Selasa, 25 September 2012

Fikmin #Tukang Dagang#

Fikmin #Tukang Dagang#

Kesel. Titadi leumpang nuturkeun manéhna, leuheung lamun téréh leumpangna. Ieu mah ngarayap lain bohong. Rék nyiap leumpang tiheula, teu bisa. Da kahalagan ku tanggungan manéhna. Leuh kumaha atuh. Ari manéhna tonggoy wé leumpang antaré. Euweuh kacapé, sanajan bari jeung nanggung dagangan. Teuing dagang naon atuh, da biasana mah nu dagang téh gogorowokan. Ning ieu mah kemba waé. Alhamdulillah kabantuan. Waktu ti hareup aya motor. Manéhna tonggoy. “Sugan torék meureun,” gerentes haté. “Tidiit,” klakson disada tarik, manéhna ngarenjang, laju ka sisi. Mépédkeun tanggunganna ka hiji imah. Sabot motor distater, kuring miheulaan leumpang ngaliwat kanu mawa tanggungan. Panon rada ngagiler ka manéhna. Beu, pantesan tatadi tonggoy leumpang. Sihoréng sakadang HP geus jadi budakna, nawarkeun dagangan via Sms.
Like · · · Yesterday at 2:56pm

Minggu, 16 September 2012

Fikmin #Pemburu Korupsi#

Fikmin #Pemburu Korupsi#

‘Dua dunia’, ‘Dunia lain’, ‘Uji nyali’, ‘Serba-serbi dunia lain’, ’Pemburu hantu’. Kabéh geus ngajadikeun sabangsaning dedemit, jin, ririwa pating keuleuweuh. Kalaluar lain mangsa, lain wayah. Maluter dina sirah-sirah jalma nu geus ngarobéda. Nyeuitan haté, nyasaak pakayana jeung renggenekna. Nyiruruk di mana waé. Bongana da bongana. Ayeuna maranéhna nyarieun komplotan. Démonstrasi. Rék ngabaladah jalma, nyieun komunitas ‘Pemburu korupsi’.
Like · · · Saturday at 10:38am

Kamis, 13 September 2012

Fikmin #SKTM#

Fikmin #SKTM#

Dedeg pangadegna sembada. Awak jangkung. Cop pisan lamun disangka TNI. Disusul ti tukang awéwé lenjang geulis siga bidadari, pakéana jaman kiwari. Buuk semu beureum ngaharib-harib urang bulé. Emas nu dipake lir toko maju. Tina pigeulang leungeun nepi ka siku reunceum emas. Dina ceuli raweuy anting sadua-dua. Gék diuk ka bagian administrasi seja ngadaftarkeun budakna ka sakola. Teu poho SKTM, diteundeun dipangluhurna.
Like · · · 22 hours ago