Kamis, 29 November 2012

Dimuat di Majalah Mangle, Kamis 29 Nov 2012 Nomor 2401


Biruang Jeung Patani
Ku: Nina Rahayu Nadea
                Baheula téh biruang kasup sato anu kacida bageurna. Bageur ka jelema jeung sok daék tutulung.  Malah nyobat dalit pisan jeung patani. Patani anu boga sawah deukeut leuweung, ngarasa kabantuan tanagana ku biruang. Duméh biruang sok daék waé nungguan tatanén garapanna. Atuh patani teu capéeun teuing, nungguan atawa ngontrol tatanénna ngan saukur beurang wungkul. Ari peunting mah saré wéh di imahna, teu mikiran tatanénna. Da aya anu nungguan. Sakadang biruang. Biruang ogé daekeun wé dititah ku patani. Barina gé aya nu diajam. Hayang dibéré ‘buruh’ paré anu ngeunah, sarua siga anu sok didahar ku jelema.
                Dina hiji poé patani panén paré. Paréna lumayan mucekil. Kabéh beubeunangana di bawa ka imahna. Jeung dina poéan panén téh, ngahaja nungguan biruang euweuh. Atuh waktu biruang apal panen téh kacida  hanjeluna pisan. Langsung wé  biruang nepungan patani.
                “Mana bagéan kuring?”
                “Tuh bagéan di dinya mah di sawah, kuring bagéan anu luhurna. Di dinya bagéan handapna.”
                Kencling we biruang téh ka sawah nyokot bagéanna. Tami ning sésana beut jarami wungkul. Paréna mah teu kabagéan saeutik eutik acan. Jeung na waktu diasaan téh jarami mah teu ngeunah. Béda jeung paré anu nikmat didaharna.
                Ah geuning patani téh ngabohongan ka dirina. Nyaho kieu mah moal daék  nungguan paré nepi ka peuting. Keun wé, paré patani sina béak dihakan ku beurit atawa ku bagong. Biruang ngagerendeng dina haténa.
***
                Dina hiji waktu patani nepungan biruang.
                “Aya naon?”
                “Pangnungguan keun tatanén kuring.”
                “Embung ah. Kamari gé ngan saukur dibéré bagéan handapna. Teu ngeunah. Kuring mah hayang dibéré bagéan luhurna.”
                “Hampura wé. Lain maksud kuring ngabohong di dinya. Harita mah karunya ka anak pamajikan jeung tatangga. Jadi bagéan luhurna béak dibagikeun. Tatanén nu ayeuna mah jangji, bagéan pangluhurna kabéh keur di dinya,” ceuk patani ngomong rada ngalengis.
                Biruang anu tadina rék ngambek ka patani. Teu jadi. Waktu ningali patani ngomongna lumengis pikarunyaeun. “Enya lah kuring daék. Tapi kudu jangji nya? Awas lamun cidra!” ceuk  biruang ka patani.
                Kacaturkeun biruang kalawan geten nungguan tatanén bogana patani. Tara aya nu kaliwat. Ungal jam, unggal poe, unggal Minggu, ditunggan taya kacapé. Nu dipiharep ayeuna manéhna meunang bagéan anu ngeunah ‘bagéan pangluhurna’. Mungguhing sato. Teu apaleun biruang, yén anu dipelak ayeuna mah lain paré siga baheula. Tapi anu dipelak ku patani ayeuna nyaéta kumeli. Ceuk pikir biruang harita pasti nu ngeunahna téh siga paré anu aya di pangluhurna.
                Sawatara lila tatanén anu ditungguan ku biruang, dipanen ku patani. Sakadang biruang kacida atohna barang nyaho yén patani rék panén teh. Atuh manéhna gé mantuan ngangkutan hasil panénna.
                “Tah ieu bagéan di dinya.”
                “Nu pangluhurna nya?”
                “Enya.”
                Biruang kacida atoh waktu dibéré bagéan pangluhurna. Da éta kahayangna. Terus wé dihakan ku manéhna. Tapi ning teu aya rasana, ngadon murel. Biruang datang ka imah patani. Katingali patani keur masak bagéan panghandapna. Sarta katingali pisan ku biruang. Yén pepelakan anu ku manéhna ditungguan téh geuning kumeli lain paré siga anu mimiti ditungguan.  Karék apal biruang yén kumeli mah  anu ngeunahna téh  beutina, bagéan panghandapna. Lain pangluhurna.
                Biruang keuheul ka patani.  Gening patani téh geus ngalicikan manéhna sababaraha kali. Cidra kana jangjina. Rumasa geus dibobodo ku patani.  Nyobat jeung manéhna téh  aya nu dipiharep. Hayang tanagana wungkul. Tapi lebah babagi angger licik. Angger ngabohong. Biruang ngageremet ka patani, sarta jadi musuh patani.
                Jeung dina haténa geus jangji. Yén sing saha waé jalma anu ngulampreng ka daérah leuweung, ku manéhna baris dirogahala. Baris disingsieunan. Bongan patani ngalicikan waé ka manéhna. Tah ti dinya nepi ka kiwari biruang jadi sato anu galak.*** ( Tina sababaraha sumber)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar