Sabtu, 12 Januari 2013

Dimuat di Majalah Mangle


Dahar Nikmat
Ku: Nina Rahayu Nadéa
               
                Ngahaja daging beubeunangan tina jatah kurban téh disiksikan laleutik. Méh teh hésé teuing nyapék. Maklum huntu geus méh béak. Ari kana dadagingan masih kénéh hayang. Sanajan ceuk batur teu nalipak manéh. Haté kumejot hayang dahareun nu ngeunah ari huntu geus teu méréan. Nya diakalan. Daging diprékprékan heula ku mutu, terus dikeureut laleutik. Teu nanaon gégéréntélan. Nu penting bisa kadahar ku kuring jeung nu jadi salaki.
                Meungpeung euweuh barudak. Pan, lamun araya mah sok sagala dihulag. Itu ulah ieu entong. Nu ngeunah sagala disumputkeun. Bisi didahar ku kuring. Sakapeung mah sok keuheul ka barudak. Ari incu dititip-titip, ari boga kadaharan ngeunah disarumputkeun. Tapi kétang kuring ngarti. Bakat ku nyaah kanu jadi kolot. Boga panyakit.
                Maju ka kolot panyakit naluturkeun. Darah tinggi, diabétés, koléstérol. Tapi kangaranan resep. Teu bisa dihalangan ku batur. Sakapeung dicarékan ku nu jadi anak. Majar téh teu bisa ngatur. Teu nyaah kana awak. Puguh nyaah awak, hayang ngadahar nu ngeunah, meungpeung hirup. Kitu wéh dijawab téh.
“Do’akeun wé, anggursing séhat, nambeh bisa ngurus incu,” cekéng ka barudak. Barina gé moal loba, asal ngasaan. Barudak teu bisa majar kumaha. Tungtungna ngantep.
                Geus dikeureutan terus dipasak maké bumbu basajan.  Teu poho maké kécap rada loba. Méh teu kaambeu teuing hanyir. Jeung babakuna mah salaki kétang resep kana bumbu kécap téh. Sawatara lila diantepkeun heula. Sina hipu dagingna. Selengseng seungitna geus kaambeu, ngahiliwir. Nguniangkeun rasa lapar nu tatadi geus nyayang. Salaki geus sababaraha kali mukaan katél. Ngoéran daging ku séndok.
                “Sabar ke sakeudeung deui,” ceuk kuring. Ningali polah salaki nu bangun teu sabar.
                Teu sawatara lila daging asak. Gura-giru dipernahkeun.  Diangkat. Diwadahan kana baskom parantina. Terus diteundeunan. Teu di meja makan. Hayang dahar nikmat. Ngampar di hareupeun tivi. Kabéh dipernahkeun di dinya méh teu ajag-ajig.
                Sigana dahar téh beuki nikmat. Sangu ngebul katambah dibarengan kunu jadi incu satilu-tilu. Dibaturan haleuang Cianjuran tina tivi. Tumaninah.  Kabéh surak waktu pasakeun geus réngsé. Ngajagrag di hareupeun tivi.
                “Nin, emam ayeuna nya?”
                “Enya sok, ngawadahan.”
                Harideng sorangan, incu nu dua ngawadahan dahareun. Geus gede. SD. Ari nu leutik mah 3 taun, sawadah wéh jeung kuring da can bisaeun.
                Kabéh balakécrakan. Nikmat naker. Enyaan. Salaki gé kuat ka sababaraha kali mindo. Bakat ku nikmat cenah.
                Kuring gé sarua kabawekeun nikmat. Dahar ponyo babarengan. Bari jeung ngahuapan nu jadi incu.
                Sangu dina piring kari satengahna. Waktu incu nu leutik, mugen dihuapan. Teu daék cicing.
                “Enggal emamna.”
                “Aim ah, aim.”
                “Atos emamna?”
                Budak unggek.
                Kuring gé teu ngahuapan deui. Tungtunan jongjon ngahuap sorangan.
                “Leuh abong budak, éta meuni marurag kitu, tuh daging di mana waé,” salaki nujuk kanu ngagéréntél hideung, gigiren incu kuring nu leutik.
                “leuh enya wé yeuh si geulis. Nyaah Néng tong dipiceunan,” ceuk kuring bari nyelemun kana éta daging. Rék dihuapkeun pisan. Tapi kéké naha beut asa bau....
                “Ku naon ngahuleng lain huapkeun lebar.”
                “Kéla bauna asa anéh.”
                “Anéh kumaha,” salaki nyokot daging tina leungeun kuring. Laju ngadeukeutkeun kana palebah irung.   “Huo...ieu mah lain daging atuh. Ieu mah siga bau...” teu kebat ngadon ningalikeun kanu jadi incu. “Tingali éta budak siga ngaheujeun.”
                “Ade éé?” kuring nanya.
                Manéhna unggek.
                Leuh nu disangka daging teh geuning bukur tina  imbit si geulis. Incu nu leutik kénéh. Untung wéh can dihuapkeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar