Sabtu, 13 September 2014

Carpon, Dimuat di Koran Galura Minggu I, 4-11 September 2014


Nabeuh Gamelan
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                Kuduprak... kuduprak... kuduprak. Sora-sora kadéngé atra maturan peuting. Kalan-kalan kadéngé cérécétna sora anak hayam tingcariak. Mépéndé simpé. Kasieun kumelendang ngarungkupan peuting anu mingkin comrék. Hujan ngaririncik  nambahan kasimpé jeung kasieun anu pohara.
                Kedepluk... kedepluk... Sora nu leumpang. Bulak-balik ngurilingan Lembur Dadapan. Pabaur jeung sora cihujan nu anteng maturan peuting. Sakapeung kadéngé sora budak leutik ceurik hawar-hawar. Sakapeung kadéngé nu ngobrol teu puguh alang ujurna. Beuki peuting kasieun beuki nambahan.
Kabéh warga euweuh nu wani ngulampreng. Leuwih hadé ngaringkeb. Ngahéphép di jero simbut séwang-séwangan. Api-api pareurem bari jeung angger nyaring. Kakeueung maturan maranéhna unggal peuting. Saprak kajadian harita.  
*
                Suadmi pohara atoh lain dikieu. Pindah imah téh enya geuning kaala hasilna. Usaha jujualan kana kaén, nu asalna tiisieun ayeuna mah menyat. Karék gé bubulanan pindah ka lembur Dadapan karasa pisan  usahana nérékél. Imah nu tadina ngan saukur ngontrak, lila-lila bisa kapimilik. Sarta teu lila ti dinya imah nu asalna panggung téh langsung dioméan jadi sigrong.
                Ku ayana Suadmi, warga kabawakeun untung. Usaha Suadmi dina urusan dadagangan saeutik lobana geus  ngabantu warga. Para pamuda anu tinghariul euweuh gawé ayeuna mah bisa boga duit ku cara babantu di toko Suadmi. Sikep Suadmi anu soméah, handap asor jadi nilai jual sarta pada mikaresep batur. Tara ieuh adigung pédah beunghar. Éstu ngarasakeun ka jalma leutik. Méré mawéh ka sasama. Tah ieu pisan anu ngalantarankeun dagangan Suadmi beuki laris waé. Pada ngajugjug ti mana waé.
                Anakna nu ngan hiji-hijina éstu dinangna néngné. Naon waé kahayangna tinangtu ditungut, tara diengkékeun deui. Harta lubak libuk di mana waé. Keur naon deui, ari lain keur nyugemakeun kulawarga mah.
Matakna basa anakna murihit hayang geura disunatan, teu diengkékeun deui. Harita gé langsung wé ngayakeun sawala jeung dulur-dulur pon kitu deui tatangga dekeut pikeun nyawalakeun perkara anakna nu rék disunatan.
                “Leuh tada teuing ramé atuh nya nyunatan budak  téh?”
                “Tangtu waé, Ceu. Boga budak ngan hiji-hijina. Ayeuna aya kahanyang. Nya pasti ku kuring rék dikariakeun. Rék tatanggapan.” Walon Suadmi ka lanceukna.
                “Halah kacipta ieu lembur téh haneuteun. Malaur geus sabaraha taun tara aya nu nyaksian tatanggapan. Hajat gedé. Apal sorangan kumaha kaayaan ékonomi  Lembur Dadapan.”
                “Enya keun, itung-itung syukuran waé. Tisaprak kuring pindah ka dieu pan can kungsi ngayakeun syukuran. Keun lah ayeuna mah rék dienyaankeun. Bari jeung silaturahmi kuring ka sakabéh warga Dadapan.”
                “Nanggap naon  kira-kirana?” Ki Mahmud, salaku kokolot  Dadapan nanya daria.
                “Kuring mah hayang nanggap gamelan sapuratina  lah. Ngahaja rék ngondang nu ti dayeuh. Tilu poe tilu peuting gé sugema haté. Keur nyenangkeun nu jadi anak.”
                “Gamelan?” Ki Mahmud nanya deui.
                “Enya. Gamelan.”
                “Lamun éta mah asa teu panuju kuring téh.”
                “Naha jeung teu panuju sagala, Ki?”
                “Lain kitu tapi....”
                “Geus lah tong tapi-tapian. Wayahna isuk kénéh Karta, manéh kudu nepungan tukang gamelan nu di dayeuh. Omat kitu, kudu!” Panon Suadmi ngarérét ka Karta.
                Batan némbal Karta ngadon ngahuleng... teu lémék teu nyarék.
                “Kunaon, Karta? Teu sanggup ka kota.... Tah dibéré ongkos tilu tikeleun.” Golosor Suadmi mikeun duit ka Karta.
                Béja pabéja béja. Sili béjakeun. Perkara Suadmi nu rék nanggap gamelan ti  dayeuh. Langsung jadi bahan paguneman warga Dadapan.
                Malah teu kungsi lila. Isukna  Ki Mahmud  datang ka imah Suadmi.
                “Punten, Néng. Aki rék nanya nu bener-benar.  Enya kitu rék nyunatan budak téh bari jeung rék tatanggapan gamelan sagala?”
                “Enya, pan kamari gé Aki ngilu ngariung lain? Malah Karta gé geus nepungan tukang gamelan. Insya alloh jadi, Ki. Tong hariwang.”
                “Karta, geus ka kota?” Ki Mahmud malik nanya.
                “Enya, Ki. Kuring téh budak ngan hiji-hijina. Boga kahayang. Nya tinangtu rék ditedunan kahayangna.”
                “Tapi ceuk pikiran Aki nu bodo.... Mending tong nanggap gamelan sagala.”
                “Ehm, Aki hampura. Lain teu nurut ka aki salaku kokolot di dieu. Puguh ti baheula kénéh kuring geus cacarékan. Ti méméh pindah ka lembur ieu. Lamun boga milik,  geus niat seja nabeuh gamelan. Jeung na deui teu ngeunah lamun dibolaykeun téh. Kunaon kitu Ki, beut siga ngahalangan kuring anu boga kahayang?” Suadmi rada nyereng.
                “Hampura. Ieu mah sakadar ngabéjakeun. Yén di lembur ieu mah, ti baheula gé tara aya nu nanggap gamelan. Kokolot baheula geus papatah ka sakabéh turunan. Teu meunang tatanggapan nu kitu cenah.... Dipahing!”
                “Ki. Nya enya atuh kolot baheula mah moal panuju. Punten lain ngahinakeun, kuring gé apal kumaha ékonomi warga di ieu. Moal aya nu mampu nanggap gamelan mah. Jeung na deui karuhun atawa kokolot baheula ngomong kitu téh, ngahaja. Sangkan  anak incu malikir, yén salaku jalma téh kudu rikrik, kudu apik kana harta kitu tah. Intina mah bisi ngahamburkeun duit, Ki. Naha Aki kungsi nanyakeun kunaon alesanna?”
Ki Mahmud ngahuleng. Da jeung enyana manéhna can kungsi nanyakeun perkara kunaon alesan kolot baheula teu meunang ngayakeun nabeuh gamelan.
                “Tuh pan Aki gé ngahuleng. Enya éta téh kitu lamun kudu dibéjakeun mah. Méh rahayat Lembur Dadapan téh, teu ngahambur-hambur duit. Ari kuring? Pan Aki gé nyaho sorangan. Insya alloh mampu keur ngayakeun kariaan mah. Moal nepi ka nganjuk ngahutang. Wayahna tong aya nu nyarék kahayang kuring. Anggur mantuan kéh dina prungna.
*
                Dina  prungna acara nyunatan anakna Suadmi. Kabéh warga tumplek ka dinya. Nu nongton ti sungklakna ti singklukna, pinuh. Pasti. Maranéhna geus lila tara ningali acara kitu. Nu boga hajat téa atuh pan kaceluk jalma beunghar. Atuh dina ngayakeun kariaan téh teu sirikna ngetrukeun eusi kanjut.
                Warga ngarasa saruka bungah, lian ti bisa ningali hiburan. Ogé bisa mawa dahareun anu loba ka imah séwang-séwangan. Salaku jalma beunghar anu béréhan, Suadmi hayang kabungahna karasaan ogé ku warga Lembur Dadapan. Teu ieuh ngopétkeun kana dahareun anu ngaleuya. Atuh dina jero tilu poé mah, warga Dadapan téh teu marasak da boga kadaharan bawa ti imah Suadmi, juragan kaén téa.
                Kitu deui  budak sunat. Inyana kacida bungah. Pangwilujeng jul jol ti ditu ti dieu. Rérés kariaan kaganti ku amplop nu mucekil.
*
                Wanci tengah peuting keur jumplang jempling. Sora-sora arahéng asa nyalampeurkeun. Sora-sora ti jauhna ngadarigleu muru Lembur Dadapan. Beuki deukeut beuki atra. Sora-sora suku tinggedeblug. Eundeur. Nu keur sararé tibra  kagareuwahkeun.
                Geueuman jeung keueung, éta nu karasa ku warga Dadapan. Ti danget harita, satutas hajat rongkah. Lembur Dadapan karasa pikasieuneun. Ti Magrib maju ka peuting, tara saurang gé nu wani ngulampreng ka luar. Mending ngumpi manéh di imah séwang-séwangan.
                Saminggu ti harita kajadian ahéng tumiba. Maman, budak sunat téa kanyahoan geus teu nyawaan. Maot ngadadak, waktu keur ulin sorangan di buruan imahna. Getih ngaley tina sela biwirna, tina beuheungna aya tapak ngageleng héjo.
                Balukar kaleleban kunu jadi anak. Suadmi teu suhud kana usahana. Atuh beuki dieu Usaha Suadmi beuki nyirorot. Usahana nangkub sapada hartita.  Malah teu menyat deui.  Komo barang salakina ngaragragkeun  talak. Kapeurih Suadmi teu kaubaran. Manéhna  indit ti éta lembur, lunta sakaparan-paran. Ninggalkeun panineungan. Ninggalkeun imah sigrong.
                Kedepluk... kedepluk... kedepluk. Sora-sora atra. Asa jauh asa deukeut jadi batur warga Dadapan unggal peuting. Sakapeung kadéngé sora gamelan disada. Sakapeung kadéngé sora budak leutik ceurik eueuriheun di  imah sigrong. Lembur Dadapan comrék.***
               
Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Tulisan sumebar dina sawatara media.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar