Jumat, 19 September 2014

Essey, Dimuat di Galura, Minggu Ke II September 2014


Kurikulum 2013
Ku Nina Rahayu Nadéa

                Sanajan loba adu rényom merkarakeun kurikulum 2013. Tapi pamaréntah keukeuh kana pamadeganna, ngaganti kurikulum KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) ku kurikulum anyar, kurikulum 2013 téa. Lain perkara gampang sangkan kurikulum 2013 bisa ditampa ku balaréa. Kusabab dina kanyataan masih kénéh loba sakola anu sarana prasaranana can nyumponan kana sakolo anu luyu jeung kahayang kurikulum 2013. Contona waé ayeuna, loba sakola anu pugag dina ngahangkeutkeun pagawéan lantaran  buku siswa ogé buku guru can datang walatra ka tiap sakola. Éta conto nu leutikna.
                Nu kacida riweuhna kuayana ganti kurikulum téh, tinangtu waé guru salaku pamaén petingan pendidikan anu aya di lapangan. Nya maranéhna pisan anu ngarasakeun kumaha sabenerna, alus heunteuna kurikulum 2013. Sanajan dina kanyataan kurikulum misalna waé disebut teu cocog angger ‘kapaksa’ ditarimakeun, lantaran geus kahayangna nu di luhur. Da jeung enyana kurikulum 2013 téh asa gancang teuing dilarapkeun di sakola. Padahal tiap sakola can dadahut dina raraga kadatangan kurikulum anyar. Karek ge taram-taram kana kurikulum KTSP, ayeuna geus ganti kurikulum anyar deui. Tinangtu wae  masih loba nu poékeun utamana lebah méré penilaian ka siswa pon kitu deui dina nyieun administrasina. Sanajan enya sosialisasi, pelatihan ngeunaan kurikulum anyar hangkeut diayakeun, angger loba nu can paham pisan.
                Ari  dina kurikulum 2013 téh, méré kabébasan siswa saloba-lobana pikeun ‘berekspresi’. Siswa kudu aktif kana naon rupa pembelajaran. Kudu naluntik sarta nuntaskeun masalah ku sorangan. Kitu deui lebah néangan informasi, média internét kacida dibutuhkeuna pikeun ngamajukeun pikiran. Tapi coba waé titénan naha kabéh sakola mampuh nyadiakeun sarana internét? Dina ayana média naha guru sakabéhna geus nyangking élmuna ngeunaan internét? Contona waé nyieun blog atawa email, geus kajudi teu sakabéh guru bisa ngalarapkeunna.  Komo deui sakola anu aya di pasisian,  tong boroning  mikiran internét, buku sumber jeung nu lainna, dalah keur indit ka sakola ogé apanan barudak téh kudu diolo nepi ka mangrébu kali sangkan bisa sakola.
                Guru teu kudu capé nerangkeun. Lantaran tingal niténan waé barudak anu hog hag diskusi. Nyawalakeun kamandangna, ngajanggélék jadi hasil kasimpulan matéri. Genah kadéngéna, lamun enya téh. Aya alus jeung goréngna. Alusna meureun diajar budak sangkan mandiri, diajar ngedalkeun kamandang ka para guru bari jeung teu aya kaéra. Nyieuhkan rasa éra jeung nimbulkeun rasa percaya diri anu kacida gedéna dina diri barudak. Sedengkeun kanyataanna? nu aktif nanya, anu aktif méré kamandang téh paling ngan hiji dua, nu lainna lolobana ngan saukur cicing. Tah lebah  dieu pisan  peran guru kacida diperlukeunna.  Guru kudu noélan sarta nyumangetan siswa anu éraan jeung teu percaya diri sangkan ajén kamampuh ngeunaan hal ieu bisa ningkat. Nambahan gawé deui tah keur para guru.
                Perkara alusna, pamaréntah hayang ngungkulan masalah anu kacida gedéna. Masalah anu tumiba ka  barudak khususna siswa. Coba waé tengetan. Kumaha prilaku barudak ayeuna. Tawuran mahabu, tingkah laku jeung kasopanan ka kolot sumawono guru turun, pon kitu deui tindakan asusila, mindeng kadéngé kajadianna. Nu matak gimir, nu ngalakukeuna geuning barudak sakola kénéh. Ieu pisan anu jadi cukang lantaran ku naon antukna pamaréntah daria pikeun ngarobah kurikulum heubeul kunu anyar.
                Zaman anu robah. Situasi di lapangan khususna dina dunia kerja, heunteu waé ngabutuhkeun siswa anu pinter wungkul dina segi akademi. Tapi ku zaman ayeuna loba séktor peluang usaha ngabutuhkeun siswa-siswa anu parigel. Pinter dina sagala widang. Pinter nuntaskeun masalah, pinter nyarita jeung percaya diri. Supel téa meureun ngaranna. Da jeung enyana loba pisan barudak anu nilai ijasahna garedé. Tapi  dina prungna, maranéhna teu bisa parigel nuntaskeun masalah lantaran salila di sakola lolobana dihuapan.
Kaselempang pamaréntah khususna dina kalakuan barudak, jadi pamikiran utama. Teu anéh lamun pamaréntah nambahan jam pelajaran, khususna  PKN jeung Agama.  Anu dipiharep sangkan segi moral jeung akhlak barudak aya onjoyna tinu  enggeus eunggeus. Bisa kaaping ti ayeuna kénéh. Malah mah ngajanggélék dina nilai sikep sagala. Kacida diperlukeuna guru gemet nyaliksik perkara kalakuan budak sapopoéna, lantaran aya nilai sikep téa.
Nu leuwih jelasna dina kurikulum 2013 penilaian téh aya kana 3 rupa. Diantarana Kognitif- pengetahuan, skill-keterampilan, jeung atitude-sikap. Malahan nilai sikep boga ajén nu leuwih  batan nilai lainna. Ieu nu dipiharep sangkan para guru jeung  nu lainna  bisa terjun ka lapangan kalawan daria jeung bener-bener ngaping barudak sangkan jadi jelema anu ‘berakhlak’.
                Tapi naha  bener bisa ‘berakhlak’ luyu jeung anu dipikahayang. Di séjén lain, tekhnologi utamana internet jeung nu lainna kacida diperlukeunna dina kurikulum 2013. Sedeng urang  apal sorangan, kumaha pangaruh internét keur perkembangan jiwa  barudak sakola. Pan mindeng kacaritakeun barudak ngalakukeun tindakan anu teu puguh téh lantaran mindeng ningali hal anu teu paruguh dina internét. Mugia waé guru ogé kolot teu méré kabébasan saujratna ka barudak pikeun muka informasi. Angger kudu aya nu ngadamping, ngajéntrékeun ka maranéhna, mana informasi nu alus jeung mana anu heunteu. Tekenkeun ka barudak yén maluruh  informasi tina internét téh  penting, tapi ingetkeun deui yén muka informasi anu teu pararuguh bisa nyababkeun  kabaud kanu teu puguh. Naha bisa dilakonan? Wallohu’alam.***

Nina Rahayu Nadea. Nulis dina bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di:  Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura,  Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI.


1 komentar: