SMS ti Liang Kubur
Ku: Nina Rahayu Nadéa
Di pos ronda kasampak Marwan jeung babaturana
keur mijah. Pikasebeuleun pisan tingkahna. Rangga ajrag-ajragan nigel di pos ronda,
leungeuna nyekel botol bir dipaké keur mik. Andi sarua kitu kénéh.
Sakapeung seuri teu puguh. Markus ngagolér
di juru ronda, beuteung mendeyang, baju nutupan semet dada, nu laina atra ka
mana-mana. Siga nu teu tiris, padahal nu di imah mah paloba-loba simut nutupan
awakna bakat ku tiris. Abong nu mabok. Sagalana gé teu sadar. Digigireunna botol
inuman pating soléngkrah.
Peuting
éta
nu kuduna saré tumaninah, bolai. Kabéh sibuk ngamankeun kaayaaan.
Aya anu nepungan kolotna sangkan mawa budak anu keur mabok. Aya anu mémérés
pos ronda anu awut-awutan teu puguh. Kabéh sabilulungan demi mémérés
masalah. Geus aya kolotna, angger deui kabagéan kacapé.
Da nyokot jelema mabok mah ning hésé diatur. Leungeun ngopépang
ka ditu ka dieu. Sakapeung babadug siga nu gelut. Sakapeung niru-niru pulisi nu
keur nyerek penjahat. Aya-aya wae. Teu sirikna kolot di éta lembur dikerahkeun pikeun
naklukeun anu mabok.
***
“Wan,
cing atuh eureunkeun mabok téh, Ema mah enyaan geus éra
ku tatanga. Manéh téh geus balég anggursing sholat sing getol, kaduhung mah moal ti heula,” Ema Esih
mapatahan anakna.
“Naha
ku sholat masalah bisa bérés? Lah geuning Ema nu remen sholat angger wé sangsara. Mening néangan
kasenangan. Ngaleungitkeun masalah.”
“Lain
kitu, Wan. Da sholat mah geus kawajiban salaku umat Islam. Mending néangan
gawé
lah daripada ruang riung jeung bagajulan mah. Manéh jadi kabawakeun.”
“Gandeng
lah lieur. Bongan Ema atuh, hayang motor teu dipangmeulikeun waé.
Boga motor mah bisa-bisa kuring ngojég.” Marwan némbalan teugeug.
Ema
Esih ngan bisa ngurut dada. Lain sakali dua kali Marwan nyieun katugenah kana
haténa.
Dipapatahan mah dipapatahan, tapi angger wé kalakuan teu euih –euih. Tong
boroning ka batur ka manéhna sorangan salaku indungna angger poporongos, ngomong sangeunahna.
“Béré
ubar geura ka Ustad Solihin, sugan atuh budak téh rada bageur,” Ma Epon tatanggana
méré
kamandang ka Ma Esih dina hiji poé.
“Ah
dijiad angger wé ngadon urangna nu matak éra. Ka Ustad Solihin waé
wani ngékéak,
wani nyarékan,”
Ma Esih némbal.
“Sok
mamawa Ustad ka dieu, rék kabur geura.” teu kanyahoan Marwan datang. Ma Esih jeung
Ma Epon nu keur uplek ngobrol langsung jarempé. Marwan langsung ka jero
imah. Dina haténa neundeun kamelang. Melang lamun enya Ustad Solihin
datang deui.
***
“Wan,
ka dieu sakeudeng.” Ma Esih ngageroan Marwan anu keur ngagojod di kamar. “Buru
tuh aya nu ka dieu.”
“Saha
Ma? wayah kieu ngaganggu sakitu subuh kénéh.”
“Subuh
ti mana ari manéh sakitu geus beurang, sok buru-buru hudang,” Ma Esih
ngagedoran panto anakna.
“Gandéng
atuh, Ma,” panto kamar muka. Sirah ngelol.
“Sok
ka dieu heula Jang, méh cageur geura.”
“Saha
éta
Ma?” Marwan muncereng ka indungna. ”Wawanian sémah nitah ka kuring.”
“Abah
mah rék
méré
ubar.”
“Ubar
naon da kuring mah teu geuring.”
“Enya
cageur ngan maksud Abah téh sangkan manéh beuki cageur jeung bageur. Geura ka dieu
yeuh Abah méré
cai.”
“Oh
dukun di dinya téh?! Ubar nanaonan?” Marwan kaluar ti kamar. Leungeuna ngaragamang
kana jekét
nu ngagantung dina kapstok panto. Dangdak déngdék. Teu madulikeun Ma Esih jeung
sémah
anyar pinanggih merhatikeun kalakuanna.
“Wan
yeuh inum heula caina geura,” Ma Esih ngadeketan Marwan. “Karunya tuh si bapak
jauh-jauh ka dieu.”
“Ku
Ema atuh uyup. Méh cageur tina panyakit
sangsarana.”
“Eh
budak téh
kunaon nya, kitu peta ka indung,” eta lalaki siga nu mangkeheulkeun kana
kalakuan Marwan. Terus manéhna ngadeukeutan. “Teu meunang kitu. Ka dieu geura. Sok inum
saeutik wé...,”
cenah semu ngolo.
Sakedapan
Marwan ngahuleng.
“Sok
atuh ka dieukeun caina.”
“Tah
kitu atuh da ka....Aduh nanaon ieu téh maké jeung ngabura sagala.” Éta
lalaki ngagurubug teu nyana kana kalakuan Marwan. Sugan téh
enya wé
rék
nginum cai meunang ngajiad manéhna. Tapi ning éta cai ngadon diburakeun ka
palebah beungeutna pisan. “Kasebeleun. Sugan budak gélo,”cenah bari ngungkug ka luar
ti imah teu ningali deui ka tukang.
“Marwan
enyaan manéh
mah ngérakeun
pisan.”
“Matakna
tong mawa nu kitu patut ka imah atuh Ma, nanaonan. Cenah ngaku beragama tapi mawa
dukun ka imah. Kabéak – béak duit weh keur sangsara téh.
Nyaho teu musrik nu kitu téh.”
***
***
“Tah
Ma. HP anyar,” ceuk Marwan bari némbongkeun HP ka Ma Esih, bari indit ka
luar. Leungeuna mawa HP. Rék nepungan dulurna ogé sobatna, rék
ngabéwarakeun
no HP manéhna.
Isukna
Marwan amitan rék meuli pulsa keur modal jualan. Dijurungkeun wé
ku Ma Esih. Ditungguan jam 12 can datang, soré teu jebul, peuting nya kitu.
Ma Esih teu puguh cicing. Sanajan enya Marwan mindeng teu balik. Tapi peuting
ieu beut asa béda karasana. Asa teu puguh. Teuing naon nu jadi marga lantarana.
Beungeut Marwan kokolébatan waé.
Guligah
anu ngamomotan pikiran kajawab. Waktu peuting-peuting datang pulisi sarta ngabéjakeun
yén
Marwan geus teu dikieuna. Kacilakaan tina motor di daérah Tangkuban Parahu.
“Ké,
Pak. Pun anak mah da heunteu ka Tangkuban Parahu. Tapi badé
ka daérah
Cijerah mésér
pulsa. Ma Esih ngomong ka pulisi.
“Dupi
ieu KTP tuang putra sanés?” éta pulisi mikeun KTP ka Ma Esih.
“Leres....”
“Tah
ieu KTP aya dina saku korban.”
Ma
Esih teu walakaya, awakna nahnay kapidara. Komo barang ngadéngé béja
ti pulisi yén
Marwan ninggalkeun alam dunya dina kaayaan teu sadar. Alatan mabok. Inuman nu
dioplos jeung pél nu asup kana awakna ngaleuwihan dosis, antukna lara
nalangsa nibanan raga. Papisah ti alam dunya dina kaayaan teu daya. Inalillahi wa ina Illaihi roji'un.
Marwan...Marwan
naha teu ngagugu ka Ema atuh kasép, batin Ma Esih ceurik balilihan
nandangan nalangsa. Sanajan enya Marwan sering nguciwakeun, sering poporongos,
jauh kana ibadah tapi haténa kacida kaleungitan kunu jadi anak hiji-hijina.
***
Harita
peuting-peuting keur ngariung ngaraji. Ngado’akeun si jenat sangkan ditampa
iman islamna dihampura tina sadaya dosana.
Kring
sora Hp Rendi, alona Ma Esih disada. Dititenan aya sms asup.
‘Duh
geuning enya siksa kubur téh aya. Hampura.’
“Ké
ari ieu nomor saha?” manéhna némbongkeun sms kanu aya di dinya. Sakedapan nu ngaraji
eureun heula. Nyaruakeun no HP nu asup.
“Éta
mah no Marwan.”
“Pan
HP Marwan mah geus riksek teu nyésa basa kacilakaan téa.”
Kabéh
tingharuleng.
Di
luar hujan ngagebrét tarik pisan, kasawur angin peuting anu nyéak
handaruan. Ti kajauhan lebah pajaratan, kadéngé
nu nginghak nyambat-nyambat indung bapak.
“Ema....Bapak....Hampura
kuring.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar