”
Nasrudin keukeuh kana pamadegan.
Para
dedemit nu ngageugeuh éta tempat kacida ambekna. Ku jalma nu ngaran Nasrudin,
anu ngabogaan watek heuras jeung bedegong. Tapi kakeuheul maranéhna lian ti éta
téh nyaéta aya nu lain, anu nyababkeun maranéhna kacida cua. Hawa teu seger
nganjang, bau korupsi hihiliwiran tiap Nasrudin
datang ka ieu tempat.
*
“Omat kudu nepi ka Camat Danu.
Pokona kudu bérés kituh, lamun angger hayang jadi camat.” Nasrudin mikeun
gepokan duit ka Suroso.
“Hampura lain kuring embung mantuan.
Ngan sanggeus ku kuring dipikir. Kuring teu sanggup nuluykeun ieu proyek.”
“Jadi maksudna?”
“Kuring mundur ti ieu proyek!”
“Kunaon?”
“Geus teu kudu dicaritakeun deui.”
Suroso ngaléos.
“Hampura
kuring.” Hiji lalaki datang. Leungeuna nyembah ka gundukan taneuh anu mangrupa kuburan. “Lain
kuring teu bisa ngarawat, ngariksa ieu tempat. Ku kuring geus dicaritakeun dibéjér
béaskeun naon mamalana. Tapi ieu manusa neugtreug. Kukituna kuring ménta
hampura, lamun ti poé isuk mah aranjeun kabéh kagandéngan. Loba ringkang anu
teu dipikahayang kapaksa datang séja ngabaladah patempatan.”
Jep
éta lalaki maké baju hideung sarta sirahna diiket barangbang semplak, eureun
cumarita. Leungeuna mawa botol cai anu aya digigireun. Wur éta cai jeung
rupa-rupa kembang diawurkeun. Jung manéhna cengkat sanggeus nendeun sasajén
dina nyiru.
Bangsa
dedemit anu ngageugeuh éta wewengkon,
kacida kuciwa. Jilimna dipinuhan ku rasa amarah anu rohaka. Rék teu kitu
kumaha. Wewengkon anu salila ieu diriksa dirawat, dihadé-hadé pikeun kamakmuran
diri maranéhna ayeuna dirogahala. Dibaladah ku kaum manusa pikeun rancana
sorangan. Rencana anu kacida goréng keur maranéhna, pon kitu deui keur manusa
sorangan. Ngaruksak alam.
Camat
jeung kokolot anu aya di wewengkon Hambalang geus teu bisa ngeureunkeun
kahayang Nasrudin. Maranéhna apal saha ari Nasrudin. Jalma linuhung anu kacida
dipikasérab sakuliah jagat. Omongan anu salila ieu dipupusti dihadé-hadé ka
barudak sangkan nurut. Sangkan teu arulin ka daérah larangan ayeuna mintul.
“Omat
tong ulin ka lebah dinya. Tempatna kacida sanget.” Kitu ceuk tiap kolot lamun
aya barudak anu pirajeunan lunta lanto sarta rék arulin ka pasir leutik.
“Kunaon kitu, Ma?”
“Pamali.”
“Pamali kunaon?”
“Tempat karuhun nyalindung.
Nyalindungan urang, khususna nu aya di wewengkon Hambalang sangkan teu keuna ku
balai.” Ngan sakitu anu sok diomongkeun ku kolot-kolot ka barudakna.
Tapi
kuayana ieu pasir diburak barik, dibaladah ku jalma anu daratang. Barudak
ngajejeléh kolot, asa aing dibobodo. Buktina? Enya buktina. Warga sorangan
euweuh sahulueun nganjang ka éta tempat? Ari batur kumawani datang sarta
ngaruksak éta pasir.
“Tuh,
geuning euweuh nanaon?” ceuk barudak réang asa dibobodo.
*
Teu
lila gé méga proyék geus andegléng di éta wewengkon. Bangunan agréng kacida
tohaga sarta pikasérabeun jalma anu ningalina. Para pajabat saruka bungah
ningali rencana nu mulus banglus. Sanajan uculan duit ratusan milyar pikeun
ngawujudkeun kahayangna. Kaubaran ku ningali bangunan anu kacida tohagana.
Pon
kitu deui rahayat wewengkon Pasir Hambalang bungah. Rék teu kitu kumaha. Saumur-umur
maranéhna aya di dinya. Can kungsi maranéhna diberitakeun kana tivi. Tapi ku
ayana ieu proyék. Maranéhna jadi sorotan publik. Jadi pada ngadeugdeug awak média.
Pasir Hambalang jadi ténar.
Para
dedemit anu ngageugeuh éta wewengkon. Inyana kacida nyeri haté. Geuleuh kacida.
Tempat nyirurukna, tempat nganjrekna dibaladah ku jalma-anu teu boga tanggung
jawab. Maranéhna démonstrasi. Gotong royong sabalad-balad pikeun ngancurkeun éta
bangunan anyar. Lain lain teu panuju sabenerna kana kahayang Nasrudin
saparakanca. Tapi aya kahanjelu anu kacida gedéna. Maranéhna geus apal, naon
anu sabenerna aya dina jero haté maranéhna. Naha bener keukeuh peuteukeuh
nyieun ieu proyék teh keur kapentingan balaréa. Atawa akon-akon sangkan
kapentingan individualna teu kanyahoan?
Di
wewengkon anu hara-haraeun, jauh ka ditu ka dieu dijieun Sport Center. Dina ayana gé
meureun nu nongton paling ngan ukur jeleme tertentu waé. Hawa korupsi geus kaambeu ti béh ditu mula. Tapi nu baroga
dosana mah. Sareuri. Saruka bugah. Teu mikiran kumaha pibalukareunna. Nu penting proyék hédéd beunang ku maranéhna.
Wewengkon
anu hara-haraeun, geueuman, pikasieuneun téh ayeuna salin jinis jadi gedong
sigrong anu kacida agréngna. Hésé keur dicaritakeunna.
Ari
para dedemit téa, kapaksa paburencay, néang jalan séwang-séwangan. Nyalametkeun
diri sorangan. Lolobana caricing kénéh di dinya. Lian ti geus betah téh aya
misi nu lain. Nyaéta, démonstrasi. Ngeundeuk-ngeundeuk bangunan. Pondasi anu
kacida kuat téh teu weléh dioyagkeun, ditarajongan. Intina sangkan éta bangunan
ancur.
Ari
nu lainna? Mancalaputra mancalaputri
dina kahirupan jalma-jalma. Aya nu nyicingan diskotik, sakolaan, kabéh
patingsulabreng, patingkalayang areuntreup dina waruga-waruga manusa.
Balukarna?
Jalma-jalma geus teu loba kasieun jeung kamelang, ngalakukan sagalana kuma
karepna. Tunggul dirarud catang dirungkad, ngarémpak tetengger nu jadi papagon
kahirupan.
*
Ambruk!
Nagara
geunjleung. Tiap média nyieun headline news. Waktu karék satengahna bangunan méga proyék anu
dijieun téh urug. Ambruk teu pupuguh. Tibelesek sababaraha méter ka jero taneuh.
Berita anu saterusna ngajadikeun hiji jalma kacerek, pikeun dipénta tanggung
jawabna.
Hiji pajabat nagara
kacerek KPK wiréh kabaud korupsi. Potona ngajeblag dimamana. Nasrudin.
Ditaluntik perkara kunaon bisa kajadianna. Geus teu bireuk korupsi geus
ngalantarankeunna.
Teu
bisa kukumaha. Geus loba buktina. Antukna Nasrudin dicerek. Disiarkeun langsung
dina sababaraha tivi ngeunaan iwal kajadianna. Kabéh rahayat ngenes, cua ka
paripolahna. Ari jinisna? Waktu disorot
ku sabaraha média. Teu weléh imut kareueut, asa aing sélébritis. Leungeuna teu
weléh gugupay, ngadadahan, waktu ngaranna disebut, digero ku awak media. Jajauheun
ka aya rasa salah. Jajauheun ka ménta pangampura. Sumawona harakiri mah.
Imut
ngagelenyu ka sakabéh rahayat. Nyuaykeun kaceuceub anu pohara. Teu disangka,
Nasrudin anu ku maranéhna dipihormat, dipikaajrih, geus nyieun codéka anu
kacida gedéna. Sulaya tina ucapna. Geus sidik, koruptor!
Démonstrasi
rahayat antukna campuh ti ditu ti dieu. Bonganna para aparat anu dipihareup ku
rahayat nuntaskeun masalah geuning euweuh nu bisa. Pabeulit. Ceuk ieu si A nu
salah ceuk itu si B nu salah. Kabéh kabaud, matak lieur ngabandunganna.
Waktu dijagragkeun di
korsi sakitan, Nasrudin angger méré komara. Kabéh anu nyanghareupan patingkélémés,
arap ap, areup eup. Sieuneun nataku. Sieun alah batan nyanghareupan dedemit.
Beuki lila, beuki lieur. Beuki ngembat panjang euweuh tungtungna. Antukna beuki
poho. Ngaran Nasrudin kapopohokeun.
Euweuh...
euweuh nu bisa ngabéréskeun ieu masalah. Pasir Hambalang neundeun léléwa.
Nasrudin jeung baladna teuing kamana. Kasus hambalang ngiles tan karana. Diteureuy
dedemit. Dedemit Pasir Hambalang. ***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar