Kamis, 25 Mei 2017

Dina Jero Panjara

Dimuat di Majalah SundaMidang, 25 April - 25 Mei 2017.


Dina Jero Panjara
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Bray  jandéla muka. Sanggeus kadua leungeun nyurungkeun. Hawa seger sumulusup  ka jero  rohangan. Karasa tirisna. Jékét anu dipaké, dislétingkeun nepi ka luhur.  Paneuteup angger ka hareup.  Tilu gazébo katingali caian. Dimandian ibun peuting. Gazébo nu ngahaja dijieun pikeun ningtrimkeun pikir, nyawang mangsa nu geus kasorang. Panineungan samemena neuteup upluk aplakna sawah tina gazébo. Kekembangan sakurilingeun gazébo oyag kahiliwirkeun angin nu rintih. Imut ningali kukupu nu euntreup nyeuseup madu kembang. Katangen gumbira ocon jeung babaturanna.
                Tapi kalilaan mah imut téh leungit baganti ku kasedih. Mingkin sedih waktu neuteup kukupu téh hiber ngajauhan. Diteuteup nepi ka ngilesna.
                “Ah, bagja temen jadi kukupu.” Gerendeng jeroeun dada.
                “Sum.” Kadéngé  nu nyalukan.
                “Kah.... Ké sakedap.” Gura giru neundeun lamunan. Nangtung nyampeurkeun kanu ngulahék na korsi roda. “Bade ka jamban?” Kuring nanya.
                Manéhna unggek. Korsi didorong ku kuring muru ka cai. Kang Sobana. Lima taun jadi salaki kuring, kasakitna beuki kanceuh. Ukur jagjag sabulan ti ngadahup.
                Baheula mah mindeng ngahayal. Sok nyawang... bagja temen jadi jalma beunghar. Harta ngaleuya. Bisa  ulin ka ditu ka dieu. Meuli baju anu aralus. Pelesiran ka mamana. Atuh kitu deui perkara dahareun. Tingal am. Babari da sagala bisa kebeuli ku ngaran duit.
                Hayalan  laksana. Dina umur satengah abad. Tur reuay incu beut aya nu ngajak kawin. Jalma beunghar. Pamustungan nampa, sanggeus dipikir dibulak balik embung nyusahkeun nu jadi barudak. Rumasa hirup ukur ngandelkeun paméré barudak. Sanajan sok boga duit tina ladang buburuh nyeuseuh tapi teu matuh. Barina gé beuki ka dieu nu nitah beuki ngurangan kaéléhkeun ku mesin cuci.
                Kang Sobana umur 70 taun. Pangbeunghaerna di lembur Cibani. Ngan geringan waé. Panyakit kolot anu beungar. Jantung, diabetes, ginjal. Kumplit. Matakna ngahaja meureun barudakna néangan batur. Ngahijikeun kuring jeung Kang sobana. Asalna mugen, tapi jol itu jol ieu pada nitah, semu maksa. Kaharti naon alesnan. Ari lain karna ékonomi mah.
                Harita kuring keur meuli sayur. Waktu aya mobil sédan ngaliwat. Kabéh ibu ibu tingdaréhém. Semu gumelis. Ngan kuring nu haré haré téh. Dua lalaki turun. Lalaki kolot jeung nu ngora sigana bapak jeung anak. Asa ngimpi waktu manéhna beut hayang panggih jeung  kuring  nepikeun pamaksudan. Kungsi mémang ngadéngé. Aya jalma beunghar nu keur néangan jodo cenah. Ukur seuri waé basa tatangga tingkecewis perkara Kang Sobana.
                “Bagja sigana mun bisa kawin ka Kang Sobana téh. Hartana ngaleuya kitu. Reunceum sigana téh. Bisa poya poya.”
                Kabeh gé anéheun naha Kang Sobana milih ka kuring, lain ka Bu Ami, randa beunghar  nu nyata nyata geus ngaharepkeun cintana. Geus ambon sorangan rék kawin jeung Kang Sobana. Apal sotéh waktu buburuh nyeuseuh di imahna. Sok apal aya sémah lalaki nu datang. Tapi kana rupa mah teu pati sidik. Ukur mangmukakeun panto wungkul. Ngan cenah jalma beunghar, Kang Sobana. Tapi ning ngolémbar ngadon milih ka kuring. 
“Tong salempang. Asum. Ké mun Bapak euweuh mah, top imah mah keur Asum jeung tong sieun teu dahar. Apanan kebon ogé sawah geus boga, ditambah pensiunan Bapak. Rék ka saha deui tamplokna ari lain ka Asum mah. Barudak kabéh geus baroga. Hirup Akang mah teuing sabaraha lila deui. Kabéh gé keur Asum.” Cenah waktu korsi roda disurungkeun asup ka kamar.
“Akang badé kulem?”
“Enya.”
Kuring ngaréndéngkeun korsi roda kana kasur. Sanggeus menerkeun bantal. Terus nyekel leungeun Kang Sobana. Bisi labuh. Disarandékeun kana bantal anu geus disadiakeun.
“Tong seuuer nyarios bilih eungap. Yeuh landongna tuang heula.” Kuring mikeun obat ka manéhna.
“Naha minggu ayeuna mah teu aya Yati jeung Uni, Sum?” Manéhna nanya anak kuring anu cikal jeung nu bungsu.
“Hayang panggih Akang téh. Geus lila. Karunya bisi teu bogaeun duit.”
“Riweuheun panginten. Tos ditransfer ku abdi éta mah.”
“Sukur atuh. Akang rék peureum heula, Sum.”
“Mangga.” Kuring ngusapan suku Kang Sobana lalaunan. Diteuteup nepi ka peureumna. Sanggeus tibra mah. Cengkat. Kaluar ti kamar. Miceun ka kesel. Neruskeun hanca nu tadi. Neuteup  ka luareun jandéla dapur.            
                Paneuteup tina hejona pasawahan, pindah. Waktu kuring malikeun awak. Leumpang sababaraha léngkah. Lukisan nu ngadaplok minuhan rohangn. Leumpang tuluy. Muter ka tiap rohangan imah nu lega. Tina tanah anu kacida lega, dibangun imah tilu bagian. Sésana mah nyéta ku kebon jeung sawah anu mayakpak.
Urang tataan hiji hiji. Ti hareup. Kahalangan ku kebon jeung garasi. Wangunan ka hiji. Imah nu sok dieusi ku Ganda anak Kang Sobana anu ka dua. Dieusi téh lamun manéhna aya. Da mimindengna mah ka luar kota. Bisnis. Sakalieun aya di imah, sémah  teu weléh ngabrul.  Baheula mah éta tempat Kang Sobana nampa sémahna, basa pamajikanna aya kénéh tur Kang Sobana jagjag. Giat kénéh kana bisnis. Éta ceuk carita Ruri, anak cikal Kang Sobana nu umurna sarua jeung kuring.
                Ka tukang  kahalangan ku kolam renang. Aya wangunan. Eusina salah sahijina rohang perpustakaan, rohang keluarga. Ngan ceuk kuring mah pantes disebut aula, lantaran tempatna kacida lega. Asup kabéh anak  Kang Sobana anu jumlahna sapuluh tur geus incuan. Dina rohangan ieu  ngajéjér poto kulawarga. Minuhan rohangan. Poto kabéh kegiatan sigana téh bakal aya di dieu. Ti mimiti incu Kang Sobana ulang taun. Keur jalan jalan ka luar negeri atawa keur ngawisudaan budakna. Poto téh némpél di dieu. Kitu deui poto kuring ayeuna mah aya di dieu bareng jeung barudak Kang Sobana.
                Rohangan ieu sok ramé. Teu waé di dieu, nepi ka meuntas ka bangunan anu di handap. Anak incu kabéh tumplek lamun aya acara. Lebaran, sukuran atawa ulang taun kudu dirayakeun. Kitu kahayang Kang Sobana. Lain karna hayang  ngahamburkeun duit, tapi nu utama na mah sangkan kabéh kulawaga bisa maksakeun datang. Ngariung. Da mun teu dikitukeun mah sigana moal aya nu datang ka imah.  Ari diwajibkeun mah. Nya sok ramé waé imah téh.  Mimindengna mah nya dihijikeun waé. Misalna nu lahirna tanggal 3 jeung 7. Dihijikeun. Kumaha kasapukan kulawarga waé. Kadang sabulan ngan hiji. Kadang sabulan aya 2 acara. Kadang nyamos. Ku sibuk téa.
                Lamun keur ruang riung saanak incu, kuring mah  ukur sakedapan cicing di dieu téh. Geus bérés acara utama. Kuring mimindengna ngelemet. Néang kanu suni. Nya di dieu pisan karesep kuring. Minangka wangunan anu katilu. Di dieu paling resep cicing. Lantaran bisa samemena neuteup upluk aplakna sawah. Neuteup gazébo, ogé balong anu laukna tingkecebek garedé. Atuh lamun kesel cicing di dieu. Kuring ka luar. Leuleumpangan mapay kebon. Terus muru ka sawah. Tapi da tara lila sieun Kang Sobana kuma onam. 
                Ceuk sasaha gé kuring bagja. Kawin kanu beunghar. Bagja? Nu puguh mah asa dina jero panjara geuningan. Duit loba tapi euweuh kabébasan.    Lantaran haté teu weléh simpé. Baheula mah imah sagéwok, récok ku incu. Balakécrakan jeung uyah jeung naon. Ari ayeuna? simpé. Di imah remen nyorangan. Budak sorangan wegah datang. Éraeun datang. Asa ka istana cenah. Kasono teu weléh moho. Enya ogé Kang Sobana kacida merhatikeun. Kabéh waragad budak jeung incu ditangkes ku manéhna. Tapi ning hésé tepungna. 
                Hirup jeung Kang Sobana mémang karasa  menyatna. Utamana keur barudak. Keur incu. Imah dipangnyieunkeun hiji séwang. Sakola dibiayaan. Atuh budak kuring nu asalna ngaligeuh ayeuna mah baroga gawé, pada mawa ku budakna Kang Sobana. Tapi kuring? Ah, kabébasan kuring geus digadékeun. Asa dina jero panjara téh lain bohong. ***
               

Tidak ada komentar:

Posting Komentar