Senin, 10 April 2017

Halimun

Dimuat di Majalah Mangle No 2621, 23-30 Maret 2017


CARPON MANGLE GAUL
Halimun
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                                                        Cenah anjeun bogoh ka kuring. Tapi mana buktina? nepi ka kiwari taya kedal cinta. Kalimah anu saenyana kacida ditungguna, pikeun cepengan kuring. Kalimah nu bakal  ningtrimkeun haté. kuring gé sarua nyaah ka anjeun, Dén. Rék ngadagoan cinta anjeun. Tapi ning nu dianti téh teu embol-embol. Sakapeung mah  hariwang.  Inggis ieu tresna  téh nogéncang.
                                                        Sakapeung  aral mun ngingetkeun hal éta. Da kahayang mah cinta nu lumrah siga nu lain. Siga Yudis nu langsung nyatakeun rasa cinta ka Yani ngaliwatan surat. Atawa Dévi anu antukna jadian jeung Iwan, pédah Iwan nyatakeun cinta via inbox facebookna. Katingali ayeuna layeutna. Ari kuring?
                                                        Ceuk sasaha kuring jeung anjeun téh pasangan nu serasi, sarua geulis-kasépna, sarua pinterna. Ngan saukur imut mun aya nu nanya ihwal hubungan kuring jeung anjeun. Nu lain mah apalna téh ngan saukur saliwatan. Tangtu waé nyarangka yén kuring jeung anjeun téh geus jadian. Pasti kituna mah pan kamamana gé sok babarengan. Mun aya nanaon anjeun pasti sayaga nganteurkeun kuring. Iraha waé. Kanyaah anjeun katampa pisan tina sorot panon tina rema anu teu kahaja antel. Geus puguh mangerjakeun tugas, dalah kadaharan gé mun pareng istrirahat, pan anjeun sakitu  merhatikeunna. Ah, Dénys enyaan anjeun téh lalaki nu kacida dipiharepna ku kuring.
                                                        Ngan Fébri sobat kuring nu apal kumaha samagahana ieu haté. Aya halimun anu minuhan  haté, anu sabenerna pinuh ku  ngaran anjeun. Taya béngrasna, halimun tetep ngungsi na ati. Anjeun  tetep misterius, hésé ngobetna. Naha kuring kitu nu kudu miheulaan ngomong  I love you ka anjeun. Géngsi atuh. Jeung na deuih teu ilahar  awéwé nyatakan cintana ka lalaki. Matakna kuring tetep rék nganti anjeun.                        
                                                        Keur kelas X, XI mah sok ngubaran haté sorangan. Pasti meureun anjeun teu ngucapkeun kalimah cinta téh bisi ngaganggu diajar. Inggis cinta kalalanjoan. Inggis pelajaran urang jadi burantakan. Ayeuna kelas pamustungan. Kelas XII. Harepan mimiti tingparentul dina haté, ngarep-ngarep anjeun sangkan buru buru nepungan ka kuring. Pan sakeudeung deui urang téh bakal papisah. Sakeudeung deui neruskeun hanca pikeun nyuprih elmu kanu leuwih luhur.  Tapi saméméh pisah kuring hayang boga cecekelan. Naha anjeun teu apal Dén. Yén loba lalaki nu daratang ka kuring hayang dipikabogoh, hayang deukeut ka kuring. Tapi ku kuring teu ditarima. Kuring nyaah ka anjeun. Kuring bogoh ka anjeun.
                                                        Sok katangen timburuna mun dina hiji poé bareng jeung hiji lalaki. Siga dina hiji poé harita, kuring remen bareng jeung Yadi, pédah aya acara bakti sosial ka korban banjir. Babarengan da kabeneran Yadi ketuana atuh kuring bendaharana. Malah sakapeung balik bareng da kabeneran imahna ngaliwatan imah kuring.
                                                        “Dén... engké uihna sareng nya.” Ceuk kuring harita ngahaja megat anjeun waktu istirahat.
                                                        “Naha. Pan tos sababaraha dinten gé sareng Yadi?” anjeun malik nanya. Bari jeung tonggoy leumpang teu miroséa ka kuring.
                                                        “Dénys nyeuseul?” kuring nyusul. Hayang apal kumaha paromanna. Asa atoh manéhna ngomong kitu. Kahayang mah atuh, aya nu kedal, “ enya kuring ambek. Kuring timburu pédah anjeun duduaan waé jeung Yadi.”
                                                        “Ah, heunteu. Bébas saja.”
                                                        Meg asa aya nu nenggeul kana angen. Dénys... Dénys.  “Janten tiasa teu engké uih sareng?” Kuring malik nanya.
                                                        “Ari Yadi?”
                                                        “Dénys. Sasarengan sotéh pédah wé aya acara. Ayeuna mah acarana tos bérés. Éh, teu sawios kétang pami moal nganteur mah. Punten nya bilih ngarépotkeun.” Kuring ngabecir ka kelas. Nahan piceurikeun nu nyelek teu kaampeuh. Teu didéngékeun deui Denys anu gegeroan. Jeun teuing.
*
                                                        Geus lila teu bisa neuteup panon anjeun. Teu bisa ngubaran kasono anu gulumung dina  dada. Geus lila anjeun teu sakola. Cenah gering. Tapi pareng ngalongok ka imahna, ning anjeun mah teu aya. Da cenah ka luar kota. Duka kamana da tatanggana gé teu arapaleun. Atuh jadi  leungiteun carita. Teu aya anjeun nu salila ieu dipikamelang.
                                                        Ka sakola téh jadi teu puguh, da taya anjeun nu biasana ngaheureuyan.
                                                        Harita isuk kénéh geus aya di sakola basa aya ibar cenah anjeun geus aya di Bandung. Ceuk bapak guru urang ngalayad.
                                                        “Abdi ngiring nya, Pak.” Jol itu jol ieu hayang milu.
                                                        “Enya hayu wé sakelas. Da bapak geus nyarter mobil  keur maranéh.”
                                                        “Asiiik.” Kabéh hémpak. Tara tisasari Pak guru téh bageur. Pan biasana mah mun ngalayad téh paling gé duaan. Asal aya nu ngawakilan waé.  Nu lain mah angger kudu diajar. Ari ayeuna ning bébas. Teu sirikna sarurak, da bébas tina pelajaran.
Sajajalan récok sagala diomongkeun. Jalan ka Lémbang nu jauh jadi teu karasa, ari ku ngobrol mah. Beuki deukeut haté téh beki ratug. Asa sedih waé inget ka anjeun Dén... sajajalan beungeut anjeun anjeucleu na panon. Ngan wasa neuteup halimun nu sapaparat jalan nuturkeun. Nyingkahkeun teuteupan ti babaturan.
                                                        “Aduuh aya nu kangen, euy.” Si Bahlun ujug-ujug nyelengkeung.
                                                        “Saha?”
                                                        “Itu nu tatadi neuteup jandéla. Haha. Tenang Rani, sakeudeung deui panggih jeung kabogoh.”
                                                        “Gandéng...” Kuring ngabalieur.
                                                        “Tos di dieu wé, Pa.” Pak guru nitah eureun ka supir. “Barudak tong geruh, engké mun geus aya di ditu. Omat nya.” Ceuk Pak guru leuleuy.
                                                        “Siiap, Pak.”
                                                        Datang ka imah téh gening geus pinuh ku jalma. Ngarénjag waktu apal di imahna aya nu kapapaitan.
                                                        “Aya nu maot ning, Pak?” tanya kuring bari neuteup  bandéra konéng hareupeun imah.
                                                        “Enya, ning?” nu lain sarua hemeng.
                                                        “Enya barudak.  Hayu bisi kaburu dikurebkeun.” Pak guru teu papanjangan.
                                                        Kuring sabatur-batur nuturkeun.
                                                        Dunya asa tibalik. Basa apal saha anu maot. Ning anjeun, Dén. Anjeun nu salila ieu dipimelang, dipihéman. Anjeun ninggalkeun carita, ninggalkeun tresna nu karék mangkak. Sanajan  taya carita. Taya ucap cinta nu kedal tini biwir anjeun. Anjeun neundeun rusiah,  aya halimun nu ngahalang cinta urang. Ceuk kolot anjeun sorangan. Anjeun téh sabenerna ngabogaan kasakit jantung. 
 Cipanon teu kaampeuh bedah. Paungku-ungku jeung Fébri sobat kuring. Halimun Lémbang tambah ngandelan, beuki lila euntreup na dada.
“Wilujeng angkat, Dénys...”
***
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Solopos, JogloSemar, jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar