Senin, 31 Maret 2014

Cerpen Suara Karya, 29 Maret 2014


Tangisan Hujan
Oleh: Nina Rahayu Nadea

                “Dorokdokna Pak, dorokna, Bu. Sapuluh rebu tilu,” dengan cekatan laki-laki tua itu membawa karung berisi dorokdok. Menjajakan kepada seluruh mobil yang lewat. Yang lalu lalang di depannya.
                “Mangga, Neng. Mirah!” laki-laki itu mendekati sebuah mobil Avanza ketika dilihatnya seorang anak kecil memanggilnya.
                Tapi langkahnya langsung terhenti ketika dengan serta merta ibu muda di sampingnya. Menarik lengan anaknya, menutup kaca mobil dengan tergesa.
                “Aku pengen dorokdok, Mah,” suara lengkingan tangis terdengar.
                “Jangan! kamu tidak lihat apa di TV?”
                Byuuur. Cipratan air mengena di bajunya. Cipratan karena mobil yang dilajukan kencang oleh sang pengemudi. Laki-laki itu terdiam kaku, menghapus wajahnya yang basah.
Genangan air bekas hujan tadi  masih membayang di wajah langit, di tanah bahkan di jalanan aspal yang berlubang. Membuat jalanan macet.
                Mobil yang panjang antri. Macet. Itulah yang senantiasa membuat para pedagang asongan bersemangat. Bersemangat untuk kembali menjajakan dagangannya. Dagangan yang beraneka rupa. Dari kehidupan inilah mereka hidup. Menafkahi anak istrinya yang menunggu di rumah. Pun dengan Pak Mamat. Lelaki tua itu dengan semangat menjajakan dorokdoknya kepada setiap penumpang yang berada dalam mobil. Tapi akhir-akhir ini dagangannya tak pernah terjual. Ratusan dorokdok dalam karungnya senantiasa utuh. Kalau pun laku, hanya terjual beberapa. Tak pernah cukup untuk menafkahi keluarganya di rumah.
                Pak Mamat hanya mampu menghela nafas. Mengusap cipratan air dengan tangan tuanya. Air mata mengenang di pelupuk  matanya. Membayang jelas di pipi keriputnya.
                Gontai laki-laki penjual dorokdok itu menjauh. Ia tak ingin hanya karena dagangannya menyebabkan pertengkaran antara ibu dan anak. Walau hanya dari dorokdok hidupnya berharap, tapi ia tak mau cerca kembali menimpanya. Makian yang membuat hatinya begitu terluka. Cerca ketika ia membujuk anak kecil untuk membeli dorokdoknya.
                “Hey, Mang! awas jangan rayu anak saya lah. Teu nyadar kitu maneh jualan naon. Paling oge kulit urut mulungan ti jalan. Dorokdok urut jeket kulit nya?” ujar si ibu gemas.
                Nga, Bu dorokdok saya mah asli.”
                Ah asli...asli tujuh mulud. Hayang neangan untung tapi ngaruksak batur. Eureun geura Mang ngajual dorokdok teh. Tibatan jadi panyakit ka balarea,” caci ibu itu. Tangannya dengan paksa menarik lengan anaknya.
                Yah, semenjak kejadian itu. Ketika sebuah stasiun televisi menyiarkan tentang penjual dorokdok palsu. Mengambil sisa-sisa jaket kulit dan diolah kembali menjadi makanan. Begitu menyedihkan. Pemberitaan yang kemudian membalikan hidupnya. Yang semula senantiasa gembira. Gembira karena dorokdok-makanan khas Garut itu senantiasa amrin. Laris manis.
                Tapi kini semua musnah. Penderitaannya menumpuk sudah. Siaran di salah satu di televisi, telah menyebabkan hidupnya terpuruk. Begitu didera dengan masalah. Terbayang istrinya yang terbaring lemas di rumah tuanya. Entah sakit apa yang dideritanya. Seminggu ini badannya panas. Jangankan untuk membawanya ke rumah sakit. Untuk makanan sehari-hari saja sangat sulit dicukupi. Jamsostek yang dipunyainya ternyata tak mampu menuntaskan masalah. Ternyata ia tetap saja harus mengeluarkan uang untuk memeriksa keadaan istrinya lebih jauh.
                Puskesmas tempatnya pertama kali berobat memberi rujukan agar istrinya dibawa ke rumah sakit. Tapi apa daya hidupnya begitu tak mampu.
***
                Dulu Pak Mamat tak pernah menjajakan dorokdoknya di jalan. Cukup menunggu di kiosnya. Kios yang dipenuhi makanan khas Garut. Coba tengok saja kiosnya yang dulu. Aneka kudapan tersedia: dodol, ranginang, dorokdok, chocodot. Semua tumplek di sana, ramai dan laku. Tempat yang strategis. Banyak para pengendara yang sengaja mampir untuk sekedar membeli oleh-oleh khas Garut. Dan para pemilik kios tak pernah berebut. Meski kiosnya berjejer puluhan, tapi mereka tak pernah kehabisan rejeki, mereka percaya rejeki ada di tangan Tuhan. Tak pernah sekali pun keributan atau pertengkaran terjadi karena masalah pembeli. Semua begitu menikmat hidup sebagai pedagang. Rejeki datang kapan saja. Tak heran banyak kios yang buka sampai 24 jam. Mereka tak mau melewatkan pembeli yang mampir ke kiosnya.
                Tapi kini, semenjak kios tak ada. Pertengkaran kerap terjadi. Pertengkaran karena lahan. Karena berebutan penumpang yang mau membeli. Mereka begitu takut anak-istrinya di rumah kelaparan. Hingga seringkali pertengkaran terjadi. Tak peduli siapa mereka. Sikut sana sikut sini, yang penting mereka dapat menikmati untung. Begitu juga keuntungan yang sesaat yang diperoleh dengan seketika, banyak dilakukan oleh penjual nakal. Penjual yang ingin mengeruk keuntungan sesaat dari cara yang tidak jujur. Himpitan ekonomi telah membutakan mata. Menghalalkan segala cara demi mendapatkan keuntungan yang meruah.
                Janji yang diucapkan pemerintah hanyalah janji. Mereka berjanji untuk memindahkan dan memberi lahan yang baik untuk mereka berjualan. Tapi mana buktinya? Semua omong kosong. Semua hanyalah angin  belaka. Tanpa pernah ada penyelesaiannya
                Sementara tubuh tuanya sudah tak bisa bersaing lagi. Berebutan lahan serta berlari ke sana sini mengejar penumpang terlalu lemah untuknya. Di usia yang begitu tua, harusnya ia istirahat menikmati masa tuanya. Tapi apa dikata. Semua berkehendak lain.
                Dihimpit ekonomi, biaya sehari-hari yang semakin merangkak naik membuat beberapa oknum penjual nakal melakukan aksinya. Begitu pun sang penjual dorokdok yang kini tengah gencar. Menjual dorokdok dari sisa-sisa jaket kulit.  Betapa, tingkat kebutuhan  manusia memang tak sebanding dengan  ekonomi yang didapat. Semua begitu menyesakan dada. Kemana pun kaki melangkah selalu dihantui oleh masalah ekonomi yang semakin menguntit diri.
                Matanya memandang nanar ke jalan besar. Jalan dimana kios-kois dulu berjejer rapi. Jalan yang dulu ramai karena banyak pengunjung mampir. Kini, senyap. Kiosnya tak lagi berpenghuni semenjak jalan baru seputar Nagreg dibuat. Nasib mereka menjadi terlunta-lunta. Nasib tak lagi banyak berpihak pada mereka. Pupus sudah harapan yang dulu menggebu. Dan beginilah akhirnya sebuah kehidupan. Mengais rejeki degan cara menjadi penjual asongan.
                Tubuh tuanya tak lagi bisa bersaing dengan mereka yang muda. Senantiasa kalah. Hujan  basah menemaninya. Rintikan air mengena di wajah dan kulit yang keriput. Tetesannya menyadarkannya, bahwasannya ia harus terus berjuang. Terbayang wajah istri yang terbaring lemah di kasur tua.
                “Dorokdokna Pak, dorokdokna, Bu,” suara tuanya kembali terdengar, diiringi gemuruh hujan yang ikut menangis.***

Keterangan:
1.       Dorokdokna Pak, dorokna, Bu. Sapuluh rebu tilu= Kerupuk kulitnya, Pak. Kerupuk kulitnya, Bu. Sepuluh ribu tiga.
2.       Mangga, Neng. Mirah= Iya, Neng. Murah.
3.       Teu nyadar kitu maneh jualan naon. Paling oge kulit urut mulungan ti jalan. Dorokdok urut jeket kulit nya= Kamu tidak sadar jualan apa. Paling memungut dari kulit bekas. Kerupuk bekas jaket kulit, ya?
4.       Nga, Bu dorokdok saya mah asli=Tidak, Bu. Kerupuk kulit saya asli.
5.       Ah asli...asli tujuh mulud. Hayang neangan untung tapi ngaruksak batur. Eureun geura Mang ngajual dorokdok teh. Tibatan jadi panyakit ka balarea= Ah, asili. Bohong. Kalau mau mencari keuntungan jangan merusak orang lain. Berhenti saja jualan kerupuknya. Daripada menjadi penyakit mayarakat.

Selasa, 18 Maret 2014

Carpon SundaMidang 20 Februari-20 Maret 2014


Nu Ningtrimkeun Pikir
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                Ngahaja balik  demit. Dina wanci keur meujeuhna jempling. Peteng. Disalimutan peuting jeung baranang béntang di langit. Kuring kadua supir rerencepan kaluar ti rumah sakit. Ngahaja. Sangkan teu panggih jeung wartawan, nu ti barang kuring nyirekem di dieu, langsung pada ngurunyung. Pada muru. Sanajan teu diidinan ku pihak rumah sakit. Angger keukeuh peuteukeuh. Sangkan bisa panggih jeung kuring. Ngawartakeun kuring ka saban média.
                Mobil nyemprung ka kidulkeun. Nyemprung dibaturan talaga nineng jeung kamelang. Aya nu nyanyautan waktu ngaliwat ka Hotél Savoy Homann. Hotél nu pinuh ku panineung, malikeun panglamunan ka manéhna. Waktu mimiti nyekel kalungguhan. Larasati. Hiji ngaran anu geus nyulik haté. Nya di dinya pisan. Di hotél éta pisan manéhna sumerah ka kuring. Nyérénkeun kahormatan. Rido sanggeus ku kuring diolo, seja dibéré pagawéan jeung disahkeun di hareupeun naib. Manéhna léah. Waktu gepokan duit ti kuring pindah ka manéhna. Sanajan enya Larasati kungsi disahkeun ku kuring. Tapi teu hayang salilana reureujeungan. 4 bulan. Waktu nu sajorélat tapi jadi pangalaman anyar kuring keur lalayaran dina lautan cinta.  
                Ti dinya ngaran awéwé, mimiti mapaésan kahirupan kuring. Aya Anzani, Merry,  jeung puluhan  nu geus sumerah ka diri kuring. Babari. Enya babari pisan ning milih awéwé, nu dipikahayang. Loba diantarana nu nyérénkeun kahormatanan teu maké sarat. Beuki loba nyeuseup maduna kuring beuki hanaang.  
 Antukna tijalikeuh. Tigebrus ku polah sorangan. Demi nedunan kahayang jeung nafsu kuring.  Tamaha ku polah sorangan. Sanggeus guyang dina leutak nista, merulkeun birahi ka saban awéwé, ngalekik nikmatna madu ti hotél ka hotél. Teu sirikna di tiap péngkolan, tiap kota nu kungsi kasorang pasti neundeun lalakon. Lambaran lalakon ngeunaan ngaran-ngaran awéwé nu kungsi sahégak, sapatemon dina nirca.  Sadami dina manisna asmara, héhéotan dina jeritna kanyaah Anisa pamajikan kuring.
                Inget kénéh waktu harita, saacan nyekel kalungguhan  nu maneuh di hiji kabupatén. Dirojong ku saréréa. Tim  independent. Teu sirikna kabéh masarakat ngilu ngarojong kuring sangkan unggul dina pilkada. Ancrub kana urusan pulitik, anu sabenerna teu kacangking ku diri kuring. Kuring teu ngarti kana paélmuan anu kudu dipiboga sangkan bisa nyekel kalungguhan. Tapi ku pangrojong saréréa antukna kuring ngiluan. Nu teu ngidinan kana ketak kuring nyéta Ema jeung Anisa. Lain nanaon cenah bisi kuring teu kuat.  Tapi kuring ngayakinkeun maranéhna, moal kabawa kusakaba-kaba.   
                Milik diri teu gaplah. Kuring kapilih jadi jelema nomor wahid di hiji kabupatén. Mayungan sababaraha kecamatan. Duka pédah kuring ngaréndéng jeung wakil kuring nu ti béh mula geus boga ngaran, sanajan lain dina urusan pulitik.  Sanajan teu ngaleuleungit keur nyumponan kahayang kuring nyekel jabatan téh, kudu uculan duit anu lain saeutik. Atuh dina unggulna nyekel jabatan téh, geus kaerong dina pikiran, naon waé anu rék dilakukeun sangkan modal anu baheula leungit urut kampanyeu kudu balik deui. Balik modal.
                Mobil beuki nyemprung, ngembat. Kolébat beungeut Anisa némbongan, ngelemeng hareupeun.  Aya nu ngeclak dina panon, inget ka manéhna. Enya ngan Anisa anu buméla  ka kuring dina bagja jeung tunggara. Ngan manéhna anu ngarti kana kaayaan kuring. Pan manéhna geus cumarita, seja nampa kuring kumaha waé. “Badé bodas, badé hideung. Papah tetep panutan sareng salaki abdi.” Béda jeung Larasati, Anzani. Anu langsung surak. Maranéhna sasat ngigel ningali ancurna kahirupan kuring. Balukar maranéhna kuring manggih di sué. Kudu balitungan dina sagala hal anu geus kaalaman ku kuring waktu jeneng nyekel kalungguhan. Maranéhna awéwé nu kungsi siduru dina dada, ngabudalkeun bangbaluh hirupna nepi ka kahirupanana walagri. Jejem.   
                Tapi, waktu kuring ngajoprak di rumah sakit, balukar masalah anu murudul. Euweuh hiji ogé mangkluk nu mangkarunyakeun, sumawona ngarojong. Apal téh dina tivi. Maranéhna siga nu mupuas, hayang wareg ningali  kuring balangsak. Geus puguh urusan ranjang sagala diomongkeun.  Éta perkara nu maranéhna teu nyaho, pipilueun diucah-acéh. Majar téh cenah pak Adang kungsi meuli tanah  tina duit  bos, tina duit itu, tina duit ieu.  Dasar awéwé pikasebeleun. Kurang naon atuh kuring, sakitu sagala ditedunan.
                Béda jeung Anisa nu ti barang kuring ngagubrag. Manéhna tetep aya di gigireun.Tetep buméla. Hampura Anisa, lamun kuring ayeuna indit teu dibarengan ku anjeun. Lain...lain teu nyaah. Kuring geus kacida éra jeung karunya. Kuring ngan hayang ningtrimkeun pikir. Nyingkahan heula rereged  anu salila ieu nyangkaruk,  salilana dikukuntit  pati. Hampura Anisa, kuring indit saheulaanan. Tong melang, teuteup seukeut panon anjeun salilana méré kakuatan ka diri kuring.  Galindeng  tina biwir anjeun, waktu ngaji teu weléh niginkeun haté sangkan bener-bener titirah néang pilampaheun.
                “Pah, netepan heula,” cenah ka kuring waktu kadéngé adan ngalanglaung.
                Kuring unggek. “Wios acan kiat mah na ranjang wéh, Pah,” manéhna neuteup seukeut. Seseukeut panonna  niruk jajantung. Enya asa ditaranjangan ku awéwé siga anjeun. Sanajan teu kemba, teu wakca kana kalakuan anu geus dipilampah, tapi anjeun narima kana kaayaan kuring saujratna. Kitu deui waktu ngaran Larasati, Merry minuhan berita dina tivi, dina surat kabar. Anjeun tetep marengan. Sanajan kuring yakin haté anjeun nyidem lara tunggara anu rosa.
                “Tos tong diemutan, nu atos –atos. Anggursing Papah geura damang,” kitu ceuk anjeun waktu kuring manco kana tivi. Ningali hiji awéwé nu keur cumarita ngajejeléh  kuring.  “Teu kedah diémutan. Mamah tetep bakal nyarengan Papah ka mana waé,” cenah siga nu surti kana naon rupa anu ngagunduk jeroeun dada. Hayang ngabudalkeun unek-unek nu nyangkaruk na lelembutan. Teu wasa. Enya kuring teu wasa. Anggur cipanon nu bedah tina galengan ipis murag mapay pipi.
                Karasa pisan nyaah jeung bélana. Kalawan geten anjeun ngarawat, ngariksa kuring nu  teu walakaya. Sholat peuting teu petot-petot dilakukeun. Kuring lilir waktu ngadéngé sora nu ngagalindeng.  Nembres mamaras ngalalar ka wiati, nuyun kuring ka alam lain nu teu kasungsi ku panon lahiriah. Sorana halimpu, kadang naék bedas. Kadang halon ngageuri, nyeuitan haté. Meneran pisan makhrojna. Tajwidna. Tiap engab nambah nyanyautan kana haté, marengan diri nu liwung. Sakapeung panjang sakapeung pondok. Washal jeung waqofna éstu merenah. Haté beuki nyanyautan, beuki gumeter. Kalakuan anu geus kalarung nyalampeurkeun. Tina sela-sela ngajina kadéngé inghakna. Inghak anu parat kana haté kuring, nakolan kapeurih,  bedah ngamuara dina mumunggang kingkin.
Do’ana murudul unggal waktu. Ngarayap malibir ka biwir langit parat ka langit pangluhurna. Do’a ti hiji istri anu sholéhah. Ngado’akeun kuring salaku salakina, sangkan dihampura jeung dikuatkeun dina sagala urusan, tur salilana aya dina jalan manten-Na. Sangkan kulawarga salilana runtut raut. Sauyunan.
                “Pak. Tos dugi,” ceuk supir kuring.
                “Enya wé geuning geus nepi. Jig wé, Dana mah balik tiheula.”
                Manéhna ngadon ngahuleng.
                “Béjakeun ka ibu. Tong hariwang kitu...” kuring surti ka Dana.
                “Muhun atuh, Pak.”
                “Ning Adang? Naha lain di rumah sakit? Jeung saha ka dieu?” pananya hiji awéwé, nu taya lain indung kuring merekpek di lawang panto.
                Pananya ema ngan diwakilan ku murubutna cimata. “Ma, hapunten abdi.” Kuring langsung sumegruk. Nyuuh dina pangkuanna.
                “Geus. Sing kuat. Ema geus apal kana naon anu geus tumiba. Anggursing ngucapkeun sukur. Geura lilir. Tong poho kana purwadaksi,” ema ngusapan sirah kuring. Karasa pisan nyaah jeung deudeuhna. “Naon anu geus karandapan, kudu dijieun jalan keur kahareupna, sangkan baranang salawasna. Teu nanaon peurih ayeuna. Tinimbang engké jaga di alam langgeng,” sora ema beuki écés, neunggeulan haté  nu wangkelang, bedegong.
                “Sok geura istirahat heula. Kamar mah angger beresih. Sanajan euweuh nu ngeusian gé. Ku ema unggal poé dipiara. Ema yakin hiji waktu hidep bakal datang, ngéndong di imah ema. Imah hidep,” ema nuyun leungeun siga ka budak leutik. Panon mencrong kana beungeutna. Beungeut anu geus kolot tapi katingali cahayaan, seger taya bangbaluh.
                Teu hayang saré. Ngarasakeun nimatna cicing di imah ema,  ngadédéngékeun sora sato peuting, anu ngilu maturan diri anu kingkin.
                “Jam sabaraha ayeuna, Ma?”
                “Jam 3. Sakedeung deui gé haneuteun geura ku pupujian ti masjid,” cenah bari nutupkeun hordéng kamar.
                Kuring niténan nu aya di kamar. Angger siga baheula. Tapi kacida beda, karasa pisan tingtrim imah téh. Komo ningali poto almarhum bapak. Beuki betah. Béda jeung Imah kuring anu sigrong, tapi ning teu karasa tingtrim, tiap waktu hawa ngahéab, panas. Balukar dosa meureun nu geus mahung nalikung diri.
Paingan ti baheula ema embung pindah. Keukeuh peuteukeuh hayang di dieu.  Wayahna lamun nyaah ka ema. Poma tong ngarobah naon rupa nu aya di ieu imah. Kitu basana waktu kuring ngolo sangkan daék imahna diurug. Dijieun sigrong.
                Sérélék sada ema mukakeun hordéng kamarna. Kuring noong ka luar. Ningali ema ka cai terus ngalakuken sholat jeung wirid. Sorana écés jentré. Aya nu ngésétan kana haté. Beungeut ema jeung Anisa kokolébatan. Dua awéwé nu kacida dipicintana. Dua awéwé nu salilana nyieun kakuatan ka diri kuring. Dua awéwé nu nuyun kuring. Lilir.
                “Gusti abdi nampi kalepatan sareng kaluluputan badi. Rumaos abdi tos tolowédoh dina ngalaksanakan amanah Anjeun. Teu kiat nahan surga dunya.  Mugia anjeun ngahapunten kana sagala dosa abdi.” Clak aya nu murag kana pangsujudan. “Abdi ayeuna seja nyanghareup, moal deui rék susulumputan. Seja nampi hukuman naon waé, anu ditibankeun. Ditampi Ya Rabb....” Sajadah kuring nu baseuh ditilepan. Nyusut cipanon ku tonggong leungeun.
                 Do’a ti indung jeung ti pamajikan. Do’a ti kuring sorangan anu danget ieu nyumangetan diri. Sumanget keur mapag jalan ka hareupna. Sanajan kudu cicing di pangbérokan.***