Rabu, 31 Oktober 2012

Dunia Anak #Dimuat di Koran PR 28 Oktober 2012


Hikmah Pasta Gigi
Oleh: Nina Rahayu Nadea
                Selamat pagi sobat percil. Sudah pada gosok gigi belum? Coba lihat giginya jangan-jangan belum bersih. Ingat, gigi yang kotor akan menyebabkan kuman menempel, hingga gigi kalian cepat rusak. Beruntung sekali kalian tidak usah repot-repot menggosok gigi, karena wadah pasta gigi sekarang sudah sangat praktis berbentuk tube khusus. Tinggal dipencet, keluar deh pasta giginya.
Berbeda sekali dengan jaman dahulu, yang mana pada waktu itu menggosok gigi cukup repot juga. Karena harus menumbuk batu bata merah kemudian digosokan ke gigi. Atau bisa juga dengan menggunakan siwak.
Oh iya tahukah kalian tentang asal mula pasta gigi? Ayo, siapa yang tau?
                Pasta gigi sudah ditemukan sejak abad ke 9 ditemukan oleh perancang busana asal Persia, Ziryab. Cuma pada zaman itu kemasannya belum dibuat dalam tabung seperti sekarang ini. Barulah abad ke 18 pasta gigi dikemas seperti sekarang ini. Pasta gigi kemasan ini diperkenalkan pertama kali oleh Dr. Wahington Sheffeld asal Inggris. Ia membentuk kemasan tabung karena terinspirasi pada saat melakukan perjalanan ke Paris bersama anaknya. Saat itu ia melihat para pelukis  yang menggunakan cat kemasan tabung.
                Pasta gigi itu sendiri seringkali disebut odol. Itu berasal dari suatu merek ‘Odol’ yang terkenal pada jaman dahulu, termasuk di tanah air kita yang saat itu berada pada masa jajahan Belanda. Kata odol sengaja dilakukan masyarakat karena kesulitan menyebutkan tandpasta (tand = gigi). Meski pasta gigi odol sudah tidak ada lagi di negara kita sekarang ini, tapi setidaknya kita patut bersyukur karena warisan kata ‘odol’ hingga kini masih melekat. 
                Mau bilang pasta gigi? Atau mau menyebut odol? Yang pasti dua-duanya  akan menjaga gigi kalian bersih terhindar dari kuman. Ayo adik-adik yang manis kita rawat gigi kita sebaik mungkin dengan cara rajin menggosok gigi. Pagi, siang atau malam menjelang tidur.
                Eits, jangan lupa ayo rayakan bulan kesehatan gigi nasional. Yang biasanya diselenggarakan dari September- November. Ini dalam rangka memperingati Hari Kesehatan Gigi Nasional  yang jatuh pada tanggal 12 September. Periksa ke dokter gigi? Siapa takut.***

Kamis, 11 Oktober 2012

Carpon dimuat di Majalah Mangle 11 Oktober 2012


Nu Ngageugeuh Tangkal Séngon
Ku : Nina Rahayu Nadéa
            Atoh pisan basa kadatangan Pak Rt ka imah, seja meuli hiasan  anu ngagantung dina témbok imah. Hiasan jaman baheula anu bentukna parahu keur lalayaran. Parahu anu warnana semu abu, dina pigurana aya nu ngelemeng   garis leutik, nonjolkeun serat nu hideung lemes.  Warisan ti nini aki baheula. Duka geus sabaraha  umurna. Ngan ceuk béja ti aki kuring, eta hiasan teh geus aya ti manéhna budak. Malah cenah umurna geus ratusan taun kaliwat.
            Kitu pantes atuh, sainget kuring, ti jaman budak, éta hiasan geus aya. Maturan imah.  Tapi anu matak hemeng. Nepi ka ayeuna éta hiasan parahu can pernah keuna ku sakadang rinyuh. Angger weweg.
            Lain saurang dua urang anu hayang ngapimilik éta hiasan. Da cenah ceuk nu ngarti ieu hiasan téh ngandung mistic jeung nilai seni anu kacida mahalna. Sarta anu kungsi kadéngé ku ceuli  sorangan, yén miboga benda siga kieu mampuh nyinglar sabangsaning mahluk gaib anu teu pararuguh. Tapi kanu hal anu kadua kuring teu pati maliré. Da berkah nepi ka kiwari kuring can kungsi kawénéhan manggih sabangsaning jurig atawa dedemit.
            Sabenerna teu hayang ngajual ieu hiasan anu sasat titinggal karuhun anu ngan sakitu-kituna. Komo inget kana wasiat Bapak saméméh ninggalkeun alam dunya. “Omat tong ngajual hiasan ieu, bakal méré katengtreman jeung ngajaga imah salilana.” Kitu cenah nongtoréng kénéh dina ceuli. Lain teu inget kana amanat nu jadi kolot. Tapi ayeuna geus  buntu pilampaheun. Antukna  peupeujeuh ti kolot kapaksa dipungpang. Kapaksa, demi méréskeun masalah anu jadi anak. Masalah urusan duit.  Sangkan nu jadi anak bisa ngilu ujian kalawan tenang, teu mikiran nanaon.
Matak nineung puguh ngingetkeun  éta barang. Kitu pantes, da karasa ku sorangan. Ningali éta parahu sok asa nambah katingtrim kana diri. Katugenah anu ngamomotan sok leler ku ningali éta hiasan. Teu bosen ningali  hiasan anu dijieun tina tangkal ebony (Diospyros celebica Back) khas Sulawesi. Komo lamun pas kabeneran aya rejekina, ngahajakeun nyolokeun kabel kana steker. Kabel anu ngajadikeun  parahu tingkariceup.   Hibar katingali ti anggangna, ku sabab dina  parahu ditarétés lampu leutik warna-warni matak nyari.  
Tapi dibéré masalah dina urusan duit mah angger waé lieur taya ubarna. Kajaba ku duit deui. Matak basa Pak Rt datang téh, asa ditumbu umur  lain bobohongan. Pak Rt gé méh teu percaya waktu kuring ngamanggakeun pamaksudanna. Maklum sabenerna geus sababaraha kali Pak Rt ngahelaran éta hiasan. Ngan salila ieu kuring taya maksud nginjeumkeun sumawona ngajual.  Ayeuna mah pédah waé bakat ku butuh.Titik.
            “Enyaan rék dijual ieu téh Mang Danu?” Pak Rt nyidikeun beungeut, siga nu sieun  salah déngé.
            “Enya, ari di dinya keukeuh hayang meuli mah, ngan kadé hargana anu rada alus.”
            “Lima ratus rébu, sok jadi ayeuna kénéh dibayar,” Pak Rt ngaluarkeun duit. Méré kayakinan ka kuring.
            “Tambahan atuh  saratus rébu,” kuring api-api nahan. Padahal dina haté mah surak ngadéngé duit anu sakitu gedéna.
            “Nya geus sapuk laah,” Pak Rt langsung mikeun duit  ka kuring.
            Kuring nampa bari semu handeueul. Handeueul geuning Pak Rt langsung nyatujuan kana harga. Nyaho kieu mah meureun tadi téh rada gedé naekeunna. Gerentes haté. Bari  teu burung leungeun manjangan, nampanan duit ti Pak Rt.
***
            “Ma....Pak!”
            “Aya naon?” témbal kuring  ngulisik.
            “Di dieu ah mondokna, sareng Ema!”
            “Kunaon teu pupuguh, biasana gé sorangan?” tanya kuring rada kerung.
            “Ah sieun,” témbal anak kuring bari langsung asup ka kamar, golér di gigiren indungna. Atuh kapaksa kuring ngéléhan, saré dina korsi di tengah imah.
            Karék gé reup. Kulutrak sara panto di dapur ngulutrak. Nyah beunta. Keteyep leumpang muru dapur. Rét kana panto anu nutup rekep. Diilikan imeut naker. Angger teu salah nempo. Da sidik sakadang tulak masih kénéh napel dina panto. Teu katingali urut muka. Salah déngé meureun, ceuk pikir. Laju malikeun awak,  muru kana korsi urut  saré.
            Rekééét, kadéngé deui sora panto. Atra. Panasaran kuring ka dapur ningalian deui panto. Rada lila cicing di dapur téh. Tapi nepi ka cangkeul suku angger  euweuh nanaon. Geus puguh tetempoan mah kuring diuk  na korsi deui. Tapi teu peureum, ngadon ngahuleng. Inggis aya sora anu dipiharep. Labeng nepi ka janari leutik teu ngadéngé sora nanaon. Ari lain sora jangkring, bueuk, bangkong mah.
            Ngan isukna geunjleung. Aya kajadian ahéng di lembur.
            “Mang ari tadi jam opatan kunaon teu puguh-puguh ninggalkeun kuring?” Bi Emay nanya. “Hanas ngobrol wé bacétrot, ari dilieuk di dinya geus euweuh teu katingali punduk-pudukna acan.”
            “Jam opat iraha?”
            “Nya biasa waktuna kuring balanja ka pasar keur kaperluan warung.”
            “Jam opat shubuh,” kuring ngagerendeng.
            “Enya, sok api-api kitu,” Bi Emay  ngomong tandes.
            “Nya nanya naon kuring?’
            “Halah éta, poho deui kana omongan sorangan. Nanyakeun jéngkol sabaraha sakilona, tah ku kuring dipangmawakeun. Hihidengan sorangan wé meuli satengah kilo. Da basa ditanyakeun meuli sakumaha geus euweuh di dinyana,” Bi Emay mikeun jéngkol ka kuring.
            “Kéla...kéla rumasa kuring mikalandep jéngkol, tapi asa teu pesen da shubuh tadi mah puguh   kabeurangan, jam setengah genep karék nyaring. Maklum bisa saré wanci janari leutik,” kuring ngécéskeun. Bari teu burung nampanan jéngkol.
            “Baruk teu pesen? Da sidik kuring téh ngomong jeung di dinya,” Bi Emay ngahuleng.
            Sajongjonan  kuring jeung Bi Emay teu nyarita. Anteng dina pikiran sewang-sewangan. Keur kitu torojol Pak Rt datang hariweusweus.
            “Ngadéngé teu kajadian peuting tadi Mang Danu?’
            “Kajadian naon, Pak?”
            “Éta urang wétan nepi ka tikusruk tina motor. Cenah mah basa ngaliwat ka hareupeun imah di dinya. Kira jam dua belas peuting beut aya nu megat, sarta ménta rokok dua batang. Ngan basa dilieuk cenah jilimna geus ngiles. Atuh motor langsung mangprét. Tah lebah pudunan motor ngagubrak euweuh kasaimbangan. Waktu keur kitu kadéngé ceunah anu seuri nyikikik tingcirihil.”
            “Jam dua belas? Ah, asa teu ngadéngé gerungna motor ngaliwat. Terusna kumaha?” kuring panasaran.
            “Nya terus wé cenah lumpat. Tuh motorna gé ayeuna karék dibawa ku Mang Juhri jeung Mang Adut. Da nu bogana embungeun nyokot motor ku sorangan. Bangbaungeun kénéh sigana.”
            Ti kajadian harita, mindeng kadéngé hal anu teu dipiharep. Ningali Kunti atawa aya nu megat di hareupeun imah kuring geus jadi carita sabiwir hiji. Nambah kahariwang jeung nu pasti ceuli asa rawing teu pupuguh. Majar téh cenah kuring ngukut bangsa dedemit.
            “Tuar wé atuh tangkal séngon téh, méh euweuh nanaon geura,” dina hiji poé Mang Juhri  ngahaja nganjang ka imah méré kamandangna.
            “Halah lebar teuing atuh, ngahaja puguh,  méh  imah butut teu katingali teuing da kahalangan  ku tangkal nu galedé.”
            “Enya sakalian wé oméan atuh, bahanna tina tangkal séngon. Keun urang sabilulungan  teu kudu diburuhan. Tinimbang warga asa teu aman, loba titingalian anu teu paruguh.”
            Ku gempungan anu diayakeun, akhirna sakabéh warga sapuk pikeun ngabantuan kuring, nuaran tangkal sarta langsung kerja bakti ngoméan imah  anu geus butut, méh doyong. Ti mimiti panto, jandéla kabéh dioméan. Malah pak Rt mah haat, nyumbang bilik ngaganti  anu geus barolong. Ku kerja bakti pagawéan téréh anggeus. Teu nincak saminggu imah alus geus ngajeugléng.  Alus keur pantaran kuring. Da gedéna mah angger nurutan bangunan anu baheula. Tapi ayeuna mah weweg, imah lénglang beresih matak tumaninah. Komo deui ayeuna mah titingalian bisa langsung ka jalan. Tempat balawiri.
***
            Sapoé dua poé taya nanaon. Tapi dina peuting katujuh meneran pisan malam Juma’ah, aya kajadian ahéng.
            Harita wanci sareureuh budak. Di luar hujan ngaririncik.
            “Ma....buka panto!”
            “Leuh kahujanan Nyi? sok atuh ka kamar salin heula, Ema nyieun  téh manis geura,” kadéngé indung budak ti luar kamar. “Yeuh andukna.” Jempling. “Tiris pisan di luar? Éta meuni pias kitu?” disawang ku pikiran kuring, jigana pamajikan nengetan kana beungeut budak anu kakara jol balik ngaji.
            “Ka mana ayeuna budak téh?” kuring nanya kanu jadi pamajikan.
            “Tuh di kamar, sigana kabulusan. Da basa ngarampa leungeuna meni tiis caméwék, alah batan és.”
            Assalamu alaikum,” kadéngé nu uluk salam.
            Bray panto di buka. “Aéh geuning...,” kuring teu kebat.
            “Naha Nyai geus aya di luar deui, iraha ka luarna?” pamajikan nanya.
            “Naon ari Ema da abdi mah nembé mulih!”
            “ Ari nu tadi saha?” pamajikan nanya.
            “Kuring mah Kunti.    Hi...hi...hi... “ Kadéngé atra  nu nyikikik ti jero kamar.
            Pitunduheun  asa jauh. Komo beuki peuting hujan lain ngaleutikan, tapi beuki  gedé, siga anu dicicikeun ti langit. Dor dar gelap matak keueung lain bohong.  Kahayang mah rék ka imah Bi Ursih jeung Mang Tarsun, rék ngajakan  sugan daekeun mondokan imah, ngabaturan nu jadi anak pamajikan. Tapi teu jung da teu diidinan. Jeung na deui dipikir ku sorangan, saha jalmana anu daék kaluar dina wanci hujan ngagebrét kieu. Antukna ngariung, ngararasakeun kakeueung nu beuki rosa.
Sora cihujan manjur kenténg kadéngé atra. Séahna matak muringkakeun bulu punduk.
            Wanci tengah peuting.
“Braak.”
            Kadéngé  tarik pisan lebah tukang. Persisna di dapur. Kabéh tingraringeuh. Tadina mah rék kuring waé sorangan ka dapur. Tapi embung ditingalkeun. Antukna ngabring ka dapur. Paantay-antay. Kuring ti heula, dituturkeun ku budak jeung pamajikan. Éta gé teu kaur ngaléngkah da budak ngabebetot waé. Tapi teu burung nepi ka dapur.
Gebeg. Reuwas lain dikieuna, ningali panto nu anyar dipasangkeun geus bolongor teuing kamana. Cai hujan katingali nyebrot asup ka imah. Ragamang kana triplék nu nyampak di dinya, maksud rék ngahalangan panto méh cihujan teu asup ka imah. Suku ngaléngkah ningali ka luar. Saheulaanan ngajanteng lebah panto dapur anu bolongor.            “Hi...hi...hi....” 
            Breéh, atra pisan aya nu ngageuleuyeung di luar. Sarwa bodas. Beulah wétan   panto ngapung ngalayang.
            “Hi...hi...hi...malikeun imah kuring,” sorana semu ngirung kasilep angin peuting.
***

Kamis, 04 Oktober 2012

Carpon dimuat di Koran Tribun Jabar 3-5 Oktober 2012


Turus Pangharepan
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Kalawan imeut, Mang Jamal nancebkeun tuturus dina tiap galengan anu  garing sarta taneuhna geus subur.   Sakapeung leungeuna hideng nyabutan jukut anu  teu weléh ngajijimbrung dina galengan. Késang nu ngagarajag dina tarang teu diwaro, ngeclak mapay pipi, gado, murag muru lemah. Kacapé nu nyangsaya dina waruga teu ditolih demi maheutkeun tuturus jeung haténa nu salila ieu ngemu rusiah. Rusiah ngeunaan kahirupan salaku patani nu mingkin gudawang mikiran hirup jeung kahirupan. Hiji-hiji tuturus ditancebkeun maké haté jeung cinta enggoning nedunan kahayangna. Hayang ngaronjatkeun kahirupan. Malah mandar bisa hirup waluya siga nu lain. Siga Mang Udin nu poé kamari langsung bisa meuli motor mio tina ladang malawija tomat, atawa hayang siga Aki Juhri anu minggu kamari bisa menderkeun imahna nu geus doyong tina melak cabé.  Nya pigur siga maranéhna nu geus nguatkeun haté Mang Jamal pikeun pindah pileumpangan, méngpar tina jalan anu salila ieu disorang. Enya hayang jadi jelema anu sarwa tinekanan dina kahirupan.
                Dina haté pangleutikna kacida hayangna manéhna ningali Bi Éha pamajikanna ginding ku paké gandang ku pakaya. Tah hal éta pisa anu antukna ngarobah paniatan manéhna salilla ieu.
                “Geus atuh Bapak, tong melak waé paré, sakali-kali melak palawija geura, susuganan atuh kahirupan urang bisa menyat,” sora Bi Éha  nongtoréng kénéh dina ceulina.
                “Ah tadina mah horéam miarana, pan ari melak paré mah teu meakeun tanaga jeung biaya nu gede. Béda jeung malawija,” omong Mang Jamal.
                “Nya kuring gé ngarti, tapi pan melak palawija mah téréh beunghar. Teu burung kagantian lah kacapéna gé,” témbal Bi Éha teu béak omong.
                Demi nedunan kahayang pamajikanna, Mang Jamal ridho uculan. Uculan tanaga, duit jeung waktu. Tapi teu  saeutik ogé Mang Jamal nyalahkeun pamajikanna. Da salahna sorangan salila ieu teu bisa nyenangkeun nu jadi anak pamajikan.
                Kuniatan siga kitu Mang Jamal nyieun kacindekeun jeung putusan dina haténa, rék melak tatanén anu lain siga biasana. Kacang panjang geus jadi pilihan haténa. Salila ieu Mang Jamal ngan saukur melak paré. Enya karasa ku manéhna tina ladang paré hirupna bisa nagen, bisa ajeg dina kahirupan. Tina ladang paré saeutik-saeutik manéhna bisa nyéboran kaasih ka pamajikan nu dipicinta sanajan can leuwih siga nu lain.  Tina ladang melak paré nu dipupuk ku kapeurih jeung peurah kahirupan, Mang Jamal bisa nyakolakan Darman anak nu panggedéna nepi ka bisa jadi jelema di kota. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku lain bobohongan sangkan anakna bisa nagen dina tatapak anu waluya.
Kahayang Mang Jamal waktu harita, susuganan bisa ngajadikeun Darman jelema, manéhna bisa nungtun adi-adina anu dua, anu masih kénéh butuh biaya. Tapi teu kitu ning haté jelema. Rérés sakola jeung nyekel gawé Darman langsung rimbitan. Milik gede keur manéhna bisa nyandingkeun awéwé kota nu cenah jelema jegud. Cenah. Enya cenah. Da nepi ka kiwari gé berkah Mang Jamal can pernah nincak imah minantu jeung bésanna. Tepung ngan saukur dua kali. Hiji keur ngawinkeun di hiji gedung, kadua basa ningali incu di rumah sakit.  Ti dinya mah pleng.... Horéam panggih gé. Nepungan maranéhna ngan saukur nambah gudawang nu rohaka dina jeroeun dadana. Kaayaan manéhna ti kampung bau lisung ngan saukur nambah ruruhit keur bésan katut minantuna. Inget kénéh waktu harita,  haté kacida bagja waktu ngadéngé anakna boga budak. Incu munggaran Mang Jamal. Ti imah dagdag dégdég jeung pamajikan. Sagala dibekel keur bawaeun ka kota. Mélaan ngéclok duit ka tatanggana demi nyenangkeun jeung  nyambat incu sorangan, incu munggaran.
Sagala dadaunan anu ngarangsang keur kaluarna cai nyusu dibawa. Daun katuk mawa sabebed. Sasayuran anu aya di tempatna sagala dibawa, bayem, kangkung, jeung nu lianna, ngahaja dibawa, ngarah minantu bisa nyusuan anu jadi incuna.
“Papi, simpen di luar tuh, nanti anak kita kena virus desa,” minantu ngadilak kana barang bawaan Mang Jamal nu diteundeun di luhur kasur tempatna.
Deg. Kana haté aya nu neunggeul karasa pisan nyanyautan. Mang Jamal ngarérét ka pamajikan nu sigana sarua neundeun katugenah siga manéhna. Kahayang mah nyium, mangku ka incu nu ngagebra, tapi sigana bésan nu aya di dinya teu ngidinan. Enya virus ti lembur sieun nerkab ka maranéhna urang kota. Mang  Jamal surti, bésan katut minantuna teu hayang kaanjangan ku dirina. Sanajan teu togmol ku omongan tapi Mang Jamal ngarasa, waktu harita bésan mangku sarta mawa incu ka luar ti kamar.
“Ehm, Dede cantik di luar dulu yah sayang, supaya tidak pengap, di kamar banyak orang, cup...cup...,” cenah atra dina ceuli.
Nu tadina hayang lila, malah rék ngemitan orok sapoé mah, teu jadi. Padahal Mang Jamal geus angkaribung mawa pangadeg teuing sababaraha setél. Kitu deui pamajikan, sasat sasabaraha peuting maranéhna kurang saré balas ngabadamikeun pakéan nu rék dibawa sarta ngawangkong lampah anyar mapag nu jadi incu.
“Kulem wé atuh di dieu, Pak,” Darman ngahulag waktu bébéja rék balik.
“Ah, keun wé di ditu loba kénéh pacabakan,” témbal Mang Jamal tamba heunteu ngomong.
“Ké atuh urang jajap ka terminal.”
“Papi, gendong dulu nih Dedenya,” géréwék minantu ti jero kamar.
Sakeudapan Mang Jamal papelong-pelong. Ngarti. Enyaan ngarti pisan Mang Jamal.
“Jig wé atuh karunya, Bapak mah bisa sorangan,” témbalna bari léos ningalkeun Darman. Leumpang ngagedik teu nolih deui ka tukang.
“Kunaon Bapakna, ditingali tatadi téh ngan ngahuleng kitu?” teu kanyahoan Bi Éha pamajikanna geus aya di gigireun. Ngélék boboko, leungeun katuhuna mawa téko. Cag boboko diteundeun dina galengan. Sangu,  jeung deungeun sangu,  sapuratina anu aya dina boboko dikaluarkeun. Ngajajar. Sangu ngebul,  beuleum peda beureum, kurupuk malarat, jeung sambel goang ngajagrag. Seungit meleber.
“Mana coél sambelna,” Mang Jamal culang cileng néangan batur sambel.
“Ah, éta wé ngarampid sorangan dina tangkal, tah tomat héjo nikmat geura,” Bi Éha nunjuk kana tomat ngora nu meuhpeuy dina tangkal, gigireun pisan Mang Jamal.
“Aéh enya nya, ning tanginas geus nganteuran,” Mang Jamal kokocok leungeuna kana cai nu aya dina sela-sela galengan.
“Lah méh nyalsé, barina gé itu Pa Rt  teu ngarareunah, hayang dipangmeuseulkeun.”
“Nya alus atuh aya gawé, malaur di imah ngahuleng waé,” ceuk Mang Jamal bari metik tomat nu aya deukeut manéhna, laju dikumbah, dicoélkeun kana sambel goang, am diweuweulkeun.                 “Hayu atuh bareng sasarapna, éh lain ngahuleng kitu,” Mang Jamal mencrong kanu jadi pamajikan.
“Nyéta geus sabaraha poé, inget waé kanu jadi incu,” Bi Éha némbal halon. Dina juru panon katingali aya nu nyalangkrung. Nahan cipanon nu rék bedah balas nahan rasa kakangen kanu jadi incu.
“Ah geus tong dipikiran, da aya indung bapakna nu sarenang,” Mang Jamal  miceun semu tinu jadi pamajikan.  Kolébat dina beungeut nembongan incuna. “Geus bisa kumaha nya, éta budak,” teu karasa biwirna engab ngagerendeng, haté nyawang kanu jadi incu nu sarua dipikameumeut.
“Tuh, bisa wé ka batur, ning di dinya gé sarua inget nya,” Bi Éha seuri leutik. “Iraha kacang panjang téh  bisa dipanén nya? Susuganan bisa ka kota nempo incu.”
“Tilu bulanan gé bisa dipanén sigana mah, ngan kitu wé unggal poé kudu dititénan da melak palawija mah béda jeung paré nu bisa diculkeun.”
“Enya lah ké mun nyalsé dibantuan,” Bi Éha némbal bari nyokot sangu tina boboko. Am duanana dalahar balakécrakan. Panonna neuteup ka tiap tuturus jeung nu lainna kalawan imeut. Tiap jengkal taneuh teu aya nu kaliwat tina teuteupna.  Haténa dipinuhan ku pangharepan anu kacida gedé. Susuganan tina ladang kacang pancang bisa nedunan kahayang maranéhna. Tuturus munggaran anu neundeun pangharepan anu kacida dianti ku maranéhna.
***
Tara aya waktu anu kaliwat pikeun Mang Jamal ngaroris tatangkalan anu keur meujeuhna. Teu sirikna ungal isuk beurang jeung soré waktuna dibéakeun di kebon, dina tangkal kacang panjang. Keur ngareureuhkeun awakna sanggeus bérés barang gawé, Mang Jamal nyieun saung. Teu gedé  ngan sadeupaeun manéhna, tapi kacida ngabantu  pikeun nyingkahan rereged katut kacapé satutas baranggawé. Komo pan ayeuna mah Mang Jamal melak palawija, anu saeutikna meakeun waktu jeung tanagana. Béda keur jaman manéhna melak paré ceuk paribasana bisa diculkeun.  Loba waé pagawéan anu kudu dituntaskeun sangkan kacang panjangna alus tur meunang harga anu mundel.
Ti mimiti nyieun galengan leutik atawa bédéng anu kudu maké kasabaran kacida, maklum lahan anu dipaké téh urut sawah, atuh dina nyieun galengan téh kudu alus pisan. Ditungguan nepi ka garing bener tur taneuhna alus sarta merenah pikeun bibit kacang panjang. Tina tiap galengan katingali susukan leutik anu dijieun ku haté jeung harepan manéhna pikeun hirupna, ngahaja dijieun pikeun nyéboran kacang panjang. Teu poho waktu nyieun bédéng téh manéhna ngawurkeun gemuk domba jeung kompos meunang ngahaja nyieun. Ayeuna mah ditambahan sangkan hasilna mucekil maké gemuk anu dibeli ti désa. Ngaranna pupuk organik super cenah, teuing gemuk nanahaon ngan sakadar ngajalankeun amanat ti désa waé sangkan hasilna tatanén alus. Bari jeung kudu dibeli gé nya kapaksa waé tinimbang hasil panén gagal.
Rérés ngageulisan bédéng tur merenah, terus nyieun liang leutik anu dieusian bibit kacang panjang hiji atawa dua tiap liangna. Geten, jeung tulatén pisan, bisi aya nu kaliwat. Ti barang muncunghul nepi ka kacang jarucul jarangkung sarta ngarambat kana tiap tuturus nu ditancebkeun, teu kaliwat tina paniténna.  
Teu poho tiap waktu, tiap liang diilikan bisi aya nu teu jadi atawa paéh. Tah kanu hal siga kieu Mang Jamal buru-buru melakeun deui binih anyar, sangkan tiap liang tetep ngahasilkeun kacang panjang anu alus.
Ayeuna kacang keur meujeuhna sumedeng ligar, Mang Jamal beuki bumetah dina saung paniisan. Sakapeung dudukuy semplakna hideng ngipasan awakna nu buliglag bakat ku hareudang. Ehm, dua poé gé sigana geus panén, sigana nu iyeu mah meunang harga da ningali kana kacang panjang bogana béda pisan jeung nu Mang Uko  anu laleutik rada koneng sarta pondok, Mang Jamal ngagerendeng, agul sorangan.
***

“Iraha cenah Bandar Ujé datang, tuh padaringan di goah meni geus ngelentrung euweuh eusian,” Bi Éha ngagorowok ti tepas imah.
“Nya ke urang ka leuit heula,” sora Mang Jamal teu éléh tarik.
“Pan leuit ge kosong!”
Mang jamal tunga tengo kana leuit. Leuh enya wé, geuning geus kosong. Itu deui gentong di goah geus suwung euweuh eusian. Ah, keun wé ke deui pabeubeurang Bandar Ujé sigana datang, mikeun hasil kacang panjang. Sigana mucekil hasilna. Jaba loba aya kana sakintalna, kaduana kacang panjangna paranjang, baleuneur sedeng, jeung warnana héjo semu hérang,  keur meujeuhna nikmat didaharna.
“Mang, yeuh hasil kacang téh ngan meunang sakieu,” Bandar Ujé nolol tina golodog imahna.
“Maenya sakieu?” Mang Jamal nampanan duit. “Kéla bisi salah ngitung, pan kamari téh  sakintal?”
“Enya sok wé itung dua ratus dikalikeun sakintal sabaraha? Bener pan duapuluh rébu?”
“Baruk dua ratus pérak?”
“Puguh keur ceuyah kacang panjang téh, dimamana ngahunyud. Sakitu gé sukur dibayar, da nu Mang Jamal mah diheulakeun komo nu batur mah teu kajual da nambru teuing di lapakna,” Bandar Ujé nerangkeun kaayaan patani ayeuna.
“Nya nuhun atuh,” Mang Jamal ngawalon antaré, nahan rasa nu ngagalura dina jeroeun dada.  Rét ka pamajikana anu tatadi ngabandungan ketak Bandar Ujé, rét kana duit nu digigiwing ku manéhna.
“Tah beubeunangan panén kamari, jig beulikeun béas samahina wéh,” duit nu salambar dibikeun ka pamajikakna. Léos wé Mang Jamal ka pangkéng. Teu hayang ningali kumaha pasemon pamajikanna. Da geus kajudi pisakumahaeun sedih jeung nalangsa pamajikan nampa ladang panén kamari.
Dua puluh rébu dina jaman kiwari. Beu...beu...jauh tanah kalangit. Sanajan keur ngala kacang panjang teu ngaburuhkeun ka batur, tapi pan tanaga manéhna méh laas ngabélaan kacang panjang. Teu kaitung modal nu geus dikaluarkeun ku Mang Jamal sangkan hasil tanénan sugih. Gemuk, binih, tuturus pan éta kabéh kudu ku duit. Nyaho kieu mah mendingan angger wé teu ingkah balilahan melak paré. Nya kitu abong jelema hayang meunang nu leuwih. Antukna kieu geuningan. Leuit kosong, nu puguh mah hutang wé beuki baranahan keur ngamodalan kacang panjang. Sakitu teu ngaburuhkeun ka batur. Sagala dilakonan  ku sorangan jeung pamajikanan. Sakapeung dibantuan kunu jadi anakna nu aya di lembur. Tapi kieu geuning hasilna. Duh aya kieu milik diri, Mang Jamal ngagerendeng.
***
Tisaprak Mang Jamal nampa hasil panén ti Bandar Ujé, ayeuna mah lunta-lanto ka kebon, sumawona miara, ngariksa geus teu dilakonan. Ngan hiji nu angger dilakonan, ngadaweung di hareupeun imah. Nilik- nilik kana tuturus anu naranceb, sarta merhatikeun ngarambatna kacang panjang anu ngagebay pikabitaeun. Runggunukna éstu nambah waas jeung kangen ka mangsa nu larung. Mangsa leutik dimana manéhna jeung Bapakna baheula kaasup jalma sugih mukti. Sugih tina ladang tatanén diantarana kacang panjang. Ningali tuturus anu katingali atra ti hareupeun imahna bisa saeutik-saeutik ngubaran haté.  Ringkelna kacang panjang, morontodna tangkal méh jucung, lumayan bisa nyeuihkeun bangbaluh haténa. Héjo ngémploh rambatna kacang ngumbarkeun paninenungan Mang Jamal waktu keur ngariksa miara éta tangkal.
Awak Mang Jamal anu nyangsaya dina korsi butut teu sirikna ngagurubug, tibuburanjat hudang. Waktu kadéngé atra aya sora mobil eureun hareupeun imahna. Panonna teu sirik dibelél-belél, dibolototkeun hayang awas kanu ngabagug. Tétéla aya mobil weuteuh, eureun hareupeun imahna. Leuh mobil saha nya? Saumur nyunyuhun hulu karék  ayeuna aya mobil alus ngalanto ka lemburna komo ieu eureun pisan di buruan imahna.
Breeg. Budak leutik ngabrul, ngaronyom ka mobil anu karék datang. Teu sirikna dirampa, diusap lain bohong. Mang jamal nyerangkeun ti kajauhan, na saha atuh anu boga éta mobil. Kapanasaran leungit waktu tina jero mobil kaluar hiji jelema. Dedegan sidik, moal pangling sanajan kasilep ku pakean anu teu biasa di lembur. Calana lepis  sarta dikameja biru langit garis-garis, teu poho dasi ngagantel tina beuheungna.  Buukna  semu beureum ngajiripit, sapatuna hérang ngagenjlang katojo ku panon poé. Dituturkeun ku istri geulis lir bidadari ti kayangan téh lain bohong. Dangdanan sarua teu matut urang lembur. Maké rok mini, teu kireum-kireum palebah pingping, androkna dibeulah nepi ka luhur. Atuh tiap ngaléngkah téh, gelempong pingping atra kamana-mana. Diselop jangkung, maké tas leutik. Ditukangna awéwé saumuran, ngan bajuna basajan pisan jauh tanah ka langit jeung maranéhna. Ngangais  budak leutik umur 2 taunan. Darman! Haté Mang Jamal surak. Kasono nu ngamomotan kanu jadi incu sigana bakal kaubaran.
“Indungna....Indungna, tingali tuh nu datang,” Mang Jamal teu sirikna lumpat ka dapur ngageroan pamajikan.
“Aya saha Bapakna? meuni rareuwas.”
“Buru tingali itu kaluar, geuwat salin bisi ngérakeun,” Mang Jamal muru pangkéng seja ganti baju anu biasana dipaké ka sawah ku baju anu merenah.
“Baruk si Darman jeung pamajikanna,” Bi Éha timbang olohok ningali kanu anyar datang.
“Ema....Bapak, araya?’’ sora Darman kadéngé.
“Aya...aya, buru ganti pakéan ngadon ngahuleng kitu,” Mang Jamal noél pamajikan nu keur noong tina jandéla.
“Aéh enya nya,” Bi Éha gura-giru ka kamer.
“Jam sabaraha ti kota, paingan ti kamari inget waé kanu jadi incu. Alah apal rék datang mah meureun Bapak nyiapkeun kadaharan karesep hidep,” Mang Jamal mencrong anakna.  Paneuteupna pindah muru nu dipikasono, nyéta incuna nu keur diais ku awéwé gigireun minantuna.
“Teu ngahaja Pak ka dieu téh. Pédah tadi tos ti uleman, ngalangkung ka dieu. Janten teu nyandak nanaon. Ni, Dé rumah Kakék,” Darman ngais budakna. Dinangna néngné sarta dibikeun ka Bapakna.
Aya nu ngajeletit kana ati, ngadéngé ucapan Darman. Ning nu jadi anakna lain karna iklas jeung ngahajakeun nepungan kanu jadi kolot. Ieu mah pedah cenah ngaliwat. Tapi haténa kaubaran bisa ningali incu kameumeut.
“Ehm alhamdulillah, geuning aya Darman jeung si kasép...” Bi Eha norojol sarta langsung ngais incuna nu keur diais ku Mang Jamal.
“Kadia Cu nya, ka Enin. Sono Enin téh,” Bi Éha nyiuman incuna.
“Sum, bawa Dédénya nanti gerah,” pamajikan Darman ngarérét  ka pangasuhna, siga teu panuju anakna digulang gapér aki-ninina.
“Oh iya, Bu,” teu talangké budak di bawa ka luar.
Sanajan sono kanu jadi incu, teu majar kumaha. Tapi haté kacida bagjana, kadatangan anakna ti kota éstu geus jadi pangreueus keur maranéhna. Kadatangan Darman jeung pamajikan sarta mawa mobil geus nambahan komara Mang Jamal di éta lembur.
Bi Éha cakah cikih nyadiakeun kadaharan anu panghadéna demi mupujuhkeun anu anyar datang. Teu sirikna sagala dijieun asal sémah ngarasa senang. Keur popolahna kapaksa ngageroan Bi Jumi tatangga deukeutna ngarah pagawéan téréh bérés.
“Melak naon ayeuna, Pak?” Darman muka obrolan.
“Kacang panjang, ngan ah kitu teu kajadian,” Mang Jamal humandeuar.
“Teu kajantenan kumaha, Pak?”
“Nyéta teu beubeunangan harga, kamari gé kérék panén sakali ngan beunang dua puluh rebu. Jadi kaitung sakilo téh ngan dua ratus.”
“Baruk dua ratus. Naha da di kota mah sakilo téh opat rébu. ”
“Nyéta kieu ari nasib di lembur mah, Man. Angger wé nu senang mah nu boga modal. Ari patani mah angger wé tingkocéak. Majar téh ceunah kacang panjang mah ceuyah, jadi euweuh hargaan.”
Mam, ternyata  kacang panjang di sini harganya dua ratus, murah ya?,” Darman ngarérét ka pamajikanna.
“Mending beli saja di sini ya, Pi, kalau dua ratus, béda dengan di kota yang sampai empat ribu.”
“Yu, Pak ah urang ningalian ka kebon,” Darman ngajakan  Mang Jamal.
“Hayu atuh.”
Bapak jeung anak patutur-tutur lempang mapay galengan. Sakapeung Mang jamal nuduh-nuduhkeun sawah anu aya digigireun kebonna.  Teu poho nataan tanah atawa sawah anu rek dijual ku batur, susuganan atuh anakna boga niat meulian tanah di lembur pikeun investasi ka hareupna.
“Pak, ning kacang panjangna teu acan dialaan deui?” Darman melong kana kacang panjang anu marontod pikabitaeun.
“Lah diala gé kateuteuari, béak-béak tanaga atuh ari ngan saukur dua ratus mah. Rugi ku tanaga. Komo Bapak geus kolot. Éta gé sok aya nu meuli, ah ngala sorangan wé. Sakahayangnga rék loba ogé. Keun wé  antep keur binih, éngké gé aya nu butuheun,” Mang Jamal ngomong panjang lébar.
“Emut kacang panjang téh, émut ka Bapak Mitra, resepeun pisan kana kacang panjang téh, méh unggal dinten mésér waé.”
“Baruk bésan resep kacang panjang? sok wé atuh mawa  sing loba keur ka kota.  Jeung bisi rék dijual di ditu, malaur di dieu euweuh hargaan.”
“Ah enya badé nyandak, Pak.”
“Sok wé sakahayangna.”
***
Dibantuan Mang Uju, Mang Caca, Bi Enin tatangga anu deukeut imah, kacang panjang diala. Darman katut minantuna timbang tutunjuk waé. Bentik curuk tamba tutunjuk téh lain bohong. Sadayana sumuhun dawuh, teu daék mungpang. Inggis dibendon. Komo ieu nu nitahna urang kota nu jugala. Leuh pisakumahaeun mereun lamun teu daék téh. Kabéh pada ajrih di titah kunu anyar datang ti kota. Orang kota téa atuh piraku wé teu méré saanu, aya gerentes leutik dina haté Mang Uju, Mang Caca ogé Bi Enin.
Mang Jamal mah léos we ka imah, teu maturan anu keur ngala kacang panjang. Manéhna cakah cikih mantuan pamajikanna anu keur popolah keur bahaneun anakna ka kota.
“Enyaan panén yeuh, loba ogé kacang panjang téh, lumayan cangkéng asa pasiksak.”
“Nya ngala sakumaha kitu?”
“Kabéh wé dirampid, da ceuk budak didinya, tuh mobil ogé kuat ka metet ku kacang panjang, sawaréh mah diteundeun di luhureun mobil.”
“Geuning diala kabéh.”
“Enya lebar cenah daripada teu diala, kuriak kolot dina tangkal waé.”
“Keun we atuh sugan bisa dijual di kota, da cenah harga diditu mah opat rébu.”
“Milik gedé atuh Mang.”
“Amin.” Mang Jamal ngahaminan.
***
“Mana indungna deungeun sangu téh? Tadi mah katingali rempeg, maké asa ningali goréng hayam sagala.”
“Béak lah teu nyésa.”
“Béak ka mana?”
“Ih, pan sagala gé di bawa ka kota. Da jol itu resep, ieu beuki, nu ieu raos,   ka goréng jéngkol dibawa da ceunah sok nikmat tuang, nya kabéh wé dibawa ku minantu euweuh nu nyésa.”
                Rasa lapar nu aya jadi leungit, teuteupna manco kana boboko nu eusiuna saeutik deui. “Ari tatangga anu mantuan geus dibéré?”
                “Boro-boro dibéré da euweuh nanaon, pan ceuk kuring gé kabéh dikerid.”
                “Popolah deui wé....”
                “Mana atuh duitna, teu boga pisan. Tadi gé can dibayar ka warung.”
                “Ari sugan téh Darman ngeu....”
                “Ngeupeulan, bororaah, sugan téh méré ka di dinya,” Bi Éha ngomong semu ambek. “Jaba urang kudu muruhan kanu tadi ngala panjang, jeung kanu mantuan di dapur.”
                Di langit panonpoé mimiti amintan. Sésa-sésa cahaya masih katojo samar. Amitan ka saniskara mahluk seja ngampih ka panyirurukan. Alam madhab mimiti reupreupan. Méré tangara ka mahluk kumelendang di bumi sangkan ngampih ka imah. Tapi teu kitu keur Mang Jamal. Titatadi ngajengjen dina dapuran awi, merhatikeun kalawan gemet kana tuturus kacang panjang anu carang teu aya buahan. Tuturus nu isuk tadi masih leubeut,  meuhpeuy ku kacang panjang. Paneuteupna beuki gudawang nilik-nilik kacang panjang nu korédas. Teu sirikna nu pentil kabéh diringkid euweuh nu nyésa. Pon kitu deui kacang panjang nu parangjang koneng nu diajam keur pibiniheun teu nyésa.
                Tina juru panon teu karasa aya nu murag, haneut maseuhan pipi anu geus kemong balas mikiran kahirupan. Tunggara kabina-bina. Tuturus anu dijieun maké tekad jeung cinta sangkan ngahasilkeun palawija anu mundel. Mundel dina urusan harga, teu ngabukti. Katurug ayeuna Mang Jamal kudu nauran hutang ti ditu ti dieu. Geus puguh hutang urut miara tatanén, ayeuna beuki baranahan. Datang anakna lain keur nyenangkeun sumawona kabagja tapi nambah lara nalangsa nu beuki rosa. Kilangbara méré kanu mantuan buburuh ngala tatanén, atuh méré kanu jadi kolot.
                Turus pangharepan anu salila ieu dipaheutkeun dina haténa lalaunan caroplokan. Pangharepan nu salila ieu digemuk ku cinta nu maneuh ayeuna saeutik-saeutik maluguran, neundeun karaha nu moal laas nepi ka iraha waé. Turus pangharepan kari waasna. Aya nu bedah tina kongkolak panonna teu katadah. Lir bedahna tangisan Dewi Sri nu ceurik balilihan teu diangkir cicing renggenek dina lahan nu salila ieu dijadikeun pangreureuhan, dijadikeun pangniisan. Teu diondang ku patani nohonan jangji ngahasilkeun leuit nu sugih mukti. Jeritna Dewi Sri parat kana jajantung jeung haté Mang Jamal nu mingkin gudawang mikiran kahirupan.