Jumat, 31 Januari 2014

Carpon Mangle, 30 Jan-5 Feb 2014


Nyingraykeun Lalangsé
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Ngahaja isuk kénéh geus ngalangeu hareupeun imah. Hawa tiis dibaturan angin ngahiliwir ti landeuhkeun. Nebak awak nu tatadi ngadayagdag dina korsi. Ngararasakeun hawa nu nyelecep, nyulusup kana lulurung kalbu. Éndah kacida. Saparat panon nénjo kajauhna, ukur  pakebonan  jeung  gunung leutik nu mapaésan kaéndahan alam.  Jalan blung blong ka ditu ka dieu. Kacida pisan simpé, euweuh sora kandaraan anu nyababkeun polusi sora jiga  di kota. Anu aya ngan sora manuk jeung sabangsaning sasatoan anu kacida matak genah tumaninah kana haté. Ngupahan anu sungkawa.
Matakna ngahaja reureuh di dieu. Bumén-bumén di tempat anu kuring sorangan can wawuh. Ngahaja. Lian ti hayang  ngahirup hawa seger. Ogé aya nu lain, hayang nyingkahkeun lalangsé. Miceun rereged anu aya dina diri. Hayang muka lambaran hirup anyar di dieu. Di tempat anyar. Satutas kajadian harita. Kajadian anu kacida matak down. Rendah diri jeung putus asa ngabaturan kuring.
                Kajadian anu langsung nangkubkeun jeung meunggaskeun sagala pangharepan anu karék mucunghul, pating parentul mapaésan haté ku karir anu neut neutan alus. Jabatan alus sakeudeung deui baris kacangking ku kuring. Jabatan anu salila ieu dipiharep ku sakabéh pagawé di perusahaan tempat kuring. Tapi ku kajadian anu tumiba. Kuring kudu nutupkeun haté, malah nepi ka resign ti perusahaan sagala. Bongan, enya bonganna atuh mamala beut nganjang na diri. Sakapeung mah aral kacida. Mendingan nemahan pati daripada nandangan lara.
                “Allohu Akbar.” kuring jumerit waktu awak ngudupruk labuh.
                Gubrag!
Panci anu dipaké naheur cai murag, meneran pisan kana leungeun katuhu anu neueul kana lanté.  “Awww....”
                Rabul tatangga anu deukeut. Pamajikan rawah riwih ningali kaayaan.  Aya anu ngabaluran leungeun ku minyak, aya ogé anu ku odol. Paciweuh. 
                Sababaraha lila jadi pasén di rumah sakit. Ngubaran leungeun anu kaléob. Tapi ning kitu, geus titis tulisna. Anu dipiharep sangkan normal,  teu waluya.                 Leungeun katuhu jadi kompér, euweuh tanaga, sarta warnana hideung pabaur jeung bodas anu pating gareblég totol-totol. Matak geuleuh ningalina. Komo lebah curuk mah. Iy, pasti ngabirigidig. Ningali tumpukan daging anu teu mangrupa, jiih.
Kacilakaan anu nyababkeun kuring tatu saumur-umur.  Rujit. Sorangan geus ngarasa kitu, komo meureun nu lain. Kitu anu jadi momot kuring saban waktu. Sanajan pamajikan salilana nyarita tetep nyaah, tetep narima kana naon rupa anu tumiba. Ngan kuring angger teu sadar. Ti harita jadi leuwih kasigeung jeung gedé ambek. Teu kaur  aya omongan anu rada teu merenah langsung nyentak. Kitu deui mun ngadéngé anu ngalelemu, ngagedékeun haté teh lain atoh. Tapi beuki ijid kanu ngomong asa ngaléléwa, asa ngahina.
Sakapeung sadar jeung mangkarunyakeun kanu jadi pamajikan pareng  disentak. Tapi nya kitu téa atuh kuring téh sok asa geuleuh.  Matak mending nyamunikeun diri di ieu  tempat anu hara-haraeun. Méh teu panggih  jeung jelema loba. Tiis ceuli hérang panon.
                Kapaksa meureun. Pamajikan ngéléhan manéh  nuturkeun kuring pindah. Ari barudak mah angger waé di kota. Satia ka salaki, ngurusan kuring anu keur karandapan aral. Tinimbang aya kajadian anu teu dipiharep. Mimita na mah manéhna mugen sarta ngalelemu ka kuring sangkan cicing, angger di tempat anu baheula.
                “Naha tos diémutan, Kang?” cenah panonna manco ka kuring.
                “Komo!” kuring teugeug, teu nempo saeutik ogé ka pamajikan.
                “Saur pangemut abdi mah mending di dieu heula atuh. Tong getas harupateun. Anggur sing tawakal. Pan Akang gé di dieu keur diubaran. Mudah-mudahan aya jodona. Bisa cageur cara sasari.” Pamajikan ngalelemu.  Leungeunna ngocékeun gelas. Song gelas di ka kuringkeun. “Leueut heula cai téh haneut, meh janglar.”
                “Teundeun na méja.” Kuring teu miroséa.
                “Kang.” Pamajikan ngarahuh.
                “Hem.”
                “Akang téh sing sabar. Sakieu gé alhamdulillah ngan saukur panangan anu tatu.”
                “Na di dinya ngaharepkeun kabéh awak kaléob cai panas kitu?”
                “Astagfirulloh, Kang. Sanés kitu....”
                “Heup... heup gandéng. Meunggeus tong loba carita deui.” Panon kuring mencrong ka luhureun méja kerja. Map anu numpuk,  buku-buku, kantong jingjing, ngingetkeun kuring waktu digawé.
                “Hapunten.” Manéhna cengkat.
                “Nung...!”
                “Kumaha?” cenah ngarandeg, léngkahna kandeg.
                “Hampura akang,” cekéng.
                “Teu sawios. Ngartos.” Gék deui di gigireun.
                “Akang téh éra ku kaayaan. Enung gé apal kumaha akang baheula. Jadi wayahna mun Enung nyaah ka akang....” kuring neuteup panonna nu liuh carinakdak. “Akang hayang pindah. Hayang ngumpi diri. Keun waé  cicing nyorangan gé, ari Enung teu daék mah.”
                “Pami tos buleud mah, mangga. Keun abdi gé bakal nyarengan.” Sorana dareuda.
*
                Tempatna jauh ka ditu ka dieu. Kabeneran  aya rélasi anu ngajual vila. Alhamdulillah, teu ditawar deui langsung diduitan bakat ku atoh. Tempat anu ceuk batur hara-haraeun, pikasieuneun téh. Cek kuring mah betah kacida.  Tempat anu saeutik saeutik miceun bangbaluh, nyingraykeun lalangsé anu asa ngukuntit  diri.
                Unggal isuk ngalangeu hareupeun imah. Jalan-jalan ngarasakeun hawa anu seger tumaninah kana awak, sumarambah kana bayah.  Katunggaraan saeutik-saeutik kaubaran ku ningali kaayaan ciptaning Gusti anu éndah kacida. Sanajan angger wé sok aya kasedih datang mun inget kana kajadian.
                “Gusti, naha anjeun masihan sagala kasedih nu pohara.” Kuring nyusut cipanon ku tonggong leungeun nu datang teu kaampeuh. Panon angger nyérangkeun sakuriling, rét ka kénca rét ka katuhu.
                Karék sidik, gening rada jauh, beulah kalér aya jalan badag molongpong. Di dinya aya gapura badag warna emas. Patingborélak katojo  sumirat.  Gapura anu  jadi batas hiji wewengkon. Katangen di luhurna aya aksara badag. Ngan teu pati écés, jeung teu kaharti tulisanna, teuing batas daérah naon. Tulisanan rada teu jejeg, siga tulisan sunda buhun.  
Awak asa lungsé, asa sedih pohara ningali gapura anu aya di dinya.  Gapura anu dipinding tihang beton  kénca katuhu. Beton mangrupa dua leungeun anu keur nadah, siga anu keur ngadoa ka mantenNa. 
                Aya nu merebey ningali éta dua leungeun anu keur ranggah.  Leungeuna anu katuhu ning euweuh ramo anu katingali. Ti pigeulang nepi ka ramo teu aya. Buntung.
                Rét kana leungeun katuhu kuring anu teu daya teu upaya. Tong boroning bisa ranggah siga kitu. Anggur beut asa ngaheurinan. Teu bisa nanaon. Jadi hahalang pikeun ngalakuken kagiatan. Ngulapés, teu daya teu upaya. Sagala ngan saukur dilakukeun ku leungeun kénca.
                Rét deui kana leungeun ranggah di luhur gapura. Katingali leungeunna bedas. Ngadoa unggal waktu. Jung nangtung lajag léjég. Aya amarah anu datang teu diondang. Ambek ngurunyung inget kana papastén anu karandapan. Kabayang waé waktu keur gandang.  Sapopoé maké mobil. Datang ka kantor pada ngahormat, pada ngajénan. Ari ayeuna?
                “Na atuh manéh teh ngadon ngulapés. Euweuh guna. Euweuh gadag. Asa mendingan siga leungeun di luhur gapura. Sanajan buntung tapi geuning perkasa katingalina. Gagah.”  Kuring ngabeubeutkeun manéh kana korsi. Ngépéskeun leungeun katuhu satarikna.
                “Aduuuh.” Kuring ngajerit basa leungeun keuna pisan kana armrest korsi.  Nyuuh kana méja sababaraha lila. Ngarasakeun nyeri dina leungeun.
                Clak... clak....  Sora nu ngeclak écés kana ubin. Ngarérét sakeudeung ka lebah sora anu deukeut  suku. Bari angger nyuuh. Gebeg. Ningali getih anu anu aya dina ubin ngabayabah. Beuki loba bareng jeung nu ngeclak ti luhur saeutik-saeutik. Tanggah, euweuh nanaon. Paneuteup balik deui kana ubin,  nuturkeun getih, ti mana asalna. Rét kana leungeun anu beuki nyanyautan.
                “Gusti!” kuring ngajerit ningali leungeun kuring nu buntung. “Nung... Enung...!” Kuring ngagero pamajikan bakat ku reuwas. Antara sadar jeung heunteu aya  nu nyoara tan katingali. “Sukur geus mikeun éta leungeun ka kuring. Dasar jalma merekedeweng. Salilana ngagugulung aral!”
                Sorana ti béh kalér.... lebah gapura. Rét ka gapura. Rét ka luhur gapura. Ningali leungeun anu ranggah téa. Cacadna leungit baganti dua leungeun anu sampurna. Leng teu inget di bumi alam.***


Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Karyana mimiti dipublikasikeun ti taun 2007. Tulisanna bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Jumat, 24 Januari 2014

Carpon Tribun Jabar , 21-23 Januari 2014


Ngaran kuring Drs. H. Bastaman. Haji Bastaman. Omat dina tiap ondangan resmi atawa teu resmi tulisan H. Atawa haji téa kudu dituliskeun. Gelar anu kacida mahalna. Keur meunang titel siga kitu téh pan kudu ngaluarkeun biaya anu lain saeutik. Jeungna deui loba pangalaman anu geus karandapan basa kuring keur aya di ditu, di  Mekah. Loba kapeurih jeung kanyeri anu kaalaman. Bandungan geura kajadian anu geus karandapan ku kuring.
Kasebeleun, aya pagawé purah sasapu (nyaho sotéh pédah wé tiap ka masjid, manéhna téh keur ngepél jeung sasapu).  Pembantu lah, mun kudu diécéskeun. Éta mah jelema, da teu euleum-euleum ka kuring tiap panggih sigana téh hayang nitah jeung nitah wé.
“Tuh nu beulah ditu, tah di juru sapukeun sing beresih. Omat kekebulna kudu leungit. Kudu nepi ka hérang ngagenclang,” cenah bari jeung mikeun sapu katut pangepélna ka kuring.
 Teu nyahoeun meureun lamun kuring di lembur téh jalma pangbeungharna. Bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. Di tempat pagawéan sasat pada ngahormat. Nyekel kalungguhan pangluhurna di Yayasan anu diadegkeun ku kuring. Yayasan ‘KumaAing’. Ketua yayasan, lamun kudu dibéjakeun mah, perkara jabatan kuring. Ari ketua berarti boga bawahanna. Yayasan anu dicekel ku kuring téh ulubiung dina urusan pendidikan. Teuing sabaraha ratus sakola anu maké bandéra yayasan kuring.  Kukituna, wayahna kudu tumut kana aturan anu geus ditetepkeun. Tiap bulan, iuran ti tiap sakola teu weléh ngalir ka yayasan kuring - saku kuring. Pupuhu anu ngawengku sababaraha unit garapan nu panglegana di tatar sunda. Yayasan anu ku kuring dicekel kacida nyongcolangna sarta teu weléh jadi bahan paguneman dina tiap aya kagiatan pendidikan umumna, khususna budaya kasundaan.
Di kantor alajrih ka kuring. Tiap amprok pada ngahormat. Pada ngajénan. Na, ari datang ka dieu? Naha katingalina beungeut kuring téh beungeut tukang sasapu kitu? Lamun inget yén kuring keur di Mekah, keur ngalakonan ibadah haji, geus dicarékan laklak dasar tah jelema. Teu boga cedo, wani-wani nitah ka kuring.
Aya deui kajadian anu matak tugenah. Teu pupuguh jelema hareupeun kuring. Karék panggih téh enyaan. Teu wawuh–wawuh acan. Teu pupuguh turun tina mobil, nyarékan laklak dasar ka kuring. Naon cing anu diomongkeuna.
“Ieuh Bastaman. Sing inget manéh téh. Saha anu ngagajih manéh? Hayang diturunkeun jabatan téh. Wani-wani nolak kahayang kuring. Pan nyaho manéh téh, si Ahmad téh anak urang. Anak teges. Anu kuliahna kakara bérés. Tah anyar kénéh karék diwisuda. Lamun teu percaya tingalian ijasahna. Dina ijasahna ngajeblag titél. Ahmad Kusaéri S.E, M.SC. Na teu percaya kana titél anak kuring?  S2. Tah,  poma lamun isuk jaganing géto. Aya anak kuring ka ditu mikeun lamaran, kudu ditampa. Tempatkeun di tempat anu ngareunah. Perkara éta geus aya nu ngeusian. Pan bisa diatur. Digusar gésér.
Omat! Lamun heunteu. Krek.” Leungeuna diantelkeun kana beuheung. “Ancur tah jabatan di dinya,” cenah nongtorowélang dina ceuli. Bari jeung langsung ngaléos. Ningalkeun kuring nu colohok mata simeuteun. Teu méré mingé saeutik-eutik acan ka kuring pikeun ngomong. Kasebelan tah jelema. Kawas boga beungeut anu kasép. Sakitu hideung lestreng téh. Éta palebah biwir keur ngomong. Leuh enyaan asa hayang ngabalédogkeun tarumpah anu keur dipaké. Wawuh gé heunteu langsung nyarékan.
Ah, geus tong diomongkeun deui kajadian nu geus karandapan mah. Matak nyeri haté saumur umur. Matakna hampura sakali deui, ka sasaha, poma lamun ngageroan kuring kudu maké haji. Jeung wayahna lamun dina tiap ondangan atawa naon waé keur kuring, teu maké titél H. jeung titel Drs. Kuring moal daék datang. Moal daék ngaluuhan éta acara. Rék sakumahaeun pentingna gé. Wayahna.
Matakna tong anéh lamun aya nu ngagero teu maké Haji, ku kuring moal dilieuk-lieuk acan. Rék sakumaha gogorowokan gé. Pan ceuk kuring gé biayana mahal sarta loba pangorbanan pait nu kaalaman ku kuring waktu ngalaksanakeun ibadah haji.
Kusabab kalungguhan kuring kacida alusna. Tong héran lamun dulur-dulur kuring  nu deukeut atawa nu  jauh, ngalayah di mamana nyekel gawé. Ti mimiti kepala sakola, guru nepi ka pesuruh pabalatak ku dulur kuring. Kudu. Kitu wéh ceuk kuring. Enya kudu ditampa gawé. Ah, barina gé da moal aya nu daék nolak kana titipan kuring.
 Geus puguh ari budak sorangan mah ti mimiti maranéhna bérés kuliah, saacan nyekel gawé nu maneuh,  geus dititipkeun ka unggal tempat. Dariuk di méja nu ngareunah. Paduli teuing jurusan jeung nu digawékeun patukang tonggong. Nu penting, maranéhna kudu ditampa gawé. Piraku wéh mun teu ditarima téh. Apanan kuring  nu ngawasa ieu yayasan. Nu nyekel kalungguhan. Lamun euweuh nu nampa téh,  lah kumawani pisan. Sugan hayang dipecat ku kuring.
Matakna tong anéh lamun tiap péngkolan, tiap gang loba nu pating arakang...  rengkuh, lamun pareng panggih téh. Kieu atuh ari geus jadi jelema nomor wahid di tatar sunda mah. Ajrih ku sorangan, bisa nepak dada. Hampura, lamun sorangan teu mamandapan, teu rengkuh siga maranéhna. Hampura da urang mah teu satata, maranéhna mah pan ngan saukur anak buah anu hirup huripna sasat dihirupkeun ku leungeun kuring sorangan.
Oh enya, kudu arapal ka anak-anak kuring. Maranéhna  geus garawé maneuh. Nu kahiji  geus jadi dokter di Kalimantan. Ari nu kadua dines di kapolisian. Kabéhanana geus rumah tangga. Hayang nyaho minantu kuring? Pasti nu salével. Agul wé saeutik, boga budak téh éstu gareulis karasép, tinangtu loba nu ngantay hayang diaku jadi minantu. Tapi teu sagampang kitu.  Kudu ditingali heula bobot bebet jeung bibitna. Pangpangna lebah duniawiahna. Wayahna, nu ngarasa boga kaduniawian paspasan mah kudu mundur wéh ti heula, tibatan dipegatkeun duriat. Da nepi ka iraha waé, kuring moal  rido ngawinkeun.
Hal ieu kungsi kajadian ka anak kuring nu bungsu. Neng Yanti Aprilia S.Pd. Reureujeungan jeung babaturan ngajarna. Geus lila, da cenah ti jaman kuliah kénéh. Tapi ku kuring sina diputuskeun. Cenah kuring teu nyaah? Lain. Justru kuring mah nyaah pisan ka anak sorangan. Hayang ningali manéhna senang ngahenang ngahening, utamana lebah kabeungharan. Geus kawin mah rasa cinta jeung kanyaah téh sirna. Naha dahar téh kudu ku cinta? Ah, klise tah awéwé nu ngomong demi cinta, demi sayang.
Anak kuring nurut. Sanajan kudu disabaran aya kana sababaraha tauna, keur ngupahan manéhna mopohokeun kabogoh. Ngarti kuring gé, bobogohan taunan. Ayeuna dipegatkeun duriat.  Mimitina mah keukeuh backstreet. Enya cenah geus putus tapi ngadéngé béja, angger wé sok papanggih jeung kabogohna. Antukna kuring turun tangan.
Peuting-peuting ngahaja datang ka imah kolotna. Beu! enyaan ngarénjag tah ningali kaayaan imahna. Rék teu kitu kumaha. Imah kuring sigrong kacida, pembantu sabaraha hiji. Ari ieu? Gusti! teuing dipélét naon tah budak kuring, nepi ka maskét ka si bebengok Ruslam. Imah leutik bari jeung sisi susukan. Geus puguh adina reuay. Panggih jeung indungna, ti mimiti dedegan nepi ka pakéanna, badis pembantu nu aya di imah kuring.
Pasti maranéhna gé colohok kadatangan ku kuring. Pasti. Sémah gagah, maké dasi nganjang ka imah anu rupek. Tinangtu tah si kasebeulan reuwaseun. Enyaan ieu haté senang lain dikieuna, waktu ningali maranehna popoyongkodan, tuur nyorodcod ningali kuring.
“Oh geuning aya tamu, mangga calik.” Éta indungna si Ruslam nitah diuk ka kuring. Teu hayang diuk kuring téh. Rarat rérét ka sakurilingeun. Korsi lépét, luhurna karebul. Duh kabayang lamun anak kameumeut kudu jatukrami jeung si Ruslam. Rék dikamanakeun beungeut kuring?
Tadina mah horéam  diuk. Ngan supir kuring hideng ngelapan korsi keur diuk. Antukna ngaragangan kanu jadi imah. Jeung pangpangna mah bisi lila ngobrol jeung nu boga imah. Lamun nangtung lila, kuriak cangkeul jeung asam urat karasa. Kapaksa diuk, bari jeung némér gé dina biwir korsi.
“Sanés ieu téh aya perkawis naon? asa rareuwas?”
“Ruslamna aya?”
“Oh, muhun ké antos sakedap nuju di masjid, netepan Isya.”
“Keun  atuh bari nungguan. Urang ngobrol heula. Nepangkeun. Lamun percaya, kuring téh kolotna  Néng Yanti Aprilia S.Pd. Ibu apal?”
“Oh Yanti. Kantenan. Pan réréncangan caketna pun anak.”
“Néng Yanti. Jeung poma tong wani nyebut réréncangan caket. Réréncangan biasa wéh.”
“Oh. Muhun yaktos, Pak,” cenah antukna manéhna teu ngomong deui.
Teu lila torojol Ruslam datang.
“Eh, Bapak,” cenah bari rengkuh ngajak sasalaman.
Kuring ngan saukur ngarérét ku juru panon. Teu hayang nampanan nu rék sasalaman. Kawas nu heueuh. Padahal nyaho lah, hayang kapaké ti dituna mah. Hayang diaku calon minantu.
“Ah geus teu kudu sasalaman sagala. Kieu Ruslam, Bapak téh rék nyaho nu bener-bener? Ari Néng Yanti salila ieu sok masih keneh babarengan?” Kuring nanya teugeug. Beungeut manco ka manéhna.
“Sering, Pak,” luk manéhna tungkul.
“Sukur ngaku nya. Da dina teu ngakuna gé. Bapak geus nyaho, yén manéh mindeng kénéh babarengan jeung anak kuring. Nanya sotéh hayang ngayakinkeun wéh. Hayang apal naha di dinya téh jelema jujur atawa heunteu.”
“Insya alloh moal bohong abdi mah, Pak.”
“Syukur atuh.  Tapi wayahna sanajan ngomong jujur. Bapak moal timbul rasa resep. Komo rék nyaluyuan jadi minantu mah. Moal. Teu hayang. Ruslam apal teu,  Néng Yanti téh geus dijodokeun ku Bapak. Ka  Insinyur nu beunghar, sarta ayeuna geus gawé  di PT Preefort, nyekel kalungguhan anu kacida pentingna. Apal teu?”
Teu nyoara.
“Bapak ngarti. Ruslam jeung anak bapak aya hubungan. Tapi éta mah anggap wé cinta monyet nya. Wayahna ti wangkid ayeuna nepi ka iraha waé. Tong wani babarengan jeung anak kuring. Poma nya? Lain nanaon, bisi aya mamalana. Hayang kitu Ruslam ningali Néng Yanti anak kameumeut Bapak hirup sangsara?”
Geus dikitukeun mah tah alhamdulillah, anak kuring, Neng Yanti tara babarengan. Malah ayeuna mah senang jeung salakina. Perkara éta cenah asa simpé di imah pédah salakina datang tilu bulan sakali. Lah teu nanaon. Da nyaho manéhna gé. Yén salakina gawé. Néangan duit pikeun kasenangan kulawargana. Ngaleungitkeun kasimpé mah barina gé bisa kaubaran ku shooping unggal waktu.
Sanajan ayeuna kuring geus pangsiun. Geus teu dines deui di kantor. Tapi pamor kuring masih aya. Cirining  jalma masih ngajénan ka kuring,  salaku jelema anu kungsi nyekel kalungguhan Pupuhu Yayasan ‘KumaAing’.
Aya kajadian anu matak kuring bisa nepak dada sorangan. Reueus ku ngaran kuring sorangan.
Kuring ngadatangan hiji sakola. Langsung ka kepala sakolana.  Ngobrol panjang lébar. Méh manéhna kasirep ku kuring. Ku omongan kuring. Kieu jujutanna. Kuring boga adi. Adi teges. Baheula téh ngajar di éta sakola. Sebut wé sakola SMP Panghayangna, anu aya di pusat kota hiji kabupatén. Ari adi kuring, ngaranna Sugiri. Boga incu. Teuing kunaon atuh tah budak téh dikaluarkeun ku sakolana. Geus kukurilingan néangan sakola euweuh nu nampa. Kitu deui basa ménta asup ka sakola SMP Panghayangna, teu ditarima. Alesanna ti baheula gé. Jéntréna ti mimiti Kepala Sakolana Pak Édi Risnandar, ieu sakola téh geus tara narima mutasi ti mamana. Rék alesan nanaon, keukeuh moal narima mutasi siswa.
Kitu deui waktu Sugiri, nepungan ka Kepala Sakola, ngobrol ngalér ngidul. Ih, da angger wé teu daék narima incuna sangkan bisa sakola.
Isukna kuring singkil. Nepungan kepala sakola. Teu pira omongan mah kieu.
“Panuhun, Ayi. Tampi incu Pak sugiri. Sami incu sim kuring ogé. Pan ayi apal. Ieu sakola téh diadegkeun ku akang. Ti bibilintik nepi ka jadi yayasan gedé nepi ka ayeuna. Éta téh éstu perjuangan akang. Bilih  ayi teu apal, pan tanah ieu sakola téh asalna nu akang pribadi. Ngan keur kamajuan sakola antukna akang nyérénkeun. Tong hariwang moal aya nu ngarebut ieu tanah, sumawona anak akang pituin. Da maranéhna mah geus jareneng. Baleunghar. Akang mah teu hayang nanaon. Teu hayang dihargaan. Ngan ayeuna mah ménta tulung. Sangkan budak ditampa di ieu sakola. Perkara aya nanaon pédah cenah aturan sakola tara narima mutasi. Lah percayakeun wé ka akang, da ketua yayasan anu ayeuna gé pan, minantu akang. Omat nya, Yi.”
Heuheuh teu pira ngomong kitu. Antukna budak bisa ditarima sakola nepi ka kiwari. Jeung na deui anu matak sugema kana haté, maranehna masih hormat ka kuring. Buktina? perkara saragam anu kuduna mayar. Euweuh nu wani nagih alias haratis. Kuring téa atuh nu ngawasa tatar priangan.***   



Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonesia. Karyana mimiti dipublikasikeun ti taun 2007. Tulisanna bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

Rabu, 22 Januari 2014

Opini, dimuat di Koran Galamedia. Senin 20 Januari 2014


Meningkatkan Kualitas  Siswa dengan Pemantapan
Oleh: Nina Rahayu Nadea



                Meski pelaksanaan Ujian Nasional masih beberapa bulan lagi.  Namun persiapannya sudah mulai dirasakan di sekolah. Salah satunya yaitu dengan melaksanakan kegiatan pemantapan yang wajib diikuti oleh seluruh peserta didik kelas IX pun kelas XII. Kegiatan tambahan pelajaran yang diadakan untuk membantu anak didik dalam menyelesaikan soal UN. Pemantapan diharapkan dapat terselenggara agar dapat melatih siswa-siswi sehingga menjadi terampil dan mahir dalam menyelesaikan soal-soal yang diprediksikan muncul dalam UN.
Selain itu, dengan adanya pemantapan mereka akan terbiasa mengerjakan soal dengan mudah. Karena dalam pemantapan biasanya anak diberi trik dan cara penyelesaian soal dengan cepat dan tepat.  Keterbiasaan yang kemudian menuntun siswa sehingga mampu mengukur kemampuan individualnya sehingga dapat mengantisipasi dengan cara giat berlatih dibantu oleh  guru dan yang lainnya.
Materi Pelajaran yang diterima anak didik dalam pemantapan adalah meliputi pelajaran yang khusus akan di UNkan. Pelajaran  SMP meliputi: Bahasa Indonesia, Bahasa Inggris, Matematika, IPA. Untuk SMA Jurusan IPA meliputi: Bahasa Indonesia, Bahasa Inggris, Matematika, Fisika, Kimia, Biologi. SMA Jurusan IPS meliputi: Bahasa Indonesia, Bahasa Inggris, Matematika, Ekonomi, Geografi, Sosiologi.
Rencana pelaksanaan Ujian Nasional, berdasarkan Peraturan Badan Standar Nasional Pendidikan Nomor: 0022/P/BSNP/XI/2013, untuk SMA diperkirakan 14-16 April 2014,  susulan 22 - 24 April 2014. Sedangkan untuk SMP 5 - 8 Mei 2014, susulan  12 - 16 Mei 2014. Susulan itu sendiri hanya diperuntukan bagi yang sakit dan dibuktikan dengan surat keterangan yang sah
                Untuk menjaring siswa agar dapat melaksanakan semua pemantapan dengan baik adalah dengan melakukan kegiatan pemantapan setelah pulang sekolah. Atau ada juga sebelum masuk kelas jam pertama. Selain itu diberlakukan aturan, bahwa absen tetap berlaku, tentu saja hal ini tidak ada kaitan dengan penambahan nilai. Hanyalah semata-mata agar anak masuk dan dapat mengikuti pemantapan sehingga dapat menyerap pelajaran yang diberikan guru.
  Aturan ini biasanya dilakukan semua sekolah agar anak didik mengikuti pemantapan dengan baik. Demi mempersiapkan anak didik agar kualitas dalam pembelajaran dapat meningkat. Mengingat paket yang diberikan pemerintah dalam UN masih sama yaitu 20 dengan nilai kelulusan harus melebihi 5. Apalagi untuk Ujian Nasional tahun 2014. Kiranya para siswa harus lebih serius dan lebih semangat dalam belajar. Betapa tidak, diperkirakan untuk tahun ini tingkat soal kesulitan UN dipastikan meningkat dibanding tahun sebelumnya. Jika  UN tahun 2012-2013 hanya memberikan prosentase 10 persen untuk soal sulit, 70 persen soal sedang dan 20 persen soal mudah. Sementara tahun 2013-2014 ini, soal sulit menjadi 20 persen. Sedang 70 persen dan mudah hanya 10 persen. Karena itu perlu adanya pelaksanaan atau persiapan yang benar-benar matang agar terlaksananya tujuan.
Kendati pada kenyataanya banyak sekali siswa yang tidak peduli bahkan cenderung acuh dalam menghadapi pemantapan. Dalam hal ini perlu adanya keseriusan pihak sekolah dalam memberikan penyuluhan pada anak didik, pun orang tua. Bila perlu undanglah mereka dan beri pengarahan serta gambaran tentang pelaksanaan UN. Beri pula contoh kongkrit, tentang kejadian yang sudah dialami para siswa di tahun 2013 yang sudah menjalankan UN, khususnya yang tidak lulus UN. Jangan sampai terjadi kekecewaan di kemudian hari, kemudian menyalahkan pihak sekolah.
Kegiatan pemantapan ini tentunya melibatkan para guru mata pelajaran yang handal yang diharap mampu membimbing anak didiknya untuk mencapai tujuan. Selain itu ada pula beberapa sekolah yang menggandeng lembaga–lembaga lain agar pemantapan dapat berlangsung dengan baik. Serta diharap mampu mengantisipasi atau mengurangi kesalahan terbesar dalam UN.
                Apakah pemantapan yang terselenggara telah sesuai dengah harapan guru pada umumnya? Lihatlah di lapangan.  Ketika guru bersemangat mempersiapkan diri dalam memberikan materi pemantapan ternyata siswa yang hadir hanyalah setengah atau bahkan kurang dari jumlah siswa seharusnya. Dilema memang di sisi lain sekolah ingin memberi kuantitas terbaik agar siswanya berkualitas. Tapi di sisi lain kecenderungan siswa itu sendiri dalam mengikuti pemantapan mengalami penurunan.
                Kembali lagi ke pada para guru yang memberikan pembelajaran. Bercerminlah. Apakah mereka sudah memberikan pelajaran dengan baik? Ubahlah cara mengajar, cari metode lain yang tidak dari biasanya, agar anak terhindar dari rasa jenuh. Rembugkanlah semuanya dengan pihak terkait yang terlibat dalam sekolah. Aturlah waktu sebaik mungkin agar anak tidak mengalami kejenuhan dalam belajar. Buatlah jadwal pelajaran selingan antara eksac dan sosial. Jangan sampai mereka mendapati jadwal eksak di hari yang bersamaan. Jika memungkinkan belajarlah di luar kelas atau bermainlah dengan bayak game atau permainan yang dapat membuat anak kembali ceria dalam mengikuti pelajaran.
                Seorang guru tentunya harus banyak melakukan pendekatan pada anak didik  tentang pentingnya UN dan perlunya melakukan berbagai pengorbanan agar pemantapan dapat berlangsung lancar. Ada beberapa cara yang patut guru sampaikan kepada anak didik sebelum proses UN berlangsung. Senantiasa mengingatkan mereka agar:
1.       Memanfaatkan waktu yang ada sebaik mungkin. Jangan sampai ada penyesalan yang terlambat datang.
2.       Mengukur kemampuan masing-masing, banyak bertanya.
3.       Percaya diri dan tidak pernah berusaha mencontek atau menggantungkan harapan pada orang lain.
4.       Tidak berteman dengan orang yang sekiranya membawa pengaruh yang buruk pada kita. Tapi berusaha untuk mencari atau berbarengan dengan teman yang mempunyai motivasi tinggi dalam belajar.
5.       Jangan bosan mengikuti try out atau sejenisnya untuk melatih diri dalam melakukan kebiasaan.
Mudah-mudahan jika guru melakukan pendekatan dengan rutin baik secara umum pun individu. Anak didik yang asalnya malas mengikuti pemantapan menjadi lebih bersemangat dalam belajar sehingga dapat meningkat kualitas pembelajarannya.
                Tapi Yang lebih disayangkan sekarang ini adalah banyak pihak yang memanfaatkan moment  ini menjadi suatu kesempatan yang lain. Coba saja tengok kasus atau beberapa masalah yang membuat program pemantapan ini menjadi kontradiksi, karena kebijakan yang dilakukan sekolah itu sendiri.
                Percayakan semua pada sang pengemban amanah di lapangan. Percayalah bahwa semua dilakukan adalah benar  adanya. Bahwa mereka melakukan tindakan apa pun adalah demi meningkatkan kualitas pembelajaran. Tidak untuk yang lainnya. Semoga kegiatan seperti itu membuat kita sadar dan tidak lupa diri. Bahwasannya ada hal yang lebih penting selain mencari keuntungan sesaat. Menumbuhkan sikap semangat belajar agar menjadi pribadi yang berkualitas demi menyongsong Ujian Nasional. Itu yang penting***