Kamis, 31 Januari 2013

Dimuat di Majalah Mangle 31 Januari 2013


Kawin Aki-aki
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Kapaksa teu asup gawé. Da aya telepon penting. Aya gempungan keluarga, kitu cenah dina eusi telepon. Rék naon deui atuh nya? Kitu anu gumulung dina jero haté waktu nampa amanat dina telepon.
Karék surti waktu geus ngariung sadulur-dulur. Ngagebeg waktu bapak ngabéjaan rék kawin. Kawin deui. Kawin nu kadua kali tisaprak indung kuring ninggalkeun alam dunya. Nyeri haté. Enya nyeri haté kanu jadi bapak. Euweuh pisan perhatiana ka diri kuring. Ti tilu sadulur tinggal kuring nu can rimbitan. Pan manéhna nyaho kuring sakeudeung deui rék jatukrami. Sabulan deui. Tapi euweuh pisan basa jeung carita. Tadina mah atoh aya riungan keluarga téh, sugan téh rék nyawalakeun perkara kuring.
Ari pék? Leuh jauh tina panyangka. Ning ngadon riungan nyawalakeun dirina sorangan. Kasebeleun. Tapi teu bisa majar kumaha. Meureun geus kitu kahayangna. Geus pada apal, boga bapak téh kitu cupatna. Lamun dipikiran mah kanyeri-nyeri haté.
“Nya kitu wéh, omat dina poéana bapak kudu dianteurkeun.”
“Insya Alloh.”
“Hiji deui.”
“Naon deui, Pak?”
“Mun bisa mah udunan ti maranéh. Saeutik éwang. Dua juta euwang wé. Keun ari perkara mas kawin mah, Bapak gé da geus nyiapkeun.”
“Dua juta. Ah, teu langkung Bapak wé, da abdi kaleresan kosong,” ceuk kuring miheulaan bari jeung ngarérét ka nu jadi lanceuk. Dina haté keuheul pisan. Ngeunah wéh hayang dibantuan. Ka kuring gé teu saeutik-eutik acan barang béré. Euweuh pisan basa carita, keun wéh sina ihtiar sorangan.
“Nya baé atuh, tadina mah éra wéh. Ka ditu ngagilincing,” Bapak jamedud
***
Dina poéana, kuring sadulur-dulur nganteurkeun. Ngabélaan nyarter mobil hiji. Teu digugu kahayangna anu hayang ondang-ondang ka dulur anu deukeut. Kahayangna mah adi lanceukna jeung adi lanceuk almarhum (indung kuring) kudu dibéjaan.
“Atos wé hawatos. Rariweuh. Keun wéh urang nu ngariung,” cekéng kanu jadi bapak.
Ti imah nyubuh. Ngahaja. Da nu rék kaanjangan téh ayana di luar kota. Naméh nepi ka ditu teu beurang teuing. Ngarah téréh rérés. Maklum kabéh boga kasibukan séwang-séwangan. Dikersakeun poé kawinan téh, lain poé Minggu. Tapi poé Kemis, anu keur meujeuhna loba gawé.  Padahal basa riungan téh omat-omatan kanu jadi bapak. Sangkan poéan ngadahup téh kudu poé Minggu. Ari ieu? Enya rék teu digugu piraku da kanu jadi bapak. “Meunang ngitung jeung poé nu alus,” ceuk bapak. Ngabélaan gutreng heula jeung dunungan, anu antukna alhamdulillah ngidinan, sanggeus ditembongkeun eusi sms.
Lanceuk-lanceuk kuring marawa barudak. Da kitu kahayang akina, omat kudu dibawa.
“Palih mana ieu téh, Pak?” ceuk supir kanu jadi bapak.
“Kéla-kéla. Asa itu tuh lebah péngkolan,” Bapak semu asa-asa.
Léok supir muterkeun setir kabeulah kénca. Katinggali sawah héjo ngémploh ti ditu ti dieu. Teu katingali aya imah hiji-hiji acan.
“Leres, Pak ka dieu?” supir nandeskeun.
“Enya sok wé terus,  ké manggih pilemburan geura.”
Mobil nyemprung. Tapi beuki jauh asa teu katingali aya pilemburan. Nu puguh ngadon panggih jeung kekebonan. Nu dijero mobil geus teu puguh cicing. Komo deui nu jadi alo geus titatadi mula. Ngarenghik ka indungna.
“Mah, lami kénéh teu? Panas.”
“Muhun, abdi mah lapar.”
Rét kuring ningali kana jam dina pigeulang leungeun. Geus jam 12 beurang. Ari jangjian dirapalan  jam 9. Teuing sababaraha kali mobil puputeran. Nyasab.
“Ari Bapak, atos ka bumina?” kuring nanya.
“Pernah sakali. Ngan poho deui da harita téh peuting ka dieuna,” cenah semu éra. Duméh ditalék ku budak sababaraha kali.
“Leuh atuh kumaha apél téh teu paruguh,” nu jadi lanceuk ngomong.
“Telepon atuh, Ki?” ceuk alo.
“Nyéta telepona tinggaleun.”
“Tong cios nikah wé, Ki. Urang uih deui wéh, yu!. Adé mah panas sareng hareudang,” ceuk alo.
Leuh kumaha atuh. kabéh tingharuleng. Bari caricing di hiji warung. Kapaksa. Pédah Alo jeung nu lainna lalapar.
“Badé ka mana Bapak?” nu boga warung nanya.
Éta badé ka bumina bu Imas.”
“Muhun ngan ti tadi kukurilingan teu kapendak waé geuning,” lanceuk ka dua kuring ngomong semu keuheul.
“Bu imas?” nu boga warung kerung.
“Bu Imas nu nembé uih ti Arab, Minggu kamari.”
“Imas putrana almarhum Pak Soma?”
“Oh. Leres pisan. Manawi ibu uninga atuh,” Bapak semu atoh.
“Atuh éta mah baraya kénéh. Dupi bapak téh calonna téa kitu?”
“Leres.”
“Euleuh. Hayu atuh dijajapkeun. Bapak lepat jalan rupina. Kedahna méngkol ka katuhu, waktos mendak cagak téh.”
Alah siah. Jadi yeuh kuring boga indung téré nu kadu kalina, haté kuring ngagerendeng. Boro geus atoh,  moal jadi kawin.***          

Tidak ada komentar:

Posting Komentar