Senin, 08 Juli 2013

Artikel bahasa Sunda. Majalah SundaMidang 20 Juni-20 Juli 2013


Nyegah Tawuran
Ku: Nina Rahayu  Nadéa

            Tawuran nyaéta hiji kagiatan ti mimiti paséa tug nepi ka pacogrégan, pagétréng atawa ngalakukeun lampah anu nyababkeun ayana ‘adu fisik’, sacara langsung atawa teu langsung anu dilakukeun ku sakelompok atawa golongan nu aya di masarakat. Nilik kana artina, kecap tawuran téh kacida dipahing ku sakabéh jalma. ku sakabéh  masarakat. Coba titénan naon balukar tina tawuran.  Lian ti karugian materi, tapi ogé immateri pasti katampa ku sakabéh palaku tawuran, sarta ngarugikeun pihak-pihak lainna.
            Anu jadi kasalempang jeung kahariwang dina danget ieu, yén tawuran téh ayeuna geus nerekab ka budak sakola anu umurna keur labil. Plin plan. Coba urang titénan kajadian anu dilakukeun ku budak sakola. Lain hiji dua waé kajadian balukar tina tawuran anu geus dilakukeun ku maranéhna, tapi geus kacida réana. Tawuran saolah geus biasa dilakukeun. Sarta dianggap kalakuan anu teu pira. Lumrah.  Maranéhna ‘budak sakola’  anu kuduna cicing di sakola, ngabandungan, nampa pangajaran ti  para guru, hirup di jalan. Anu sakuduna bubar ti sakola balik ka imah séwang-séwangan. Anggursing turun ka jalan babarengan jeung batur sabalad-balad ngayakeun tawuran.
            Tah hal éta pisan anu ngajadikeun réngréngan pangatik turun komarana. Maranéhna salaku pajuang widang pendidikan geus dianggap tolédor kana kajadian ieu. Tangtu waé hal ieu téh jadi masalah  kabéh guru.  Nu pasti kabéh guru, tinangtu geus méré isarah tur méré aturan ka anak didikna sangkan teu ngalakukeun hal anu ngalanggar aturan.  
            Anyar-anyar ieu kungsi kadéngé,  pamaréntah seja nambahan jam pelajaran di sakola. Pikeun ngungkulan masalah tawuran anu beuki mahabu waé. Hal ieu dilakukeun sangkan ruang lingkup jeung nyebarna tawuran mingkin nyaeutikan.
            Salaku pangatik kudu sugema saheulaanan, réhna kajadian tawuran geus aya perhatian anu leuwih  ti pamaréntah. Sanajan kudu diimetan deui alus heunteuna nambah jam pelajaran di sakola. Tapi leuwih jauh ti éta, urang salaku pangatik nu salilana aya di lingkungan sakola, gawé bareng jeung nu lain di sakolaan kudu nyieun cara-cara anu leuwih kondusif sangkan anak didik urang teu kabaud ku hal négatip. Utamana tawuran.
            Kungsi dina hiji waktu, anak didik nu ulubiung ngilu tawuran ditanya kunaon alesanna, manéhna ngiluan tawuran. Tapi nu leuwih ahéng téh loba diantarana nu teu ngarti jeung teu apal nanaon kana kasus atawa kajadian. Maranéhna daék  ngalakukeun  tawuran pédah diajak ku babaturanan. Dapon diajénan, réhna manéhna ‘setia kawan’ jeung dianggap gaul. Loba diantarana asalna moal ngiluan tawuran, tapi teu ngeunah basa disebutkeun teu gaul, kampungan jeung nu leuwih parah titél kamseupay napel dina dirina. Tah hal éta pisan anu antukna ngajadikeun maranéhna daék ngalakukeun tawuran bari jeung teu apal masalah nanaon.
            Naha bener heuteuna ngiluan tawuran, ribut jeung batur disebut kampungan, teu gaul, kamseupay? Jejer ieu nu kuduna ditepikeun ka barudak.  Dibéjér béaskeun nepi ka béak beresih. Béré conto-conto nu nyata balukar tina tawuran jeung béré conto nyata para pelajar anu sukses. Tindak tandukna langsung diajénan sarta ngaranna nyongcolang tur méré akibat nu kacida positipna keur dirina, sakolana, kulawarga pon kitu deui lingkunganna.
            Urang balik kana sikep pelajar anu notabene umurna keur dina tahap berkembang. Keur meujeuhna butuh pangrojong jeung kasabaran. Hiji teori nu dikedalkeun ku Kurnia (2007) nyebutkeun aya sababara kriteria budak anu ku urang kudu dipikanyaho: :
1.  perkembangan masa anak awal (2-6 taun)
Tabéat budak hésé diatur, bandel, heuras, sering ngahulag jeung ngalawan ka kolot. Hal ieu nu ngahésékeun para pangatik. Teu anéh, lamun para guru Playgroup nepi ka SD kudu leuwih sabar dina ngalangsungkeun pangajaran, ngaping, ngadidik siswa. Peran para pangatik kacida mawa pangaruhna keur perkembangan umur budak.
2. perkembangan masa anak akhir (6-12 taun)
Dina umur ieu, pangaruh babaturan kacida kuatna tibatan kolot. Lolobana dina umur ieu maranéhna kurang merhatikeun jeung teu boga rasa tanggung jawab kana baju jeung barang-barang milikna.
3. perkembangan masa puber (11/12 – 14/15 taun)
Lian ti robahna segi pisik, sikep puber ieu mawa pangaruh kana nurunna prestasi diajar. Kolot, guru jeung nu lainna anu aya hubungan jeung maranéhna kudu bisa ngamaklum kana umur maranéhna. Maranéhna mindeng ngucilkeun diri, emosional, ngalakukeun hal negatif jeung lain-lain. Urang nu aya di lingkungan maranéhna kudu bisa ngabantu maranéhna sangkan tetep bisa aya dina jalan anu lempeng.
            Dumasar kana téori di luhur bisa katiténan ku urang, yén barudak nu kaasup ‘usia sakola’ keur meumeujeuhna neangan jati diri, naluntik naon rupa kapanasaran anu nyangkaruk dina haténa. Maranéhna keur meujeuhna labil, butuh batur  keur  marengan léngkahna jeung ngajadikeun balad sarta ngadukung kana sakabéh kalakuanna. Asa pangaingna, asa aing pangpunjulna tinu lian.  Tah, dumasar kana éta urang saréréa kudu surti yén umur anak didik téh memang bener-bener keur labil jeung gampang pisan kapangaruhan.
            Umur siga maranéhna neundeun  energi anu rohaka. Jadi mindeng kajadian ‘napsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan’. Poho kana lilingeran. Kabadung, kasiku saeutik lain nalar anu maén tapi pisik anu maén. Kitu meureun kajadian anu karandapan ku barudak,  nepi ka kajadian tawuran.
            Anu jadi kahemeng urang saréréa, loba kolot anu teu ngaku yén budakna  geus jadi palaku tawuran. Sanajan enya-enya geus puguh kacerek. Jeung nu leuwih anéh deui loba kolot anu nyalahkeun pihak sakola, nempuhkeun pihak sakola,  nyalahkeun pedah disiplinna kurang. Balik deu ka sakola séwang-séwang. Enya kitu kadisipilinan sakola masih logor? Atuh anu ngarasa sakolana geus ngarasa bener-bener  ngadidik budak, nyieun aturan anu teges, kudu jadi bahan kamandang saréréa, kunaon barudak bisa lolos jeung angger ngiluan tawuran?
            Éta kabéh kudu jadi bahan paguneman kabéh pihak. Lain ngan saukur nyalahkeun ka sakola, nyalahkeun budak. Tapi kudu jadi pamikiran,  sangkan kabéh ngalakukan norma-norma luyu jeung widangna séwang-séwangan.
            Ti baheula mula ‘tawuran’ memang geus aya. Ngan perséntasena leuwih saeutik batan ayeuna. Tekhnologi, HP, internét jeung lainna mémang méré pangaruh anu kacida gedéna keur maranéhna, salaku ‘anak didik’.
            Aya hiji cara pikeun ngurangan tawuran nyaeutikan. Lian ti  nyieun aturan. Salah sahiji cara anu saeutik mudah-mudahan bisa nyingkahan tawuran. Tulis kalawan écés, jéntré,  tembongkeun ka para siswa yén sing saha waé anu ngalanggar aturan, baris dibéré sangsi. Jeung mun teu euih-euih bisa nepi ka dibacklist.
            Dina waktu anu kosong atawa iraha waé anu dianggap merenah. Selipkeun jejer ngeunaan tawuran. Jelaskeun dina tiap acara naon goréngna tawuran, sebutkeun kalawan écés yén dina tawuran, saha waé moal aya nu untung. Nu pasti bakal ngalaman karugi nu pohara.
            Cara lain. Wajibkeun budak milih salah sahiji éksklul anu aya di sakola. Tekenkeun ka maranéhna sangkan bener-bener ulubiung ngiluan acara ékskul. Lain ngan saukur ngaranna wungkul. Tapi yakinkeun ka maranéhna, yén ku ayana ngiluan ékskul bisa nambahan kagiatan positif tur bisa nambahan pangaweruh. Lian ti éta, poténsi anu aya dina diri budak bakal kagémbléng sacara nyata.
Sipat budak anu keur meujeuhna liar teu kauger ku aturan, urang salurkeun kana hal-hal anu positif. Titénan kamampuh budak sarta ulah poho salurkeun kalawan gemeut tur daria ku pihak sakola. Malahmandar budak bisa nonjolkeun hiji poténsi anu leuwih sanajan heunteu nyangkut masalah pelajaran. Budak anu ‘bore’ nyanghareupan palajaran nu mingkin beuki ngarieutkeun uteuk, kaubaran ku ayana préstasi di widang lain anu ku maranéhna dipikaresep.
            Lian ti éta nyieun acara anu maneuh. Hangkeutkeun tali silaturahmi jeung sakola lain. Gawé bareng jeung sababaraha sakola dina kagiatan kerja bakti, pasanggiri. Misalna waé olahraga, kesenian atawa cerdas cermat. Nu dipiharep ku ayana kagiatan anu manjang tur nuluy, budak bakal loba kawawuhan sarta pamikiranna teu heureut. Anu tadina ngan saukur ulukutek di sakola dina widang palajaran. Saeutik saeutik pamikiranna terbuka tur bisa ngigelan jaman. Sahanteuna ku loba babaturan, loba pamikiran anu dipiharep positif sarta nyingkahan kagiatan anu négatif seperti tawuran tadi.
            Anu leuwih penting lian ti sakola anu ngahangkeutkeun acara sangkan tawarun teu mahabu. Nu leuwih penting nyaéta ti lingkungan nu leutik heula. Lingkungan kulawarga. Perlu diinget kulawarga mangrupakeun pondasi anu kacida kuat jeung diperlukeun pikeun perkembangan budak. Dimana waé, di lingkungan mana waé, peran serta kolot  kacida perlu.
            Kanyaah kolot moal aya bandingana. Loba kasus budak ‘broken home’ anu beuki kanceuh lamun geus turun ka jalan. Mugia waé ku ayana pangaping ti kolot, pihak sakola, jeung nu lainna bisa tetep ningkatkeun ajén inajén pendidikan di urang. Malahmandar pendidikan di urang bisa kaala hasilna, teu kapangurahan ku hal-hal négatif. Komo deui ku tawuran.***




Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Karyana mimiti dipublikasikeun ti taun 2007. Tulisanna bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar