Senin, 08 Juli 2013

Carpon Dunungan. Dimuat di Koran Galura 16 Mei 2013


Dunungan
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Hujan mimiti ngepris. Langit geus diwarnaan ku citangis. Ngusik malikeun kasedih, nyingraykeun rereged. Nyingray siga girimis nu ngepris.  Ngawur-ngawurkeun cikeclak saban madhab. Girimis nu  hamo kasungsi iraha deui datangna. Langit bersih mimiti kalimpud bangreung. Méga emblog-emblogan hideung. Méré tangara sakeudeung deui hujan ngalalar datang ka nagri nu geus lila kagaringan, teu kadatangan hujan.
                Girimis ngepris baganti ku hujan badag. Ngagebrét lir nu dicicikeun ti langit. Ketit jeung gelap mimiti mapaesan warnaning langit nu cakueum. Bangreung. Patalimarga macét sapada harita. “Banjir...banjir,” ti béh ditu pating jorowok. “Muter jalanna, Pa,” cenah belah wétan kadéngé nu ngajorowok ngabéjaan ka papada pamaké jalan.
                Kuring nu keur sumanget leumpang. Teu laju. Hujan badag. Banjir. Kuring mépédkeun awak ka lebah trotoar. Nyingkahan hujan. Ngiuhan. Sugan-jeung sugan tinemu jeung tempat anu rada merenah. Sésélékét dina sela-sela abrulan jalma nu sarua papada ngiuhan. Kahayang mah tenang. Teunangan. Tapi ning beut jauh tina panyangka. Kabéh jalma pating balieur,  malikeun awak. Geuleuh. Enya maranéhna siga nu neundeun ceuceub nu pohara. Malah di antarana nungkupan irung. Enya meureun awak kuring bau kacida.
                “Kaditu, tong di dieu, ieu mah lain tempat manéh ngiuhan,” cenah atra hiji lalaki ngusir   kuring. Kitu deui nu lain, pipilueun ngilu ngusir.
                Nyeri kacida. Tapi nalipak manéh. Buru-buru kuring indit. Ninggalkeun éta tempat. Ngarti. Maranéhna embung kaganggu. Embung ngahiji jeung kuring anu ngan saukur jadi runtah. Runtah masarakat. Runtah di ieu kota. Antukna laju. Leumpang sakaparan-paran dibaturan hujan nu mingkin ngagebrét. Nganteurkeun kamelang nu pohara.
                Leumpang nikreuh, teuing ka mana jucungna. Saukur nuturkeun indung suku.  Cikénéh hujan badag. Banjir di mana-mana. Ayeuna hujan kari girimis, ngaraatan. Sesa-sesa cihujan masih katingali ngagambaran langit. Langit nu cakueum warnaan deui. Beresih taya tédéng aling-aling. Eureun heula di hiji tempat anu taya jalma. Nyamuni. Meresihan heula awak nu kalotor kabulusan.
***
                Sababaraha taun ka tukang. Kaayaan kuring éstu teu walakaya. Hirup kukurilingan teu puguh. Saré di mana waé dugna. Awak pinuh ku borok. Pérbawa dahar nu teu matuh. Hiji waktu, aya lalaki nyampeurkeun kuring nu keur ngaringkuk di hiji trotoar. Sieun pisan kuring harita. Komo basa awak kuring dibawa diasupkeun ka jero mobil. Haté geus neundeun kacuriga. Pasti kuring dipiceun. Tapi teuing ka mana. Pan ceunah kuring sok disebutkeun anu geus ngotoran kaindahan kota, matakna geus sadrah kana nasib.
                “Cicing da moal dikukumaha,”cenah waktu ningali awak kuring babadug, teterejalan. Hayang udar tina tali nu ngabakutet.
                Antukna sadrah, teu walakaya. Keun waé, kuma nasib. Barina gé geus bosen hirup dina katunggaraan. Teu sanak teu baraya. Cukleuk leuweung  cukleuk lamping.  Hirup éstu nunggelis taya geusan pakukumaha.
                “Sok geura dahar nya, méh teu kuru,” kalawan deudeuh leungeun ngusapan sirah, waktu geus anjog ka imah.
                Teu cukup sakitu. Kuring dibawa ka dokter spésialis, diubaran. Cenah bisi aya infeksi. Enyaan teuing ku getén dunungan, karasa pisan kanyaahna ka diri kuring.
                Kamar dibéré matuh. Disenangkeun. Sagala geus nyampak. Dahareun sagalana kari am. Gawé tingal tunggu imah. Nuhun dunungan anjeun geus ngajait kuring tina sagala katunggaraan. 
                Ti dinya kuring jangji. Nepi ka iraha waé. Nepi ka taneuh beureum ngaruruban. Kuring seja tumut kana kahayangna. Seja babakti nepi ka iraha waé. Kanyaah anjeun ka diri kuring. Moal bisa digantikan ku naon waé. Kanyaahna ka kuring estu satuhu.
Lamun pareng imah keur suwung. Ngahajakeun leuleumpangan. Ngurilingan imah nu kacida legana. Paling betah cicing di ruang tamu. Sepi. Comrék. Ti dinya kuring bisa ngalangeu. Merhatikeun jalan nu ébréh. Écés ti ieu rohangan. Teu kalis ku kitu. Aya nu leuwih, anu matak kuring betah. Merhatikeun poto badag anu naplok dina témbok. Poto dunungan sakulawarga. Gagah. Maraké baju dines. Matak sieup. Matak ajrih, boga dunungan téh. Nya beunghar, nya béréhan ka sasama. Tara ieuh umaing, mindeng ku kuring katingali golosor duit lambaran dibikeun, lamun pareng aya jajaluk nu datang ka manéhna. Ngarérét ka béh gigir, ngajeblag lukisan Monalisa beunang Leonardo da Vinci. Lukisan awéwé geulis anu kacida nyarina. Kagambar kabagja dina sela imutna. Imut nu ngirut. Nambah katingtrim jeung ayem di ieu imah. Imah dunungan.
Matak basa dina hiji poé manéhna dibawa kana ambulan. Haté kacida ngarakacakna. Tiap detik, tiap menit, tiap poé, tepung purnama. Kuring nganti. Cindekul dina panto. Tapi nu dipiharep teu embol-embol. Teuing ka mana. Sanajan enya aya anakna nu nyaah ka kuring. Tapi kanyaah anjeuna moal bisa kagantikeun. Haté teu weléh suwung. Matak hampura lamun dina hiji poé kuring cidra kana jangji. Cidra. Enya kuring lunta ti imahna. Lain. Lain hayang nanaon. Tapi hayang tepung jeung anjeun. Néangan nepi ka mana waé. Nepi ka tungtung langit.
                Haté kacida bagjana. Waktu dina hiji poé manggih laratan ngeunaan dunungan. Dunungan kuring. Ti dinya kuring niginkeun haté. Nepi ka iraha waé. Rek cicing dieu. Maturan manéhna. Kungsi sabaraha kali anakna datang, ngolo ka kuring sangkan daék ngilu ka manéhna. Cicing deui di imah baheula. Moal. Kuring moal daék. Nepi ka iraha waé. Rék cicing di dieu, di tempat anyar. Keun wé teu sigrong. Teu aya dahareun. Teu boga tempat saré. Teu masalah. Nu penting kuring bisa salilana marengan.
                Sanajan dahar sakaparan-paran, tapi haté kacida bagja. Bisa nohonan jangji. Jangji ka dunungan nu geus lila dipaheutkeun dina haté, seja babakti. Ninggalkeun téh lamun lapar geus datang. Hanaang nganjang. Tah ngan sakitu. Sésana, kuring nyirekem di dieu. Di imah anyar. Imah nu ngalantarankeun diri kuring kacida tingtrim jeung bagja.
                Panonpoe mélétét, waktu nyerangkeun abrulan jalma sajorélat datang.
                “Tah bangsat téh beunang ayeuna mah,” cenah sorana awor. Kuring rungah ringeh. Gebeg. Ningali abrulan jalma ningker kuring. Saurang diantarana mentangkeun gondéwa.
                “Beunang siah goblog.”
                “Gaiiiiik.” Gondéwa nenggel pisan kana sirah. Kuring nyuuh kana pajaratan.  Getih ngucur maseuhan awak, maseuhan pajaratan.  Maseuhan tetengger. Panon saheulaanan ngarérét kana tetengger méméh mulang. Tetengger nu di luhurna dimamanis ku ngaran dunungan. Pileuleuyan.
                “Aman sigana ayeuna mah. Anjingna geus paéh,” sora jalma kadéngé. Surak.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar