Rabu, 17 April 2013

Korsi Roda, Mangle 2421


Korsi Roda
Ku: Nina Rahayu Nadea
                Mang Mamat nyangsaya dina kasur. Awakna teu hojah. Cicing. Ngararasakeun ka nyeri. Teu kaur suku dicengkatkeun saeutik, ngajangheuak. Ngajeletot. Nyeri pisan. Kitu jeung kitu nu kaalaman ku manéhna salila genep bulan.  Nya kitu téa, beuki kolot téh panyakit beuki remen datang ka manéhna. Teu dihayang-hayang gé angger wé nyalampeurkeun. Padahal mah hirup asa disiplin, jauh tina roko, unggal poé teu weléh olahraga, ku jalan leumpang ka tempat gawéna. Kitu ogé dina hal barang dahar tara ieuh sagala brus bres. Tapi angger wé panyakit entreup na diri. Dokter nu alus nu murah geus kapapay. Bur ber ka ditu ka dieu. Tapi angger teu cageur-cageur.
                Kasakit anu aya dimanéhna rupa rupa. Jantung, asam urat, diabétes, kolestérol, jeung réa-réa deui. Leuh lamun diinget-inget mah matak nyeri haté puguh gé. Inget kénéh ka  baheula. Waktu manéhna jagjag. Bisa ka ditu ka dieu. Ari ayeuna tibalik. Asa cicing di pangbérokan. Pamajikan anu tihothat ka ditu ka dieu. Usaha nu tadina dikokolakeun, dicekel ku manéhna ayeuna mah pindah leungeun. Jadi ku pamajikan. Karunyana mah karunya. Nataku. Ari geus rék kumaha deui. Leumpang jumarigjeg. Leuleus. Lalinu. Perbawana hayang ngagolér jeung ngagolér.
                Ari nu sok marengan Mang Mamat lamun kabeneran pamajikanan euweuh nyéta incuna. Incu nu umurna 4 taun. Sakapeung adi beuteung nu imahna ngaréndéng ngelolan unggal waktu bisi aya nanaon. Keur mah eukeur boga nu gering, katambah-tambah aya budak leutik di imah. Atuh tara dicul jeun keun. Mindeng ditingalian. Ditalingakeun.
                Sabenerna Bi Juni, adi beuteungna rék ngarawat incu Mang Mamat. Sina cicing di imahna. Tapi dihulag. Keun wé ceunah itung-itung panghibur Mang Mamat. Da ari aya incu mah geuning teu burung kasakit téh kaubaran. Kahibur. Kitu pantes pan incuna téh sasat incu kahayang. Anakna kabéh lalaki salima-lima. Ari gubrag incu munggaran, awéwé. Geulis rancunit. Pikalucueun. Atuh sagalana gé dinangna néngné, ku manéhna kitu deui ku pamajikana.
                Antukna Bi Juni ngéléhan. Manéhna wé nu bulak balik antara imahna jeung imah Mang Mamat. Nalingakeun nu dua. Nyéta Mang Mamat pituin  jeung incuna. Dobel. Tapi teu aral. Duanana diéstokeun, sarua dipikanyaah. Itu lanceuk, ieu incu. Dianggap incu sorangan. Bubuhan Bi Juni mah teu boga incu. Boro-boro incu, pan anak gé teu boga. Berkah tibarang ngadahup ka Mang Aca jenatna, teu dikersakeun boga turunan.
                Hiji waktu mah sakulawarga sapuk. Rék mangmeulikeun korsi roda keur Mang Mamat. Supaya Mang Mamat teu ngahuleng teuing. Pan ari boga korsi roda mah bisa-bisa geugeuleuyeungan ka luar. Atawa ngadaweung di teras imahna. Lian ti udara seger, atuh nu dipiharep supaya pikiranna teu rungsing teuing ku panyakit. Jeung nu leuwih peunting sangkan sukuna teu karasa teiung nyanyautan lamun aya korsi roda mah.
                Ayeuna korsi roda geus aya di imah. Atoh. Mang Mamat ngajaran. Leuh geuning hésé ogé ari ku sorangan mah, ugil-ugilan, pédah can biasa meureun. Tapi lila-lila mah teu burung lancar. Nu aya di imah saruana pipilueun diajar maraké. Pamajikana kadua Bi Juni sarua riweuh, pada-pada hayang ngajaran korsi roda.
“Leuh dasar nini-nini,” Mang Mamat nyenghél ningali kalakuan maranéhna.
                “Hayang ngajaran wé atuh.  Di jero imah ieuh, da di luar mah moal. Éra,” ceuk pamajikana seuri konéng.
                Hiji waktu pamajikan Mang Mamat jeung Bi Juni keur ka Pasar Baru. Meuli obat rampé keur inyana. Atuh Mang Mamat anteng hareupeun tivi bari sakapeung ka luar maké korsi roda, ngalangeu hareupeun imah bari nungguan anu baralik ti Pasar Baru.
                Aya kana 4 jamna nu ditunguan karék mecenghul. Sarua datangna téh jeung Pak Rw anu rék mikeun undangan rapat désa. Geuwat  semah diangkir asup ka  tepas ku Bi Juni.  Barang bréh... saréréa seuri. Ningali nu gering. Ingkud-ingkudan ngadodorong korsi roda nu dieusian ku incuna.
                “leuh geulis, karunya atuh aki. Pan teu damang. Kedahna neng geulis nu ngadorong aki,” Bi Juni ngomong.
                “Aim. Pan enin ogé kamari nganggé korsi roda. Ayeuna bagéan Ade.”
                Pamajikan Mang Mamat jeung Bi Juni tingkalieus, miceun beungeut. Éraeun ku Pak RW.