Jumat, 18 April 2014

Carpon Galura, 17-24 April 214


Nu Migandrung
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                Rék logout pisan. Teu jadi. Waktu aya tag ka wall kuring. Tadina mah rék haré-haré waé. Siga nu salila ieu dilakukeun tara ieuh pirajeunan ngalike sumawona ngomén. Komo deui ka jalma anyar pinanggih. Bisi kateterusan. Kitu sotéh da mémang pangalaman. Lain akon-akon. Tadi mah hayang disebut bageur. Sieun disebut gedé hulu, pédah geus jadi penulis terkenal. Tapi nya kitu téa antukna ngalieurkeun sorangan. Neleponan unggal poé, teu nyaho di waktu.
                Ti harita mah tara pirajeunan kuman komén ka jalma saliwat. Sok diantepkeun waé. Haré-haré. Api-api teu kabaca. Tapi ku tag anu anyar asup mah kuring rada kataji. Poto nu dijadikeun Profil kacida wawuh. Dalit pisan jeung kuring. Pasti dalit. Da éta téh buku karya kuring pisan.  Novel munggaran.  Novel anu harita ngangkat darajat kuring salaku penulis anu mimitina biasa jadi luar biasa. Kuayana buku éta medal ka alam dunya. Ngaran kuring pada ngambeuan, pada ngajénan ku balaréa, khususna ku para sastrawan. Novel anu langsung jadi best seller. Mun inget kana kajadian puluh taun katukang, éstu matak ngabeukahkeun irung sorangan.
                Kakangen kana éta buku datang sapada harita. Langsung muka profil éta jalma. Anu boga ngaran Mayang Arumsari, dina akun FBna. Komo mun inget yén kuring salaku penulisna teu mibanda éta buku.  Atuh sababaraha lila mah kuring ngotéktak poto manéhna. Karék apal, ning potona téh leubeut ku karya kuring sorangan.
                Rét kana tulisan anu ditagkeun ka kuring.
‘Langit liwung mapaésan wanci sareupna. Nyuaykeun lalangsé nu méh reureuh, katebak angin kasimpé. Kahanjelu mimiti maluguran, waktu ngaran anjeun ngeusian lulurung kalbu. Saeutik saeutik ngumbah karaha nu  salawasna maheut.’ 
                “Mugia kersa ngaos sareng ngomén. Rumaos teu acan pinter nguntun kecap anu merenah.” Ngaran Mayang mucunghul dina handapeun statusna.
                Ti dinya pirajeunan ngomén status Mayang, tah ti harita karék apal yén manéhna téh geuning salah sahiji jalma anu kacida migandrung karya kuring. Teu sirikna ka liang cocopét, ka tempat anu rumpil dijugjug demi nohonan kahayangna. Seja ngeuyeuban karya kuring. Seja ngoléksi.
                Leuwih ajrih. Waktu manehna nyaritakeun koleksina lain  ngan  saukur buku. Karya kuring anu bacacar dina saban média diklipingkeun ku Mayang sarta dirawat dihadé-hadé. Ajrih kacida. Rek kitu pantes, sasat Mayang téh  budak ngora anu karék belasan taun gubrag ka alam dunya. Béda jeung kuring anu geus bau taneuh. Mayang ngora  geuning kacida resep kana basa indung, basa sorangan. Basa Sunda. Basa anu ceuk sababaraha tokoh mah cenah bakal leungit kalindih ku jaman.
                Komo waktu Mayang ngainbox. Nanyakeun bisa heunteuna manehna nyieun carpon siga kuring.
                “Pasti bisa. Asal aya kahayang.”
                “Kumaha ngamimitianna?”
                “Tulis wé heula naon pangalaman anu geus karandapan. Imeutan naon anu aya di sakuriling sarta jieun éta hiji carita. Terus kembangkeun atawa bumbuan  méh teu garing teuing.”
                “Geuining kedah nganggé bumbu?”
                “Pan méh aya sarian. Siga pasakan waé lamun euweuh sarian kumaha karasana?” cekéng dina salah sahiji chat jeung manéhna.
                “Tapi sok bosen sakapeung mah nyerat teh.”
                “Eya éta panyakitna. Sok horéam.“
                “Kumaha carana mun horéam nganjang?”
                “Gampang. Horéam nulis. Ubarna ku maca.... Biasana lamun dibawa maca, idé téh sok rabul daratang. Tah lebah dinya maca jeung nulis téh kacida penting.”
                J
                “Lamun masih kénéh horéam. Téang kagiatan lain  anu dipikaresep. Tinggalkeun heula sakeudeung kagiatan nulis. Tapi tong kalalanjoan teuing. Langsung deui nulis, satutas mood balik deui. Teu nanaon rék saparagrap dua paragrap. Nu penting mayeng tutulisan.” Ceuk kuring ka Mayang.
                Enyaan sumanget diajar ngagedeur pisan. Teu kungsi lila Mayang ngirim imél. Cenah mah hayang dibebenah perkara tulisanana. Kaciri aya bakat dina sastra, diksi jeung nataan kalimah tiap padana geus mantes. Sanajan loba sabenerna kecap anu pasalia. Anu teu puguh hartina, ngan metaforna wéh nu leubeut teuing. Hayang katingali nyastra, meureun ti dituna mah. Bari jeung teu nyambung, euweuh makna.
                “Tos saé. Tinggal ngabebenah.” Ceuk kuring bari jeung nataan kumaha anu sakuduna jeung lebah mana kakuranganna.
                Mayang teu  épés méér sarta teu pundungan, sanajan dikritik bébéakan, angger diajar nulis. Teu pati panuju sabenerna waktu Mayang ngabéjaan, yén  carpon anu geus  dikritik ku kuring  téh dibebenah sarta geus dikirim ka media. Atah kénéh, ceuk kuring na  jero haté. Barina gé teu bisa kitu. Kuring teu ngabogaan hak pikeun nyawad sumawona ngahulag kahayangna. Susuganan waé atuh tarik milik aya di manéhna sarta bisa dimuat.
                Ku kasibukan kuring. Pleng wéh tara  aya komunikasi jeung Mayang. Kungsi sababaraha kali manéhna ngirim imel. Pangmeunteunkeun. Tapi ku lobana acara. Lat wé poho. Angger kuring nyieunan naskah  keur sababaraha penerbit anu geus nga acc karya kuring.
                Kungsi sabaraha kali mah maca status Mayang. Merkarakeun perkara galau haténa. Perkara kasedihna. Teu ieuh hayang ngoménan, barina kuring keur lieur ditungguan DL. Iseng sotéh muka FB,  bisi aya inbox atawa pesen penting ka kuring ngeunaan kagiatan kuring sorangan jeung sababaraha relasi dina hal tutulisan.
                Rada ngagebeg téh waktu maca status Mayang nu anyar. Cenah lantaran kabutuhan ekonomi jeung sabaraha hal anu hésé dicaritakeun. Manéhna seja ngalélang buku koléksi manéhna. Ieu status téh dina waktu memenitan geus rabul nu ngomén. Malah katangen ku kuring sababaraha sastrawan petingan ngilu mairan kana éta status. Maranéhna kataji ku buku-buku heubeul Mayang.     Saméméh ku batur éta buku kapimilik, mendingan ku kuring dibeuli deui. Ceuk pikir téh.  Barina gé kuring kacida  perluna ngoléksian buku kuring sorangan anu geus heubeul, anu teu aya dina leungeun kuring.
                “Sabaraha mun dilélang sadaya?” cekéng nga inbox Mayang.
                “Ah, pami kunu gaduhna mah. Mangga waé candak asal tiasa nepangan abdi. Bagja temen tiasa tepang sareng akang nu salilana dipigandrung. Cigana téh kabingung kuring langsung ilang baganti bagja,” cenah bari teu poho méré alamat ka kuring. “Ngan omat kedah saénggalna bilih kabujeng kunu sanés.” Kitu inbox panungtung ti Mayang.
                Banget ku rasa lebar éta barang kapimilik batur, teu talangka deui  langsung indit ka  imahna. Sanajan di luar kota kapaksa dijugjug demi kahayang. Teu kacaturkeu dijalanna,  sanajan jauh teu ieuh jadi halangan. Da teu dimana teu dimeni, kuring angger ngamanfaatkeun waktu ku cara nulis.
                Sanggeus sababaraha lila ngetrokan. Aya ibu-ibu tengah tuwuh mukakeun panto. Manéhna mencrong rada lila ka kuring nu anyar pinanggih.
                Sieun dianggap jalma anu boga niat teu hadé, langsung wé kuring nyaritakeun pamaksudan anu utama. Taya lian rék niténan buku-buku anu rék dilélang.
                “Mangga atuh ka lebet.” Manéhna ngaléngkah. “Mangga tingalan wé di lebet.” Éta ibu-ibu nuduhkeun hiji kamar, mukakeun panto. Sarta kuring nuturkeun.
                Teu salah geuing. Naon anu dicaritakeun ku Mayang téh bener pisan. Kabéh buku karya kuring ngumpul di dinya. Anu matak ngeclak cimata. Nyaéta  karya kuring  ditémpél kabéh dina dinding kamarna. Malah  mah komén atawa inbox kuring keur Mayang némpél didinya. Diprint badag. Hayang némbongkeun kanu maca meureun, yén Mayang kungsi aya hubungan jeung kuring, kungsi guguru ka kuring. Katingali tina tulisan dihandap anu unina. ‘Peupeujeuh - comment ti sang guru, anu salilana dipigandrung’.
                Karya kuring enyaan kacida kumplit.  Éstu dipiara, ngaleuwihan kuring, penulisna.
                “Dupi Mayangna kamana, Bu?” kuring tumanya ka si Ibu nu tatadi teu lémék teu nyarék.
                Manéhna teu ngajawab. Anggur aya nu ngeclak tina matana.
                “Dimana, Bu?” kuring nanya rada tarik.
                “Aya di rumah sakit jiwa.”
                “Di rumah sakit jiwa?” kuring ngagebeg.
                “Muhun. Putus asa panginten. Wiréh teu janten waé sastrawan. Karyana ditolak waé media.” Si Ibu sumegruk.***