Kamis, 29 November 2012

Dimuat di Majalah Mangle, Kamis 29 Nov 2012 Nomor 2401


Biruang Jeung Patani
Ku: Nina Rahayu Nadea
                Baheula téh biruang kasup sato anu kacida bageurna. Bageur ka jelema jeung sok daék tutulung.  Malah nyobat dalit pisan jeung patani. Patani anu boga sawah deukeut leuweung, ngarasa kabantuan tanagana ku biruang. Duméh biruang sok daék waé nungguan tatanén garapanna. Atuh patani teu capéeun teuing, nungguan atawa ngontrol tatanénna ngan saukur beurang wungkul. Ari peunting mah saré wéh di imahna, teu mikiran tatanénna. Da aya anu nungguan. Sakadang biruang. Biruang ogé daekeun wé dititah ku patani. Barina gé aya nu diajam. Hayang dibéré ‘buruh’ paré anu ngeunah, sarua siga anu sok didahar ku jelema.
                Dina hiji poé patani panén paré. Paréna lumayan mucekil. Kabéh beubeunangana di bawa ka imahna. Jeung dina poéan panén téh, ngahaja nungguan biruang euweuh. Atuh waktu biruang apal panen téh kacida  hanjeluna pisan. Langsung wé  biruang nepungan patani.
                “Mana bagéan kuring?”
                “Tuh bagéan di dinya mah di sawah, kuring bagéan anu luhurna. Di dinya bagéan handapna.”
                Kencling we biruang téh ka sawah nyokot bagéanna. Tami ning sésana beut jarami wungkul. Paréna mah teu kabagéan saeutik eutik acan. Jeung na waktu diasaan téh jarami mah teu ngeunah. Béda jeung paré anu nikmat didaharna.
                Ah geuning patani téh ngabohongan ka dirina. Nyaho kieu mah moal daék  nungguan paré nepi ka peuting. Keun wé, paré patani sina béak dihakan ku beurit atawa ku bagong. Biruang ngagerendeng dina haténa.
***
                Dina hiji waktu patani nepungan biruang.
                “Aya naon?”
                “Pangnungguan keun tatanén kuring.”
                “Embung ah. Kamari gé ngan saukur dibéré bagéan handapna. Teu ngeunah. Kuring mah hayang dibéré bagéan luhurna.”
                “Hampura wé. Lain maksud kuring ngabohong di dinya. Harita mah karunya ka anak pamajikan jeung tatangga. Jadi bagéan luhurna béak dibagikeun. Tatanén nu ayeuna mah jangji, bagéan pangluhurna kabéh keur di dinya,” ceuk patani ngomong rada ngalengis.
                Biruang anu tadina rék ngambek ka patani. Teu jadi. Waktu ningali patani ngomongna lumengis pikarunyaeun. “Enya lah kuring daék. Tapi kudu jangji nya? Awas lamun cidra!” ceuk  biruang ka patani.
                Kacaturkeun biruang kalawan geten nungguan tatanén bogana patani. Tara aya nu kaliwat. Ungal jam, unggal poe, unggal Minggu, ditunggan taya kacapé. Nu dipiharep ayeuna manéhna meunang bagéan anu ngeunah ‘bagéan pangluhurna’. Mungguhing sato. Teu apaleun biruang, yén anu dipelak ayeuna mah lain paré siga baheula. Tapi anu dipelak ku patani ayeuna nyaéta kumeli. Ceuk pikir biruang harita pasti nu ngeunahna téh siga paré anu aya di pangluhurna.
                Sawatara lila tatanén anu ditungguan ku biruang, dipanen ku patani. Sakadang biruang kacida atohna barang nyaho yén patani rék panén teh. Atuh manéhna gé mantuan ngangkutan hasil panénna.
                “Tah ieu bagéan di dinya.”
                “Nu pangluhurna nya?”
                “Enya.”
                Biruang kacida atoh waktu dibéré bagéan pangluhurna. Da éta kahayangna. Terus wé dihakan ku manéhna. Tapi ning teu aya rasana, ngadon murel. Biruang datang ka imah patani. Katingali patani keur masak bagéan panghandapna. Sarta katingali pisan ku biruang. Yén pepelakan anu ku manéhna ditungguan téh geuning kumeli lain paré siga anu mimiti ditungguan.  Karék apal biruang yén kumeli mah  anu ngeunahna téh  beutina, bagéan panghandapna. Lain pangluhurna.
                Biruang keuheul ka patani.  Gening patani téh geus ngalicikan manéhna sababaraha kali. Cidra kana jangjina. Rumasa geus dibobodo ku patani.  Nyobat jeung manéhna téh  aya nu dipiharep. Hayang tanagana wungkul. Tapi lebah babagi angger licik. Angger ngabohong. Biruang ngageremet ka patani, sarta jadi musuh patani.
                Jeung dina haténa geus jangji. Yén sing saha waé jalma anu ngulampreng ka daérah leuweung, ku manéhna baris dirogahala. Baris disingsieunan. Bongan patani ngalicikan waé ka manéhna. Tah ti dinya nepi ka kiwari biruang jadi sato anu galak.*** ( Tina sababaraha sumber)

Jumat, 23 November 2012

Dimuat di Majalah Mangle Tanggal 22 November 2012



Nu Nganti Bargas
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Reg mobil eureun. Kabéh panumpang kaasup kuring langsung tarurun. Mawa perlengkapan séwang-séwangan nu geus disiapkeun ti imah.
                “Isuk jam sabaraha dijemput?”
                “Biasa. Magrib geus aya di dieu nya! Méh sholat magrib heula.” Ceuk Anwar ka tukang angkot.
                “Sip.”
                Geleser mobil maju ninggalkeun kuring sabatur-batur.
                Geus jadi pangaresep kuring kana ngusep. Uculan sabaraha ge teu paduli. Asal karesep kasalurkeun. Ngusep. Nu ceuk batur, ceuk indung kuring, kateuteuari. Pangedulan. Tapi da keresep, teu karasa ku sasaha. Nya angger wé dilakonan. Siga ayeuna kuring jeung babaturan geus aya di hiji tempat. Jatiluhur.
                “Tah di dieu cigana merenah, Mang.” Kuring ngomong tarik ka tukang bargas.
                “Naha lain biasana mah rada béh ditu?”
                “Hayang meunang nu mucekil ah, biasana cenah lebah dieu mah sok rada alus. Loba nu nyanggut.”
                “Lamun dék mulang mah SMS we nya?” ceuk nu boga bargas bari malikeun bargasna. Ninggalkeun kuring jeung batur-batur.
***
                Peuting baganti beurang. Panonpoé mimiti manceran. Beuki dieu beuki lingsir ngulon. Luak lieuk kana korang, molongpong kénéh. Lauk gedé  nu diajam bakal minuhan korang teu ngabukti.  Paling banter mujaer leutik atawa betok, kitu jeung kitu matak kesel.
“War, naon di dinya eupanna? meuni alus beubeunanganna?” kuring ngagorowok.
                “Sarua wé jeung di dinya eupan pélét jeung lukut.”
                “Ah, naha nya béda milik. Di dinya alus waé euy. Boga asihan nya?” kuring seuri.
                “Asihan ti mana? rajin sholat wé,” manéhna nyenghél.
                “Ah siah. Nyindiran ka urang tara sholat. Engké geus meunang lauk kajajadén. Rék rajin Sholatna,” kuring seuri.
                Sssr... sora angin handaruan teu puguh-puguh nebak kana puhu ceuli kuring. Jempling. Kuring reuwas kabawakeun ku omongan sorangan. Rumasa geus ngomong padu engab. Ayeuna beut asa béda karasana. Keueung. Geueuman.
                “Kamana, Sép?” Anwar ngagorowok basa kuring turun tina rakit. Jeujeur, korang, samping nu tadi peuting dipake ngurilingan rakit dibawa.
                “Rék pindah ka darat sugan beubeunangan,” cekéng ngagorowok. Teu disebutkeun yén kuring neundeun kakeueung. Bisi geruh.
                Geus aya di darat, tunga tengo. Néangan tempat nu bisa dijadikeun lapak. Hayang rada tumaninah. Teu kagiridig teuing ku batur. Ambéh lauk teu sieunan. Kuring seuri sorangan waktu ningali tempat nu rada anggang. Kahalangan ku hiji rungkun. “Tah, di dinya sigana bakal beubeunangan,” kuring ngagerendeng. Laju ngabebanah kabéh alat-alat nu geus dibawa. Sanajan rada anggang tempatna. Tapi kuring bisa nyidikeun ka babaturan anu aya di sebrangeun kuring. Da lapak anyar ayana rada béh luhur, bisa ningalikeun babaturan sanajan teu pati écés. Teuing ari manéhna, teuing sidikeun teuing heunteu ka lapak kuring. Duméh rada nenggang jeung katingker ku rungkun. Ngan sigana mah katingali, ceuk haté kuring. Pan aya cirina. Samping téa. Ku kuring ngahaja ditingkerkeun kana rungkun. Lian ti keur ciri, ogé keur ngahalangan awak méh teu tiris teuing.
Wanci maju ka soré waktu kuring karék bérés ngabebenah lapak ‘tempat nyiruruk kuring saheulaanan’. Mimita mah kuring nyicingan rakit. Sajajar jeung Anwar. Tapi ning  teu beubeunangan. Keuheul kabina-bina. Kabita ku Anwar nu tiap clom, lauk langsung ngagiriwil.
                Rarat rérét kanu lain. Anteng, ngusep. Anwar, Robi katingali beubeunangana nambahan. Ari korang kuring. Molongpong kénéh.
                Enya wé ari geus pindah mah. Beubeunangan. Teu kaur clom. Lauk langsung ngagiriwil kana jeujeur. Padahal eupan sarua siga nu tadi. Pélét bari jeung dicampuran lukut saeutik. Beuki betah wé dina lapak. Karék 2 jam geus beubeunangan. Teu karasa. Nguseup nu ceuk batur mah pangedulan méakeun waktu teu ngabukti. Enya kitu pangedulan? Pan angger wé beubeunangan. Bisa ngahasilkeun duit, lamun dijual téh. Pangedulan sotéh lamun ngan saukur cicing di enggon teu barang gawé. Gawé ngan saukur hardolin. Dahar-modol-ulin. Ari ceuk kuring mah lain pangedulan tapi hobby anu bisa mawa kauntungan anu teu  disangka-sangka.
                Siga poéan ayeuna. Korang  geus pinuh. Beuki anteng di ieu lapak. Biasana mah kuring ceuk sasaha ge héjo tihang ‘si tukang pipindahan’. Moal ayeuna mah, moal pipindahan deui lapak. Geus wé di dieu. Keun maranéhna sina apaleun engke mun rék balik. Beubeunangan kuring mucekil. Maranéhna gé teu percayaeun waktu kuring nga sms ngabéjakeun beubeunangan. Majar téh cenah teu percaya, 2 jam korang langsung pinuh. Ah, ngahina pisan  ka kuring. Ké diborolokeun eusi  korang. Karék héran. Kuring seuri sorangan.
                Jarum pondok dina pigeulang leungeun kuring geus nunjukeun angka opat. Nu panjangna angka 6. Satengah jam deui tukang bargas bakal ngajemput. Da kitu biasana. Jam 5 geus ngajemput. Kudu leuwih hangkeut. Hayang meunang lauk nu gedé. Lauk panggedéna nu aya di Jatiluhur, kuring ngagerendeng dina haté.
                Ransel disarandekeun kana tangkal. Terus kuring nyarandé. Nikmat. Betah. Nyawang babaturan nu  beubeunangana  kaéléhkeun ku kuring. Kuring seuri leutik ngarérét kana korang nu pinuh ku lauk. Teu karasa jeujeur ngerenyed. Ditarik hésé. Lakadalah meunang lauk gedé. Ceuk kuring bari ugil-ugilan kana jeujeur.  Barang bréh. Enya wé lauk gedé. Ngan bentukna rada anéh. Teuing lauk naon da kuring gé karék manggihan. Bentuk sirahna persis buhaya, palebah calangap beut katangen huntuna rangeteng pikagilaeun. Kuring ugil-ugilan ngalaan éta lauk tina jeujeur. Bari jeung hésé gé teu burung leupas tina ruruhit. Lung wé ku kuring dialungkeun deui. Sieun. Sanajan enya gedé, teu hayang ngarawatan eta lauk ahéng kana korang.
                Gebeg kuring ngagebeg. Waktu ningali jam dina leungeun geus nunjukeun jam 8 peuting. Biasana bargas teu disms gé sok datang sorangan. Jeung anéh titatadi teu ngadéngé HP disada. Rét kana sinyal HP. Pinuh. Kamarana mangkluk téh, teu méré kabar pisan ka kuring. Sigana kabéh kajongjonan, gerendeng haté. Terus ngasms ka babaturan, sangkan bargas geura datang. Teu aya nu ngabales. Ditelepon kitu deui, euweuh nu nyambung hiji-hiji acan. Patromak nu ngabagug digigireun dihurungkeun. Dikersakeun teu daék hurung. Antukna ngahuleng ngaraga meneng. Simpé. Jempling. Kakeueung teu puguh-puguh ningker. Huntu buhaya nu tadi kacerek ku jeujeur kuring némbongan waé. Selengseng kaambeu bau kentang. Teu pupuguh deuih teuing ti mana asalna, asa deukeut kadéngé sora gamelan. Atra. 
Rét ka lapak babaturan nu aya di peuntaseun. Beuki ngagebeg. Naha nu hurung teh beut lilin.  Lieuk ka kénca ka katuhu pinuh ku lilin. Pan kuring jeung babaturan mah, maraké patromak. Hp nu digigiwing dipareuman. Bari babacaaan sabisa-bisa. Terus dihurungkeun deui. Barang bréh. SMS ngaburudul. Kitu deui panggilan tidak terjawab ngantay.
                “Dimana manéh?”
                “Kamana waé tatadi ditéangan?”
                “Pindah ka mana lapakna?”
                Kuring langsung nelepon ka babaturan.
                “Geuwat jemput kuring ayeuna.”
                “Di mana?”
                “Di nu tadi, nu aya ciri samping ningker  rungkun,” kuring mareuman HP bari nyusutan késang nu ngagarajag.
                Teu lila bargas nu dianti datang. Datang jeung Jeung hiji aki-aki tengah tuwuh,
                “Sok enggal Cép, kadieu?” éta aki-aki nuyun kuring kana bargas.
                Kuring nurut. Teu loba omong. “Tos wé tong dicandak.” Ceuk éta aki-aki ka Anwar nu rék mawa korang beubeunangan kuring. Bargas langsung maju ninggalkeun tempat nu dijadikeun  lapak ku kuring. Kuring ngalieuk ka lapak kuring. Gebeg. Katingali sodong gedé. Di hareupeun sodong narangtung wujud mahluk.  Badis buhaya. Buhaya badag, nu huntuna rangéténg. Rét kabeulah katuhu.  Buhaya gedé tadi, nu  beunang ku kuring. Atra lebah sungutna ngucur getih. Getih nu kakait ku ruruhit tina jeujeur kuring. Narangtung ajeg. Panonna anteb. Manco ka lebah kuring. Cécépét rubakna tinggarupay, sungutna calangap nembongkeun huntu nu rangéténg. Matak kukurayeun. Ngajajar siga gulang-gulang nu siap sadia nyalametkeun pamingpin maranéhna.  Astagfirulloh geuning kuring ngusep di luhureun sodong.
                “Untung Encép tiasa katulungan,” ceuk éta aki-aki basa kuring jeung sabatur-batur geus aya di darat. Manéhna marancahan  kuring. Méré inuman cai herang. “Tos ayeuna mah tong diemutan. Beubeunangan lauk anu seueur dina  korang kedah diiklaskeun. Da éta mah lain lauk samanéa. Mun Encep teu katulungan, bakal ngahuni nagara manéhna. Maranéhna keukeuh néangan batur keur pangeusi nagarana, sangkan beuki euyeub. Alhamdulillah nyawa Encep Masih salamet. Tah lebah dinya pisan, minggu kamari aya nu ngusep  nepi ka ayeuna leungit, teu bisa balik deui.”
                “Alhamdulillah nuhun Gusti.”
                “Hiji deui. Di mana waé,  ulah poho kana sholat 5 waktu.” Éta aki-aki mungkas obrolan.***

http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1353690852

Kamis, 08 November 2012

Dimuat di Majalah Mangle Kemis 8 November 2012 No 2398


Kuring Rugi
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                “Téh,  budak dibagi duit ku emangna, tilu ratus rébu,” indung kuring ngomong.
                “Alhamdulillah atuh, naha tumbén babagi, biasana mah rada hésé.”
                “Meunang proyek rada gedé cenah. Oh enya tadi téh, nanyakeun ari hutang urut ngiridit barang ka babaturan  téh sabaraha deui ceunah?” indung kuring nanya bari jeung mikeun duit tilu ratus rébu ka kuring.
                “Oh,  ké urang tanyakeun ka babaturan,” ceuk kuring bari nampanan duit. Atoh kacida. Dina bulan keur meujeuhna kolot. Teu boga duit. Aya nu méré. Asa ditumbu umur. Enya ogé méréna ka budak. Tapi anggér wé sok dipaké ku kuring salaku indungna. Piraku teuing budak leutik rék nyekel duit sakitu gedéna, leuh lalawora.
                “Ari budakna ayeuna ka mana, Ma?”
                “Jeung bapakna.”
                Ku kuring terus duit dirawatan. Dibayarkeun hutang ka warung saratus rébu. Nu saratus rébu diasupkeun kana lokét anu geus euweuhan. Sésana nu saratus rebu diteundeun dina laci anu biasa.
***
                Basa keur aya rapat di tempat gawé.  Pabeubeurang. Salaki nelepon.
                “Aya naon?  énggal nuju rapat.”
                “Barudak keukeuh ngajak jalan-jalan. Tapi artos Papah kirang,” cenah kadengé nongtoréng.
                “Candak wé dina laci nu biasa nya. Aya saratus rébu.”
                “Oh enya. Siplah,” ceuk salaki nutup telepon.
                Bérés rapat nanyakeun heula hutang adi ka babaturan.
                “Sabaraha deui hutang adi kuring?”
                “450 rébu.”
                “Naon rék mayar?”
                “Can nitip puguh gé. Ké ku kuring urang tanyakeun.”
                “Oh keun waé atuh. Yeuh aya baju alus, ngahaja diteundeun keur di dinya. Da warnana cocok pisan jeung kulit di dinya,” omongna semu ngolo.
                “Teu boga duit puguh gé,” ceuk kuring bari leungeun ngagaramang kana éta baju. Nilikan. Enya wé alus pisan, payétna meni reuteum.
                “Nya sok geura cobaan. Cocok pisan.”
                “Sabaraha kitu?”
                “Kuduna dua ratus rebu. Tapi pék wé ka di dinya mah saratus lima puluh rébu, ngan wayahna kontan. Loket keur lépét.”
                “Ah mahal atuh.”
                “Saratus salawé lah.”
                “Saratus we nya?” kuring nawar gatra.
                “Nya top lah bawa,” manéhna siga nu atoh.
                Leng kuring ngahuleng teu nyana geuning rék dibikeun. Jaba geus ditawar. Mun teu jadi téh géngsi. Antukna golosor duit nu saratus rébu pindah kana leungeun manéhna.
                “Heuh jual dedet,” kuring nilepan baju. Sup dikana kantongkeun.
                “Lah jigjig. Nu penting di dinya boga baju alus.”
***
                Basa balik ka imah. Kabeneran aya adi kuring.
                “Man, hutang téh cenah 450 rébu.”
                “Oh berarti tinggal 150 rébu deui nya, Téh. Pan kamari geus nitip ka si Mamah 300 rébu.”
                “Nitip?” haté kuring langsung teu puguh rarasaan. Boa-boa duit anu  dikeupeulkeun téh? Kuring ngagerendeng sorangan.
***
                “De, cenah dipasihan artos ku Mang Iman? Mana artosna?” ceuk kuring kanu jadi budak.
                “Muhun, Mah. Artosna tos di ka Papahkeun,” walon budak.
                “Pah....!” kuring ngagéréwék
                “Gandeng aya naon!” ceuk salaki nanya rusuh.
                “Enya artos nu tilu ratus rébu keur budak, dicekelan ku Papah? Mana ayeuna?”
                “Har apanan geus béak dipaké jalan-jalan jeung budak, jaba kabeneren deui kudu ngomékeun motor. Jadi kapaksa meuli onderdil. Motorna gé ayeuna di béngkél kénéh.”
                “Halah jadi rugi kieu atuh,” kuring jejebris. Bari hing wé ceurik.