Rabu, 12 April 2017

Dongeng Gayatri

Dimuat di Majalah mangle No 2622, 30 Maret-5 April 2017


Dongéng Gayatri
Ku Nina Rahayu Nadéa
                “Sora orok nu ngéar téh nyeuitan kana haté. Bangun nu ngajak waé. Sakapeung sieun matak kukurayeun. Embung ngadéngé sora ceurikna. Tapi mingkin dihulag mingkin remen datangna. Sakapeung kasono moho hayang ngadéngé ceurikna. Jadi sok ngalamunkeun orok.  Orok nu keur meujeuhna butuh kaasih, butuh keukeupan ti hiji indung. Téga nian éta indung nu ningalkeun  budak. Nepi ka saban peuting ngéar teu eureun néang indungna. Kang.... abdi teu kiat ngadanguna. Hoyong nyingkah ti ieu lembur. Mugi akang kersa ngabantos.”
                Kuring ngahuleng sanggeus maca inbox ti manéhna. Inbok ti FB hiji awéwé nu ngaran Gayatri. Mimitina mah sok haré haré. Wawuh gé apanan ukur na FB, teu dipikiran. Tapi kalilaan mah teu burung jadi pikiran. Komo manéhna remen pisan nyaritakeun masalahna. Kaayaan lembur Cihéam, lembur matuhna. Ti remen maca status ogé inboxna kuring mimiti  mairan status atawa inbox. Intina nitah sabar jeung tawakal. Bangun nu atoh manéhna, kuring ngomén téh. Ti dinya nyambung. Malah beut aya nu ngait kana ati. Rasa suka ka Gayatri.
                Hujan keur meujeuhna ngaririncik waktu kuring datang ka Lembur  Cihéam. Banget ku panasaran ka Gayatri. Geus ampir tilu taun wawuh di dunia maya, ayeuna waktuna tepung, gerentes kuring. Sanajan teu bébéja ka Gayatri, kuring ayeuna rék datang.
                Kapanasaran nambahan, waktu Gayatri ngainbox ka kuring nyaritakeun dongéng ngeunaan orok téa. Ceuk Gayatri,  lembur téh pernahna tukangan Gunung Ciseupan. Ngan cenah langka anu datang lantaran lemburna pikasieuneun. Lembur Cihéam  jadi geueuman tisaparak hiji awéwé miceun orok ka Walungan Cisitu. Walungan nu aya di Lembur Cihéam. Mun peuting komo lamun hujan ngecrek sok kadéngé sora orok ceurik ngéar. Pikarunyaeun. Kitu jeung kitu anu dicaritakeun ku Gayatri.
                Rasa panasaran anu nungtun kuring ka dieu. Ka lembur Cihéam. Sanajan rada anéh. Sajajalan nanyakeun Lembur Cihéam beut teu nyarahoeun. Ah, tapi teu  leutik haté. Angger leumpang. Haté tigin bakal bisa tepung jeung manéhna. Kahayang tinekanan waktu tepung jeung hiji aki aki keur manggul suluh. Leumpangna eureun sarta ngécagkeun bawaannana waktu kuring nanya.
                “Leres Encep téh badé ka lembur Cihéam?”
                “Leres pisan, Ki.”
                “Sok atuh diduakeun ku aki, sing lungsur langsar.”
*
               
                Wanci karék jam dalapan ningali kana jam mah. Ngan lembur téh poék mongkléng taya cahaya listrik saeutik eutik acan. Leumpang dibaturan ku hujan ngaririncik. Teu jejem. Da kudu nyuay nyuaykeun  jukut eurih nu kabeneran ngahalangan jalan. Bras ka jalan gedé. Lugina haté. Leumpang digancangan. Beuki sumanget waktu ningali aya imah leutik ku bilik. Rék ngilu heula istirahat, pikir téh.
                Pupuntenan sababaraha kali. Teu lila aya bapak bapak kaluar. Bari jeung mawa cempor.
                “Leuh gening aya tamu. Mangga Encép kalebet. Hapunten di dieu mah kieu. Poék, maklum teu aya listrik.” Manéhna nitah kuring asup.
                Kuring ngobrol ngalér ngidul. Nyaritakeun Gayatri. Katingali unggut unggutan.
                “Encép téh leres hoyong mileuleuheungkeun Gayatri?” Éta lalaki nanya daria.
                Kuring unggeuk.
                “Nuhun atuh. Mun percanten abi téh  Bapakna Gayatri.”
                “Bingah pisan tiasa tepang. Dupi Gayatrina dimana, Pak?” Kuring teu sabar.
                “Di kamar.” Bapak Gayatri nunjuk hiji kamar. “Bapak mah bingah nu aya, aya nu haat ngajait Gayatri. Ngan Encép kedah uninga kaayaan Gayatri téh kitu gening.”
                “Kitu kumaha?” Kuring rada ngalenyap.
                “Muhun siga anu kasurupan. Komo mun datang peuting. Mindeng gundam nyambat nu teu puguh. Mugia waé atuh ari sareng Encép mah pun anak tiasa damang.”
                “Muhun pido’ana waé. Da ari abdi mah tos keukeuh hoyong ngadahup ka Gayatri.”.
                Anteng ngobrol ngadadak jempé. Waktu kadéngé cluk clak cihujan kana kenténg. Teu lila paralak hujan gedé siga anu dicicikeun ti langit. Rék balik téh teu jadi da kahalangan ku peuting katambah hujan gedé.  Bener ceuk Gayatri Lembur Cihéam téh keueung. Tapi moal éléh wawanén. Dapon kahayang nyandingkeun Gayatri kacumponan, kudu nyingkahkeun kasieun.
                “Yatri teu nanaon?” Kuring neuteup Gayatri anu ngahuleng. Dina cahaya cempor anu kakalicesan, kageulisan Gayatri bisa katempo.
                “Teu nanaon, Kang. Ngan nyéta mun wengi téh sok asa teu pararuguh.”
                “Ah, tong diémutan. Ké mun urang tos ngadahup. Urang ngalih ti dieu. Méh Yatri damang.”
Riyeg imah asa oyag. Waktu kuring eureun nyarita. Asa deukeut pisan, pipireun imah kadéngé sora orok ceurik ngear. Katingali Gayatri élékésékéng. Rénghap ranjug. Nutupan ceuli tipepereket.
“Deudeuh... Néng.” 
“Kunaon Yatri?”
“Orok...orok...!” Manéhna midangdam. Ceurik. Nu ceurik jeung sora cihujan patémbalan. Nambahan keueung nu pohara. Nambahan Cihéam sungkawa. Kuring ningali ka Gayatri nu ceurik kanyenyerian. Ngarérét ka bapakna nu teu puguh cicing. Hujan gagebrét angger. Kitu deui sora orok les lesan angger kadéngé.
                Sora orok nu ngéar matak muringkak bulu punduk. Pantes lamun Gayatri jadi kitu, siga nu kasurupan. Da ngadéngé sora orok téh matak kukurayeun. Kurang kurangna inget mah bakal siga Gayatri anu leungit pangacian.
                Walungan Cisitu jeung lembur Cihéam baheula mah matak betah pada mikahéman. Tapi tisaprak kajadian éta, loba warga anu antukna pindah. Nyalametkeun dirina sorangan. Tinggal kulawarga Gayatri nu cicing di dinya. Lain teu hayang cenah pindah nuturkeun nu lain. Ngan mun diajak, Gayatri sok mugen waé. Ti baheula – ti leuleutik remen ulin di Walungan Cisitu. Geus kajudi panineungan nu hésé dileungitkeun. Éta nu ngalantarankeun Gayatri embung pindah.
                “Akang nyaah ka abdi?”
                “Tangtos matakna tebih tebih ka dieu gé. Hoyong ningal Gayatri damang. Hoyong ngambah sagara rumah tangga ngan sareng Gayatri.”
                “Mun Akang nyaah ka abdi. Jajap abdi ka walungan Cisitu. Mun ningali walungan téh kasakit sok ngadadak ilang.”
                Nya kitu mun balik ti walungan téh sok katangen béragna. Kasedihna leungit sok datang marahmayana. Tapi kituna téh teu lila. Komo mun manggihan peuting mah. Muyung jeung ngaheruk datang deui. Kitu carita Bapakna. 
                “Kunaon atuh. Yatri téh. Sok bisi aya nu disidem ka Akang caritakeun. Akang bakal ngadangukeun.” Kuring neuteup Gayatri.
                “Teu aya nanaon, Kang. Ngan duka teuing. Beut unggal peuting téh meni asa leuwang. Asa teu paparuguh. Ayeuna Gayatri hoyong ka Walungan Cisitu. Mugia Akang kersa jajap.” Manéhna eureun nyarita. Ngusap cipanon anu ngalémbéréh. “Pan Akang hoyong ningali Yatri damang. Mung sakali ieu da. Mugia Akang kersa nedunan kahoyong Yatri.” Deui deui manéhna nyarita.
                Kuring duaan leumpang dibaturan hujan. Dibaturan nu ngéar. Leumpang lalaunan dibaturan kakeueung. Dibaturan kasalempang anu teu eureun eureun.
                “Kang hoyong apal naha orok téh ngéar waé?” Gayatri diuk dina batu anu némprak. Sanggeus anjog ka sisi walungan.
                “Kunaon kitu?” kuring malik nanya.
                “Néangan indungna. Hayang babarengan atuh. Yatri aya dongéng. Akang badé ngadangukeun?”
                Unggeuk.
                “Waktu hujan ngaririncik. Aya hiji awéwé datang cenah ka ieu walungan.” Ngarandeg. Neuteup cai walungan nu kacaangan ku cahaya bulan.”Tah awéwé éta téh, kacida cintana ka kulawarga- ka indung bapakna. Embung nganyerikeun haté kolotna. Ku banget hayang ngabagjakeun kolotna luas lunta ka luar kota néang pagawéan, pikeun nyugemakeun kolotna. Tapi di tempat gawé téh ngadon kagoda ku dunungan lalakina malah nepi ka ngalakukeun anu teu uni. Nepi ka ngahasilkeun budak. Ti tempat gawéna ditundung. Lantaran sieun, éta awéwé téh micen éta orok ka ieu walungan, Kang.”
                “Gusti.... ku téga. Nya, Yat.”
                “Enya. Kang. Awéwé kitu mah  teu kudu dihampura. Anggursing kudu maturan budakna anu kokoléaban dina cai. Saban peuting ngulayaban néangan indungna. Ku harianeun nya, Kang.”
                “Enya. Ngadéngé carita Yatri beut matak kukurayeun. Ku aya tega nya....”
                “Geus ngaruksak ngaran lembur Cihéam deuih. Nu tadina katelah lembur nu héman. Jadi lembur anu geueuman.”
                “Ari eta awéwéna kumaha nasibna, Yat.”
                “Gering. Kagégéloan ku budakna.”
                “Baruk. Dimana cicingna.”
                “Di dieu Kang. Kuring pisan.” Gayatri nangtung, teu lila. Seuri. Waktu ti jero  walungan mucunghul hiji jirim, roroésan. Ngéar tarik. Ranggah ka Gayatri.
                “Hayu, Dé. Ieu Mamah.” Gayatri ngagujubar ka jero walungan.
                Kuring nu hareugeueun. Rikat  ngagajleng ka walungan. Ngan édas, suku teu daék ngagejebur. Ngadon ngadayagdag ka tukang, aya nu metot.  Sora adan ngalanglaung. Sora orok ngiles sapada harta. Sora céahna cai Cisitu leungit.
                “Tah kitu dongéng Gayatri téh, Encép.  Untung Encép mah teu nanaon. Bisa balik deui ka alam manusa.” Aki aki kolot nu manggul suluh téa cumarita.***            
               
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Banyuwangi,  Haluan-Sumatera, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar