Dolly
oh Dolly
Ku:
Nina Rahayu Nadéa
Dolly
resmi ditutup Rebo, tanggal 18 Juni 2014. Lain perkara gampang nutup ieu tempat anu geus aya ti zaman Belanda kénéh. Sasat
geus jadi pacabakan mangrébu jalma. Geus jadi ladang rejeki sakabéh masarakat anu aya di sabudeureun. Heunteu
waé pikeun PSK jeung mucikari wungkul, tapi ogé sakabéh rahayat di sisieun Dolly
jeung Jarak, geus kapécrétan rejeki ku ayana Dolly anu kawentar.
Timimiti
tukang parkir, tukang ojég, tukang dagang, tukang béca, laundry jeung lainna kacida diuntungkeun aku ayana Dolly.
Dolly, hiji ngaran anu kacida terkenal. Muasalna tina Dolly van der mart, awéwé turunan Belanda. Hiji tempat anu cenah
pangbadagna sa Asia Tenggara. Nya teu ngabibisani Dolly geus nyabababkeun
wisatawan Surabaya ningkat. Maranéhna kacida hayang apalna ka ieu
tempat. Tiap anu datang ka Surabaya, tinangtu sok hayang apal ka lebah Dolly. Dolly,
tempat sawarga dunya, tempat lalaki ateul nganjang geus nyababkeun ngaronjatna
ekonomi Surabaya.
Teu
anéh lamun dina perkara nutup Dolly téh
kacida hésé. Loba pagétréngna. Kontra téh datangna heuteu ngan saukur ti PSK
jeung mucikari tapi ogé ti rahayat sabudeureun, maranéhna kacida nyatru ka
pamaréntah. Mending perang tibatan Dolly ditutup, kitu babasaanna.
Ditutupna
Dolly heureut kamungkinan bener-bener nutup salilana. Kamaphum sarta katingali dina jumlah PSK jeung
mucikari anu nyokot kompénsasi ti pamaréntah téh heunteu kabéh nyarokot. Maranéhna
siga nu haré-haré sarta teu hayang dibéré kompénsasi anu gedéna Rp 5.050.000.
Geus kajudi tianggalna, ditutupna Dolly moal bisa nuntaskeun masalah saratus
persén. Geus ngabaju. Geus ngabaku.
Kitu
deui anu kajadian satutas Dolly resmi ditutup tanggal 18 Juni anu kaliwat.
Geuning Dolly angger muka, angger ngalaksanakeun aktivitasna siga biasa. Malah
mah maké jeung ngayakeun upacara bandéra sagala, tanda yén kawasan Dolly
dibuka. Hésé memang, ngaleungitkeun kabiasaan anu geus ngabaju, anu geus jadi
ladang nyumponan sakabéh pangabutuh.
Aprésiasi
anu kacida luhurna pikeun Walikota Surabaya, Ir. Tri Rismaharani, M.T. Awéwé tohaga anu heuteu gimir, heunteu
ringrang ku kaayaan. Sanajan ancaman rék diala pati keuna ka dirina saacan nutup kawasan Dolly. Inyana iklas, rido
ngorbankeun jiwa ragana. Enyaan hiji awéwé anu perkasa. Hiji pamingpin anu kudu
dijadikeun conto ku balaréa.
PSK
anu ngarasa pro Dolly ditutup. Tangtu. Dina haté leutikna maranéhna ngarasa,
dina jiwa pangjerona aya panggeuing yén pagawéan anu geus disorang téh nirca, méngpar
tina agama jeug tetekon kahirupan. Dina haté pangleutikna aya nu noél rosa tumuwuh dina jero kalbuna, yén kalakuanna
baris dipertanggungjawabkeun ku inyana engkéning jaga.
Kontra? Lebah dieu anu hésé diturutkeun jeung dicaritakeunna.
Haté jeung kaayaan mémang tojaiyah. Mangrébu
alesan jeung kanyataan, anu antukna milih maranéhna sangkan guyang deui dina
leutak nista. Alesanna? Naha maranéhna baris ditampa, bisa kumbuh hirup babarengan jeung masarakat
luas anu kacida loba tabéatna. Naha maranéhna sanggup ngahiji jeung jalma-jalma
anu baris malikeun omongan, mukakeun lambaran lalakon anu kaliwat. Sanajan enya
maranéhna rék babalik pikir. Ieu hal memang anu kacida hésé. Hal ieu anu kudu
jadi panataan, pamikiran sakabéh jalma, sakabéh unsur ti pangleutikna nepi ka
panggedéna, yén maranéhna jalma biasa anu kudu bisa ditampa dirasa sarua jiga
jalma lainna.
Loba
alesan maranéhna antukna ancrub deui dina jalan anu salah. Kumaha tokoh Entik
ngalakonan hirupna sanajan nyaho éta salah. Demi kahayang indungna, demi
ngabagjakeun indungna anu serab ku dunya. Embung jadi jalma sangsara, hayang
martabat jeung darajatna tetep di luhur.
Entik antukna tigebrus kana dunya peuting, pedah ngungudag
dunya, diperlaya hiji lalaki anu pangrasa Entik micinta dirina. Geus teu bisa ngabédakeun mana cinta anu sajati
mana cinta anu teu uni. Aam Amalia dina Sekar Karaton, Wedalan Rahmat Cijulang,
1994. kalawan tapis nyaritakeun masalah ieu.
Kumaha
pait peuheurna jadi awéwé nu gunta ganti lalaki. Sanajan enya teu nyérénkeun
diri. Tapi panilaian tinu lain? Angger salah. Komo deui kaluar peuting, gunta ganti lalaki bari jeung
mawa kendaraan. Lalaki angger hayang boga calon pamajikan nu suci. Lebah nyaho
Entik geus teu aya kasucian, geuning angger dijejeléh, angger dianggap runtah.
Kitu deui di lingkungan deukeutna, Entik kudu nutup ceuli, dilandih awéwé anu
teu uni.
Kitu
deui dina buku ‘Tempat Balabuh’ yasana Aam Amalia kénéh. Tahun 1994 sarua wedalan
Rahmat Cijulang. Kunaon Wawat bisa
ancrub kana leutak nista? Lalaki. Enya lalaki nu ceunah ngaku ngaku cinta.
Geuning rido nyérénkeun pamajikan sorangan ka batur. Pangalaman hirupna anu
nyababkeun Wawat antukna teu bisa hojah. Neruskeun deui tapak lacakna dina
dunya peuting lantaran geus ngarasa lain jadi awéwé bener.
Babalik
pikir. Enya kungsi dilakonan. Pindah pileumpangan jadi awéwé nu bener. Pan niatna
gé hayang ngaleungitkeun tapak. Mupus waktu anu geus kaliwat. Hayang jadi jalma
bener. Hayang tobat. Sarta inyana moal mikiran deui waktu anu geus kaliwat.
Tapi ning? Hésé jadi jalma bener. Angger dianggap hina, angger dianggap leutak.
Komo waktu salakina sorangan anu karék sababaraha jam ngucapkeun ijab kabul
langsung ngejat, langsung nyarékan laklak dasar waktu apal inyana geus leungit
kasucian. Teu adil. Enya loba lalaki anu teu adil lamun kudu dicaritakeun mah.
Naha maranéhna beut nyaho kana awéwé nu geus teu suci? Mana kitu gé...
Ieu
kajadian anu nyababkeun Wawat teu boga
cecekelan. Tong boroning ku tatangga, ku masarakat nu aya di gigireun. Dalah ku
dulur sorangan inyana nepi ka ditundung. Diusir, waktu apal saha sabenerna
Wawat. Ieu hal ogé nyababkeun Wawat
nyieun hiji putusan. Néang tempat balabuh anu ningtrimkeun dirina sorangan, néang
panglumpatan anu bisa narima kaayan dirina, anu surti, anu narimakeun kaayaan diri
saujratna. Putusan anu antukna datang deui ka
Bibi Marta, mucikari anu salila ieu mikanyaah dirina.
Pon
kitu deui dina carita ‘Kembang-kembang Petingan’ yasana Holisoh M.E, wedalan
Kiblat Buku Utama Taun 2002. Di dieu sacara nyata, dicaritakeun kumaha kahirupan
awéwé ‘Enok’ anu jadi pananggeuhan kulawargana di lembur. Kolotna percaya Enok
gawé di kota di hiji toko. Enok kapaksa
jadi awéwé baong ku kaayaan anu teu mihak ka manéhna. Salakina nyérahkeun manéhna sarta ninggalkeun
budak dua. Kaayaan ékonomi turta anak-anakna anu kudu dibayuan anu nyababkeun
manéhna narima pilihan Entat, jadi awéwé teu uni.
Mangtaun-taun
hirup jadi jalma anu kotor bari jeung haté pasiksak. Tojaiyah jeung kahayang
lahir batinna. Rada ngabaranyay hirupna
waktu aya hiji lalaki enyaan micinta, ngawin dirina sanajan jadi istri nu ngora.
Asal ingkah ti dinya, tina leutak nista. Tapi ning hésé jadi jalma bener téh,
hese, enyaan hésé. Tatangga angger tingkecewis ngomongkeun manéhna. Norék. Nu
penting kanyaah tinu jadi salaki karasa ku dirina. Teu jadi pikiran. Nu penting hirup ka hareup
teu ninggali nu eunggeus-eunggeus. Komo salakina, Kang Handi anu kacida
nyaahna, tara nyabit nyabit masalah anu baréto.
Tapi
ning katingtrim teh langsung leungit.
Waktu dina hiji poé Enok diontrog kunu kolot. Dicarékan laklak dasar.
Dicacampah lain dikieuna. Pikiran marudah, naha kudu balik deui kitu kana hirup
anu kotor?
Lambaran lalakon anu diguar tina sababaraha carita, “Tempat
Balabuh”, “Sekar Karaton”, ”Kembang-kembang Petingan”. Kitu deui carita si
Dolly jadi pépéling ka urang saréréa. Kumaha nyeri peurihna jadi awéwé bangor.
Kumaha perluna kulawarga deukeut, tatangga jeung masarakat lianna nampa maranéhna.
Ngajait maranéhna sangkan heunteu ancrub deui kana jalan nista. Naha bisa
dilakukeun? Kudu loba tarékah jeung sosialisasi anu dilakukeun ku pamaréntah ka
sakabéh masarakat.
Ogé
kudu dipikiran masing gemet, naha adil heunteu lamun PSK di Dolly jeung lainna
keukeuh ngajalankeun profésina lantaran ekonomi? Sedengkeun di sisi lain loba anak, dulur
kulawarga anu leungiteun harepan, lantaran sapopoé ningali kaayaan anu teu séhat.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar