Kamis, 25 Mei 2017

Malati Ngait na Ati

Dimuat di Majalah Mangle, 18-24 Mei 2017


Malati Ngait na Ati
Ku Nina Rahayu Nadéa
                Inna lillahi wa inna ilayhi raji'un.” Biwir ngagerenyem. Panon manco kana HP anu keur dicekel. Teu percaya kana naon anu dibaca.
                SMS ti Wina dibaca deui. Angger kitu eusina. Bu Ruri, guru IPS geus mulih kajati mulang ka asal.
                “Din. Pasosoré urang ka ditu, nya. Méh Wina aya batur.” SMS ti Wina datang  deui.
                “Ya.“ SMS dibales pondok. Pangacian ngulampreng ka mangsa keur SMP. Bu Ruri guru  nu bageur tapi tegas. Tara  nundutan lamun diajar ku Bu Ruri mah. Ngajarna  pikaresepeun. Ngajar heunteu ngan saukur ceramah tapi dimodifikasi ku métode séjén. Intina sangkan caina hérang laukna beunang. Sangkan materi asup bari jeung barudak katangen gumbira. Anu nambah resepna Bu Ruri nyadiakeun reward ogé punisment.  Reward ku cara méré béntang anu dikumpulkeun. Béntang anu loba berarti nilaina alus, kalan kalan ogé ku cara méré coklat. Coklat  anu dibagikeun ka murid lamun éta murid bisa ngajawab pananya ti Bu Ruri.
                Siga harita. Bu Ruri nitah maca materi ngeunaan  perekonomian di negara Indonesia.
                “Ulangan, Bu?” jol itu jol ieu pada nanya.
                “Angger ari dititah maca téh ngadon nanyakeun ulangan. Naha lamun teu ulangan moal maca kitu?” Bu Ruri malik nanya. “Pokona sok apalkeun. Aya permainan ti ibu. Tah nu bisa ngajawab engké dibonusan coklat.”
                “Asiiik.” Barudak giak nakeran. Kaciri sumangetna. Kelas anu tadina gandéng ngadadak jempling.  Anteng maraca.
                Néééét.
Bél disada. Barudak riweuh. Pédah tadi Bu Ruri nyarita. Mun bél disada, tandaning buku kudu diteundeun. Di luhureun méja mah  tong aya buku.
                “Bu, tong waka ayeuna atuh quisna.”
                “Ayeuna kétang, Bu.” Nu pro jeung nu kontra kadéngé. Sanajan geus apal kana pamadegan Bu Ruri. Putusanna teu bisa dionggét onggét. Tapi sigana téh angger panasaran. Angger ménta  lolongkrang.
                “Apal lagu potong bébék?” Bu Ruri nanya.
                “Apal. Asiik ngalagu.”
                “Hidep kabéhanana ngalagu potong bébék bari jeung mikeun ieu bola.” Bu Ruri némbongkeun bola anu keur dicekel. “Bola kudu dipapaykeun terus, dimimitian ti hareup. Mapay terus nepi ka lagu Potong bébék lekasan. Dina panungtung lagu potong bébék lekasan. Tah nu kabagéan nyekel  bola, nangtung sarta nyokot kertas anu aya di jero bola. Terus dibaca sarta kudu dijawab. Lamun teu bisa, kaci dibikeun ka batur kitu satuluyna nepi ka aya nu ngajawab.“ Bu Ruri mungkas carita.
                Diajar téh enyaan sumanget. Kaubaran pisan bosen waktu pelajaran PKN téh. Enya, apanan saacan IPS téh pan pelajaran Pak Johan. Nyatet terus aya kana dua kacana. Geuleuh. cenah mah kurikulum 2013 tapi angger wé  nyatet. Leuheung diterangkeun  da ieu mah tara. Méré tugas nyatet pleng wé manéhna mah teu embol embol deui ka kelas. Ari  Bu Ruri? Matak resep nakeran. Harita kabéh murid nyanyi potong bébék dibarung ku keprok. Ari bola anu dieusi kertas soal téa. Terus dipapaykeun ti hiji murid nepi ka muid lain. Kitu jeung kitu nepi ka lagu réngsé. Dina waktuna rumpaka lagu béak. Murid nu kabagéan nampa bola téa, nangtung sarta nyokot soal di jero bola. Lamun bisa langsung dijawab. Lamun heunteu éta soal dibikeun kanu lain. Kitu jeung kitu nepi ka aya murid anu mampuh ngajawab. Anu bisa ngajawab, ku bu Ruri dibéré reward. Coklat. Sedengkeun anu teu bisa ngajawab dibéré punishment.
                Lebah punishment anu matak pikaseurieun téh, teu jiga ngahukum. Hiburan leuwih cocogna. Barudak aya nu dititah niru niru gaya sato, nyanyi, jogéd malah aya ogé anu kabagéan ngagombal, atawa macakeun puisi anu ditujukeun ka murid béda jinis. Eusi puisi téh intina si lalaki bogoh ka murid awéwé sarta kudu daék jadi kabogohna. Jeung lainna. Ah,  pokona ramé ...
                Tah, kuring harita katiban sial. Riki kabagéan jadi pasangan  kuring, tur macakeun puisi. Sakelas éak éakan, ningai kuring anu  beureum beungeut. Adu hareupan jeung  Riki. Kabéh sakelas geus apaleun kuring kacida geuleuhna ka Riki. Éta pédah buukna rancung jeung kulitna hideung. Caludih katingalina.
                Kuring abrig abrigan waktu  Riki macakeun puisi. Manéhna? Enya Riki siga anu manggih kasempaten. Puisi ngahaja dialus alus macana, paneuteupna teu lésot ti kuring. Kuring ngan wasa nutup beungeut. Hayang ceurik. Geuleuh. Ah, kabéh rasa pagaliwota.
                “Cocog pisan. Sigana jodo.” Bu Ruri nyarita. Sakelas surak. Nganteurkeun kuring anu langsung nyuuh kana méja.
*
                Jangjian  jeung babaturan saalumni. Utamana mah anu sakelas. Kira jam tilu sanggeus bubar sakola. Langsung ka imah bu Ruri. Kabeneran teu pati jauh ti sakola kuring mah. Di imah bu Ruri geus nyampak babaturan sakelas. Aya Wina, Andi, Ropi.jeung lainna deui.
                “Teu nyangka nya, Din?”
                “Enya. Asa kamari urang ngariung jeung bu Ruri. Resep ku ngajarna. Bageur deuih.” Ropi  ngilu nyarita.
                “Din. Iraha panggih terakhir jeung bu Ruri?” Wina nanya ka kuring. Apaleun manéhna mah yén kuring mindeng ka sakola SMP, ngariung jeung barudak pramuka.
                “Basa poé Saptu. Ngan Dini teu ngobrol, da bu Ruri katangen keur riweuh mariksa ulangan barudak. Duh, asa nyeri haté Dini téh. Padahal  biasana Dini nyampeurkeun, sarta mantuan mariksa. Harita mah atuh da enya keur riweuh ngetik, balikna katangen Bu Ruri keur anteng kénéh mariksa. Teu wani ngangganggu.” Kuring ngarénghap.
“Din, sareng saha ka dieu?” Ti tukang aya nu noél.
“Eu.. Riki?” kuring nanya. Pangling kana tetempoan. Nampanan leungeun Riiki anu ngajak sasalaman.
                “Urang ka makam, yu?” Riki nyarita.
                “Hayu.” Wina nangtung dituturkeun kunu lain ogé kuring.
                Cindekul. Maca doa sabisa bisa. Taneuh beureum jeung seungitna malati ngahiliwir. Sili teuteup jeung nu lain. Cipanon teu kaampeuh bedah. Ah, Bu Ruri teu nyangka geuning umur. Anjeun téh guru anu kacida dihormatna. Jadi idola para murid sakabéh. Hiji dua babaturan geus amitan. Kuring tonggoy nguntun lamunan.Mulungan  panineungan.  
                “Din, teu nyangki nya.” Riki nyarita. Pameunteu pindah ka kuring. Neuteup sakedapan. Buuk rancungna leungit. Kitu deui awakna beresih. Berséka. Ah, waktu mémang geus ngarobah pasipatan. Neut neutan maju déwasa.
                Kuring unggek. Nyokot malati anu aya luhureun tetengger. Seungit nyambuang.
                “Tipayun nya tos sonten.”  Cengkat lalaunan.
                “Hayu wé sareng.” Riki nuturkeun. Ngahurungkeun motor nu teu pati jauh ti dinya.         “Urang ngabaso heula nya. Kersa teu?’
                “Euu...” Bingung ngajawabna.
                “Masih geuleuh ka Riki? Demi Dini. Ayeuna mah rambut Riki teu rancung. Demi Dini ogé ayeuna mah Riki rajin ngaberesihan awak.”Riki imut.
                Kuring ngabalieus. Nyeuseup malati anu kacida seungitna.
                “Kersa nya?” Riki semu maksa.
                “Hayu.” Gancang naék kana maotor. Malati diteueulkeun kana dada. Karasa ngaitna kana ati.***


Tidak ada komentar:

Posting Komentar