Jumat, 24 Januari 2014

Carpon Tribun Jabar , 21-23 Januari 2014


Ngaran kuring Drs. H. Bastaman. Haji Bastaman. Omat dina tiap ondangan resmi atawa teu resmi tulisan H. Atawa haji téa kudu dituliskeun. Gelar anu kacida mahalna. Keur meunang titel siga kitu téh pan kudu ngaluarkeun biaya anu lain saeutik. Jeungna deui loba pangalaman anu geus karandapan basa kuring keur aya di ditu, di  Mekah. Loba kapeurih jeung kanyeri anu kaalaman. Bandungan geura kajadian anu geus karandapan ku kuring.
Kasebeleun, aya pagawé purah sasapu (nyaho sotéh pédah wé tiap ka masjid, manéhna téh keur ngepél jeung sasapu).  Pembantu lah, mun kudu diécéskeun. Éta mah jelema, da teu euleum-euleum ka kuring tiap panggih sigana téh hayang nitah jeung nitah wé.
“Tuh nu beulah ditu, tah di juru sapukeun sing beresih. Omat kekebulna kudu leungit. Kudu nepi ka hérang ngagenclang,” cenah bari jeung mikeun sapu katut pangepélna ka kuring.
 Teu nyahoeun meureun lamun kuring di lembur téh jalma pangbeungharna. Bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. Di tempat pagawéan sasat pada ngahormat. Nyekel kalungguhan pangluhurna di Yayasan anu diadegkeun ku kuring. Yayasan ‘KumaAing’. Ketua yayasan, lamun kudu dibéjakeun mah, perkara jabatan kuring. Ari ketua berarti boga bawahanna. Yayasan anu dicekel ku kuring téh ulubiung dina urusan pendidikan. Teuing sabaraha ratus sakola anu maké bandéra yayasan kuring.  Kukituna, wayahna kudu tumut kana aturan anu geus ditetepkeun. Tiap bulan, iuran ti tiap sakola teu weléh ngalir ka yayasan kuring - saku kuring. Pupuhu anu ngawengku sababaraha unit garapan nu panglegana di tatar sunda. Yayasan anu ku kuring dicekel kacida nyongcolangna sarta teu weléh jadi bahan paguneman dina tiap aya kagiatan pendidikan umumna, khususna budaya kasundaan.
Di kantor alajrih ka kuring. Tiap amprok pada ngahormat. Pada ngajénan. Na, ari datang ka dieu? Naha katingalina beungeut kuring téh beungeut tukang sasapu kitu? Lamun inget yén kuring keur di Mekah, keur ngalakonan ibadah haji, geus dicarékan laklak dasar tah jelema. Teu boga cedo, wani-wani nitah ka kuring.
Aya deui kajadian anu matak tugenah. Teu pupuguh jelema hareupeun kuring. Karék panggih téh enyaan. Teu wawuh–wawuh acan. Teu pupuguh turun tina mobil, nyarékan laklak dasar ka kuring. Naon cing anu diomongkeuna.
“Ieuh Bastaman. Sing inget manéh téh. Saha anu ngagajih manéh? Hayang diturunkeun jabatan téh. Wani-wani nolak kahayang kuring. Pan nyaho manéh téh, si Ahmad téh anak urang. Anak teges. Anu kuliahna kakara bérés. Tah anyar kénéh karék diwisuda. Lamun teu percaya tingalian ijasahna. Dina ijasahna ngajeblag titél. Ahmad Kusaéri S.E, M.SC. Na teu percaya kana titél anak kuring?  S2. Tah,  poma lamun isuk jaganing géto. Aya anak kuring ka ditu mikeun lamaran, kudu ditampa. Tempatkeun di tempat anu ngareunah. Perkara éta geus aya nu ngeusian. Pan bisa diatur. Digusar gésér.
Omat! Lamun heunteu. Krek.” Leungeuna diantelkeun kana beuheung. “Ancur tah jabatan di dinya,” cenah nongtorowélang dina ceuli. Bari jeung langsung ngaléos. Ningalkeun kuring nu colohok mata simeuteun. Teu méré mingé saeutik-eutik acan ka kuring pikeun ngomong. Kasebelan tah jelema. Kawas boga beungeut anu kasép. Sakitu hideung lestreng téh. Éta palebah biwir keur ngomong. Leuh enyaan asa hayang ngabalédogkeun tarumpah anu keur dipaké. Wawuh gé heunteu langsung nyarékan.
Ah, geus tong diomongkeun deui kajadian nu geus karandapan mah. Matak nyeri haté saumur umur. Matakna hampura sakali deui, ka sasaha, poma lamun ngageroan kuring kudu maké haji. Jeung wayahna lamun dina tiap ondangan atawa naon waé keur kuring, teu maké titél H. jeung titel Drs. Kuring moal daék datang. Moal daék ngaluuhan éta acara. Rék sakumahaeun pentingna gé. Wayahna.
Matakna tong anéh lamun aya nu ngagero teu maké Haji, ku kuring moal dilieuk-lieuk acan. Rék sakumaha gogorowokan gé. Pan ceuk kuring gé biayana mahal sarta loba pangorbanan pait nu kaalaman ku kuring waktu ngalaksanakeun ibadah haji.
Kusabab kalungguhan kuring kacida alusna. Tong héran lamun dulur-dulur kuring  nu deukeut atawa nu  jauh, ngalayah di mamana nyekel gawé. Ti mimiti kepala sakola, guru nepi ka pesuruh pabalatak ku dulur kuring. Kudu. Kitu wéh ceuk kuring. Enya kudu ditampa gawé. Ah, barina gé da moal aya nu daék nolak kana titipan kuring.
 Geus puguh ari budak sorangan mah ti mimiti maranéhna bérés kuliah, saacan nyekel gawé nu maneuh,  geus dititipkeun ka unggal tempat. Dariuk di méja nu ngareunah. Paduli teuing jurusan jeung nu digawékeun patukang tonggong. Nu penting, maranéhna kudu ditampa gawé. Piraku wéh mun teu ditarima téh. Apanan kuring  nu ngawasa ieu yayasan. Nu nyekel kalungguhan. Lamun euweuh nu nampa téh,  lah kumawani pisan. Sugan hayang dipecat ku kuring.
Matakna tong anéh lamun tiap péngkolan, tiap gang loba nu pating arakang...  rengkuh, lamun pareng panggih téh. Kieu atuh ari geus jadi jelema nomor wahid di tatar sunda mah. Ajrih ku sorangan, bisa nepak dada. Hampura, lamun sorangan teu mamandapan, teu rengkuh siga maranéhna. Hampura da urang mah teu satata, maranéhna mah pan ngan saukur anak buah anu hirup huripna sasat dihirupkeun ku leungeun kuring sorangan.
Oh enya, kudu arapal ka anak-anak kuring. Maranéhna  geus garawé maneuh. Nu kahiji  geus jadi dokter di Kalimantan. Ari nu kadua dines di kapolisian. Kabéhanana geus rumah tangga. Hayang nyaho minantu kuring? Pasti nu salével. Agul wé saeutik, boga budak téh éstu gareulis karasép, tinangtu loba nu ngantay hayang diaku jadi minantu. Tapi teu sagampang kitu.  Kudu ditingali heula bobot bebet jeung bibitna. Pangpangna lebah duniawiahna. Wayahna, nu ngarasa boga kaduniawian paspasan mah kudu mundur wéh ti heula, tibatan dipegatkeun duriat. Da nepi ka iraha waé, kuring moal  rido ngawinkeun.
Hal ieu kungsi kajadian ka anak kuring nu bungsu. Neng Yanti Aprilia S.Pd. Reureujeungan jeung babaturan ngajarna. Geus lila, da cenah ti jaman kuliah kénéh. Tapi ku kuring sina diputuskeun. Cenah kuring teu nyaah? Lain. Justru kuring mah nyaah pisan ka anak sorangan. Hayang ningali manéhna senang ngahenang ngahening, utamana lebah kabeungharan. Geus kawin mah rasa cinta jeung kanyaah téh sirna. Naha dahar téh kudu ku cinta? Ah, klise tah awéwé nu ngomong demi cinta, demi sayang.
Anak kuring nurut. Sanajan kudu disabaran aya kana sababaraha tauna, keur ngupahan manéhna mopohokeun kabogoh. Ngarti kuring gé, bobogohan taunan. Ayeuna dipegatkeun duriat.  Mimitina mah keukeuh backstreet. Enya cenah geus putus tapi ngadéngé béja, angger wé sok papanggih jeung kabogohna. Antukna kuring turun tangan.
Peuting-peuting ngahaja datang ka imah kolotna. Beu! enyaan ngarénjag tah ningali kaayaan imahna. Rék teu kitu kumaha. Imah kuring sigrong kacida, pembantu sabaraha hiji. Ari ieu? Gusti! teuing dipélét naon tah budak kuring, nepi ka maskét ka si bebengok Ruslam. Imah leutik bari jeung sisi susukan. Geus puguh adina reuay. Panggih jeung indungna, ti mimiti dedegan nepi ka pakéanna, badis pembantu nu aya di imah kuring.
Pasti maranéhna gé colohok kadatangan ku kuring. Pasti. Sémah gagah, maké dasi nganjang ka imah anu rupek. Tinangtu tah si kasebeulan reuwaseun. Enyaan ieu haté senang lain dikieuna, waktu ningali maranehna popoyongkodan, tuur nyorodcod ningali kuring.
“Oh geuning aya tamu, mangga calik.” Éta indungna si Ruslam nitah diuk ka kuring. Teu hayang diuk kuring téh. Rarat rérét ka sakurilingeun. Korsi lépét, luhurna karebul. Duh kabayang lamun anak kameumeut kudu jatukrami jeung si Ruslam. Rék dikamanakeun beungeut kuring?
Tadina mah horéam  diuk. Ngan supir kuring hideng ngelapan korsi keur diuk. Antukna ngaragangan kanu jadi imah. Jeung pangpangna mah bisi lila ngobrol jeung nu boga imah. Lamun nangtung lila, kuriak cangkeul jeung asam urat karasa. Kapaksa diuk, bari jeung némér gé dina biwir korsi.
“Sanés ieu téh aya perkawis naon? asa rareuwas?”
“Ruslamna aya?”
“Oh, muhun ké antos sakedap nuju di masjid, netepan Isya.”
“Keun  atuh bari nungguan. Urang ngobrol heula. Nepangkeun. Lamun percaya, kuring téh kolotna  Néng Yanti Aprilia S.Pd. Ibu apal?”
“Oh Yanti. Kantenan. Pan réréncangan caketna pun anak.”
“Néng Yanti. Jeung poma tong wani nyebut réréncangan caket. Réréncangan biasa wéh.”
“Oh. Muhun yaktos, Pak,” cenah antukna manéhna teu ngomong deui.
Teu lila torojol Ruslam datang.
“Eh, Bapak,” cenah bari rengkuh ngajak sasalaman.
Kuring ngan saukur ngarérét ku juru panon. Teu hayang nampanan nu rék sasalaman. Kawas nu heueuh. Padahal nyaho lah, hayang kapaké ti dituna mah. Hayang diaku calon minantu.
“Ah geus teu kudu sasalaman sagala. Kieu Ruslam, Bapak téh rék nyaho nu bener-bener? Ari Néng Yanti salila ieu sok masih keneh babarengan?” Kuring nanya teugeug. Beungeut manco ka manéhna.
“Sering, Pak,” luk manéhna tungkul.
“Sukur ngaku nya. Da dina teu ngakuna gé. Bapak geus nyaho, yén manéh mindeng kénéh babarengan jeung anak kuring. Nanya sotéh hayang ngayakinkeun wéh. Hayang apal naha di dinya téh jelema jujur atawa heunteu.”
“Insya alloh moal bohong abdi mah, Pak.”
“Syukur atuh.  Tapi wayahna sanajan ngomong jujur. Bapak moal timbul rasa resep. Komo rék nyaluyuan jadi minantu mah. Moal. Teu hayang. Ruslam apal teu,  Néng Yanti téh geus dijodokeun ku Bapak. Ka  Insinyur nu beunghar, sarta ayeuna geus gawé  di PT Preefort, nyekel kalungguhan anu kacida pentingna. Apal teu?”
Teu nyoara.
“Bapak ngarti. Ruslam jeung anak bapak aya hubungan. Tapi éta mah anggap wé cinta monyet nya. Wayahna ti wangkid ayeuna nepi ka iraha waé. Tong wani babarengan jeung anak kuring. Poma nya? Lain nanaon, bisi aya mamalana. Hayang kitu Ruslam ningali Néng Yanti anak kameumeut Bapak hirup sangsara?”
Geus dikitukeun mah tah alhamdulillah, anak kuring, Neng Yanti tara babarengan. Malah ayeuna mah senang jeung salakina. Perkara éta cenah asa simpé di imah pédah salakina datang tilu bulan sakali. Lah teu nanaon. Da nyaho manéhna gé. Yén salakina gawé. Néangan duit pikeun kasenangan kulawargana. Ngaleungitkeun kasimpé mah barina gé bisa kaubaran ku shooping unggal waktu.
Sanajan ayeuna kuring geus pangsiun. Geus teu dines deui di kantor. Tapi pamor kuring masih aya. Cirining  jalma masih ngajénan ka kuring,  salaku jelema anu kungsi nyekel kalungguhan Pupuhu Yayasan ‘KumaAing’.
Aya kajadian anu matak kuring bisa nepak dada sorangan. Reueus ku ngaran kuring sorangan.
Kuring ngadatangan hiji sakola. Langsung ka kepala sakolana.  Ngobrol panjang lébar. Méh manéhna kasirep ku kuring. Ku omongan kuring. Kieu jujutanna. Kuring boga adi. Adi teges. Baheula téh ngajar di éta sakola. Sebut wé sakola SMP Panghayangna, anu aya di pusat kota hiji kabupatén. Ari adi kuring, ngaranna Sugiri. Boga incu. Teuing kunaon atuh tah budak téh dikaluarkeun ku sakolana. Geus kukurilingan néangan sakola euweuh nu nampa. Kitu deui basa ménta asup ka sakola SMP Panghayangna, teu ditarima. Alesanna ti baheula gé. Jéntréna ti mimiti Kepala Sakolana Pak Édi Risnandar, ieu sakola téh geus tara narima mutasi ti mamana. Rék alesan nanaon, keukeuh moal narima mutasi siswa.
Kitu deui waktu Sugiri, nepungan ka Kepala Sakola, ngobrol ngalér ngidul. Ih, da angger wé teu daék narima incuna sangkan bisa sakola.
Isukna kuring singkil. Nepungan kepala sakola. Teu pira omongan mah kieu.
“Panuhun, Ayi. Tampi incu Pak sugiri. Sami incu sim kuring ogé. Pan ayi apal. Ieu sakola téh diadegkeun ku akang. Ti bibilintik nepi ka jadi yayasan gedé nepi ka ayeuna. Éta téh éstu perjuangan akang. Bilih  ayi teu apal, pan tanah ieu sakola téh asalna nu akang pribadi. Ngan keur kamajuan sakola antukna akang nyérénkeun. Tong hariwang moal aya nu ngarebut ieu tanah, sumawona anak akang pituin. Da maranéhna mah geus jareneng. Baleunghar. Akang mah teu hayang nanaon. Teu hayang dihargaan. Ngan ayeuna mah ménta tulung. Sangkan budak ditampa di ieu sakola. Perkara aya nanaon pédah cenah aturan sakola tara narima mutasi. Lah percayakeun wé ka akang, da ketua yayasan anu ayeuna gé pan, minantu akang. Omat nya, Yi.”
Heuheuh teu pira ngomong kitu. Antukna budak bisa ditarima sakola nepi ka kiwari. Jeung na deui anu matak sugema kana haté, maranehna masih hormat ka kuring. Buktina? perkara saragam anu kuduna mayar. Euweuh nu wani nagih alias haratis. Kuring téa atuh nu ngawasa tatar priangan.***   



Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Karyana mimiti dipublikasikeun ti taun 2007. Tulisanna bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar