Rabu, 12 April 2017

UNBK jeung UNKP

Dimuat di Majalah Mangle No 2623, 6-12 April 2017. Ok. Selamat Ujian Nasional anak-anakku sayang, yang kebetulan sedang Ujian, jangan lupa baca artikelnya yah :)


Kolom
UNBK jeung UNKP
Ku  Nina Rahayu Nadéa
Guru / tutor kesetaraan UPT PK PNFI XI Dinas Pendidikan Kota Bandung
                Adu rényom perkara UN lekasan. Anu pro jeung nu kontra pamustungan kudu tungut ka  pamaréntah. Dumasar kana aturan No 0043/P/BSNP/I/2017 Ngeunaan PROSEDUR OPERASIONAL STANDAR PENYELENGGARAAN UJIAN NASIONAL TAHUN PELAJARAN 2016/2017, UN angger dilaksanakeun. Jadwal SMK 3-6 April 2017,  SMA 10-13 April 2017. Susulan SMK jeung SMA  18-19 April 2017.  SMP/MTS  2 Mei – 4 Mei, terus disambung 8 Mei 2017, sedengkeun susulan SMP 22 Mei-23 Mei 2017.
Komo ayeuna mah aya istilah UNBK jeung UNKP sagala. Urang jelaskeun hiji-hiji. UNBK-Ujian Nasional Berbasis Komputer nyaéta Ujian Nasional ngagunakeun komputer anu geus dilengkepan ku software anu husus disadiakeun pikeun ngalaksakeun UN  tur soal anu dipaké bobotna sarua jeung UN tertulis.
                UNKP-Ujian Nasional Berbasis Kertas dan Pensil nyaéta sistem Ujian Nasional ku cara maké naskah soal jeung lembar jawaban (LJUN). UNKP geus biasa dilaksanakeun dina taun taun saméméhna. Barudak ngeusian soal ku cara ngabuleudan Lembar jawaban anu geus disadiakeun. Maké barcode biasa mah.
               
                Atoh jeung hariwang meureun sakola ku ayana UNBK téh. Atoh nandaning pamaréntah bener bener merhatikeun Ujian Nasional. Hayang ngajadikeun UN sangkan teu kaeuntreupan ku hal hal négatif. Ningkatkeun ajén kajujuran. Apanan geus jadi catur ti béh ditu gé. Yén ku ayana UN loba kajadian anu teu dipikahayang, contona waé naskah soal  bocor, atawa budak anu nampa kunci jawaban. Duka bener heunteuna  mah. Ku ayana  kajadian éta meureun pamaréntah nyieun ihtiar sangkan hal anu tadi disebutkeun teu kajadian deui. Salah sahijina ku UNBK. Hal lain anu jadi pertimbangan: sangkan irit lebah waragad. Coba bayangkeun sabaraha naskah soal anu kudu dicitak pikeun jumlah peserta UN nu aya di  Indonesia?  Jeung nu utama nah mah  sangkan éfisien. Teu kudu angkaribung mawa naskah soal.
                Ari hariwang? Lebah noong sarana prasarana anu aya di tiap sakola. Geus kabayang tiap sakola can tangtu ngabogaan komputer pikeun ngayakeun UNBK. Dina ayana gé tangtu can nyumponan sarat pikeun ngalaksanakeun UN. UNBK bisa dilaksanakeun sacara mandiri di sakola séwang séwangan lamun ngabogaan komputer minimal 1/3 tina jumlah peserta.
                Kanu can ngabogaan komputer, tapi hayang ngilu UNBK bisa dilaksanakeun ku cara gabung jeung sakola lain anu pangdeukeutna. Bisa néangan sorangan atawa bisa ménta bantuan ka disdik. Éta meureun  kunaon pangna UN SMK, SMA tur SMP teu bareng. Sangkan silibantuan dina urusan sarana prasarana. Tapi sanajan bisa nginduk ka sakola lain, kudu dipikiran sing asak perkara nangtukeun sakolana, lebah nyaman jeung prestise.  
                Nilik kana waktu UNBK, bérésna UN téh moal sarua. Aya nu geus bérés aya ogé nu acan. Lantaran dina sapoéna dibagi 3 sési. Sési 1, Pukul 07.30-09.30. Sési 2, Pukul 10.30-12.30. Sési 3, Pukul 14.00-16.00.  Peserta login heula ku cara ngasupkeun user name ku nomor peserta anu geus aya. Terus ngeusian pasword nu dibagikeun ku proktor. Proktor nyaéta guru atawa tenaga kependidikan di sakola anu ngabogaan sarat: boga kompetensi di widang tékhologi informasi, kungsi ngiluan pelatihan pikeun proktor UNBK, sadia pikeun jadi proktor ku cara  ngeusian pakta integritas anu geus disadiakeun.
Dina niténan sési anu aya kana 3 sésina geus kabayang ku urang  kumaha dag-dig-dugna peserta. Komo lebah prasarana éror atawa loginna lila jeung laina anu aya patalina jeung téknis komputer.    
                Béré nyaho ka barudak sangkan teu melang. Apanan  bisa nanyakeun ka pengawas, tékhnisi atawa proktor. Pengawas; nyaéta guru anu ngawas jeung ngajamin kana kalancaran UNBK di ruang ujian. Proktor  nyaéta petugas anu dibéré wewenang pikeun ngungkulan aspék téknis UNBK di ruang ujian. Ari téknisi nyaéta petugas / pengelola laboratorium komputer anu ngabogaan tugas pikeun ngabantu proktor jeung peserta ujian ngeunaan téknis perkara perangkat keras ( komputer jeung sérver), jaringan jeung listrik salila UNBK.  Jadi dina prak prakan UNBK  teu kudu dipaké hariwang lantaran aya nu méré nyaho lamun  aya masalah, tapi lain hartina ngabéjaan eusi. Ukur merenahkeun lebah tékhnologina. Bisi waé teu bisa, gapték téa.
                Kudu loba  sosialisasi méméh prung dilakasanakeun UNBK. Aya kénéh waktu pikeun diajar sangkan dina prungna, teu loba kasieun. Sosialisasi penting pikeun nyingkirkeun sakadang stréss nu aya di barudak. Sosialisasi lain ngan saukur keur  peserta nu rék ngiluan ujian tapi ogé sosialisasi pikeun guru salaku pengawas, proktor, téknisi jeung lainna anu aya kakaitanna jeung UN. Perlu dilakukeun supaya caina hérang laukna beunang.
                Pikeun sakola nu can mampuh ngalaksakeun UNBK sabenerna pamaréntah geus nyieun kawijakan séjén nyaéta nu ngaranna UNKP-Ujian Nasional berbasis kertas dan pensil. Prak prakanna mah sarua waé  siga nu eunggeus eunggeus. Jadwalna ogé  sarua  jeung UNBK.  
                Kauntungan UNKP,  nyaéta waktuna anu sarua jeung nu lain. Lantaran teu aya sési.  Bareng kabéhananna. Béda jeung UNBK, bérés salah sahiji pelajaran téh teu bareng. Atuh barudak bisa waé silitanya jeung babaturanna anu ngeus ngalaksanakeun UN. Leuheung lamun nanya ka babaturan anu kabeneran mulus banglus teu aya nanaon waktu keur ngerjakeun. Pareng nanyakeun ka babaturan anu komputerna éror atawa loginna lila. Tinangtu sacara psikologis geus nambahan beban  ka barudak nu can ngilu ujian.
                Tinggal dipilih waé rek ngilu ujian nu mana naha UNBK atawa UNKP? Kudu dipilih sing asak alus goréngna. Ulah karna géngsi ngajaga prestise sakola  ngilu UNBK misalna tapi dina pamustunganna barudak jadi korban. 
Cenah UNBK bisa ngaleungitkeun kacurangan. Gumantung kana pribadina séwang séwangan. Da mun dipikir UNBK jeung UNKP sarua waé. UNBK  Ujian berbasis komputer, méré peluang ka peserta muka materi anu sarua jeung soal anu diujikeun ku cara ngabrowsing, tingal nanyakeun waé ka Mbah Google, geus sadia jawabanna. Komo komputerna disadiakeun jaringan internét.  Kitu deui UNKP sarua bisa nanyakeun ka batur atawa loba anu kacaritakeun cenah soal téh bocor. Tinggal nyalin waé jawabanna. Peluang ieu anu nyababkeun nilai murni can bisa kaukur. Si pinter bisa waé meunang nilai nu leutik, atuh anu biasa biasa, bisa waé meunang peunteun anu alus.
UNKP, siswa kudu nanda tangan dina lembaran anu geus disadiakeun, lain waé dina daftar hadir tapi ogé dina LJK. Wajib. Nandakeun manéhna hadir sarta teu ngawakilkeun ka batur. Ari UNBK, apanan siswa ngajawabna dina komputer. Nanda tangan ukur dina daftar hadir wungkul. Dina jawaban? Ah, pan teu kudu nanda tangan.  Méré peluang kanu hal teu bener. Joki téa. 
Rék UNBK atawa UNKP mangga téh teuing. Nu penting kudu bener bener aya kereteg  tina haté sakabéh pihak sangkan UN téh bener bener beresih, teu maké ihtiar sangkan nilai barudak undak.  Tapi naha tiap daerah geus siap lamun hasil UNna nyirorot? Naha teu éra kitu lamun nilai UN laleutik?***

               
Nina Rahayu Nadéa. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka Tasikmalaya, Majalah Guneman,  Sastra Sumbar, Majalah Bobo, Buletin Jejak, KOMPAS, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, Joglo Semar, Radar Bayuwangi, jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar