Kamis, 31 Januari 2013

Dimuat di Majalah Mangle 17 Januari 2013


Sasakala Toké
Ku: Nina Rahayu Nadea
                Jaman baheula. Kacaritakeun aya hiji budak, ngaranna Toka. Manéhna cicing di imah lalaki nu diaku guruna. Sanajan enya ti saprak Toka cicing di imah guruna, tacan aya élmu anu geus kacekel ku Toka. Tapi Toka tetep ngarasa ajrih jeung hormat ka guruna.
                Ari anu disebut guruna. Hiji lalaki anu kacida kedul jeung taya gawéna. Sabenerna manéhna embungan kaheurinan ku Toka. Tapi dipikir-pikir lumayan ogé, ayana Toka di imah manéhna, lumayan keur dititah-titah. Utamana nitah barang gawé di imahna. Sagala  pacabakanan di imah, ti mimiti sasapu, masak, nimba, ngala suluh ka leuweung, kabéh ditangkes ku Toka.
                Ari gawéna di imah ngan saukur cicing. Manéhna mah tinggal tutunjuk. Dahar kari am waé. Sanajan kitu, euweuh pisan ngahargaan ka tanaga Toka. Sanajan gawé Toka ripuh, angger wé kana barang béré kadaharan mah hésé pisan.
                Dina hiji waktu, manéhna ngageroan Toka.
                “Toka...Toka, ka dieu!”
                Toka anu keur nimba di sumur langsung nyampeurkeun. “Sumuhun aya  naon Kangjeng Guru?” Toka ngarengkuhkeun awakna.
                “Di leuweung keur meujeuhna suungan. Geura téang ku maneh nya!”
                “Sumuhun, mangga.” Toka teu léléda gancang saged. Tatan-tatan rék ka leuweung.
                “Toka...toka ka dieu heula.”
                Toka nu sajungjungeun rék indit  teu jadi, waktu ngadéngé  digeroan.
                “Aya naon Kangjeng Guru?”
                “Méméh ka pasar. Manéh ka dieu heula nya. Ke urang pilihan heula, suungna. Bisi manéh teu bisa.” Padahal dina haténa aya kasieunan. Sieun suung anu dijual ka pasar teu sarua jeung beubeunangan Toka. Intina mah sieun kapalingan ku Toka.
                Gancangna carita, Toka geus aya di leuweung. Enya wé geuning teu nyalahan caritaan guruna. Di leuweung keur meujeuhna tingparentul suung.
                “Ehm abong guru sakti, nyaho wé di leuweung keur usum suung.” Toka beuki ajrih ka guruna anu disangka sakti. Padahal lalaki anu diaku guruna, ngomong kitu téh, pédah ningali usum hujan. Anu tangtu waé dina usum hujan mah, sakadang suung pasti ceuyah, pasti loba.
                Sanggeus wadah pinuh, Toka balik ka imah.
                Kangjeng guru...Kangjeng guru. Enya wé ucap guru saciduh metu, saucap nyata. Tuh tingali suung meuni loba kieu,” omong Toka bakat ku atoh.
                “Euh saha téa atuh guruna,” éta lalaki nepak dada. Semu agul.  “Di leuweung loba kénéh Toka?”
                “Seueur pisan,” Toka ngomong satarabasna.
                “Hayu atuh urang ka leuweung waé. Éta mah teundeun heula wé di dapur. Keun engké ka pasar mah lamun geus bérés ti leuweungna. Hayu urang dibarengan.”
                “Ayeuna?”
                “Enya ayeuna, ari geus rék iraha? Bisi suungna kaburu diala batur.”
                “Ari sugan téh mumuluk heula,” Toka nyenghél. Bari nyekelan beuteung anu geus pupurilitan.
                “Engké wé lah di leuweung daharna. Méh nikmat geura.”
                Bring wé dua jalma ka leuweung. Ngala suung. Waktu ningali suung anu kacida lobana, éta lalaki langsung sumanget ngala suungna. Teu nolih ka Toka anu nahan lapar. Tapi sanajan  Toka lapar, angger wé, di gawé kalawan suhud. Anu diharep sangkan pagawéan téréh réngsé. Sarta téréh balik ka imah.
                Bakat ku getol gawé. Teu karasaeun ku guruna Toka. Wanci geus maju ka peuting. Manéhna angger sumanget ngala suung. Teu nyahoeun manéhna, yén Toka geus balik. Da panyangka Toka,  guruna geus mulang tiheula méméh magrib.
                “Toka...Toka...!” éta lalaki  reuwas waktu sadar wanci geus peuting. Sarta culang cileung euweuh sasaha.
                “Toka...Toka...!” manéhna gegeroan. Tapi nu dicalukan teu embol-embol.
                “Budak bagkawarah sugan. Na kamana atuh budak téh!” manéhna kutuk gendeng,
                Rét manéhna ka béh wétan. Katingali aya hiji imah. Ah, lumayan keur istirahat mah, ceuk  gerentes haté. Terus wé muka panto, sarta manéhna asup. Geblug, sora panto meundeut deui satarikan. Reuwas kacida. Terus muru panto, niat rék dibukakeun. Tapi panto hésé dibuka. Dikitu kieu angger wé nutup. Teu bisa dibuka. Atuh manéhna ngahuleng. Jeung nalangsa duméh manéhna kakerem di imah batur bari jeung cuang cieung euweuh sasaha.
                Tanaga béak balas dipaké ngagedoran panto. Tapi angger teu régrog-régrog. Antukna manéhna teu daya, tanaga béak, awak ramohpoy. Hing wé ceurik nyambat Toka. Rét manéhna ka luhur. Katingali aya cakcak ngarayap. Ka luar tina celah-celah panto.
                “Ehm bagja temen, lamun jadi cakcak. Meureun kuring bisa ka luar ti ieu imah jahanam,” haténa nalangsa bari jeung ningalikeun cakcak nu geus ka luar.
                Do’a manéhna dikobul. Teu sakara-kara awakna langsung robah jadi sakadang cakcak gedé. Ngan angger wé teu bisa ka luar ti éta imah. Da awakna gedé.
                “Toka...Toka...!” manéhna ngageroan. Nepi ka sorana peura, méh béak. Antukna nu ka luar tini biwirna lain Toka, tapi “Toké...Toké...!” Tah, ti harita cakcak gedé katelahna toké. (tina sababaraha sumber)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar