Jumat, 12 Juli 2013

Carpon Galura 11 Juli 2013


Ucing Hideung
Ku: Nina Rahayu Nadea

Asa teu percaya puguh gé, waktu dina hiji poé salaki datang mawa gepokan duit dina leungeun.
                “Duit nu saha éta, Kang?” kuring nanya. Panon manco kana tumpukan duit anu diteundeun pisan luhureun méja. Atra. Teuing sabaraha jumlahna. Nu puguh mah beut matak reuwas wéh nu aya. Saumur nyunyuhun hulu karék ningali juntrungna duit anu sakitu lobana.
                “Tenang. Tong hariwang. Pokona ti danget ayeuna nepi ka engké urang moal kaeuntreupan deui panyakit sangsara. Bakal senang,” manéhna nyenghél.
                “Enya tapi ieu...,” kuring teu laju.
                “Ssst. Tong geruh.”
                “Kuring mah sieun akang....”
                “Ngarampok?  Moal atuh. Aya nu méré modal,” biwirna ngaharéwos kana ceuli.
                “Keur naon duit sakitu lobana?”
                “Keur modal nyieun béngkél. Tanah urang nu di pasir urang kokolakeun jadi béngkél. Béngkél bubut siga bogana Pak Haji Sugimin,” omongna yakin.
                Ti harita kahirupan kuring sakulawarga menyat. Salaki boga pacabakan matuh. Nyekel usaha dina widang béngkél. Nyieunan sabangsining mur, baud jeung rupa-rupa deui anu aya patalina jeung urusan beusi. Dina urusan duit kuring jeung barudak manggih kasugemaan. Tara kakurangan. Atuh kuring, teu kudu ripuh siga baheula buburuh nyeuseuh ka tatangga. Bari jeung ka dieunakeun mah tanaga angger teu payu. Kaéléhkeun ku mesin cuci. Téhnologi geus ngaleungitkeun pangharepan anu kacida dipibutuhna.
                Sanajan aya nu lain nu kaleungitan. Leungiteun salaki. Enya pan tisaprak nanjung, nyekel gawé ngokolakeun béngkél téh manéhna arang mulang. Dina samingguna kuring sok waé kaleungitan peuting pikeun reureujeungan jeung manéhna. Pasti. Enya pasti dina saminggu téh aya wé alesan manéhna nepi ka teu bisa balik ka imah. Ngarti kuring gé. Bubuhan orderan béngkél mingkin loba waé.
                “Ati-ati wé, Kang. Kadé capé teuing,” kitu ceuk kuring ka manéhna waktu  bébéja moal balik ka imah.
                Kungsi sakali mangsa mah kuring rék marengan manéhna. Tadina mah karunya wé hayang mantuan manéhna barang gawé. Jeung hayang apal kaayaan béngkél dina wanci peuting.
                “Ah, di imah wéh cicing, rék nanaonan ka béngkél. Jeung na deui karunya ka barudak bisi aya nanaon.”
                Kuring ngagugu kana omongan salaki, aya benerna ogé. Inget ka barudak. Komo si bungsu teu kaur kuring ngaringkang. Pasti geugeuroan néangan.
                Ti dinya mah tara teuing pirajeunan tunyu tanya perkara ku naon manéhna teu mulang.
*
                Jarum Jam beuki ngagéser, wanci beuki nyérélék maju ka peuting. Rét kana jam nu ngadaplok. Jam sabelas peuting. Rét ka si bungsu nu aya di gigireun. Ngageubra. Ti kajauhan kadéngé anjing babaung matak keueung kukurayeun. Katambah-tambah hujan meuni ngagebrét, lir dicicikeun ti langit. Inget hujan kieu, beut inget waktu harita, peuting panganténan. Enya hujan datang lain mangsa. Wanci kuring ayeuna karasa hanaang. Hanaang ku pangogo salaki. Kakara sadar yén  nu jadi salaki téh geus lila tara ngabayuan kuring. Ngabayuan dina urusan batiniah.
                Kasono nu ngamomotan ngamuara dina diri. Ningker salira nu lawas teu kasungsi tresna. Teu disimbutan rungruman kanyaah ti manéhna. Anjing babaung. Keueung. Ehm, mun aya salaki mah meureun moal teuing karasa keueung siga ayeuna. Meureun manéhna  ngarungrum kuring ku kanyaah jeung kahéman. Siga anyar panganténan. Enya hujan nu ngagebrét téh ngingetkeun kuring waktu anyar panganténan. Cai hujan nu kumeclak ngilu nyaksian kumaha kanyaah jeung rungruman manéhna ka kuring. Béda jeung ayeuna. Wanci hujan, beut angger nyorangan. Guling gasahan teu puguh.
                Mun raat mah meureun hayang teuing  nyusul manéhna. Lian ti kasono anu moho. Kahariwang  euntreup na diri. Ngadéngé warta ti mamana. Enya pan anyar kénéh aya warta dina tivi. Loba imah runtuh, korban jiwa patulayah lantaran hujan anu badag. Hujan dibaturan angin puting beliung. Leuh deudeuh.
                Inget ka dinya. Singkil. Teu nolih kana kaayaan. Rap  baju haneut. Rap jas hujan. Ceg kana payung. Koloyong ninggalkeun imah. Nu dimaksud ngan hayang nepungan nu jadi salaki. Inggis aya nanaon.
                Leumpang rusuh dibaturan hujan jeung kamelang. Ngagugu kakeueung mah pasti. Keueung nataku. Tapi kanyaah kuring ka salaki ngéléhkeun sagalana. Ngan ka Gusti kuring mumuntang, muga salaki salilana aya dina panangtayungan.
                Suhunan béngkél geus katingali. Lamat-lamat. Poék meredong. Anéh, naha listrik beut pareum, padahal di imah mah caang. Sakitu sagardu. Haté kuring ngagerendeng bari suku angger ngaléngkah beuki gancang. Hayang geura panggih jeung nu jadi salaki.
                Kuring anjog ka béngkél dibarengan sora anjing babaung nu kadéngé teuing beulah mana, asa jauh asa deukeut.
                “Kang, Kang...,” kuring ngetrokan panto.
                Simpé. Euweuh kelemengna pisan bakal datang. Nu puguh sora anjing beuki atra. Rét deui rét deui ka tukang, inggis sakadang anjing di tukang. Tapi taya  nanaon. Salaki nu ditungguan angger teu embol-embol.  Palangsiang aya nanaon anu tumiba. Koréléng ka pipir. Tunga-tengo. Lakadalah manggihan tarajé. Atoh. Asa ditumbu umur. Ceg kana tarajé, diteundeun lebah pisan gudang. Enya pan di gudang éta tempat salaki biasana saré. Apal sotéh pédah manéhna kungsi ngadongéng dina hiji waktu. Basa ku kuring di tanya, di mana saré, lamun keur aya di béngkél.
                Kalacat kuring kana tarajé. Nété beuki luhur. Kabeneran jandéla gudang teu dikonci. Méléngé saeutik. Sigana poho teu ditulakan. Katingali  caang. Caang ku cahaya lilin. Kakalicesan. Waktu aya dina hambalan anu panungtung, kuring ngarénjag. Aya sora manéhna, enya sora salaki. Tapi ké...ké...ké... naha beut sorana siga anu keur.... Atra. Jelas. Napas nu beurat, humaregung nu haroshos. Sakapeung napasna ngahanju siga manggih tanjakan nu netek. Rumahuh   namplokeun ka sono, malidkeun birahi. Tapi ka saha?  Halah pasti manéhna geus boga nu anyar.  Paingan atuh tara mulang. Paingan kuring teu meunang ka béngkél wanci peuting. Kuring kaeuntreupan timburu anu rohaka.
                Jandéla dibukakeun. Disakalikeun. Barang bréh.... Katingali salaki  sabeuleugeunjeur. Keur namplokeun ka sono. Panganténan jeung batur, dina jeritna kapeurih kuring.
                “Kang,” kuring ngajerit.
                Salaki ngalieuk siga nu reuwas.  Kuring rikat asup, ningali jalma anu geus téga marengan salaki balayar dina birahi. Bréh ucing hideung! ***
               

Tidak ada komentar:

Posting Komentar