Kamis, 31 Januari 2013

Dimuat di Majalah Mangle, 17 Januari 2013



CARPON LUCU
Korban Sinétron
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Maksakeun manéh ka dokter sosorangan. Da pamajikan keur indit gawé.  Ngubaran sakadang huntu, nu geus ampir dua poé nyayang. Pipi nepi ka bareuh jeung beureum. Beuteung panas balukar teu kaasupan daharan anu merenah. Tadina mah horéam ka dokter. Ngan geus teu kuat. Teu kuat nahan kasakit nu mingkin nyanyautan.
                Datang ka imah langsung wé obat didahar. Maksud téh, sangkan téréh leungit nyanyautanna. Tapi angger wé geuning can aya karasana. Matak kesel. Ah, ké meureun keur adaptasi heula obatna, cekéng di jero haté. Antukna diuk dina korsi hareupeun tivi. Teu lila ti masjid kadéngé adan Isya ngalanglaung.
                “Pa, abdi rék ka masjid heula nya! Rada lila da rék terus ngiluan pangajian.”
                “Sok.”
                “Pa?”
                “Naon deui?”
                “Omat nitip nya?”
                “Enya.”
                Kencling pamajikan indit ka masjid, ninggalkeun kuring. Ari kuring manco di hareupeun tivi. Maksud téh sangkan sakadang huntu teu karasa nyanyautan teuing, ari ningali hiburan mah. Jeung inget wé kana talatah pamajikan. Awak ngagolér dina korsi panjang. Bantal diteueulkeun kana pipi anu nyanyautan. Tapi angger wé geuning. Komo ningali acara anu pikasebeleun mah matak nambah panyakit baranahan.
                Kesel ngabandungan acara tivi, antukna jetrék tivi dipareuman. Gandéng. Tungtungna tumaninah dina korsi bari jeung ngararasakeun huntu nu nyanyautan. Teuing jam sabaraha harita, waktu pamajikan datang.
                “Heuh, meni kesel tadi mah ngiluan pangajian téh. Jeung aya acara tambahan sagala, pédah aya anakna  ustad ti dayeuh. Jadi wéh kapaksa ngadéngékeun manéhna méré wejangan. Bari teu paruguh. Da pikiran inget waé ka dieu.”
                Kuring  hudang. Ceg kana cai, regot diinum. Nyed! kana huntu aya nu ngurunyud, linu nyanyautan, waktu cai tiis keuna kana huntu anu nyeuri.
                “Haduuh...ampun.”
                “Kunaon, Pak?”
                “Kunaon.. kunaon. Nyaho nyeri huntu, maké jeung nanyakeun sagala!”
                “Naha lain geus dibéré obat ku dokter?”
                “Teu matih,” pok téh teugeug.
                “Aéh, Bapakna kumaha titipan téh?”
                “Boro-boro teu kaburu!”
                “Teu kaburu atawa teu ningali?”
                “Teu ningali. Tivina gé dipareuman.”
                “Heuh ieu mah dititipan téh, teu puguh. Jadi wéh teu  nyaho tuluyna. Sakitu diomat-omatan téh,” pamajikan ngagadeud.
                “Ieuh! boro-boro inget kanu kitu patut. Pan nyaho kuring nyeri huntu.”
                “Pan méméh indit, di dinya ngaenyakeun. Hanas kuring teu talatah ka batur.”
                “Sugan téh rék cageur. Da geus diobat. Ngeus atuh tong murang maring kitu,” kuring ambek.
                “Bisa ka batur tong murang-maring. Ari di dinya ngambek. Heuh dasar Haji Muhidin.”
                Éléh...éléh...nanaonan nyaruakeun kuring jeung Haji Muhidin sagala? Aing mah lain Muhidin. Tapi salaki manéh. Inget,” kuring beuki ambek.
                “Ah. Muhidin mah angger wé Muhidin. Gedé ambek. Jeung pangpangna teui inget kana amanat pamajikan. Lamun hayang disebut Haji Sulam mah kudu soléh. Amanat ti pamajikan geuwat dilaksanakeun. Lain diharé-harékeun. Dasar Muhidin.”
                “Kéla, naha jeung mamawa amanat sagala. Naha ari kuring teu ngalaksanakeun amanat naon?”
                “Heueuh pan tadi méméh ngaji. Ceuk kuring omat pangningalikeun sinétron Tukang Bubur Naik Haji. Ké caritakeun ka kuring kumaha dongéngna.”
                “Ya ampun. Ari manéh. Ceuk aing gé nyeri huntuuuu.”
                “Pan bisa bari ningali. Da ningali tivi mah lain ku huntu tapi ku panon.”
                “Enggeus ah lieur ngobrol jeung manéh mah,” kuring nguniang maksud rék ka kamar. Ngarasakeun huntu nu beuki nyanyautan jeung horéam ngabandungan pamajikan nu beuki nongtorowélang.
                “Ah, dasar Muhidin.” Pamajikan beuki ngahanakeun.
                “Geus lah tong ningali waé nu karitu patut. Kesel ngabandunganna.”
                Belewer sendal nu keur dipaké, dibalédogkeun kana tivi.  Prang... tivi peupeus sapada harita. Sendal kai, nenggel pisan kana tivi.
                “Halah siah jadi peupeus. Moal ningali deui Haji Muhidin atuh!”
                “Puas!”
                “Pokona gantian!”
                “Moal. Tamat riwayatna si Haji Muhidin téh.”
                Kuring meundeutkeun panto kamar satarikna. Teu miroséa ka pamajikan nu ceurik balilihan.***
               

1 komentar:

  1. Ngaran abdi Lilian N.This mangrupakeun dinten pisan galumbira tina hirup kuring kusabab pitulung teh Dr.saguru geus rendered ka abdi ku nulungan kuring meunang ex salaki kuring balik kalayan magic sarta cinta mantra. abdi ieu nikah keur 6 taun jeung ieu jadi dahsyat sabab salaki kuring ieu memang curang on kuring sarta ieu néangan keur cerai tapi nalika abdi datang di sakuliah email Dr.saguru di internet ngeunaan cara anjeunna geus mantuan sangkan loba jalma keur meunang ex maranéhanana balik sarta mantuan ngaropéa relationship.and sangkan urang janten senang dina hubungan maranéhanana. i dipedar kaayaan kuring ka anjeunna lajeng neangan pitulung-Na tapi mun kejutan greatest abdi anjeunna ka kuring yen manehna bakal nulungan kuring jeung bisi kuring jeung didieu abdi keur kiwari celebrating sabab Salaki kuring geus robah sagemblengna keur alus. Anjeunna salawasna hayang jadi ku kuring teu bisa ngalakukeun nanaon tanpa hadir abdi. abdi keur bener ngarasakeun abdi nikah, naon hajatan hébat. abdi bakal tetep dina testifying di internet margi Dr.saguru sabenerna mantra caster nyata. Dupi anjeun peryogi Pitulung lajeng kontak DOKTER SAGURU AYEUNA via email: drsagurusolutions@gmail.com atanapi whatsapp +2349037545183 Anjeunna hijina jawaban pikeun masalah anjeun sarta make aran senang di relationship.and anjeun na oge sampurna dina
    1 CINTA mantra
    2 meunang EX deui
    3 buah kandungan
    4 promotion mantra
    5 panyalindungan mantra
    Mantra 6 bisnis
    7 alus pakasaban mantra
    8 lotre mantra jeung mantra Pangadilan hal.

    BalasHapus