Senin, 08 Juli 2013

Carpon, Tribun Jabar 2 Juli-5 Juli 2013


Sabada Lilir
Ku: Nina Rahayu Nadéa
“Kumaha geus dipikiran kahayang Akang jeung Ceu Yati téh? Éta mah kumaha Jana waé, rék milih pagawéan anu ti Akang hadé atawa pilihan Ceu Yati gé hadé!”
Manéhna ukur ngeluk, teu lémék teu nyarék.
“Déngékeun Jan, Akang jeung Ceu Yati ngahaja ka lembur téh lain ulin teu puguh, tapi ngahaja nepungan Jana, hayang aya kacindekan. Ulah ngolémbar cara sasari. Mudah-mudahan ieu jalan nu paling hadé keur Jana. Sugan wé atuh ku jalanna ieu aya kamajuan keur hirup hurip Jana. Kudu asak jeujeuhan nanaon gé. Sing percaya Akang jeung Ceu Yati néang jalan panghadéna keur Jana. Tapi Akang gé moal maksa ka Jana.”
“Muhun tos diémutan,” méh teu kadéngé.
“Jadi rék milih numana?” Aya pangharepan tina haté pangjerona.
Manѐhna ngarénghap panjang siga nu suda ngabudalkeun bangbaluh.
”Hapunten Jana, sanés rék ngajaheutkeun manah Akang, kanggé ayeuna mah Jana badé di lembur waé ngokolakeun pasantrén sasarengan  sareng Ajengan Solihin.”
“Teu sesuai gajihna? éta mah gampang.”
“Sanés kumasalah gaji.”
“Jadi ?!” kuring nyeuneu.
“Hoyong langkung leres-leres ibadah, hoyong tingtrim pikir.”
“Naha lamun digawé di Bank teu bisa ibadah? atawa lamun digawé di kantor pajak teu bisa? Pikir sing jero atuh, réalistis kawas lain sarjana waé, teu kapikir kumaha ka hareupna? Naha teu lebar boga ijazah sarjana bari jeung nilai cumlaude ?  Akang jeung Ceu Yati ngahaja néangan gawé. Lain sakali dua kali. Matak ayeuna mah ngahaja néangan téh anu di Garut, méh Jana bisa bari jeung ngokolakeun pasantrén.“
“Tos diémutan éta gé, Kang, mugi Akang teu renggat galih”
“Nya baé atuh ari geus dipikiran mah, kuma manéh waé,aya nu nyeletit kana ati asa aya nu nonjok mamaras, ngagolak dina jeroan dada.
Amarah nyongkab, keuheul, hayang kumaha boa. Enyaan asa teu diajénan kunu jadi adi. Padahal batur mah ngahormat ka kuring téh leuwih ti misti. Tapi teu bisa kumaha, manéhna geus déwasa, geus boga hak pikeun nangtukeun pilihanna. Enya gé kuring lanceukna tapi meureun manéhna ngabogaan prinsip sorangan. Lain sakali dua kali nawaran gawé ka manéhna téh. Sok asa éra  ku babaturan anu ngejeujeuhkeun gawé. Kajeun méré paleuleueur, uculan sabaraha juta gé teu nanaon asal adi bisa jeneng. Tapi na ari dibéjakan ka jinisna ngadon embung. Teuing kamana pikiran si Jana. 
Tapi geus kajudi ti anggalna manéhna nolak deui. Ah, ayeuna mah geus gilig. Geus buleud patékadan jeung Yati kuma karepna waé. Sina karasaeun ku manéhna. Naha bisa saendeng- endeng hirup ti pasantrén bari teu digawé? Ah ironis pisan jaman kiwari aya jalma nu teu butuh duit.
Aral sakapeung mah ningali manéhna ulukutek wé di lembur, di pasantrén. Nyaho kieu mah teu kudu dibiayaan kuliah nepi  ka jadi sarjana. Sakapeung sok éra ku tatangga nu lain, anu ngomongkeun Jana.  Majar téh cenah lebar kuliah, ari heug ngadon di lembur waé. Enya da lain  kahayang kuring. Kahayang mah Jana gawé nu maneuh siga kuring jeung Yati, siga dulur- dulur nu lainna. Macakal dina gawé. Bréh imahna, bréh mobilna. Éstu pada mikareueus ku balaréa. Bohong lamun teu butuh duit. Ku duit mah éléh sagala gé. Buktina? ku urang lembur kuring ayeuna pada ngambeuan. Kuring lain Taryana anu baheula nu sok  mantuan Ambu jeung Abah di sawah. Taryana anu ayeuna mah geus jadi ketua hiji partai anu gedé. Unggal ka lembur teu welѐh ganti mobil. Teu weléh angkaribung ku babawaan. 
Lamun teu inget omongan Ambu waktu jumenѐng mah meureun kuring gé rék apilain moal ieuh ngurus Jana. Tapi Ambu jeung Abah geus ngawanti-wanti sangkan kuring bisa ngajeujeuhkeun Jana nepi ka jadi jelema. Matak sateuayana Ambu, kuring salaku anak panggedéna tisuksruk tidungdung néang kipayah. Ngabélaan  Yati jeung Jana. Sanajan Ambu jeung Abah ngantunkeun téh ninggalkeun sawah anu kacida legana, tapi kuring teu hayang ngajualan pakaya titinggal aranjeunna. Kuring hayang nyakolakeun adi-adi ku késang sorangan. Alhamdulillah kacumponan. Ayeuna duanana geus jadi sarjana. Yati mah bérés kuliah téh nurut kahayang kuring, bisa gawé di tempat panuduhan kuring. Geus katingali ayeuna senang ngahenang ngahening.
Komo Jana mah pan sakolana gé meunang beasiswa prestasi, cumlaude. Matak reueus kulawarga. Tapi nya kitu geuning bérés kuliah téh manéhna mah embung digawé. Geus opat  taun cicing waé di lembur. Alesanna mah nyéta hayang ngokolakeun pasantrén, karunya ka barudak lembur cenah euweuh nu merhatikeun dina bidang agama. Mang Uyan, pakacar nu nunggu imah Ambu kungsi nyarita,  cenah barudak  lembur téh béda pisan tisaprak aya Jana. Kabéh para pamuda anu biasana ngan saukur gegenjréngan, tinglaliud teu puguh, ningali Jana téh lir aya simaan. Kabéh ayeuna mah rarajin ka masjid, ka pangaosan. Pokona Jana pada mikaajrih. Barudak ngora anu tadina sok garelut, paraséa ayeuna mah akur. Ubarna mah teu pira ukur ngilu ngobrol di sisi jalan nyampeurkeun komunitas pamuda-pamudi anu keur ngariung. Ngilu nangkring, aya nu gapléh ngilu gapléh. Ngan kitu dina waktu geus manjing sholat tara poho  ngélingan jeung ngajakan. Mimitina mah, haré-haré waé,  tingcalengir. Tapi lila-lila mah léah,   marénahna sok daék ka masjid.
Rokok diseuseup antaré. Rarasaan kekebul rokok ngumpul na jero dada. Ngalongsongkeun haté nu sumpek.Ngahaneutan dada nu samagaha. Sanggeus rada lila haseup rokok dikaluarkeun bari jeung rénghap panjang. Bangbaluh  ngumbul ka luhur paudag-udag jeung haseup rokok. Sungut manyun metakeun  imajinasi. Haseup rokok mulek aya nu buleud gedé, aya nu buleud leutik, aya ogé nu teu puguh pabaliut. Sarua jeung pabaliutna haté.  Panon anteng neuteup lalangit. “Beunang siah, tong wani wani nincak hulu ka jelema gedé!” Teu kaampeuh biwir engab basa ningali reungit dicapluk sakadang cakcak. Asa ngilu bungah ningali cakcak bisa nyapluk reungit, anu titadi diudag. “Nu leutik mah dimana-mana gé pasti éléh!” Kuring ngomong rada tarik bari juru panon ngarérét ka Jana. Nu ditingali mah haré-haré.Teuing kadéngéeun teuing heunteu atawa api-api teu kadéngé, da nu sidik mah manéhna langsung cengkat.
“Rék ka mana?”
“Punten, Kang, badé ka madrasah heula kaleresan sakedap deui aya pangaosan ibu-ibu.
*
 “Wayahna Akang kudu ngilu ayeuna kénéh ka kantor KPK.”
“Ké…ké perkara naon ieu téh!”
“Tong loba alesan pan geus nyaho tianggalna gé!
“Sabar-sabar mending ngopi heula kalem lah aya jatah,hideng leungeun narik laci méja, ngaluarkeun amplop warna coklat. Terus dibikeun ka éta lalaki
Manéhna ngan saukur seuri.
“Hampura, KPK teu butuh nu kitu,” témbalna teugeug bari  leungeunna rikat ngaborgol leungeun kuring.
“Nanaonan ieu téh ? jeung maén borgol sagala, siga penjahat waé!”
“Bongan di dinya teu kooperatif . Geus ké wé di kantor caritakeun, jeung pikiran naha nu korupsi milyaran nyaplukan duit nagara lain penjahat?  Hayu buru ngilu ka kami.”
Tibatan nuturkeun ieu awak kalah murengked di juru panto. Manéhna narik, kuring mundur kitu jeung kitu wé, peurih dina leungeun beuki karasa, tapi leuwih peurih haté nu dianggap penjahat.
Teuing ti mana jolna ujug-ujug burudul wé sababaraha jalma asup ka jero imah sarta langsung ngarejengan awak kuring. Aya anu najong, neunggeul, jeung rupa-rupa bari tingjorowok
“Kadieukeun duit aing!”
“Mending paéhan wé jelema anu ngaranjah duit rahayat mah tuman!”
“Tulung. Tulung!” Awak babadug ka ditu ka dieu, leungeun tihothat.
Geblug
“Aw”
Nyah beunta geus nyampak di handapeun kasur. Duh geuning ngan saukur ngimpi. Tapi naha meni asa enya jeung  awak ngadadak lungsé?  Golédag kana kasur deui. Tapi teu daék reup, sagala dipikiran. Rus-ras ka ditu ka dieu. Inget kana ngimpi. Antukna ngadon ngahuleng ngumbar lamunan.
Inget kana masalah nu ayeuna keur dirandapan ku kuring. Boa-boa ieu ngimpi téh totondén nu aya pakaitna jeung masalah kuring. Enya dina haté pangjerona kuring rumasa geus nyieun kasalahan, ngarémpak aturan. Tapi pan biasana ge aman-aman waé, tara aya nu maluruh.Geunjleung sotéh, pédah we ayeuna aya KPK. Kasebelan. Awak ngadadak bayeungyang mikiran ieu masalah. Hayang kuring tingtrim teu boga masalah nu ruwet siga ayeuna. Hayang kuring bébas tina bangbaluh nu ngarungruman jiwa. Kolébat beungeut Jana di lembur némbongan. Baju koko, dikopéah haji, diuk menekung dina pangsujudan. Duh aya ku tingtrim.
*

Rekét aya nu muka panto. Dirérét Jana. Nyokot baju koko tina kapstok tukangeun panto kamar.
“Punten kaganggu kulemna, Kang!”
“Rék ka mana, peuting kénéh geus nyaring?”
“Badé ka masjid. Tos cekap tos tabuh opat!” manéhna kaluar ti kamar.
Kuring ngarahuh panjang. Dua bulan kaliwat kuring kakara ti ieu lembur. Mawa paniatan jeung kahayang nu tojaiyah jeung kahayang Jana. Dua bulan anu kaliwat haté dilimpudan ku dengki ka manéhna nepi ka téga nyieun hiji kaputusan, teu méré waragad ka Jana. Diwawas ku diri, manéhna bakal aral. Diwawaas  manéhna bakal keuheul ka Mantenna. Tapi nu diimpleng teu ngabukti. Manéhna angger Jana nu baheula nu tara ngarasula, nu getol  syukuran, jeung getol ibadah. Manéhna tara lumpat tina masalah. Éstu lalaki sajati. Teu siga kuring ayeuna nu nyingkah tina masalah. Enya pan niat  kuring ka lembur téh hayang nyingkahan masalah nu keur tumiba ka diri kuring.


Hawa nu tadina tiis nyelecep kana tulang, bet asa panas karasana. Simbut nu asalna ngabakutet kana  awak, teu dipaké. Ngalumbruk di sisi risbang. Hawar-hawar sora adan awal ngalanglaung.Terus kadéngé nu ngahudangkeun di masjid méré tangara ka sakumna umat Islam nu kumelendang pikeun sayaga ibadah nyanghareupan Sholat subuh. Nu macakeun doa beuki réang. Awak beuki bayeungyang. Késang ngagarajag renung dina tarang turun mapay-mapay kulit pipi laju murag   maseuhan risbang.Teu lila kadéngé adan subuh. .Teu diwaro. Beuki anteng dina alam panglamunan. Kagebah ku  sora tina   spiker  anu halimpu. Asa apal kana sorana. Nu tadina haré-haré beut jadi kagémbang ku éta sora anu dilagamkeun. Bet siga-siga sora Jana. Karasa tingtrim kana haté. Sorana halimpu, antaré. Sakapeung tatag, sakapeung ngalengis, nyiwitan haté nu ngadéngé.
“Ya Alloh
Mugi gusti nepungkeun abdi ,sareng dulur dulur abdi
Kempelkeun abdi sadaya ka tempat anu sawarga
            Ya Alloh
Mugi gusti nepungkeun abdi, sareng ibu rama abdi
Kempelkeun abdi sadaya ka tempat anu sawarga”

Lalaunan awak cengkat tina risbang. Jung nangtung. Rekét mukakeun panto. Léos  ka cai. Wudhu. Pagawéan anu geus lila tara dilakonan. Salila ieu hirup ngan saukur néangan dunya. Guyang dina leutak politik anu pinuh ku dosa. Nu dipikiran ngan saukur duit, duit jeung duit. Euweuh pisan waktu mikiran kahirupan lain. Akhérat.
            Bar sajadah diamparkeun.  Nu ngeyembeng dina biwir panon teu kaampeuh, ngeclak. Inget kana laku lampah nu tara ngalakonan sholat. Ayeuna rék dimimitian deui. Léléngkah halu. Lilir tina pagawéan anu nirca.  Aya nu nyérédét kana haté. Lebah ngadéngékeun sora  mugi gusti nepungkeun abdi, sareng ibu rama abdi.  Ya Alloh rumasa salila ieu tara pisan ngado’a keur Ambu jeung Abah nu geus taya dikieuna. Lain taya waktu. Tapi haté geus kalimpudan ku dunya. Enya kuring geus jadi budak tina dunya. Nepi ka mopohokeun ibadah. Inget kana papatah Abah  waktu masih jumeneng sangkan tong poho  sholat. Tapi mana buktina? 
 Lalakon diri nu geus kasorang  narémbongan. Piligenti. Kumaha ringkang jeung talajak dina  ngudag dunya sasat sagala cara dilakonan. Teu inget batal haramna. Tunggul dirurud catang dirumpak. Proyék naon waé pasti dilakonan teu paduli jalma masakat tingjarerit nu penting duit asup ka sorangan. Nu penting dunya kapimilik. Ayeuna kuring geus jadi raja dunya. Tapi dunya teu bisa méré katingtriman kana diri.
Dunya geus malindes ka diri sorangan. Buktina, katingtriman tina diri anggur ngiles. Salilana diudag sieun jeung kamelang. Ayeuna kuring rék sayaga nyanghareupan sagala hukuman nu rék ditibankeun. Moal susulumputan deui ti aparat. Seja beberesih. Nyingkahan rereged dunya nu nalingkung, ngabakutet diri.***
                                                Haturan: Ambu Aam Amalia, tawis tineung ka grup 8

Tidak ada komentar:

Posting Komentar