Selasa, 16 September 2014

Carpon, dimuat di Majalah Loka Tasikmalaya, 21 Agustus-21 September 2014

Carpon Murangkalih.



Nu Jajaluk
Ku: Nina Rahayu Nadéa


                “Awas bekelna tingaleun,” Ema ngasongkeun misting kana leungeun kuring. Pasti, Sangu jeung endog ceplok eusina. Matak bosen.
                Kuring nampanan éta misting semu teu rido. Enya ketang da bener teu ridho. Hayang mah mekel dahareun téh anu alus. Nuget, sosis. Hayang siga Rinah atawa Destri nu saban poé mawa waé dahareun nu ngareunah.
                “Ku naon Ris? Kesel nya endog waé?” pameunteu Ema manco ka kuring.
                Kuring teu ngajawab. Anggur rambisak.
                “Ieuh geulis, wayahna urang téh batan sakieu. Kudu syukur puguh. Endog jeung sangu. Sakitu gé aya menyatna. Hayang kitu Riris siga baheula? Dahar uyah jeung asin wae ?”
                Kuring gideug.
                “Ke insya alloh, mun Ema nampa buruh nyeuseuh ti Bu RT urang meuli sosis siga kahayang hidep nya. Oh enya, yeuh Ema aya apel. Kamari Anak Bu RT datang ti Bandung. Méré ieu hiji. Ngahaja teu diopi, sok inget waé ka Riris.”
                “Nuhun, Ma,” kuring nampanan apel, bungah.
***
                Basa rék méngkol pisan lebah sakola. Katingali aya jajaluk. nini-nini keur ngajoprak. Lungsé. Tadina mah kuring haré-haré. Tapi katingali éta nini-nini téh muringis. Leungeun diteueulkeun kana beuteungna.
                “Kunaon, Ni?”
                “Ah, teu nanaon, Néng.  Tos biasa Nini mah. Tikamari can kaeusian dahareun. Biasana mah sok aya nu haat méré. Tapi berkah nepi ka ayeuna can aya,”sorana lumenggis pikarunyaeun.
                Kuring ngahuleng. Karunya teuing. Tikamari can kaeusian. Ari kuring? Beut gudad gadeud waé ka indung sorangan pédah dahar angger waé.
                “Iyeu Ni, kanggé Nini. Sok enggal geura tuang,” kuring ngasongkeun misting.
                “Tong Néng. Pan éta mah bekel Eneng ka sakola.”
                “Wios Ni, da abdi mah gaduh apel,” kuring némbongkeun apel ka éta nini-nini.
                “Nuhun, Néng geulis. Ku Nini dido’akeun sing janten jalmi sholéh sareng pinter.
***
                Datang ka sakola. Langsung mukaan buku. Ayeuna ulangan matématika. Sanajan geus ngapalkeun tapi angger wé deg-degan. Rumasa teu pati resep kana éta pelajaran. Minggu kamari gé meunang peunteun leutik. Sahandapeun KKM.
                Anéh. Ngerjakeun Matématika nu biasana hésé, beut asa babari. Kuring bisa ngerjakeun kalawan lancar.
                “Bérés, Ris?” Bu guru nampanan hasil ulangan kuring.
                “Atos,” ceuk kuring bari haté tagiwur. Sieun peunteun goréng deui siga Minggu kamari. Sanajan enya waktu ngerjakeun téh asa babari.
                Basa nilai ulangan dibagikeun. Kuring ngarénjag. Teu percaya kana tetempoan. “Horéé saratus,” bakat ku atoh kuring ngagorowok.
                Inget kénéh kana kajadian isuk-isuk waktu panggih jeung nini-nini, tukang jajaluk.
                “Hatur nuhun nini, tos ngado’akeun kuring jadi jelema pinter,” kuring ngagerendeng.
                Ayeuna kuring percaya, yén Alloh maha adil. Kuring jangji moal ngarahuh waé ka Ema. Moal ngambek waé ka Ema. Kuring rék syukuran ka Pangéran anu masih méré kanikmatan ka kuring. Malah kuring jangji seja béréhan ka sasama.***



Tidak ada komentar:

Posting Komentar