Dimuat di Majalah Mangle No 2542, 10-16 September 2015
Genyas
Ku Nina Rahayu Nadéa
“Aww!”
Kuring nyekelan suku nu nyeri.
“Punten
nya,” aya sora kadéngé. ”Abdi Genyas.” Manéhna ngasongkeun leungeun
ngajak sasalaman. “Punten tadi kajejek nya”.
“Euu...
Arum.” Kuring nampanan leungeunna. “Teu nanaon.” Ceuk kuring bari muringis
nyekelan suku.
“Nyeri
kénéh?
Yu, urang ka UKS, supados diurut.” Genyas metot leungeun kuring.
Teu
wasa nolak. Ieu awak hideng nuturkeun kahayangna. Suku ngaléngkah
bari jeung ingkud-ingkudan.
“Teu
nanaon da tos biasa ieu mah. Sanes nyeri pédah kajejek. Nanging tilas
kacilakaan kapungkur.” Kuring tungkul deui.
“A...rum
Purwaningrum.” Manéhna ngagerendengkeun ngaran kuring. Katingali panonna
neuteup kana name tag nu ngadaplok
dina dada. “Ari tadi nuju naon di aula meni pajejel? Janten wé Arum kajejek.”
“Aya
pengumuman ti ketua kelompok kanggé candakeun énjing.”
“Oh...
keun engké
dibantosan ku Genyas nya. Tenang, kaka kaka di dieu mah balageur da. Pilakadar
aya senior nu nyentak, éta mah ngan sakadar latihan méntal wungkul. Tong dilebetkeun
kana haté.”
“Genyas.
Kunaon di dieu? Kumaha sih ketua senat téh. Dari tadi anak-anak pada nyariin
tuh.” Hiji awéwé norojol ka ruang UKS. “Pantesan adem di sini, ternyata
ada céwék
cantik.” Cenah rada sinis ka kuring. “Sakit beneran?” Manéhna
nalek kuring.
“Matak
aya di dieu gé nya pasti atuh. Arum belum kuat berdiri lama. Dia baru
sembuh dari sakitnya, jadi harus diawasi.” Genyas nangtung. “Saha petugas UKS
ayeuna? Naha ning ruangan téh beut suwung?”
“Nya
pastilah mereka pada keluar. Ngontrol. Takut
ada yang sakit.”
“Ah.
Kuduna mah tong ka luar kabéh atuh. Maenya UKS suwung kieu.”
Genyas katangen keuheul.
“Tapi
kan kamu seneng paduduaan.”
“Yasmin!”
Sora Genyas tarik. “Sok ka mana waé...” Bari ngaléos ninggalkeun ruang UKS.
“Memang
beneran kaki kamu sakit?”
“Iya,
Kak. Tadi pagi sih ngak sakit, cuma keinjek sama Kak Genyas, jadinya sakit
lagi.” Ceuk kuring bari ngusapan suku.
“Tapi
masih bisa berdiri kan? Awas jangan cari perhatian dari Kak Genyas. Dia tuh
sudah punya céwé.”
Teu hayang némbalan.
Barina gé
lain urusan kuring. Da kuliah téh
lain keur anu teu paruguh, tapi keur nyuprih élmu. “Awas, tong kamalinaan kuliahna.
Opat taun kedah tos bérés. Lamun lebih tina targét, biaya nyalira.” Ngajelengéng
omongan Mamah. Ayeuna karék gé asup geus dirudetkeun ku urusan nu kieu. Ih, teu harayang
teuing.
“Oh,
ternyata ada pasien di sini. Siapa namanya?”
“Iya
siapa nih. Bening amat matanya.” Lalaki tukangeun éta awéwé pipilueun nanya.
“Éits,
awas... awas pasien cewek bagéana cewek. Kaditu Rangga. Kamu kan ada
urusan. Tuh tadi Genyas nyariin kamu.” Yasmin nyampeurkeun kanu duaan.
“Aya
naon cenah?”
“Ga
tau. Ngan sigana keur rada ngambek. Keur bété.”
“Enya.
Ari ieu pasien jurusan naon nya?”
“Euuuh
angger cunihin. Sakitu kabogoh gigireun téh. Dasar lalaki. Awas ka ditu....”
“Heureuy
kétang,
Puput sayang. Tong dianggap kana haté.”
Rangga noél
gado Puput.
“Kunaon
cenah tadi Genyas ngambek ka Rangga, Yas?” tanya Puput sanggeus Rangga teu aya.
“Kateuing
lah. Hayang katangar pédah jadi ketua senat meureun.”
“Ih,
manéh
mah. Kitu ari bogoh teu diladangan téh.”
“Gandéng,
Put!”
“Tapi
enya cintrong kan?”
“Cinta
sih cinta.... Ngan Genyas ning haré-haré waé.”
“Tetap
berusaha dong. Tuturkeun ka mana waé Genyas... Awéwé téh kudu agrésif.
Turutan atuh Puput.” Manéhna nepak dada. “Rangga gé ning antukna serah bongkokan.
Ari ditutur tutur waé mah , teu burung....”
*
Genyas.
Ketua Senat Universitas DarmaSakti. Lalaki nu kacida didama-damana ku para
wanoja. Enya kétang teu ngabibisani Genyas téh
kasép
kharismatik. Teu anéh lamun awéwé rabul nyalamperukeun, malah
nepi ka barang béré sagala. Beuki lila kuliah, beuki apal ka Genyas, beuki
apal karakterna. Hiji nu hésé dikobét, ningali Genyas nu haré-haré
waé
ka awéwé.
Ceuk Dini mah cenah Genyas bogoheun ka kuring. Ah, teu hayang ngadéngékeun.
“Rum...
katitipan salam ti seseorang.” Andini sobat kuring datang bari jeung gék
sisieun korsi.
“Halah
terus waé,
cowok nu diobrolkeun téh.”
“Serius yeuh.
Kasép
pisan. Salamna gé 3 beungkeut cenah.”
“Males
ah, ngomongkeun waé lalaki.” Kuring ngaléos, teu miroséa
ka Dini.
Resep
ka Andin téh,
sok ramé,
sagala diobrolkeun. Ngan éta nu teu dipikaresep téh. Sok ngobrolkeun waé
lalaki. Pan sebel.
“Euuh.
Sigana Arum, mah prigiiid. Meni teu resep mun Dini ngobrolkeun lalaki téh.”
“Enya
atuh da bosen. Barina gé kuliah téh pan keur diajar lain keur ngabahas
lalaki. Ceuk Mamah gé kudu soson-soson diajar. Bisi kuliah teu anggeus.”
“Hem,
dasar anak Mamah.” Andin gogodeg. ”Tapi enyaan yeuh, Rum. Aya salam ti Genyas.
Lamun Arum teu nolak. Engké ku Genyas ditungguan di Gramedia jam 1 cenah. Kitu gé
lamun Arum heunteu nolak. Tapi mun nolak téh kacida teuing. Mun nolak téh
berarti bener wé Arum téh prigid.”
“Gandéng...
gandéng.
Barina gé
moal mungkin atuh Genyas neundeun haté ka Arum.” Kuring ngarénghap panjang. Aya momot nu
kacida beuratna jeroeun dada. “Naon sih anu dipikaresep ti kuring, Din. Pan
nyaho Dini gé.
Arum mah batan sakieu.” Nu ngeyembeng na juru panon teu kaampeuh ngeclak. “Arum
mah pan cacad, Din. Teu bisa leumpang normal siga nu lain. Matakna Arum mah
embung deukeut jeung ngaran lalaki. Inggis ngayerikeun haté.
Embung kajadian nu enggeus-eunggeus karandapan deui.”
“Arum?”
“Naon
Din? Anéh
nya ka Arum...”
“Anéh
pédah
Arum beut jadi capétang kieu.” Dini nangkeup pageuh kuring. “Okéy
Dini ngarti ayeuna... ngarti kana kaayanan Arum. Ngarti Arum kungsi meunang
kapeurih ku lalaki.”
“Sukur
ari Dini ngarti mah. Geus tong ngomongkeun waé Genyas.”
“Tapi
naha bener Arum teu nyaah ka Genyas. Teu peduli lamun salila ieu Genyas
merhatikeun. Daék mangerjakeun tugas Arum. Naha éta hartina taya nanaon,
Rum. Moal mungkin, Rum. Genyas cinta ka
Arum heunteu ningali fisikna. Aya hal lain nu matak narik ati. Cinta teu
mandang rupa, Rum.”
Kuring
nyusut cipanon nu ngalémbéréh. Kalangkang Genyas aya dina kongkolak panon. Genyas.
Enya Genyas anu salila ieu kaimpikeun waé. Ngalangkangan tiap usik, tiap menit.
Genyas anu kacida perhatianna ka kuring. Genyas nu sanyatana dipicinta. Ah,
Genyas.
“Hampura
lamun Dini ikut campur urusan Arum. Ngan sakadar méré jalan. Tong kaduhung engkéna.
Ceuk kamandang Dini mah sok tepungan heula Genyas. Omongkeun sagala kasalempang Arum. Lamun geus
diomongkeun sagalana, nepi ka bubuk leutikna mah. Jeun teuing.”
“Dini
daék
nganteur?”
“Pasti,
Dini siap mengantar sobat dalam keadaan suka dan duka.”
*
Panon
poé
keur meujeuhna hadé. Teu panas teuing heunteu poék teuing, basa aya nu ngetrok
kana panto kamar
“Arum....
énggal
aya tamu!” Mamah ngageroan ti luareun
kamar.
“Tamu
saha, Mah?” Kuring ngelol.
“Duka.
Pameget. Kasép.
Kabogoh nya?” Mamah ngagelenyu.
“Iyy.
Saha ari Mamah. Enyaan aya tamu pameget, Mah?”
“Muhun.
Sok énggal
tepangan.”
“Genyas?”
Kuring ngajenghok waktu apal saha nu datang.
“Naha
meni reuwas. Teu kénging kitu ka dieu?”
“Sanés
kitu. Nanging....”
“Nanging
naon? Masih teu percanten ka Genyas. Rum pokona Genyas nyaah ka Arum. Sanés
ngan saukur tina fisikna wungkul. Urang diajar silih mikanyaah. Mihapékeun
diri.”
“Kunaon
atuh Genyas téh meni keukeuh waé. Naon sih anu dipikaresep ti Arum?”
Kuring neuteup gegenclang panonna.
“Resep
ku pribadi Arum nu soléh. Teu kacandakeun janten gadis gaul siga jaman ayeuna.
Sareng resep ku suanten Arum pami nuju ngaos. Genyas hoyong budak Genyas, putra
urang pinter kana agama jalaran Umina ngajarkeun.”
“Genyas!”
***
Nina Rahayu Nadea. Nulis dina
bahasa Indonesia jeung bahasa Sunda. Tulisanna dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan,
Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh,
Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah
Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid
Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI, Majalah Loka
Tasikmalaya, Majalah Guneman, jrrd