Minggu, 29 Desember 2013

Carpon Galura, 16 Desember 2013


Lara
Ku: Nina Rahayu Nadéa
                Nay, basa awak nyangsaya na dada anjeun nu rubak. Kuring yakin saujratna cinta anjeun ka kuring éstu satuhu, teu pupulasan. Kareungeu tina ketug jajantung, tina awahan rasa nu ngagalura nu disidem na dada anjeun. Kuring surti. Aya rasa nu mohaka ngan keur kuring. Tina rénghap anjeun nu haroshos pinuh ku rupaning galura anu hésé dikedalkeun.
                Hampura Nay. Lamun kuring rumasa  geus nyieun kuciwa ka diri anjeun. Nyaan lain kahayang. Lain kahayang kuring ngalakukan kitu. Tapi ngahaja ngarah anjeun poho, ngarah anjeun tolédor kana kapengkuhan anjeun nu salila ieu ditanggeuy, dipupusti leuwih ti misti. Ngahaja. Ngamimitian. Waktu biwir kuring nu antel dibales ku sukaning cinta anjeun. Surak. Mugia anjeun daék ngalakukeun anu leuwih ka diri kuring. Tapi ning anjeun beut kandeg. Waktu ngahaja kuring sumerah, nyérénkeun naon rupa anu salila ieu dipinding, dipaké tetengger ku urang nu can kaiket ku  tikah.
                “Geulis, hapunten akang,”  anjeun nyusutan biwir kuring nu baseuh ku réma. Nyusutan cikésang nu ngagarajag dina  tarang anjeun. “Hampura akang geus kaleuleuwihi, omat kahormatan anjeun tong disérénkeun. Éta mah keur urang jaga dina oléng panganténan,” anjeun imut. Ngabérésan buuk kuring nu awut-awutan. Nyium embun-embunan kalawan deudeuh.
                “Kunaon  ngahuleng waé geulis?“ anjeun nanya waktu dina hiji poé kuring ngan saukur cicing. Kemba, kana naon rupa.
                “Teu nanaon. Yu, ah urang ningal curug nu itu?” ceuk kuring nuduhkeun curug anu katempo ti kajauhan. Katingali cai nu nyurugna bodas nyacas tingalacrét. Manjurkeun ka saniskara mahluk anu aya di deukeutna. Manjuran kanyaah tina keclak cicurug anu  weléh teu poho manjurkeun tineung. Manjuran rasa anu kagaringan hamo laas nepi ka iraha waé. Teu kaampeuh beut aya nu merebey maseuhan pipi.
                “Aya masalah naon di bumi Lis. Dibaeudan deui ku Ibu?” anjeun ngusapan sirah kalawan deudeuh.
                Kuring gideug. cipanon  beuki juuh. Anjeun nangkeup awak kuring. Kuring sumegruk na dada anjeun. Enyaan peurih kacida. Mun teu inget kana papatah anjeun, kuring geus nemahan pati ti béh ditu mula.
                “Tong kitu. Émut. Geulis pujaan akang. Bunuh diri téh hiji pagawéan anu kacida dilaknat ku mantenna. Sing sabar. Sakedap deui akang ngadeuheus ka Ibu. Seja ngadahup. Seja ménta cinta anjeun.”
                “Nay. Sigana moal tiasa urang ngahiji,” kuring angger nyegruk.
                “Kunaon kitu. Lis. Naha Ibu teu panuju ka akang?”
                “Kang hayu urang angkat sasarengan. Urang nyingkah ti imah nu asa naraka. Enyaan abdi tos teu kiat.”
                “Sabar Lis. Saminggu deui. Pasti ka ditu.”
                Gusti. Teuing naon atuh dosa kuring. Geuning Ibu kacida ceuceub ka kuring. Dina haté pangleutikna kuring sangsi enya kitu éta téh indung kuring. Indung anu salilana nyebut kuring  anak haram. Indung anu cenah ngaharepkeun kuring maot waktu keur dikandung. Ehm, Gusti naha atuh  anjeun manjangkeun umur kuring. Digubragkeun ka alam dunya dina kasedihan anu pohara.
                Kuring ngarti ibu teu ngaharepkeun kuring lahir ka alam dunya. Cenah ceuk dulur katut tatangga deukeut. Kuring gubrag ka alam dunya lain karna cinta, tapi lantaran cilaka. Dipaksa mirusa ku saabrulan jalma nu mabok. Ngenes kacida, nepi ka kuring gubrak ka alam dunya téh. Ibu embung ngaku yén kuring anak tegesna. Kuring dirawat ku nini anu kacida mikanyaahna. Ngan ka nini, kuring brukbak ngeunaan sagala rasa nu tumiba, anu karandapan ku diri kuring. Nya Nini anu ngagedekeun haté sangkan kuring sabar dina nyanghareupan kahirupan.  Sanajan nyeri haté kacida lamun Ibu geus nyebut yén kuring anak haram.  Teu ieuh hayang némbalan, anggursing sok ngaléos ngabangbalérkeun haté anu kacida nyeri. Ngan ka Nini jeung ka anjeun  tempat balabuh kuring.
                Bagja kacida waktu Ibu jatukrami jeung hiji lalaki. Teu hayang nyarék atoh wé nu aya. Saréréa gé atoh pisan. Ngajurungkeun Ibu pikeun nikah. Pan geus apal saréréa ogé, Ibu téh trauma  ku ngaran lalaki. Tapi wanci antukna ngéléhkeun kapengkuhan Ibu. Ibu léah, narima kanyaah ti hiji lalaki. Kuring gé atoh pisan sabab anu jadi bapak téré téh geuning kacida nyaahna. Nyaah totomplokan. Kuring anu salilana hanaang ku kanyaah Bapak ku kaasih Ibu, boga tempat panyalindungan, boga tempat palumpatan, tempat ngabalubarkeun kahanjelu lamun aya katugenah ti Ibu. Enya ayeuna mah nambahan nu nyaah ka kuring téh. Aya Enin, Bapak, jeung anjeun jungjunan katineung ati.
                Tapi kanyaah anu salilana diagulkeun dijadikeun payung keur marengan léngkah ngambah kahirupan baganti naraka. Lamun heug kudu diomongkeun mending kénéh kuring dicarékan ku Ibu disebut anak haram tinimbang kajadian anu ayeuna. Ku kajadian ayeuna asa katambias dina sagara anu cai lautna umpal-umpalan kacida. Hésé, pangbalikanna. Najan enya leungeun anjeun Nay, salilana tumamprak, salilana buméla pikeun ngubaran ieu haté anu raheutna gudawang. Tapi teu, teu bisa Nay, sabab ieu masalah geus kacida ngarurujit diri. Kuring gé ceuceub kacida ka diri sorangan. Beut ras ka Ibu. Enya kitu meureun anu kajadian ku Ibu harita.
                Poé isuk anjeun jeung kulawarga anjeun seja nepungan ka dieu. Rék maheutkeun hubungan urang ku tikah anu sah. Tapi beuki inget ieu haté beuki gegebegan. Beuki teu sanggup tepung jeung anjeun. Teu sanggup kuring ngadahup ka anjeun anu kacida suci, sedeng kuring geus lamokot ku dosa, geus kotor.
                Naraka nganjang, waktu hiji peuting Bapak téré asup ka kamar kuring. Pan biasa manéhna sok kitu, ngobrol ka kuring, nanya kumaha cageur heunteuna, kumaha kalakuan Ibu robah heunteuna. Kuring gé teu curiga Nay, waktu usap leungeunna antel kana sirah. Sarta nyarita yén manéhna nepi ka iraha waé rék nyalindungan diri anu dipiceuceub ku indung sorangan. Sing sabar cenah hiji waktu gé Ibu bakal nyaah ka kuring, tinggal nungguan waktu.
                Tapi kanyaah kadeudeuh Bapak téh sulaya. Manéhna nyieun taktik kitu sangkan manéhna deukeut jeung kuring. Sangkan bisa nyeuseup madu kuring. Enya Nay, peuting harita jadi naraka. Waktu kahormatan kuring leungit dipaksa ku manéhna. Kuring awéwé, nu teu walakaya. Tanaga kuring teu kuat ngéléhkeun tanagana nu geus kaancikan sétan. Hampuran Nay, lamun peuting ieu kuring miang. Ninggalkeun bumi alam. Hampura jungjunan, lamun salila ieu kuring kemba. Taya sora nu kedal tina biwir kuring. Kuring embung ninggali anjeun tunggara. Keun ieu lara nalangsa rék disidem dina haté. Teu kudu nyaho saréréa. Nepi ka kuring ninggalkeun alam dunya, ieu rusiah ngan keur kuring. Pileuleuyan jungjunan.***

Selasa, 29 Oktober 2013

Carpon, Pikiran Rakyat 20 Oktober 2013


Bandar Politik
Ku: Nina Rahayu Nadéa

                “Bu ari negara agraris téh naon?”
                “Negara anu masarakatna lolobana gawé dina widang pertanian, perkebunan,”  Wanti imut.
                “Ari Indonesia negara agraris sanés, Bu?”
                “Kantenan atuh bageur. Urang kudu reueus ku nagri sorangan. Réhna negara urang tos kawentar kamana-mana. Negara anu ti kapungkur disebat negara agraris. Émut pan negara urang mah negara kepulauan. Tah hal éta pisan anu dimanfaatkeun ku urang pikeun melak naon waé tutuwuhan. Ti mimiti dataran rendah nepi ka dataran tinggi, kabéh dimangpaatkeun keur pepelakan. Kulantaran taneuhna subur tinangtu nyababkeun naon waé anu dipelak, insya alloh  bakal ngahasilkeun,” Wanti ngajawab pananya Andi, muridna kalawan daria.
                “Pami kacang kadele, janten moal, Bu?”
                “Tangtos,” Wanti semu asa-asa. Can apal kamana loyogna pananya Andi.  
                “Tapi naha beut awis nya, Bu?” manéhna tumungkul.
Wanti sakedapan ngahuleng. Teu nyana sacongo buuk ku pananya budak. Pananya anu kacida wajarna,  tur simpel, tapi hésé keur nerangkeunana, komo deui ka Andi anu ngan saukur budak kelas 5 SD. Enya pan ayeuna masarakat téh keur riweuh. Riweuh mikiran hahargaan anu  ngajaul. Kacida mahalna.
                Karék apal. Ka dinya pananya budak anu sabenerna. Tapi beut asa anéh ku pananya Andi. Tara  tisasari Andi nanya anu leuwih jauh. Jeung katempo pasemonna semu alum. Siga anu nyidem rusiah. Aya tugas anyar deui keur  Wanti, pikeun ngorék naon rupa anu nyumput na pikiran Andi.
Waktu istirahat Wanti ngahaja ngageroan Andi. Mimitina mah api-api  nitah mangmeulikeun kertas folio ka warung. Saterusna nanya masalah di imah jeung nu lainna, hayang ngabokér naon rupa anu nyamuni na pikiran. Hayang nyingsatkeun kabingung anu nyumput na lelembutan. Karék apal waktu Andi terus terang. Yén bapakna ayeuna mah teu usaha deui. Teu jualan deui. Alesanna harga bawang anu kacida mahalna.
                “Icalan naon kitu Bapak?”
                “Tempé, Bu.  Tapi ayeuna mah teu icalan deui. Da kacangna sesah dipilari. Rajeun aya awis deuih. Antukna bapak teu icalan. Da modalna séép,” cenah dareuda.
                “Muhun sing sabar bageur nya, mugia engké bapak tiasa damel deui,” Wanti ngusapan buuk budak.
                 
                Balik ka imah ngadon ngahuleng ngaraga meneng. Pananya  budak  minuhan lulurung kalbu. Da kitu kaayaan.   Harga kacang kadelé anu mahal lain ngan saukur dipikiran ku tukang tempé, tapi ning  mawa pangaruh anu kacida keur psikologi  Andi. 
Inget kamari waktu ka pasar, kurulang kuriling néangan tempé. Suwung. Sakalieun manggih. Gusti, hargana ngajaul, teu kabeuli ku manéhna. Antukna bolay meuli tempé téh sanajan kacida butuhna. Mikir dua kali tinimbang meuli tempé anu hargana nikel, mending keur resiko nu lain.  
Sakolébatan aya pikiran natamu ka manah Wanti, meureun bapakna di lembur mah ceuyah ku duit. Pan kitu pagawéana bulu taneuh. Leledokan unggal waktu.
Tapi waktu dianjangan kadéngé humandeuar. Da geuning angger harga nu katarima patani mah saeutik. Hasil tatanén kacang kadelé  ayeuna jauh tina panyangka. Biaya magawé jeung hasil tatanén jauh tanah kalangit. Panénna kapiheulaan ku sakadang hileud. Hileud kacang (agromyza sojae). Atuh Ladang kacapé kapeurih satutas pepelakan teu kaubaran. Nu mucekil mah angger wéh bandar. Bandar nu tara ngamodal saeutik eutik acan. Kitu deui hasilna, nyaho untung wéh pangeunahna. Langsung meunang bati anu kacida mucekil leuwih ti misti.
Ku kaayaan siga ayeuna, harga anu mingkin nérékél. Nambahan kasusah keur masarakat. Sanajan loba ogé anu nyieun kasempetan dina kasamporétan batur. Néang lolongkrang anu sakira kira méré kauntungan anu kacida. Paduli teuing batur ngocéak,  kacepét ku hahargaan. Nu penting untung jeung duit loba asup kana kantongna. Paduli teuing batur tingjarerit kakurangan nanaon. Nu penting manéhna senang ngahenang ngahening. Balukar tatanén anu teu nguntungkeun, ngurangan konsumsi  masarakat, dijieun alesan anu kuat keur maranéhna para jugala, pikeun ngalaksanakeun  MOU jeung sababaraha golongan. Nu dipamrih sangkan piduiteun asup. Jumlah anu kacida gedéna. Ngaruntagkeun iman saha waé anu ngadéngé, nu némpo jeung nu ngajalankeun. Trilyunan. Ngalolongkeun manéh ku kaayaan masarakat anu ngocéak, tuturubun nyiar kipayah.  Norékeun ceuli sorangan, api-api teu kadéngé ku patingcorowokna jalma sangkan harga-harga tarurun.
Demi memenuhi kebutuhan masyarakat,” ceuk pajabat   hiji waktu, dina salah sahiji siaran tipi.  Ngabéjér béaskeun  alesan pédah impor kacang kadele sagala. “Kebutuhan dalam negri sudah sangat kekurangan karena gagalnya panen. Juga kualitas yang buruk. Dan hal ini dilakukan supaya kebutuhan di  dalam negeri terpenuhi,” cenah teu euleum-euleum.
Lamun téa enya hayang ngaronjatkeun hasil tatanén di nagri sorangan sangkan leuwih alus naha teu aub? ancrub ku sorangan. Titénan perkara kunaon gagal panén nepi ka kajadian. Éta anu sakuduna dipaluruh dijieun panaluntikan anu kacida. Lain ngan saukur ngomong patarik-tarik tatanén teu ngahasilkeun. Béré kamandang ka para bulu taneuh, kumaha carana sangkan hasilna alus jeung mucekil.  Lain ngan saukur ngéngklak dina kapeurih batur. Nepak dada duméh kabutuh jero negri kacumponan ku cara gawé bareng jeung sababaraha oknum pikeun ngadatangkeun barang anu dipibutuh. Tapi taya saurang mangkluk anu nyieun rencana sangkan bisa ngaronjatkeun hasil tatanén. Kabéh riweuh silih serang, silih salahkeun. Nu aya dina pikiran maranéhna ngan saukur peluang. Di hareupeun, MOU jeung sabaraha nagara dilakukeun. 
                Berita nu biasana mahabu ku para artis selebritis  ayeuna katambahan ku hahargaan anu ngajaul. Pipilueun jadi top score, ngaréndéng jeung berita Bunda Putri.
                “Lah meunding eureun jualan tempe téh.” ceuk hiji ibu-ibu anu keur aya di hiji tukang dagang.
                “Enya nya baringung. Kacang kadeléna gé hésé ditéangan.”
                “Ssst. Loba kacang kadelé mah. Ngan  kudu asruk-asrukan,” Mang Jana seuri konéng, nyampeurkeun kanu keur ngobrol.
                “Enya, kitu loba, Mang?”
                “Hayu, ari perlu mah. Tuturkeun.” Mang Jana ngaléos, dituturkeun ku ibu-ibu.
                “Mahal-mahal teuing, geuning, Mang?”
                “Ih, sakieu gé untung aya. Tibatan euweuh. Emang gé kudu asruk-asrukan puguh gé néanganna.”
                “Nya mahal, nya hésé ditéangan.”
                “Sok borong atuh meungpeung aya. Nya kitu ari barang mah kadang mahal kadang murah.” Mang Jana némbal bari anteng milihan kacang kadelé.
                “Alhamdulillah amrin,” Mang Jana bébérés dagangan. Séréngéh seuri leutik waktu niténan duit. Meunang untung anu kacida lumayan. Gura giru inyana nepungan Juragan Ganda, masrahkan setoran.
“Alhamdulillah séép pangersa.”
                “Syukur. Sing jejem mangjualkeunna nya. Tenang barang mah loba,” cenah humaréwos kana ceuli Mang Jana.
                Beuki dieu beuki campuh. Nu démonstrasi hahargaan dimana-mana. Kitu deui demonstrasi perkara nagara, timimiti démonstrasi kacurangan sora pilkada, ogé demonstrasi perkara korupsi. Kitu deui démonstrasi perkara Ketua MK non aktif Akil Mochtar. Tumplek. Matak lieur ngabandunganna.
Nu maraké dasi kalan-kalan daratang nepungan kanu keur demo. Biantara saheulaanan.
                Semoga dengan pilkada yang akan digelar dapat memilih calon yang siap dan benar-benar dapat menanggulangi caruk maruknya negeri ini. Harga kebutuhan pokok, insya alloh akan segera turun,” cenah pameunteuna teu leupas tina ratusan, rebuan jalma nu moyég. “Insya alloh harga kebutuhan lainnya akan segera turun. Yang penting kita yakin bahwa pemimpin kita akan mampu mengemban amanah. Memajukan  negara kita sebagai negara agraris.” Bari haténa imut kacida, inget kana MOU anu geus dijalankeun. MOU jeung sababaraha nagara. Trilyunan duit geus aya di hareupeun panon. Trilyunan anu sayaga asup kana kantong pribadina. Tina ladang suap.
                Wanti rumahuh ngabandungan kaayaan. Kudu kumaha nepikeun ka barudak. Naha enya nagara urang téh nagara agraris? Nepi ka iraha ieu sesebutan téh nerapna. Pan barudak butuh bukti kongkrit lain ngan saukur dongéng jeung carita. Kudu aya carita anu natrat, malah mandar barudak babari ngarti, babari ngigelan jamanna.  
                “Muhun Bu. Ayeuna mah sagala diimpor. Anéh. Pan cenah Indonesia negara agararis. Tapi beut impor waé. Lamun sadayana petani dipiwarang  melak bawang, melak kacang kadelé mah meureun diurang téh bakal seueur tutuwuhan. Moal awis siga ayeuna. Moal seueur nu dagang bangkrut,” sora Andi nongtorowélang dina ceuli.
                Langit cakueum. Sedih kingkin, ningali lampah jalma kalimpud bingung. Udat-udat méga hideung patingkurunyung, muyung. Saeutik-saeutik kumeclak, maseuhan bumi nu bangreung. Nepungan jalma-jalma nu patinglaliud. Patingcorowok. Sorana heuras nigas langit, ngaguruh humandeuar. Sésélékét dina sela-sela cihujan. Dibaturan angin kamelang patarik-tarik.
Beulah kalér beulah kidul  patingcorowok patingjarerit.
                “Gantung Anas Urbaningrum!”
                “Potong jari Akil Mochtar!”
                “Partai.... Partai....”
                “Turunkeun harga!”
                Sora jalma cumeluk, awor jeung séahna cipanon anu pating kumeclak tina saban lolongkrang panon. Ngaharep harga turun. Teuing iraha  kasaksian. Teuing iraha turunna. Hahargaan angger nérékél.  Anu turun iwal ti harga diri manusa.  Loba jalma anu geus andegléng nyekel jabatan, ngungudag dunya keur sorangan. Paduli teuing beuteungna bureuteu tina ladang nu teu matut. Teu madulikeun nasib rahayat nu patingkocéak. Asal aing senang ngahenang ngahening. Mamawa beuteung nu bureuyeung,  kasarung korup. Tina ladang ngabandar. Bandar politik.***

Carpon Tribun 16-18 Oktober 2013


Harepan Anyar
Ku : Nina Rahayu Nadéa

        
Ngahaja nyubuh kénéh geus mulang ti lembur. Mélaan ngaborong délman Mang Dénon ka terminalkeun, méh bisa nepi ka Bandung jam 7. Rék ningali perkembangan murid anyar, mudah mudahan jumlah siswana undak ti taun kamari.  
Geus ampir 3 minggu kuring ninggalkeun sakola. Tapi ti saméméhna geus pupulih ka kepala sakola rék idin heula, rék nganteur budak  uubar. Malah pan  kepala sakola nu ngidinan jeung méré amplop sagala keur nyecep  budak, méh téréh cageur, cenah. Lain ulin lain nanaon, éstu rék niiskeun heula budak anu gering. Ceuk hasil pamariksaan ti dokter mah  kasakit budak téh liver. Uubar mah geus ka ditu ka dieu, ngan can aya jodona. Budak angger wé teu cageur-cageur.  
 Antara atoh jeung heunteu basa  kolot kuring nitah titirah di lembur téh. Rumasa teu boga duit. Tapi geuning alhamdulillah boga rejeki nu teu disangka-sangka. Basa kuring dititah nepungan Kepala Sakola. Atoh kacida basa kuring kapeto jadi guru teladan di eta sakola, minangka pangdeudeulna kabagean amplop aya kana 2 jutana. Duit sakitu teh langsung we dipake keur ka lembur. Dileukeunan ku obat lembur, katingali budak teh hegar. Ayeuna mah alhamdulillah geus rada berag, teu muyung teuing ciga keur di Bandung.
           “Kumaha bejana budak teh cageur?”
            “Alhamdulilah rada saleuheung. Ayeuna mah lumayan geus daek barangdahar asalna mah ngalempreh we matak pikahariwangeun.”
            “Syukur atuh!” Lumpat jabrig ceuk Mang Denon bari jeung ngenyed kudana. Beretek we kuda lumpat siga nu geus ngarti kana kahayang dunungan
            “Kumaha nambangan teh haneuteun, Mang?”
            “Nya kitu we jang..keur loba loba keur sepi sepi…dina lobana ge angger we ketang sok nepi ka jam 12 nambangan teh. Tara dituluykeun, da kudana ge ngan aya hiji. Mun boga dua mah sigana teh bisa nambangan deui nepi ka sore. Da ari dipeleter si Jabrig karunya atuh bisi tanagana mopo.”
            “Naha jang guru geus mulang deui ka Bandung? lain pere keneh sakola teh?”
            “Nya biasa rek ngelol heula ka sakola geus lila teu ngelol.”
            “Aeh dimana jang guru teh dinesna?”
            “Eta di SMA Padasuka, nu sok mindeng geuning kanu tipi mang, anu anyar-anyar ngabagikeun sembako ka korban gempa di Aceh. Tah anu kamari ieu pan aya kana tivi…Kuring norolang ka Mang Denon bari aya kareueus dina hate rehna kuring bisa ngajar di eta sakola anu ceuk sasaha ge hebring dina sagalana.           
            “Ambuing-ambuing atuh sakola hade tamah jang… eh rek dimana ieu teh turunna Jang, rek diasupkeun ka terminal atawa rek di luar wae? ”
            “Ah di luar we Mang, meh kana elp. Wayah kieu mah biasana can aya beus!”
            “Di ditu we atuh we di bunderan sok loba elp mah, meh  ngetemna teu lila teuing.”
            “Nya ku ma emang we lah.”
            Barang anjog ka bunderan teh enya we geus aya 2 elp nu nungguan. Malah nu pangheulana mah keur ngahurungkeun mobil rek ngageuleuyeung pisan. Sanggeus mayar ka Mang Denon langsung we kana elp. Heurin ge maksa we asup, tinimbang kudu nungguan deui lila.
            “Kade ati-ati Jang!” Mang Denon   ngenyed delman, katingali paromana bagja pedah dibere duit paleleuwih ti kuring.
            “Enya nitip we, indung barudak di lembur nya!” ceuk kuring  ngagorowok
 Nepi ka Bandung teh jam satengah tujuh. Sanggeus nepi ka sakola langsung we ka kantin da beuteung geus pupurilitan menta eusi, tadi di lembur teu kaburu sasarap. Nepi ka kantin kabeneren keur kosong euweuh sasaha.
“Sangu koneng hiji, Bi.”
“Aduh Pak Wawan timana wae meuni nembe katingal?”
“Biasa we ti lembur.” tembal teh bari celemun kana goreng pisang nu ngebul keneh.
“Kumaha Bi, rame wae  dagangan teh?”
“Rame kumaha ari Pak Wawan... tiiseun puguh.”
“Har tiiseun kituh? Pan biasana mah ari keur PSB mah lain sok rame.”
“Ah bororaah, ayeuna mah nu daftar ge nembe sakedik teu siga taun kamari, Pak Dasep sareng nu sanes ge ayeuna mah nuju tingrarahuh puguh.”
“Enya kitu, Bi?”
“Har ari Pa Wawan naha acan terang kitu kondisi sakola ayeuna? tisaprak Pak Hendar digentos, reksak we sakola teh.”
“Ke…na enya kitu Pak Hendar digentos?”
“Aeh.. aeh ari Pak Wawan, naha teu uninga Pan ayeuna mah digentos ku putra nu gaduh yayasan, Pak Endang. Bari nembe 2 minggu ge ku anjeuna sakola teh tos seseepan. Malah mah saurna kas sakola ge nol ayeuna mah.”
Kuring ngahuleng. Enya kitu ucapan Bi Jumi penjaga kantin teh. Ah, ngadahar sangu koneng ge jadi teu nikmat rarasaan teh. Hayang geura tepung jeung Pak Dasep, hayang ngobrol ngeunaan sakola.
 Nepi ka ruang guru can aya sasaha. Ngan aya mang Uju we panjaga sakola keur sasapu.
“Cageur Mang Ju?”
“Alhamdullilah Pa, meuni tanginas tos dugi geuning Pak? naha jam sabaraha ti Garut?”
“Jam 5 an.”
“Ka mana nu lainna ieu teh, Mang meuni can aya nu ngelol?”
“Paling jam dalapanan kadieuna geura, da PSB ayeuna mah teu patos rame siga taun kamari Pak, komo kamari mah teu kenging hiji-hiji acan nu daftar teh, matak sigana mah panitia oge bangbaungeun sok sieun siga kamari meureun teu aya nu daftar. Jadi pasiang- siang sumpingna. Seueur nu teu daftar pantes ayeuna mah atuh Pak, da promosina ge kirang pisan, teu aya waragad saurna mah.”
“Teu aya waragad? piraku Kepala Sakola teu ngutamakeun, Mang?”
“Bujeng-bujeng, Pak. Ka dieu teh ukur ngurud artos sakola we… bari jeung tara ngelol-ngelol. Komo deui ayeuna wartosna mah anjeuna nuju ka Malaysia.”
“Ka Malaysia? Aya naon, Mang?”
“Saurna mah sakola deui, Pak.”
 Rada beurang mimiti ting pecenghul. Pak Dasep, Bu Rina, Pak Guntari. Datang ka sakola teh siga  teu barerag. Ngobrol jeung maranehna ge asa teu puguh da katingalina maruyung. Diheureuyan ge kitu we murukusuna. Intina mah kabeh ngarasula ku ayana Kepala Sakola anyar. Atuh sipatna tibalik 180 darajat jeung Kepala Sakola nu tiheula. Nu ayeuna mah tisaprak dilantik cenah datangna karek 2 kali baring jeung ngoloan we ka bendahara nyokot duit, teu sirikna kabeh dikerid. Alesana mah keur kamajuan sakola. Bari jeung euweuh buktina.
Minggu kamari ge nu kuduna guru gajian, ieu mah kabeh ngahuleng we da euweuh duitna. Bendahara nu watir pada ngekeyek. Matak pantes mun poe kamari Bendahara teu ka sakola, da kabeh guru sasat pada nyalahkeun ka manehna. Pedah duit dibikeun ka Kepala Sakola kabeh. Ari ieu guru barangkeakan, kagiatan siswa pugag da euweuh danana. Manehna mah si bebengok Kepala Sakola teh keur ngahenang- ngahening we di negri deungeun. Teu mikir meureun ka kulawarga batur anu mehmehan parasea jeung salaki pamajikan alatan euweuh resiko keur ka dapur. Dapur nu kuduna ngebul jadi pareum. Atuh dina hurungna ge meureun bisa dibayangkeun paling meunang nginjeum ngahutang kanu lain. Bener bener hiji pamingpin anu teu boga rasa kamanusaan.
Matak rek euweuh murid pantes atuh keur mah eukeur pan ayeuna mah Sakola SMK keur jadi primadona. Na Iklan Di TV ge, pan mentri pendidikan anu turun langsung ngapromosikeun SMK. Ceuk banyol mah ceunah sakola SMA mah teu bogaeun mentri. Da mentrina leuwih milih SMK batan SMA. Katambah tambah ti sakola euweuh pisan ketak keur neangan murid. Pan biasana mah aya pasanggiri sakota Bandung, aya seminar tea, itu ieu tea nu intina mah keur ngajaring siswa anyar. Ari ayeuna pan geus kitu ti ajalina meureun boga pasipatan Kepala Sakola nu tojaiyah jeung Kepala Sakola baheula. Beu…beu..
Kuring ge sarua bingung nu tadina indit ti lembur ka dieu teh rek nyokot gaji ari pek kudu ngegel curuk jaba mawa duit ukur lima puluh rebu. Katambah kontrakan can dibayar…Rek nginjeum ka koperasi, nya kitu sarua duitna diririd ku bebengok Kepala Sakola. Enyaan ieu mah nasib. Teu ngimpi ngimpi acan bakal pikieueun. Rek balik ka lembur kagok da bejana cenah 2 poe ge rek aya rapat dinas. Di sakola teu puguh ngadon tinghariul. Nungguan nu daftar datang nepi ka jam 3, teu beunang hiji hiji acan.
Daripada lieur meunding ka kontrakan. Bisa bisa niiskeun ceuli jeung pikiran. Keun we teu boga duit ge da ari beas mah tadi ge dibahanan ku kolot ti lembur aya meureun 5 kilona. Tadi mah rek dibere teh loba ngan hoream we. Angkaribung  mawana..
Datang ka kontarakan jam  opatan. Sanggeus solat Asar, rek sajungjungeun ka kamar maksud teh rek gegelehean, teu kebat. Da kadenge aya nu ngetrok panto. Barang dibuka teh geuning Bu Dana nu boga kontrakan. Geus pasti we rek nagih kontrakan. Matak memeh manehna nagih ge, kuring we miheulaan sanduk sanduk menta dihampura can bisa mayar. Ke we bulan hareup disakalikeun. Nungguan heula nu balik nu ti Malaysia.  Geus dikitukeun teh manehna langsung balik ngan omat we ceunah mun geus aya, kudu langsung dibayar, lamun teu dibayar bulan hareup wayahna tong dieusian deui da geus aya nu rek ngontrak. Malah geus mere panjer sagala.
Peutingna kuring teu bisa sare. Pikiran kumalayang ka ditu ka dieu, ka budak, sakola, kontrakan. Kabeh muter na sirah.
Jam 7 isuk-isuk geus saged babakuna mah rek ka sakola, bari rek nanyakeun duit urut panitia pekan kreasi barudak. Sugan we atuh aya. Karek ge rek cengkat. Hp disada dilikan teh tisakola.
“Hallo.”
Euweuh sora.
“Hallo, sareng saha ieu?”
“Eu...ieu abi sareng Mang Uju.”
“Aya naon, Mang Ju?”  kasawang ku kuring manehna keur ngahuleng da dihallo hallo teh, asa teu puguh  wae.
“Pak Wan.”
“Enya kuring, kunaon didinya siga nu sawan we di halo halo tatadi teh?”
“Enya kumahanya asa bingung abi teh.”
“Tong bingung bingung atuh sok we rek ngomong mah siga ka saha wae?” Kuring asa kesel nungguan Mang uju ngomong.
“Tapi Pak Wan tong nanaon ka abi nya, da teu apal nanaon, Kuring mah ngan sakadar katalatahan ku dunungan.”
“Enya moal sok  atuh aya naon,” kuring teu sabar
“Pak, punten pisan nya Bapak teu kedah angkat deui ka sakola, da Bapak teh ceunah  bade diistirahatkeun. Bapak ge teurang ku anjeun siswa na ayeuna mah ngan kenging sakelas. Teras kondisi sakolana teu memungkinkeun. Di sakola ge pan tos seueur PNS nu kedah 24 jam ngajarna. Kangge sarat  sertfikasi. Janten kangge sementawis mah Bapak istirahat heula di bumi tong waka ka sakola deui.”
“Ke…jadi maksud Mang Uju teh kuring dipecat, kitu?”
“Sanes... ngan istirahat heula we. Insya alloh  ke dipanggil deui...”
“Enya lah ngarti Mang Ju kuring teh dipecat. Geus lah tong loba bacot kitu. Jeung na nya lain kamari ngomong sakalian. Pan mang Uju ge nyaho kuring teh kamari ka sakola. Jeung teu ngeunahna naha beut Mang Uju anu ngabejaan ka kuring teh. Naha didinya geus diangkat pejabat naon? Pan didinya mah ngan saukur tukang sapu lain? Geus diangkat pejabat naon didinya. Bisi kuring teu apal kana jabatan anyar nu geus dibere ku Kepala Sakola? Bejakeun ka dunungan maneh keun we rek mecat mah. Ngan eta hutang nu geus kakesangan ku kuring bulan kamari geura bayar kitu. Wani mecat teh kudu jeung wani mayarna. Anteurkeun we sakalian ku didinya ayeuna.” Kuring ngomong tarik jeung sugal awahing  kaberung hawa napsu
“Aduh, Pak. Punten tong gaduh sangki kitu ka abi. Abi ngan sakadar piwarangan teu gaduh kakawasaan di sakola mah. Nyarios kitu teh pedah we kenging hasil rapat terbatas para pimpinan. Punten pisan nya, Pak.”
“Terbatas pimpinan saha? Pan Kepsekna ge keur euweuh? Pan Mang Uju nyaho kuring masih ngajabat Wakasek. Ari ieu pimpinan saha maksud di dinya teh?”
“Aduh duka lah kirang terang. Sakali deui punten pisan nya, Pak.”
klik sora Hp ti belah ditu pareum
Ambek nyedek tanaga midek. Kuring nyangsaya na korsi di teras imah. Kudu kasaha kuring meupeuhkeun ieu rasa nalangsa. Titingalian jadi teu puguh. Ningali korsi, tivi jeung nu lainna siga nu ngalelewa, siga nu mupuas ka kuring. Rarasaan teh hayang ngabalang-balangkeun, hayang ngaruksak nu aya di jero imah. Tapi kuring masih keneh boga Pangeran. Ya Alloh…kiatkeun diri kuring.
Rumasa kuring ngan saukur guru honor nu teu boga pamingpin tempat neundeun bangbaluh, tempat ngobrol mun boga masalah siga kieu. Nu asa kahina teh kuring dipecat ngaliwatan Mang Uju, pagawe purah sasapu di sakola? bener bener dunya geus tibalik. Ah, meureun matak kitu ge  geus nasib kuring we. Nyaho kuring rek dipecat mah kaduhung teuing tawaran babaturan ngajak ngahonor ditolak.
Teu lila kring sora Hp disada. Diilikan SMS ti pamajikan.
“Buru-buru ka Lembur budak kanceuh deui, ayeuna aya di Rumah Sakit Umum Garut, kudu diopname.”
Leng…***